Iqro

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Iqro  
Cover of Iqro.jpg
PanulisAs'ad Humam dan Team Tadarus AMM
Judul asliBuku Iqro': Cara Cepat Belajar Membaca Al-Qur’an
NagaraIndonesia
BasaIndonesia, Arab
Rupabuku teks agama
Kaping dimedalkeunawal 1990-an (edisi pertama)

Iqro (Basa Arab: اقرأ‎; judul lengkap: Buku Iqro': Cara Cepat Belajar Membaca Al-Qur’an) nyaéta hiji buku anu dipaké ku kaom Muslim di Indonésia jeung Malaysia pikeun diajar maca aksara Arab. Buku ieu ditulis ku As'ad Humam gawé bareng jeung "Team Tadarus AMM", méméh taun 1990-an. Iqro dimaksudkeun jadi salah sahiji cara pikeun mitembeyan diajar maca Al-Qur'an, Iqro diajarkeun ka barudak TK nepika mimiti asup ka SD. Iqro ogé remen dipaké di sakola anu ngahususkeun manéh dina maca Al-Qur'an, kayaning pasantren, di tajug, jeung sakola anu diayakeun di imah (homeschooling) ngeunaan atikan agama.

Ieu buku jeung sagala katangtuan dijerona, mangrupa hiji cara séjén dina diajar ngalarapkeun maca al-qur’an anu saméméhna disebut cara diajar "tradisional" atawa "Baghdadi". Dina Iqro cara diajar leuwih museurkeun kana ngaronjatkeun ka daék murid sangkan leuwih soson-soson dina diajar. Ieu buku dijieun dina genep jilid (Remen dikumpulkeun kabéhna jadi sabuku), unggal jilid ngawanohkeun hurup Arab jeung cara nyebutna kalayan rupa-rupa katangtuan anu mingkin luhur hambalan mingkin loba jeung hésé bahan anu diajarkeun. Jilid-jilid anu geus luhur mitembeyan ngawanohkeun tajwid atawa katangtuan anu kudu dilarapkeun sajeroning maca Al-Qur'an.

Kasang Tukang[édit | édit sumber]

Indonésia téh hiji Nagara pangeusina loba anu agamana Islam, tapi ampir sakabéhna henteu ngomong maké basa Arab, malahan hurup Arab kiwari teu dipaké dina urusan sapopoé kajaba urusan kaagamaan.[1] Kukituna, umat Muslim Indonésia perlu diajar hurup sarta ngucapkeun basa Arab sacara husus sangkan bisa maca Al-Qur'an.[2] Sababaraha foném dina basa Arab, saperti /θ/, sora hurup ث, henteu dipaké dina basa Indonésia kukituna perlu latihan husus sangkan bisa ngucapkeun nana.[3] Sagigireun ti éta dina enggoning maca Al-Qur'an ogé aya aturan anu tangtu pikeun nyebutkeunana anu disebut tajwid.[4]

Saméméh buku Iqro dipiwanoh ku balaréa, sabagian loba dina ajaran maca Al-Qur'an dilaksanakeun ku hiji cara anu disebut "metode tradisional" atawa "metode Baghdadi", nu masih dipaké kiwari sanajan teu saloba saméméhna.[5] Ieu Métode ieu ngagunakeun buku pangajaran anu disebut Qa'idah Baghdadiyyah ma'a Juz 'Amma, sarta ngagunakeun téhnik éjahan unggal aksara jeung harakat (baris penanda vokal) dina basa Indonésia saméméh ngucapkeun kecap sagemblengna (saperi: "Nun, di atas: na!").[6] Ieu métode ngandelkeun hubungan individu antara guru jeung murid sacara langsung.[7]

Eusi[édit | édit sumber]

Gambar:Iqro 2 page 1.png
Hiji kaca tina Iqro 2. Pangajaran anyar dina kaca ieu nulis aksara tangtu dina wangun sambung. Bubuka kana wangun tulisan ieu aya dina garis luhur. Baris salajengna ngandung latihan maca hurup kalayan hurup anyar ieu, jeung prakték bahan saméméhna.

Buku Iqro diwangun ku genep jilid, disebut Iqro 1 nepi ka Iqro 6, nu sakapeung dijual misah dina kelir anu béda, atawa dijual sakaligus dina hiji buku.[8][9] Unggal jilid dimimitian ku paréntah diajar. Kaca dina buku ieu mindeng dimimitian ku pituduh di luhur nu ngandung palajaran anyar dina kaca éta (salaku conto, cara hiji hurup robah wujud nalika disambung jeung hurup séjén). Paréntah dina basa Indonésia (salaku conto "Ati-ati", "Lalaunan palebah dieui") sakapeung kapanggih di tengah palajaran.[2] Béda jeung cara tradisional anu ngandelkeun pangajaran anu daria ti guru ka murid, buku Iqro téh dijieun sangkan gampil diajarkeun sarta leuwih mandiri.[9][10] Guru ngan ukur kedah masihan sakedik paréntah satuluyna cicing ngadéngékeun bacaan murid.[11][10] Kitab Iqro henteu ngajarkeun pamahaman kana harti naskah-naskah Arab anu dibacana,[12] tapi pangaweruh ngeunaan cara maca hurip basa Arab tiasa nepi ka lancar tur jadi dasar pikeun siswa anu hoyong neraskeun diajar basa Arab di pesantrén atawa lembaga atikan séjénna.[13]

