Lompat ke isi

Piagam Jakarta

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Piagam Jakarta  
PanulisPanitia Sembilan
Judul asliUndang-Undang Dasar Negara Republik Indonesia Tahun 1945, Mukadimah
NagaraIndonésia
BasaIndonesia (Ejaan Van Ophuijsen)
Kaping dimedalkeun22 Juni 2605 dina Kalénder Jepang
(22 Juni 1945 dalam kalender Gregorius)

Piagam Jakarta nyaéta hiji rarancang bubuka/Pembukaan Undang-Undang Dasar Negara Republik Indonesia Tahun 1945 (UUD 1945). Ieu rarancang di rumuskeun ku Panitia Sembilan Badan Penyelidikan Usaha-Usaha Persiapan Kemerdekaan (BPUPK)[lower-alpha 1] di Jakarta dina kaping 22 Juni 1945. Piagam Jakarta ieu hakékatna tayalian tulisan déklarasi kamerdékaan Indonésia anu dijerona mibanda manifesto politik, alesan-alesan éksistensi Indonésia, ogé ngandung dasar Nagara Républik Indonésia.

Ieu Piagam mibanda lima sila/dasar anu mangrupa bagian tina idéologi Pancasila, tapi ogé dina syaréat kahiji aya kalimah "kawajiban ngalaksanakeun syariat Islam pikeun umatna". Frasa ieu, ogé anu katelah "tujuh kecap", ahirna dicabut tina Pembukaan UUD 1945 dina 18 Agustus 1945 ku Panitia Persiapan Kemerdekaan Indonesia, nyaéta hiji badan anu ditugaskeun pikeun nga-sahkeun UUD 1945. Tujuh kecap ieu dileungitkeun ku inisiatip Mohammad Hatta anu lantaran saméméhna, cindekna tadi peuting anjeuna narima béja ti perwira angkatan laut Jepang yén golongan nasionalis ti Indonésia Wétan cenah leuwih milih ngadegkeun nagara sorangan lamun éta tujuh kecap teu dipiceun. Dina taun 1950-an, nalika UUD 1945 ditundaheula, wawakil partéy Islam nungtut supaya Indonésia balik deui ka Piagam Jakarta. Pikeun nohonan kahayang golongan Islam, Presidén Soekarno harita ngémbarkeun dina Dekrit Presiden 5 Juli 1959 (anu mertélakeun balik deuikan kana UUD 1945) yén Piagam Jakarta téh "ngajiwaan" UUD 1945 ogé "mangrupikeun hiji beungkeutan kasatuan jeung konstitusional". Golongan kabangsaan ti wawakil Présidén Sukarno katut Perdana Menteri Djuanda Kartawidjaja negeskeun yén kalimah ieu mung sakadar pangaku kana Piagam Jakarta salaku hiji dokumén historis. Ku kituna, Pancasila jeung Piagam Jakarta nyaéta dua hal anu béda. Alesan robahna sila kahiji Piagam Jakarta sakumaha anu kasebut di luhur nyaéta pikeun kapentingan bangsa jeung nagara anu miboga rupa-rupa suku jeung agama. Parobahan ieu kalimah ngagambarkeun yén masarakat Indonésia nanjeur keun sikep toléransi. Jadina, Parobahan ieu ogé nembongkeun komitmen para (pini sepuh/pendiri bangsa) dina ngawujudkeun persatuan jeung kasatuan.[1]

Piagam Jakarta sakali deui jadi bahan padungdengan salami prosés amandemén undang-undang dasar nalika ayana Réformasi (1999–2002). Partéy-Partéy Islam ngusulkan sangkan "tujuh kecap" ditambahkeun kana Pasal 29 UUD 1945, tayalian pasal anu ngatur ngeunaan kadudukan agama dijero nagara sarta kabébasan ngajalankeun agama. Ngan waé, usulan amendemén ti partéy-partéy Islam teu meunang dukungan anu mayoritas di "Majelis Permusyawaratan Rakyat" (MPR).

Piagam Jakarta salami ngarumuskeun UUD 1945

[édit | édit sumber]

Sidang Resmi BPUPK munggaran sareng Panitia Sembilan

[édit | édit sumber]
Sidang Resmi BPUPK munggaran ngawitan 29 Méi dugi ka 1 Juni 1945

Nalika taun 1942, Kekaisaran Jepang ngandih Hindia Belanda. Ti mimiti ngandih/pendudukan, pamaréntah Militér Jepang geus gawé bareng jeung pamingpin-pamingpin nasional kalawan maksud pikeun minuhan kaperluan perang jeung kalengkepan penjajahan.[2] Sangkan ieu gawé bareng jeung kelompok nasional di Jawa bisa hasil tur mucekil, Jepang ngadegkeun organisasi Jawa Hokokai dina mimiti Januari 1944,[3] anu mana organisasi ieu mangrupa gaganti "Pusat Tenaga Rakyat" nu geus bubar saméméhna.[4] Nalika Jepang mimiti ngarandapan éléh perang Pasifik, Perdana Menteri Jepang Kuniaki Koiso jangji baris mikeun kamerdékaan ka sakumna bangsa Indonésia dina hiji poé.[5]

Kaping 1 Maret 1945, Angkatan Darat ka-16, korps militér Jepang anu ngalaksanakeun pamaréntahan di sakuliah Jawa, ngadeg keun hiji Badan Penyelidikan Usaha-Usaha Persiapan Kemerdekaan (BPUPK, basa Jepang : Dokuritsu Junbi Chōsa-kai).[6][7] Badan ieu ditugaskeun pikeun nangtukeun dasar nagara Indonésia sareng ngarumuskeun konstitusi.[8] BPUPK diwangun ku 62 anggota, kalayan 47 diantarana ti golongan kebangsaan tur 15 anggota ti golongan Islam.[9] Wawakil golongan Islam mibanda kayakinan yén konstitusi Indonésia kuduna dumasar kana syariat.[10] BPUPK ngayakeun sidang resmi kahijina di Jakarta ti kaping 29 Méi nepi ka 1 Juni 1945.[11] Dina sidang ieu, Soekarno nepikeun biantarana nu kawentar, "Lahirnya Pancasila", dina kaping 1 Juni 1945. Biantara ieu ngajadikeun Pancasila salaku dasar nagara Indonésia,[12] kalawan ketuhanan salaku sila kalimana.[13] Patali jeung sila ieu, Soekarno ngajelaskeun: Citakan:Cquote2

Saméméh asup kana mangsa résés, BPUPK ngadegkeun Panitia Leutik anu diwangun ku dalapan anggota didieu Sukarno minangka pupuhuna. Ieu panitia téh boga tugas ngumpulkeun saran atawa pamanggih ti anggota BPUPK séjénna pikeun bahan babalagempagan engkéna (diskusi) .[14] Pikeun ngurangan kaayaan anu tegang antara golongan nasional jeung Islam, Soekarno ngadegkeun Panitia Sembilan dina kaping 18 Juni 1945. Panitia anu dipupuhuan ku Soekarno ogé ditugaskeun pikeun nyusun mukadimah UUD RI anu bisa ditarima ku dua pihak.[15] Sakumaha ngaranna, panitia ieu diwangun ku salapan anggota, opat anggota ti kelompok Islam jeung lima ti kelompok nasional. [16] Ka salapan anggota téh:[17]

Ngaran (jangka waktu hirup) Golongan Organisasi Gambar
Agus Salim (1884–1954) Islam Sarekat Islam
Abikoesno Tjokrosoejoso (1897–1968) Islam Partai Syarikat Islam Indonesia
Wahid Hasjim (1914–1953) Islam Nahdlatul Ulama
Abdoel Kahar Moezakir (1907–1973) Islam Muhammadiyah
Soekarno (1901–1970) Kebangsaan Partai Nasional Indonesia, Pusat Tenaga Rakyat
Mohammad Hatta (1902–1980) Kebangsaan Partai Nasional Indonesia, Pusat Tenaga Rakyat
Achmad Soebardjo (1896–1978) Kebangsaan
Mohammad Yamin (1903–1962) Kebangsaan Pusat Tenaga Rakyat
Alexander Andries Maramis (1897–1977) Kebangsaan, wakil Kristen Perhimpunan Indonesia

Dina kaping 22 Juni 1945, Panitia Sembilan ngarumuskeun naskah Usulan Pembukaan UUD RI, nu saterusna dibéré ngaran landihan "Piagam Jakarta" ku Mohammad Yamin.[18]

Naskah Piagam Jakarta

[édit | édit sumber]

Éjaan Van Ophuijsen[19]

Bahwa sesoenggoehnja kemerdekaan itoe jalah hak segala bangsa, dan oleh sebab itoe maka pendjadjahan diatas doenia haroes dihapoeskan, karena tidak sesoeai dengan peri-kemanoesiaan dan peri-keadilan.

Éjaan anu Disampurnakeun[19]

Bahwa sesungguhnya kemerdekaan itu ialah hak segala bangsa, dan oleh sebab itu maka penjajahan di atas dunia harus dihapuskan, karena tidak sesuai dengan perikemanusiaan dan perikeadilan.

Dan perdjoeangan pergerakan kemerdekaan Indonesia telah sampailah kepada saat jang berbahagia dengan selamat-sentaoesa mengantarkan rakjat Indonesia kedepan pintoe gerbang Negara Indonesia jang merdeka, bersatoe, berdaoelat, adil dan makmoer.

Dan perjuangan pergerakan kemerdekaan Indonesia telah sampailah kepada saat yang berbahagia dengan selamat sentosa mengantarkan rakyat Indonesia ke depan pintu gerbang negara Indonesia yang merdeka, bersatu, berdaulat, adil, dan makmur.

Atas berkat Rahmat Allah Jang Maha Koeasa, dan dengan didorongkan oleh keinginan luhur, soepaja berkehidupan kebangsaan jang bebas, maka rakjat Indonesia dengan ini menjatakan kemerdekaanja.

Atas berkat Rahmat Allah yang Maha Kuasa, dan dengan didorongkan oleh keinginan luhur, supaya berkehidupan kebangsaan yang bebas, maka rakyat Indonesia menyatakan dengan ini kemerdekaannya.

Kemoedian dari pada itu untuk membentoek soeatu Pemerintah Negara Indonesia jang melindungi segenap bangsa Indonesia dan seloeroeh toempah-dara Indonesia, dan oentoek memadjoekan kesedjahteraan oemoem, mentjerdaskan kehidoepan bangsa, dan ikoet melaksanakan ketertiban doenia jang berdasarkan kemerdekaan, perdamaian abadi dan keadilan sosial, maka disoesoenlah kemerdekaan kebangsaan Indonesia itoe dalam soeatu hoekoem dasar Negara Indonesia jang terbentuk dalam soeatu soesoenan negara Republik Indonesia, jang berkedaoelatan rakjat, dengan berdasar kepada: ketoehanan, dengan kewadjiban mendjalankan sjari'at Islam bagi pemeloek-pemeloeknja, menoeroet dasar kemanoesiaan jang adil dan beradab, persatoean Indonesia, dan kerakjatan jang dipimpin oleh hikmat kebidjaksanaan dalam permoesjawaratan/perwakilan serta dengan mewoedjoedkan soeatu keadilan sosial bagi seloeroeh rakjat Indonesia.

Kemudian dari pada itu untuk membentuk suatu Pemerintah Negara Indonesia Merdeka yang melindungi segenap bangsa Indonesia dan seluruh tumpah darah Indonesia, dan untuk memajukan kesejahteraan umum, mencerdaskan kehidupan bangsa, dan ikut melaksanakan ketertiban dunia yang berdasarkan kemerdekaan, perdamaian abadi, dan keadilan sosial, maka disusunlah kemerdekaan kebangsaan Indonesia itu dalam suatu Hukum Dasar Negara Indonesia, yang terbentuk dalam suatu susunan Negara Republik Indonesia, yang berkedaulatan rakyat, dengan berdasar kepada: ketuhanan, dengan kewajiban menjalankan syari’at Islam bagi pemeluk-pemeluknya, menurut dasar kemanusiaan yang adil dan beradab, persatuan Indonesia, dan kerakyatan yang dipimpin oleh hikmat kebijaksanaan dalam permusyawaratan perwakilan, serta dengan mewujudkan suatu keadilan sosial bagi seluruh rakyat Indonesia.

