Ibuprofen

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Panneau travaux.png Artikel ieu keur dikeureuyeuh, punten tong waka diédit atawa dirobah eusina.
(RS)-Ibuprofen Structural Formula V1.svg
Ibuprofen-3D-balls.png
Ibuprofen
Ngaran sistimatik (IUPAC)
(RS)-2-(4-(2-Methylpropyl)phenyl)propanoic acid
Identifiers
Nomer CAS 15687-27-1
Sandi ATC C01EB16 G02CC01 M01AE01 M02AA13 R02AX02
PubChem 3672
DrugBank DB01050
ChemSpider 3544
Data kimia
Rumus C13H18O2 
Mass. mol. 206.29 g/mol
SMILES eMolecules & PubChem
Synonyms isobutylphenylpropionic acid
Data fisika
Dénsitas 1.03 g/ml g/cm³
Titik lééh 75–78 °C (167–172 °F)
Titik golak 157 °C (315 °F) at 4 mmHg
Kelarutan dina Cai 0.021 mg/mL (20 °C)
Data farmakokinetik
Bioavailabilitas 80–100% (by mouth),[1] 87% (rectal)
Ikatan protein 98%[2]
Metabolisme Liver (CYP2C9)[2]
Waktu paruh 2–4 h[3]
Eksresi Urine (95%)[2][4]
Therapeutic considerations
Licence data

EU

Kat. kehamilan

C(AU) C(US) D (US) at ≥30 weeks of gestation, due to the potential for premature closure of the ductus arteriosus

Legal status

?(AU) ?(CA) GSL(UK) OTC(US)

Jalur by mouth, rectal, topical, and intravenous

Ibuprofen nyaéta ubar antiinflamasi non-steroid (NSAID) nu dipaké pikeun ngubaran ngurangan kanyeri jeung peradangan, misalna nyeri huntu, nyeri ménstruasi, jeung radang sendi.Obat ieu sadia dina bentuk tablet 400 mg, bbentuk sirup atawa airan, jeung suntikan. Mimiti dimekarkeun taun 1960, nu tuluy dipaténkeun dina taun 1961, munggaran ubar ieu mimiti dimekarkeun keur ubar ngalawan panyakit rheumatoid arthritis di Inggris dina taun1969 jeung Amérika Serikat taun 1974. Ieu mangrupakeun ubar bébas NSAID nu dijual bébas munggaran dipasaran. [5][6][7]

Kagunaan[édit | édit sumber]

Ibuprofen nyaéta ubar anti inflamasi non-steroid (NSAID) pikeun ngurangan kanyeri, nurunkeun panas awak, jeung ngurangan rasa nyeri, atawa peradangan nu disababkeun ku loba kaayaan kayaning nyeri sirah, nyeri huntu, nyeri tonggong, radang sendi, keram ménstruasi, asam urat, arthritis sarta peradangan lianna. [5][6][8][9]

Cara gawé[édit | édit sumber]

Cara gawé ubar ieu kucara ngahalangan awak ngaproduksi prostagladin, nyaéta senyawa nu nyababkeun peradangan jeung rasa nyeri. Salaku dampakna, nyeri jeung peradangan mimiti ngurangan. Sallian ti ngungkulan rasa kanyeri jeung peradangan, ibuprofen ogé dipaké salaku ubar pikeun nurunkeun panas awak.[5][8][9]

Cara maké[édit | édit sumber]

Inum ibuprofen saluyu jeung anjuran nu aya dina label, atawa saluyu jeung nu ditangtukeun ku dokter.Ulah maké ubar ieu dina jumlah nu loba atawa leuwih lila ti waktu nu geus dianjurkeun ku dokter. Paké dosis nu leutik jeung éféktif dina ngubaran kaayan pasén. Ulah nginum ubar ieu leuwih loba tina dosis nu ditangtukeun (overdose). Kalobaan nginum ibuprofen bisa ngarusak beuteung atawa peujit anjeun.Jumlah maksimal ubar ieu pikeun dewasa nyaéta 800mg/dosis atawa 3200mg/poé (4 dosis maksimal).[6] Paké dina jumlah nu pangleutikna saluyu jeung nu diperlukeun pikeun ngaleungitkeun kanyeri, bareuh, atawa panas awak. Dosis ibuprofen pikeun budak dumasar kana umur sarta beurat awak. Inum ibuprofen jeung dahareun atawa susu pikeun ngurangan nyeri beuteung. [6]

Kocok suspensi oral (cairan) kalayan bener saacan ngukur dosis. Ukur ubar cair ku jarum suntik dosis nu disadiakeun, atawa ku séndok pangukur dosis khusus atawa gelas ubar. Tablét ibuprofen kudu di gayem saacan anjeun nelen ieu ubar.[6][7][8]

Ngaran lian jeung ngaran dagang Ibuprofen[édit | édit sumber]

Ngaran lian[édit | édit sumber]

Ieu dihandap ngaran lian Ibuprofen:[5]

  • Ibuprofen
  • Ibuprofene
  • Ibuprofeno
  • Ibuprofenum
  • Ibuprophen

Ngaran dagang[édit | édit sumber]

Ieu dihandap sababaraha ngaran dagang tina ibuprofen:[8]

  • Ibuprofen,
  • Intrafen,
  • Neo Rheumacyl,
  • Oskadon SP,
  • Bodrex Extra,
  • Bodrexin IBP,
  • Procold Obat Sakit Kepala, P
  • aramex Nyeri Otot,
  • Novaxifen,
  • Arbupon,
  • Proris.

Interaksi Ibuprofen[édit | édit sumber]

Ieu dihandap sababaraha interaksi nu bsa kajadian mun ibuprofen diinum jeung ubar séjén:[8][10]

  • Ubar antiinflamasi nonsteroid, pangencer getih, jeung kortikosteroid, bisa ningkatkeun éfék samping pendarahan dina saluran cerna
  • Ciclosporin jeung tacrolimus, bisa ningkatkeun éfék samping hiperkalemia jeung gangguan fungsi ginjal
  • ACE inhibitor jeung ARB, bisa nurunkeun éfék antihipertensi tina kadua ubar éta
  • Lithium jeung methotrexate, bisa naékkeun résiko kacanduan ibuprofen.
  • Aspirin, pamakéan ibuprofen nu mineng teuing bisa nyababkeun ngurangan éféktivitas aspirin mun anjeun nginum ubar ieu pikeung nyinngkahan panyakit jantung atawa struk. Salian ti éta pamak;ean ubar ieu dina waktu nu babarengan bisa ningkatkeun résiko ka keunaan ku katuhak lambung sarta pendarahan. Anjeun merlukeun dosis nu kudu disaluyukeun sarta dina pangawasan dokter. [11]

Éfék samping[édit | édit sumber]

Éfék samping mangrupakeun hiji éfék nu teu dipiharep tina ubar. Éfék samping ieu bisa mangrupa-rupa di sababaraha jalma gumantung kana kaayaan panyakit, umur, beurat awak, jinis kelamin, étnis, jeung sababaraha kaayaan kaséhatan lianna. Ieu dihandap sababaraha éfék samping nu bisa karasa sanggeus nginum ibuprofen:[8][12]

  • Bunghak beuteung
  • Sebel jeung utah
  • Diaré atawa sembelit
  • Nyeri maag
  • Panas awak
  • Nyeri sirah
  • Gejala alérgi ubar kayaning arateul jeung bareuh na beungeut sarta hésé rénghap
  • Gangguan ginjal

Tutumbu kaluar[édit | édit sumber]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Davanzo, R; Bua, J; Paloni, G; Facchina, G (November 2014). "Breastfeeding and migraine drugs". European Journal of Clinical Pharmacology 70 (11): 1313–24. doi:10.1007/s00228-014-1748-0. PMID 25217187. 
  2. a b c Davies, NM (February 1998). "Clinical pharmacokinetics of ibuprofen. The first 30 years.". Clinical Pharmacokinetics 34 (2): 101–54. doi:10.2165/00003088-199834020-00002. PMID 9515184. 
  3. Grosser, T; Ricciotti, E; FitzGerald, GA (August 2017). "The Cardiovascular Pharmacology of Nonsteroidal Anti-Inflammatory Drugs". Trends in Pharmacological Sciences 38 (8): 733–48. doi:10.1016/j.tips.2017.05.008. PMC 5676556. PMID 28651847. http://www.pubmedcentral.nih.gov/articlerender.fcgi?tool=pmcentrez&artid=5676556. 
  4. "Brufen Tablets And Syrup". Therapeutic Goods Administration. 31 July 2012. Diarsipkan dari versi asli (PDF) tanggal 20 August 2016. Diakses tanggal 8 May 2014. 
  5. a b c d "Ibuprofen". www.drugbank.ca. Diakses tanggal 2020-06-07. 
  6. a b c d e "Ibuprofen Uses, Dosage & Side Effects". Drugs.com. Diakses tanggal 2020-06-07. 
  7. a b "Drugs & Medications". www.webmd.com. Diakses tanggal 2020-06-07. 
  8. a b c d e f "Ibuprofen". Alodokter. Diakses tanggal 2020-06-07. 
  9. a b "Ibuprofen : Fungsi, Dosis, Efek Samping, Cara Pakai". Hello Sehat (dalam id-ID). Diakses tanggal 2020-06-07. 
  10. "Ibuprofen Drug Interactions". Drugs.com. Diakses tanggal 2020-06-07. 
  11. "Aspirin and ibuprofen Drug Interactions". Drugs.com. Diakses tanggal 2020-06-09. 
  12. "Ibuprofen Side Effects: Common, Severe, Long Term". Drugs.com. Diakses tanggal 2020-06-07.