Johannes Latuharhary

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian

Mr. Johannes Latuharhary (gumelar di Ulath, Saparua, 6 Juli 1900 – tilar dunya di Jakarta, Indonesia, 8 Nopémber 1959 dina umur 59 tahun)[1] nyaéta saurang politikus jeung perintis kemerdekaan Indonésia. Johannes mangrupa Gubernur Maluku munggaran antawis taun 1950 jeung 1955,[2] sarta bajoang sangkan Maluku asup jadi bagéan tina NKRI.[2]

Johannes gumelar di Saparua, Maluku, salaku rumaja manéhna pindah ka Batavia pikeun ngalanjutkeun atikanna.[2] Johannes meunangkeun béasiswa pikeun diajar élmu hukum di Universitas Leiden.[3] Sabalikna deui ka Indonésia, manéhna jadi hakim di Jawa Timur sarta mulai miluan kana pergerakan kebangkitan nasional Indonésia ngaliwatan organisasi pemuda Sarékat Ambon.[4] Johannes eureun jadi hakim sarta pindah jadi advokat, nalika bergerak di sisi politik pikeun mengikutsertakan SA dina perjuangan kamerdékaan Indonésia. Salila jaman Jepang, Johannes gawé di departemén urusan negeri di Jakarta jeung kungsi ditahan Jepang tilu kali lantaran sababaraha alesan. Manéhna ogé milu dina nulis UUD 1945 salaku anggota Badan Penyelidik Usaha-usaha Persiapan Kemerdekaan Indonesia (BPUPKI) jeung Panitia Persiapan Kemerdekaan Indonesia (PPKI).

Sabada Indonésia merdéka, Johannes ditunjuk jadi Gubernur Maluku, tapi lantaran Walanda menduduki Maluku harita, manéhna cicing di Jawa salaku anggota Komite Nasional Indonesia Pusat (KNIP) jeung salaku diplomat dina perjanjian Renville jeung perjanjian Roem-Roijen. Sabada pengakuan kedaulatan Indonésia, Johannes datang di Maluku dina taun 1950, nalika ngajabat manéhna bajoang pikeun ngawangun deui kota Ambon lantaran pertempuran jeung Republik Maluku Selatan (RMS). Johannes tilay dunya dina taun 1959.

Jaman Ngora[édit | édit sumber]

Johannes dibabarkeun di Ullath, Saparua dina kaping 6 Juli 1900. Bapana ngaranna Jan Latuharhary jeung indungna Josefin Hiarej. Jan mangrupa saurang guru di désa gigireun Ullath. Mimitina, Johannes (miboga landian "Nani")[2] diajar di Ullath basa kelas 1 SD, tapi manéhna pindah ka Ambon nalika umurna 9 taun. Di Ambon, manéhna diajar di sakola Europeesche Lagere School (ELS) Walanda. Umumna ELS ngan narima murangkalih katurunan Éropa, tapi lantaran bapana guru, Johannes ditarima asup. Manéhna diajar di ELS nepi ka taun 1917.[2] Sanggeus éta, Johannes pindah ka Batavia, diajar di sakola Hogere Burgerschool (HBS) nepi ka taun 1923.[2]

Sabada lulus ti HBS, Johannes meunangkeun béasiswa ti dana amal Ambonsch Studiefonds nepi ka bisa diajar élmu hukum di Universitas Leiden.[3] Di Leiden, manéhna jadi putra daérah Maluku munggaran nu meunangkeun gelar Meester in de Rechten (Mr.) dina sasih Juni 1927. Lian ti diajar hukum, Johannes ogé loba gaul jeung anggota Perhimpunan Indonesia di ditu siga Ali Sastroamidjojo jeung Iwa Kusumasumantri, sanajan manéhna teu daptar jadi anggota sacara resmi.[2] Saprak balik ti Leiden, Johannes geus jadi saurang pejuang pikeun persatuan jeung kamerdékaan Indonésia.[2]

Karir[édit | édit sumber]

Jaman Walanda[édit | édit sumber]

