Jayanti
| Jayanti | |
|---|---|
| Klasifikasi ilmiah | |
| Karajaan: | |
| (unranked): | |
| (unranked): | |
| (unranked): | |
| Ordo: | |
| Kulawarga: | |
| Génus: | |
| Spésiés: | S. sesban |
| Ngaran binomial | |
| Sesbania sesban | |
Jayanti (Sesbania sesban) nyaéta hiji tangkal nu asalna tina kulawarga Papilionaceae.[1][2] Dina basa Jawa sok disebut giyanti, atawa kelor warna.[1][2] Di Indonesia, tangkal jayanti loba kapanggih hirup utamana di Pulo Jawa, dipelak dina galengansawah jeung sisi kebon.[2] Ampir kabéh bagéan tangkal jayanti bisa dimangpaatkeun kayaning: ubar, parab ingon-ingon, suluh, gemuk, Téh, jeung sajabana.[1][2][3]
Ciri mandiri
[édit | édit sumber]Tangkalna teu pati jangkung, kurang leuwih 2-6 méter.[1][2] Dauna kawas daun peuteuy daun majemuk sapasang-sapasang aya kana 7-25 pasang dina unggal cupatna.[1][2] Dauna laleutik, tungtungna lonyod sarta tungtung sisina lemes.[1][2] Kelir kembanna konéng ngarantuy bijil tina cupat.[1][2] Buahna wujud polong kawas buah turi pédah leuwih leutik (sagedé nyéré) buahna bijil dina sacupat aya kana 2-5 siki sakapeung leuwih.[1][2][4]
- Daun jeung pucuk
- Buah jayanti ngora
- Kembang jayanti mangsa keur ligar
- Buahna mangsa geus gumading
Dicutat tina
[édit | édit sumber]- 1 2 3 4 5 6 7 8 Redaksi AgroMedia . 2008 . Buku Pintar Tanaman Obat: 431 Jenis Tanaman Penggempur Aneka Penyakit . PT Agromedia Pustaka . ISBN 979-006-194-3
- 1 2 3 4 5 6 7 8 9 "Tanaman Obat Indonesia: Jayanti". IPTEKnet. Diaksés tanggal 2014-05-20. Archived 2014-05-21 di Wayback Machine
- ↑ Sutanto, ranchman . 2002 . Penerapan Pertanian Organik . Penerbit Kanisius . ISBN 978-979-21-0186-7
- ↑ Lukas Tersono Adi, Ir. (2008). Tanaman Obat & Jus utk Mengatasi Penyakit Jantung, Hipertensi, Kolesterol & StrokeLukas Tersono Adi. Jakarta: Agromedia. hlm. 660. ISBN 9789790061958. Disungsi27 Maret 2023
bu
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |