Papua Kulon
| Koordinat | |
| Dasar hukum | UU RI Tahun 1999 Nomor 45 dan PP Tahun 2007 Nomor 24 |
| Tanggal penting | 4 Oktober 1999 |
| Ibu kota | Manokwari |
| Gubernur | Drs. Dominggus Mandacan |
| Lega | 99.671,63 km² |
| Pangeusi | 1.368.092 Jiwa (2015) |
| Kapadetan | 11.85 jiwa/km² |
| Kabupatén | 12 |
| Kota | 1 |
| Kacamatan | 181 |
| Kalurahan/Désa | 83 |
| Suku | |
| Ageman | |
| Basa | Basa Indonesia, Basa Inggris, jeung basa asli daerah |
| Zona waktu | WIT |
| Lagu Daérah | |
|
Ramatloka resmi: www.papuabaratprov.go.id | |
| (?) | |
Papua Kulon mangrupa propinsi anyar hasil pamekaran ti Propinsi Papua. Ieu propinsi mimitina ngadeg kalayan ngaran Irian Jaya Kulon dumasar kana Undang-Undang No. 45 Taun 1999.[1] Prosés pamekaran Papua janten tilu propinsi ieu kantos janten polémik ku sabab ayana panolakan ti sabagian warga. Najan kitu, Propinsi Irian Jaya Kulon ahirna hasil diwangun alatan ayana gawé bareng antara pamaréntah puseur, pamaréntah daérah, sarta pangrojong ti masarakatna.
Ngaran propinsi ieu resmi robah janten Papua Kulon dumasar kana Peraturan Pamaréntah Nomor 24 Taun 2007 tanggal 18 April 2007.[2] Sanajan parantos misah janten propinsi mandiri, Papua Kulon tetep kénging perlakuan husus (Otonomi Husus) sakumaha propinsi indukna. Dina widang pulitik, ieu propinsi parantos gaduh KPUD sorangan sarta parantos ngayakeun Pamilu ti mimiti tanggal 5 April 2004.
Ibukota propinsi Papua Kulon aya di Manokwari nu mangrupa tempat puseur sajarah di Papua. Wilayah propinsi ieu ngawengku wewengkon hulu manuk pulo Papua katut kapuloan di sabudeureunana.
Di kaler, propinsi ieu tepung wates jeung Samudra Pasifik, di kulon tepung wates jeung propinsiMaluku Utara sarta propinsi Maluku, di wetan tepung jeung Teluk Cenderawasih, kidul tepung jeung Laut Seram sarta tanggara tepung wates jeung propinsi Papua.
Poténsi
[édit | édit sumber]Propinsi ieu gaduh potensi anu kalayan loba, boh dina sektor pertanian, pertambangan, hasil hutan, boh dina pariwisata. Mutiara jeung rumput laut dihasilkeun di Kabupaten Raja Ampat. Aya ogé industri tradisional tenun iket anu disebut kain Timor anu dihasilkeun di Kabupaten Sorong Selatan. Kabupaten Fak-Fak boga inuman khas anu ngarana sirup pala harum. Salian ti eta, wisata alam ogé jadi salah sahiji potensi andelan Irian Jaya Barat, misalna Taman Nasional Teluk Cenderawasih anu lokasina aya di Kabupaten Teluk Wondama. Taman Nasional ieu manjang mulai ti wetan Semenanjung Kwatisore dugi ka kaler Pulau Rumberpon. Panjang garis pantaina nyaéta 500 km, lega wilayah anu di darat nyaéta 68.200 ha, lega laut 1.385.300 ha (80.000 ha kawasan terumbu karang jeung 12.400 ha laut).
Salian ti éta, anyaran ieu, tim ekspedisi spéologi Perancis manggihan guha anu diklaim jadi guha anu paling jero di dunia. Lokasina di kawasan Pagunungan Lina, Kampung Irameba, Distrik Anggi, Kabupaten Manokwari. Guha ieu diperkirakeun jerona dugika 2000 meter.
Démografi
[édit | édit sumber]Dina widang démografi, penduduk Papua Kulon diwangun ku rupa-rupa sélér bangsa, boh sélér asli Papua (sapertos Arfak, Borai, sarta Doreri) boh sélér pendatang ti luar pulo.[3] Mayoritas masarakatna ngagem ageman Kristen, nanging di sababaraha wilayah sapertos Fakfak sarta Kaimana, pangaruh Islam parantos lami aya sarta janten bagean tina sajarah lokal. Basa anu digunakeun sapopoé nyaéta basa Indonésia sarta dialék Melayu Papua, salian ti puluhan basa daérah anu masih kénéh dimumulé ku masarakatna.
Pamaréntahan
[édit | édit sumber]Sistim pamaréntahan di Papua Kulon dipingpin ku hiji Gubernur. Salaku wilayah anu miboga status Otonomi Husus (Otsus), propinsi ieu miboga lembaga husus anu disebut Majelis Rakyat Papua (MRP) sarta Déwan Perwakilan Rakyat Papua (DPRP).[4] Ieu lembaga miboga kawenangan pikeun ngajaga hak-hak dasar sélér asli Papua dina widang adat, ageman, sarta kalungguhan awéwé.
Tempo ogé
[édit | édit sumber]- Papua
- [[Papua Kulon
Dicutat tina
[édit | édit sumber]- ↑ Undang-Undang Républik Indonésia Nomer 45 Taun 1999
- ↑ Peraturan Pamaréntah Nomer 24 Taun 2007
- ↑ BPS Papua Barat, Indikator Sosial Ekonomi 2024
- ↑ Undang-Undang Otonomi Husus Papua