Kaping naskah ieu téh 22 Juni 2605 dina kalénder Jepang (22 Juni 1945 dina kalender Gregorius) sarta ditandatanganan ku anggota "Panitia Sembilan" .[20]

Piagam Jakarta salaku kompromi

[édit | édit sumber]

Dina paragraf kaopat jeung ahir Piagam Jakarta, mibanda lima sila anu ayeuna dianggap salaku bagian tina Pancasila:[21]

  1. Ketuhanan, dengan kewajiban menjalankan syariat Islam bagi pemeluk-pemeluknya
  2. Kemanusiaan yang adil dan beradab
  3. Persatuan Indonesia
  4. Kerakyatan yang dipimpin oleh hikmat, kebijaksanaan dalam permusyawaratan/perwakilan
  5. Keadilan sosial bagi seluruh rakyat Indonesia''

Dina Piagam Jakarta, asas ketuhanan jadi sila kahiji, sawatara éta dina rumusan Pancasila anu di biantarakeun ku Soekarno dina 1 Juni 1945, "ketuhanan" nyaéta sila kalima.[22] Béda pangbadagna tina Piagam Jakarta jeung rumusan Pancasila Soekarno nya éta ayana frasa :dengan kewajiban menjalankan syariat Islam bagi pemeluk-pemeluknya. Frasa anu katelah ku sebutan "tujuh kecap" éta pangakuan syariah keur Muslim.[23] Anggota Panitia Sembilan Abdoel Kahar Moezakir engkéna baris ngaku-ngaku dina hiji wawancara anu agamana Kristen, Alexander Andries Maramis, satuju "200%" jeung ieu rumusan.[24] Rumus tujuh kecap sorangan dianggap midua/ambigu sarta henteu dipikanyaho naha rumusan maksakeun kawajiban ngalaksanakeun hukum Islam ka individu atawa pamaréntah..[23] sanajan kitu, Piagam Jakarta mangrupa hasil kompromi jeung sila ka hijina bisa ditafsirkeun béda-béda nurutkeun kapentingan golongan kabangsaan atawa Islam.[25]

Sidang Resmi Kadua BPUPK

[édit | édit sumber]
Sidang Resmi BPUPK kadua dilaksanakeun ti 10 dugi ka 17 Juli 1945

Numutkeun saran ti Panitia Sembilan, BPUPK ngayakeun sidang resmi kadua ngawitan 10 dugi ka 17 Juli 1945 dipingping ku Soekarno. Tujuana pikeun madungdengkeun masalah anu aya patula patali sareng konstitusi, kaasup rarancang mukadimah anu aya dina Piagam Jakarta.[26] Dina poé ka hiji, Soekarno midangkeun sababaraha hal anu geus dihontal salila période résés, kaasup dijerona ngeunaan Piagam Jakarta. Anjeunna ogé ngawartosan yén Panitia Leutik parantos nampi Piagam Jakarta sagemblengna. Numutkeun Soekarno, ieu piagam mibanda "sakabéh gagasan tur pangharepan utama anu ngeusian dada sabagian gedé anggota Dokuritu Zyunbi Tyoosakai [BPUPK]".[27]

Poé kadua sidang (kaping 11 Juli), tilu anggota BPUPK maranéhanana nepikeun panampik kana tujuh kecap dina Piagam Jakarta. Salah saurang na tayalian Johannes Latuharhary, saurang anggota anu agemanna Protéstan asalna ti Pulau Ambon. Anjeunna ngarasa éta "‘tujuh kecap" dina Piagam Jakarta baris nimbulkeun dampak luar biasa pikeun ageman séjén. Anjeuna ogé ngébréhkeun kahariwang lamun seug éta "tujuh kecap" téh henteu dileungitkeun bakal ngrojong étnis Minangkabau ninggalkeun adat istiadatna sarta ogé balukar kana hak lahan dumasar kana hukum adat di Maluku.[28] Dua anggota séjén teu satuju "tujuh kecap’ " tayalian Wongsonegoro jeung Hoesein Djajadiningrat. Numutkeun Djajadiningrat, "tujuh kecap" ieu ogé sigana bisa ngabalukarkeun fanatisme sabab maksa umat Islam ngalaksanakeun hukum syariah. Salah saurang anggota Panitia Sembilan, Wahid Hasjim, teu sapagodos kana kamungkinan éta paksaan alatan sadayana ogé bisa diréngsekeun kujalan musyawarah. Anjeunna ogé mairan yén sanajan aya anggota anu boga pikiran "tujuh kecap" ieu nyeukeut, tapi pan aya ogé anu teu boga pamikiran kawas kitu ("teu nyeukeut").[29]

Dua poé saenggeusna, dina 13 Juli, Hasjim ngabaladah parobahan Pasal 4 Rarancang Undang-Undang Dasar sangkan Presidén Indonésia kudu mibanda ageman Islam. Inyana ogé ngusulkeun sangkan pasal 29 Rarancang Undang-Undang Dasar (anu aya patula patalina sareng agama) diamendemén pikeun gajadikeun Islam salaku ageman nagara ditambah ku klausul anu ngajamin kabébasan muhit ageman pikeun kaum salian-Muslim. Numutkeun pamanggihna, ieu diperlukeun alatan ngan agama anu bisa dijadikeun dasar ngabenerkeun pikeun ngagunakeun kakuatan keur ngala nyawa dina kontéks pertahanan Nasional.[30][31] Anggota BPUPK lianna, Otto Iskandardinata, teu sapamadegan sangkan Presidén Indonesia kudu Muslim, sarta ngusulkeun sangkan tujuh kecap di Piagam Jakarta disebutkeun deui dina Pasal 29 rarancang Undang-Undang Dasar.[32]

Piagam Jakarta dibahas deui dina rapat anu dilaksanakeun dina 14 Juli, salah sahijina lantaran aya maksud pikeun ngagunakeun eusi piagam dina proklamasi kamerdékaan Indonésia.[33] Dina rapat ieu, Ketua Umum Muhammadiyah Ki Bagoes Hadikoesoemo ngajukeun frasa éta bagi pemeluk-pemeluknya dipupus. Soekarno nolak usulan éta numutkeun pamanggihna éta “tujuh kecap” téh mangrupikeun hasil kompromi:[34] Citakan:Cquote2 Hadikoesoemo ogé boga pamanggih yén umat Islam baris ngarasa kahina ku ayana aturan anu béda antara muslim jeung lain muslim. Soekarno ngajawab lamun éta frasa dipupus, baris nimbulkeun tafsir yén kaum non-Muslim ogé wajib ngajalankeun syaréat Islam. Hadikoesoemo nampik kana kahariwan Soekarno numutkeun pamanggihna "Pamarentah henteu meunang mariksa agama".[34] Pamustunganna, Hadikoesoemo éléh déét tur hasil diperuhkeun ku anggota lian ti golongan Islam, Abikusno Tjokrosujoso, ngeunaan "tujuh kecap" hadéna diantepkeun kawas kitu waé pikeun persatuan jeung perdamaian.[34]

Dina kaping 15 Juli soré, Hadikoesoemo ngajengkeun deui deui usulanna. Alatan kungarasa hariwang mun teu meunang jawaban anu teu pika gumbiraeun, anjeunna nepikeun panampikna pikeun kompromi dina Piagam Jakarta.[35][36] Salajengna, dina kaping 16 Juli, Soekarno muka deui rapat kalawan nyodorkeun panuhun ka golongan kabangsaan sangkan hadé haté daék berkorban pikeun asup na "tujuh kecap" Piagam Jakarta kajero "batang tubuh undang-undang dasar" tur ogé nambihkeun klausul yén Presidén Republik Indonésia kudu Muslim.[37] Kelompok kabangsaan nyaluyuan kana éta panuhun, antukna BPUPK nyatujuan hiji rarancang "undang-undang dasar" anu eusina kecap di Mukadimah sarta Pasal 29, tur hiji klausul anu mertélakeun ngeunaan Presidén Indonésia kudu mibanda ageman Islam.[38]

Ngaleungitkeun "tujuh kecap"

[édit | édit sumber]
Proklamasi Kemerdekaan Indonesia kaping 17 Agustus 1945
Sidang Panitia Persiapan Kemerdekaan Indonesia kaping 18 Agustus 1945

Dina kaping 7 Agustus 1945, pamaréntah Jepang ngembara keun ngadegna Panitia Persiapan Kemerdekaan Indonesia (PPKI). Salajengna, dina 12 Agustus, Soekarno diangkat salaku pupuhu ku Panglima Kelompok Ekspedisi Selatan Marsekal Medan Hisaichi Terauchi.[39] Ngan opat ti salapan anu nandatangan Piagam Jakarta anu ngajadi anggota PPKI, tayalian Soekarno, Mohammad Hatta, Achmad Soebardjo, sareng Wahid Hasjim.[40] Samemehna anggota PPKI ngarencana ngumpul dina 19 Agustus pikeun maheutkeun undang-undang dasar Indonesia.[39] Ngan baé, dina kaping 6 jeung 9 Agustus 1945, kota Hiroshima jeung Nagasaki dibom atom ku Sekutu. Salajengna, dina 15 Agustus, Kaisar Hirohito ngabewarakeun yen Jepang geus nyerah ka Sekutu.[41]

Soekarno jeung Hatta nganyatakeun kamerdékaan Indonesia dina ping 17 Agustus 1945. lajeng, dina isuk-isukna kaping 18 Agustus, PPKI ngariung deui pikeun nga-sahkeun undang-undang dasar Indonesia. Dina ieu gempungan, Hatta ngusulkeun sangkan tujuh kecap dina Mukadimah jeung Pasal 29 dihapus. Saperti anu dijéntrékeun engkéna ku Hatta dina bukuna Sekitar Proklamasi 17 Agustus 1945, dina peutingna kaping 17 Agustus, saurang opsir kaigun (Angkatan Laut) Jepang nepungan tur ngémbarkeun ngeunaan yén golongan nasionalis ti ageman Kristen ti Indonesia Timur nampik kana tujuh kecap alatan dianggap diskriminatif utamana ka ageman minoritas, malahan maranéhna nembrakeun maksud hayang ngadegkeun nagara sorangan di luar Républik Indonésia umpamana ieu tujuh kecap henteu di pupus.[42]

Hatta lajeng ngajéntrékeun usulan parobahanna: istilah "ketuhanan" baris diganti ku "ketuhanan yang maha esa",[43] kalayan istilah "Mukadimah" anu asalna tina bahasa Arab diganti jadi "Pembukaan".[42] Ayat anu nerangkeun ngeunaan Présidén Indonésia kudu Muslim ogé dipupus.[44] Saatosna usulan ieu ditarima, PPKI nyatujuan Undang-Undang Dasar Republik Indonesia dina poé éta kénéh, tur tujuh kecap téa pamustunganana di pupus atawa dileungitkeun.[45] Wawakil ti Bali I Gusti Ketut Pudja ogé ngusulkeun sangkan kecap "Allah" diganti ku "Tuhan". Usulan éta ogé ditarima, tatapi nalika konstitusi resmi dipublikasi, parobahan éta tacan ditempokeun.[44]

Henteu pati dipikawanoh sacara pasti naha PPKI nyaluyuan usulan Hatta kalawan henteu aya perlawanan ti golongan Islam.[46] Di tempat sejen, komposisi anggota PPKI kacida béda jeung BPUPK: ngan 12% anggota PPKI anu asalna ti golongan Islam (samentara éta di BPUPK aya 24%).[47] Ti salapan anu nandatangan Piagam Jakarta, ngan tilu anu hadir dina kumpulan kaping 18 Agustus. Ka tilu anu hadir ieu lain ti golongan Islam; Hasjim anu datang ti Surabaya karék nepi ka Jakarta dina 19 Agustus.[48] Sagédéngeun kitu, Indonésia mangsa éta nyingareupan ancapan ku datangna pasukan Sekutu, alatan kitu anu jadi prioritas nya pertahanan nasional jeung upaya pikeun marjoang keun aspirasi golongan Islam bisa ditunda saheulaanan nepika situasi aman. .[49]

Kaputusan ngahapus tujuh kecap téa mawa ka handeueul pikeun golongan Islam.[50] Hadikoesoemo ngébréhkeun kaambekna dina rapat Majelis Tanwir Muhammadiyah di Yogyakarta sababaraha poé sabada sidang PPKI réngsé.[50] Golongan Islam ogé ngarasa beuki henteu panuju sabada PPKI dina kaping 19 Agustus nolak usulan pikeun ngadegkeun Kamenterian Agama.[51] Sanajan kitu, dibarung ku mimiti datang pasukan Sekutu, golongan Islam mutuskeun pikeun ngajadikeun persatuan nasional demi mempertahankan kamerdekaan Indonesia jadi prioritasna saheula anan.[52]


Sawala ngeunaan Piagam Jakarta dina masa panangguhan UUD 1945

[édit | édit sumber]

Pameredih ti partai Islam sangkan ngaku kana Piagam Jakarta

[édit | édit sumber]

Sabada Walanda ngaku kana kamerdékaan Indonésia, dina 27 Désémber 1949, UUD 1945 digantikeun ku Undang-Undang Dasar Republik Indonesia Serikat. Tapi teu kungsi lila, dina 17 Agustus 1950, Republik Indonesia Serikat dibubarkeun tur Undang-Undang Dasar Sementara Republik Indonesia diberlakukeun.[53] Abikoesno Tjokrosoejoso, anu kungsi jadi bagian tina Panitia Sembilan, nyieun hiji pamflet dina taun 1953 judulna Ummat Islam Indonesia Menghadapi Pemilihan Umum. Di kaca kahiji, aya tulisan Piagam Jakarta mangrupa cita-cita anu baris dipajuangkeun.[54]

Gedung Merdeka di Bandung pernah dijadikan Gedung Konstituante dari tahun 1956 hingga 1959

Nalika Désémber 1955, Indonésia ngayakeun pemilihan umum pikeun milih anggota Konstituante, tayalian lembaga anu tugasna pikeun ngarumuskeun konstitusi anyar. Piagam Jakarta jadi hiji topik anu penting pikeun anggota-anggota ieu lembaga. Konstituante anu aya diwangun ku 514 anggota, kalawan 230 diantarana atawa (44,8%) asalna ti blok Islam, sésana tayalian ti blok kebangsaan.[55] Blok Islam, diwangun ku dalapan partéy ( Nahdlatul Ulama, Masyumi, Partéy Syarikat Islam Indonesia, Persatuan Tarbiyah Islamiyah, katut opat partéy leutik lianna), Mibanda pamadegan yén mupus tujuh kecap dina Piagam Jakarta mang rupa keun hiji kasalahan anu ngan ukur diantepkeun ku golongan Islam di PPKI kulantaran kaayaan genting mangsa éta ogé alatan Soekarno geus jangji yén majelis anu dipilih rakyat baris ngaréngsékeun ieu masalah engkéna. Abdoel Kahar Moezakir, anu mangsa éta geus ngagabung jeung Partéy Masyumi, boga anggapan di pupusna tujuh kecap mangrupakeun hiji "pangkhianatan" anu geus ngancurkeun Pancasila sorangan alatan asas-asas anu dianggap mawa pangaruh akhlak mulia anu geus medalkeun Pancasila kalahka dipupus.[56] Partéy Masyumi (anu mibanda 112 anggota oge mangrupakeun partéy Islam panggedéna di Konstituante) sarua nungtut kana pangakuan resmi pikeun Piagam Jakarta.[57]

Janji pangakuan dina mimiti taun 1959

[édit | édit sumber]