Nalika balik ka Indonésia, Johannes diangkat jadi asisten hakim di Pengadilan Tinggi Surabaya bekel rekoméndasi ti dosenna Cornelis van Vollenhoven. [2]Tuluy manéhna diangkat jadi hakim di Surabaya saacan dina taun 1929 Johannes ditunjuk jadi hakim ketua di pengadilan negeri di Kraksaan, Probolinggo.[2] Dina ieu mangsa, Johannes gabung jeung organisasi pemuda perantauan Ambon di Jawa, Sarekat Ambon (SA), sarta ngajabat salaku ketua redaksi surat kabar organisasi SA, nyaéta Haloean.[2] Johannes nyobaan pikeun ngadaptarkeun SA minangka organisasi resmi saprak taun 1930, sanajan permohonannya karak ditarima dina taun 1933.[5] Ku lantaran déprési pedah perékonomian dunya harita, Johannes ngadegkeun hiji koperasi pikeun para perantauan ti Maluku.[2]

Dina jaman harita, sababaraha anggota SA ngusulkeun sangkan SA gabung ka Pemufakatan Perhimpunan-perhimpunan Politik Kebangsaan Indonesia (PPPKI) nu ngawadahan sababaraha organisasi pergerakan nasional di tingkat daérah nepi ka nasional (Indonésia). Tapi, Johannes miboga kamandang yén organisasi kaagamaan siga Sarekat Islam (SI) teu sakuduna milu dina kagiatan politik, nepi ka manéhna nolak SA ilubiung dina kagiatan PPPKI.[2] SA tetep gabung ka PPPKI dina taun 1932.[2] Dina sasih Januari taun éta, Johannes biantara dina kongres PPPKI kalayan judul Azab Sengsara Kepoelauan Maloekoe nu miboga téma penjajahan dina widang ékonomi nu dilakukeun ku Vereenigde Oostindische Compagnie (VOC), tuluy pamaréntah Walanda.[2] Ieu biantara dimedalkeun minangka hiji buku nu dibredel pamaréntah kolonial.[2] Dina karya tulisna, manéhna ogé ngomén kana sistim sistem pendidikan Walanda di Maluku nu dituduh miboga tujuan pikeun nyieun pagawé negri, tantara, jeung pelaut pikeun pamaréntah kolonial.[5] Kamandang Johannes pikeun nagara Indonésia sanggeus merdéka ngawangun hiji nagara serikat, sajalan jeung kamandang tokoh-tokoh lianna siga Sam Ratulangi, Tan Malaka, atau Mohammad Hatta.[4]

Ku lantaran aktifitas anti-kolonial Johannes, manéhna dibéré pilihan ku pamaréntah Walanda: mundur salaku hakim atawa eureun milu pergerakan kamerdékaan. Johannes mutuskeun pikeun mundur salaku hakim sarta pindah haluan jadi pangacara.[2] Ieu kaputusan ngabeuratkeun ékonomi kulawargana – salaku hakim ketua, manéhna digajih 750 gulden nu kawilang gedé jaman harita, tapi teu loba ditabung lantaran béak dipaké donasi ka Sarekat Ambon jeung béasiswa manéhna (Ambonsch Studiefonds). Sanajan kitu, manéhna jadi pangacara nu kawilang kasohor di Jawa Timur sanggeus berhasil mertahankeun hak lahan petani lokal ti pabrik gula, sarta manéhna kapilih jadi anggota Regentschapsraad (sarua jeung Dewan Perwakilan Rakyat Daérah tingkat Kabupatén) di Probolinggo taun 1934. Tuluy, manéhna jadi DPRD Provinsi Jawa Timur (Provinciale Raad) nepi ka taun 1942.[2][6]

Johannes jadi pupuhu munggaran Jong Ambon, sanggeus organisasi éta diadegkeun dina taun 1936. Manéhna ogé milu dina pemilihan umum anggota Volksraad ngawakilan Ambon dina taun 1939 kalayan kampanyeu dumasar sentimén nasionalismé, sabari ngawangun sababaraha cabang anyar pikeun SA. Tapi, manéhna gagal meunangkeun korsi kursi lantaran éléh ku salah saurang caleg katurunan bangsawan anggota Regentenbond. Johannes ahirna mah jadi anggota Partai Indonesia Raya (Parindra).