Genep jilid Iqro disusun tina hambalan handap nepi ka luhur.[9]

  • Iqro 1 ngawanohkeun aksara Arab dipisah sarta ngan vokal "a" wungkul (garis di luhur, atawa fathah).
  • Iqro 2 ngawanohkeun hurup sinambung (di mimiti, di tengah, atawa di tungtung), tapi tetep masih maké fathah.
  • Iqro 3 ngawanohkeun vokal "i" (baris ti handap/kasrah) jeung vokal "u" (baris di hareup/dhammah).
  • Iqro 4 ngawanohkeun tanwin (tambahan sora -n sabada vokal), sukun (konsonan teu maké vokal), sarta qalqalah (konsonan anu dituturkeun ku vokal pendék).
  • Iqro 5 ngawanohkeun rupa-rupa wangun alif lam ("al-", kecap sandang takrif dina basa Arab), jeung salah sahiji aturan tajwid tayalian idgham (ngalebur).
  • Jilid terakhir, Iqro 6, ngawanohkeun aturan tajwid anu séjén seperti iqlab (robahna "n" ngajadi "m") jeung ikhfa' (nyamar keun sora), jeung aturan wakaf (tanda eureun maca Al-Qur'an).[14]

Sajarah Kamekaranna[édit | édit sumber]

Buku Iqro jeung sagala métode asalna tina As'ad Humam, saurang ulama jeung padagang ti Yogyakarta sarta dimekarkeun ku hiji tim anu ngaranna "Team Tadarus AMM" anu ogé asalna ti Yogyakarta.[15][2] Buku Iqro munggaran diterbitkeun dina awal 1990-an,[5] tapi numutkeun "Team Tadarus AMM" sajarah dimimitian saméméh éta. Dina taun 1953, hiji kumpulan diajar Al-Qur'an diadegkeun di Yogyakarta ngagunakeun téhnik tradisional Baghdadi.[2] Dina taun 1973, As'ad Humam mimiti badami di imahna ihwal tantangan-tantangan anu disanghareupan dina ngajarkeun maca Al-Qur'an.[2] Hasilna, nya diadegkeun wé "Team Tadarus" anu satuluyna nyieun hiji laporan ngeunaan kaayaan nalika ngajar. Di antara eusi laporan, disebut yén nya éta téhnik pangajaran anu aya dina waktos éta henteu cekap.[16]

Tim lajeng nyoba hiji téhnik pangajaran anyar, sarta hasilna mangrupa hiji sistem nu saterusna sumebar ka kota-kota séjén di Pulo Jawa. Dina taun 1988, tim ieu meunang pangajén ti Departemen Agama Daérah Istiméwa Yogyakarta.[16] dina taun 1992, buku Iqro geus dijual ka sakuliah Indonésia. Nnyebarna buku ieu dibarung ku sistim sakola agama anyar anu disebut Taman Pendidikan Al-Qur'an (TPA).[16] TPA asalna diayakeun dimasjid-masjid lokal kalayan pangaping ti warga satempat.[16] Saterusna, sakola ieu ngamimitian ngabentuk serikat semi-resmi anu disebut Badan Komunikasi Pemuda Remaja Masjid Indonesia (BKPRMI).[5][17] BKPRMI ngalatih guru-guru TPA ngagunakeun bahan jeung téhnik Iqro.[18]

[19]

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. Gade 2004, p. 121.
  2. a b c d e Gade 2004, p. 153.
  3. Gade 2004, p. 115.
  4. Gade 2004, pp. 114–115.
  5. a b c Gade 2004, p. 117.
  6. Gade 2004, p. 149.
  7. Gade 2004, p. 147.
  8. Gade 2004, pp. 152–153.
  9. a b c Srijatun 2017, p. 33.
  10. a b Gade 2004, p. 152.
  11. Srijatun 2017, p. 35.
  12. Gade 2004, pp. 115–116.
  13. Gade 2004, p. 159.
  14. Srijatun 2017, p. 34.
  15. Republika 2016.
  16. a b c d Gade 2004, p. 154.
  17. Gade 2004, pp. 154–155.
  18. Gade 2004, p. 155.
  19. Pryanka, Adinda (23 November 2017). "Pemkot Bogor Intensif Adakan Pelatihan Baca Tulis Alquran". Republika (dalam Indonesian). 

Daptar pustaka[édit | édit sumber]

Citakan:Islam di Indonesia