Jaman Jepang[édit | édit sumber]

Sanggeus Jepang datang ka Indonésia, Johannes jeung sababaraha pupuhu Parindra liana dipenjarakeun ku Jepang. Sanggeus opat bulan, istrina bisa ngarayu saurang laksamana Jepang sangkan ngabébaskeun Johannes ti panjara. Dina sasih Septembér 1942, manéhna pindah ka Jakarta sarta ngurus istri budak KNIL ti Maluku jeung Timor nu bapana ditawan Jepang atawa diévakuasi ka Australia.[2]

Di Jakarta, Johannes digawékeun Jepang salaku Departemen Urusan Dalam Negeri (Naimubu) pikeun ngatur jeung tanggung jawab kana komunitas perantauan Maluku di Jawa.[2][5] Johannes dijebloskeun deui ka panjara dina taun 1944 jeung sababaraha perantauan ti Maluku liana lantaran disangka ku Kempeitai salaku  mata-mata sekutu, jeung ogé lantaran Johannes ngamangpaatkeun jabatanna pikeun tujuan kamerdekaan Indonésia.[2] Istrina sakali deui ngarayu saurang komandan AL Jepang pikeun ngabébaskeun Johannes dkk.[2] Masih dina taun 1944, nu katilu kalina, Johannes ditéwak jeung dipenjarakeun, ayeuna mah pedah aya tawanan Maluku nu kabur ti panjara.[2] Pamaréntah Jepang di Indonesia jaman harita emang geus nyangka perantauan Ambon sanggeus Pertempuran Morotai jeung pengeboman kota Ambon ku sekutu taun 1944, ditambah deui ku aksi-aksi Julius Tahija salaku mata-mata sekutu.[2]

Anggota BPUPKI jeung PPKI[édit | édit sumber]

Jepang mulai ngajanjikeun kamerdékaan Indonésia mimiti taun 1945, Laturharhary ditunjuk jadi anggota Badan Penyelidik Usaha-usaha Persiapan Kemerdekaan (BPUPKI) pikeun ngawakilan Maluku.[2] Dina ieu kapasitas, pamaréntah Jepang ngaliwatan Johannes ménta perantauan Ambon sangkan eureun bergerilya jeung jepang, tuluy pokus pikeun meunangkeun kamerdékaan.[5] Dina rapar-rapat BPUPKI, Johannes ngajukeun wangun nagara serikat, tapi ngan 2 ti 19 anggota panata UUD nu sapuk, wangun nagara ahirna disapukkan jadi nagara kesatuan.[7] Gagasan Johannes ngeunaan nagara Indonésia, dimedalkeun koran Asia Raya édisi 9 Méi 1945, ngadumasarkeun Indonésia dina : Persatuan Rakyat Indonesia, Rumah Tangga Desa, Perguruan, jeung Agama.[6]

Johannes teu nyapukan Piagam Jakarta (utamana mah ngeunaan kawajiban ngajalankeun saréat Islam), manéhna miboga kamandang yén éta téh diskriminatif jeung miboga dampak pikeun masarakat non-Muslim jeung agama/hukum tradisional.[4] Manéhna ogé teu nyapukan usulan K.H Wahid Hasyim nu ngusulkeun yén ngan saukur nu agamana Islam hungkul nu bisa maju jadi Présiden sarta Wakil Présiden, lantaran daérah-daérah nu mayoritasna Kristén di Indonésia embung jadi bagéan nagara Islam.[2] Usulan Hasyim ogé disapukan ku sababaraha pejuang Islam siga Wongsonegoro jeung Huséin Jayadiningrat.[8] Sabada diyakinkeun Soekarno jeung A.A Maramis (Anggota BPUPKI Kristén liana) nyapukan kana Piagam Jakarta.[2] Johannes ditunjuk deui jadi wawakil Maluku jadi panata calagara Panitia Persiapan Kemerdekaan Indonesia.[2] Manéhna ogé milu ilubiung dina upacara upacara proklamasi kamerdékaan Indonésia. [6]

Perang kamerdékaan[édit | édit sumber]

Dina sidang PPKI kaping 19 Agustus 1945, Johannes ditunjuk jadi Gubernur Maluku bareng jeung tujuh gubernur provinsi-provinsi liana. Sanajan kitu, manéhna teu bisa indit ka Maluku lantaran geus aya tantara Australia sabada éléhna Jepang, ahirna jabatan gubernur ngan saukur aya di luhur kertas.[2][5][4] Johannes tuluy jadi anggota anggota badan legislatif Komite Nasional Indonesia Pusat salaku wakil ketua.[2][9] Manéhna angger jadi anggota pimpinan KNIP jeung Sartono ti golongan kolot nepi ka mosi tidak percaya ti Sukarni dkk. Ahirna Sukarni dkk (golongan ngora) suksés nurunkeun pimpinan KNIP kaping 17 Oktober 1945. [10]

Dina kaping 5 Septémbér 1945, Johannes ngadegkeun organisasi Angkatan Pemuda Indonesia Ambon (API-Ambon), jeung ngondang sababaraha komunitas Ambon di pulau Jawa[5] pikeun nepikeun dukungan maranéhna kana kamerdékaan Indonésia. Sanajan kitu, pandangan pejuang lianna kana katurunan Maluku jadi goréng sabada Walanda balik deui ka Indonésia jeung tantara KNIL nu eusina loba orang Ambon. Nepi ka loba orang Maluku nu bajoang di pihak Walanda.[2][5] Sabada tantara Australia mérékeun kakawasaan di Maluku ka Walanda, KNIL mulai deui nyokotan calon anggotana. Di Jakarta, sedadu KNIL ti Ambon bentrok jeung para pemuda nepi ka aya insidén nu nyerang warga sipil ti golongan perantauan Ambon.[2][5] Sanajan Johannes geus ngahubungi para perantuan Ambon sangkan milu gabung ka pihak Indonésia dina kaping 9 Oktobér,[5] teu lila kaping 13 Oktobér organisasi pemuda (Tentara Rakyat Indonésia) kalahkah ngaluarkeun déklarasi sabalikna ngajak rakyat pikeun perang gerilya jeung ékonomi ngalawan komunitas Ambon jeung Eurasia. Ieu déklarasi nyieun hésé pagawéanna Johannes, lantaran loba warga perantauan Ambon nu jadi mamang pikeun mihak ka Indonésia.[5]

Johannes tuluy ménta wewenang ka Soekarno ngeunaan perantauan Maluku di Jawa jeung Sumatra. Mimitina, ieu kahayang téh ditolak, tapi sanggeus Hatta turun tangan, Soekarno nyapukan ku sarat ieu wewenang dibérékan ka batur saupama Johannes bisa indit ka Maluku.[2] Dina mimiti Désémber 1945, muka sababaraha kantor di kota-kota sabudeureun Jawa pikeun ngatur sangkan para perantuan ti Maluku bisa balik kalayan salamet.[2]

Daptar Rujukan[édit | édit sumber]

  1. "Johannes Latuharhary & Sejarah Kesetiaan Nyong Ambon pada Republik". tirto.id (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2021-04-14. 
  2. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z aa ab ac ad ae af ag ah Nanulaitta, I. O. (2009). Mr. Johanes Latuharhary: Hasil Karya dan Pengabdiannya (PDF). Jakarta: Kementerian Pendidikan dan Kebudayaan. 
  3. a b Sobih AW, Adnan. "Semangat Anti Korupsi Latuharhary". medcom.id. medcom.id. Diakses tanggal 14 April 2021. 
  4. a b c d Elson, R. E. (2008). The Idea of Indonesia: A History (dalam bahasa Inggris). Cambridge University Press. p. 68. ISBN 9780521876483. 
  5. a b c d e f g h i j Chauvel, Richard (2008). Nationalists, Soldiers and Separatists: The Ambonese Islands from Colonialism to Revolt, 1880-1950 (dalam bahasa Inggris). BRILL. ISBN 9789004253957. 
  6. a b c Manus, MPB; Ghazali, Zulfikar; Zuhdi,, Susanto; Sumardi; Kuswiah, Wiwi (1993). Tokoh-Tokoh Badan Penyelidik Usaha-Usaha Persiapan Kemerdekaan Indonesia (PDF). Jakarta: Kementerian Pendidikan dan Kebudayaan. 
  7. He, Baogang;, Galligan, Brian; Inoguchi, Takashi (2009). Federalism in Asia. Edward Elgar Publishing. ISBN 9781847207029. 
  8. Intan, Benyamin Fleming (2006). "Public Religion" and the Pancasila-based State of Indonesia: An Ethical and Sociological Analysis (dina basa Inggris). Germany: Peter Lang. ISBN 9780820476032. 
  9. "About the House - The House of Representatives of the Republic of Indonesia". web.archive.org. Diakses tanggal 2021-04-18. 
  10. Anderson, Benedict Richard O'Gorman (2006). Java in a Time of Revolution: Occupation and Resistance, 1944–1946 (dina basa Inggris). Equinox Publishing. ISBN 9789793780146.