Saheulaanan anggota Konstituén teu sapuk kana undang-undang dasar anu anyar, Jenderal Abdul Haris Nasution nembrakkeun pamanggih dina 13 Februari 1959 yén Tentara Nasional Indonesia (TNI) "naratas usaha" pikeun balik deui ka UUD 1945.[58] Numutkeun pamanggih anggota Konstituante ti Partéy Masyumi Djamaluddin Datuk Singomangkuto ogé teolog Belanda B.J. Boland, Soekarno ngadeudeul balikna ka UUD 1945 sangkan manéhna bisa ngalaksanakeun gagasan demokrasi terpimpinna.[59] Nincak 19 Pébruari, Kabinét Djuanda nyaluyuan sapinuhna "Putusan Dewan Menteri ngeunaan prakna ngalaksanakeun Demokrasi Terpimpin dina raraga mulang deui ka UUD 1945". Ieu putusan nyebutkeun yén UUD 1945 bisa ngajamin dina prakna ngalaksanakeun demokrasi terpimpin. Salian kitu, putusan ieu ogé nyebutkeun yén pikeun nyumponan aspirasi golongan Islam, Piagam Jakarta diaku kabeneranna. Dibagian katerangan ogé disebutkeun ngeunaan balik deui kana UUD 1945 nyaéta pikeun mulangkeun sakabéh poténsi nasional, kaasup dijerona golongan Islam. Nya kusabab ieu, pangakuan Piagam Jakarta geus ditafsirkeun salaku usaha pikeun némbongkeun itikad hadé sakumna pamingpin Darul Islam di Jawa Kulon, Sulawesi Kidul, jeung Acéh, kitu deui politikus-politikus Islam séjén anu simpatik kana ideologi anu dipajuangkeun ku Darul Islam. Sawatara éta, pikeun malikeun UUD 1945, Soekarno geus sapagodos jeung kabinét ngeunaan anjeunna baris biantara diharepkeun Konstituante di Bandung kalawan ngajak maranéhna pikeun nyatujuan UUD 1945.[60]

Perdana Menteri Indonesia Djuanda Kartawidjaja (1957–1959). Dina Maret 1959, anjeuna ngajelaskeun yén "pangakuan ayana Piagam Jakarta mangrupa dokumén historis pikeun Pemerintah anu hartina pangakuan ogé pikeun pangaruhna kana UUD 1945. Jadi pangaruh anu dimaksud lain ngeunaan Bubuka UUD 1945 waé, tapi ogé ngeunaan pasal 29 UUD 1945, pasal anu saterusna kudu jadi tatapakan hirup hukum dina widang agama."[61]

Dina 3 jeung 4 Maret 1959, Dewan Perwakilan Rakyat (DPR) dibéré kasempetan pikeun nanyakeun ka kabinét patali kaputusan Déwan Mentri, jeung pamaréntah bakal ngajawab patarosan ieu dina tulisan. Sajumlah wawakil partéy Islam ménta katerangan ngeunaan Piagam Jakarta. Anwar Harjono ti Partéy Masyumi ditanya naha Piagam Jakarta bakal boga kakuatan hukum kitu ogé konstitusi atawa ngan diaku salaku dokumén sajarah wungkul. Perdana Menteri Djuanda Kartawidjaja ngajawab yén sanajan Piagam Jakarta teu bagian tina UUD 1945, éta piagam tetep jadi dokumén sajarah anu kacida pentingna dina perjuangan bangsa Indonésia sarta rumusan Mukadimah UUD 1945. Achmad Sjaichu ti Nahdhlatul Ulama ogé nanya "Naha pangakuan Piagam Jakarta hartina pangakuan salaku dokumén sajarah wungkul atanapi aya konsékuénsi hukum, nyaéta kecap Ketuhanan dina Mukadimah UUD 1945 ngandung harti 'Iman ka Alloh kalayan kawajiban ngalaksanakeun syariatna', sangkan dina dasarna bisa dijieun undang-undang anu tiasa diadaptasikeun kana hukum Islam pikeun anu ngagemna?" Djuanda ngajawab yén "pangakuan ayana Piagam Jakarta salaku dokumén sajarah pikeun Pamaréntah ogé hartina pangakuan pangaruhna dina UUD 1945. Jadi pangaruh anu dimaksud lain ngeunaan Bubuka UUD 1945 waé, tapi ogé ngeunaan pasal 29 UUD 1945, anumana pasal nu saterusna kudu jadi tatapakan pikeun kahirupan hukum dina widang agama."[61]

Lajeng, kaping 22 April 1959, Soekarno ngadugikeun biantara di payuneun Konstituante di Bandung. Dina biantarana ieu, anjeunna umajak sangkan UUD 1945 dilaksanakan deui. Ngeunaan Piagam Jakarta, anjeunna ogé mertélakeun yén éta piagam dijiwaan ku "amanat penderitaan rakyat". Pamendakna, "Piagam Jakarta ngawengku sakabéh amanat kasangsaraan rakyat anu disebatkeun ku si kuring tadi: hiji masyarakat anu adil jeung makmur, hiji nagara kesatuan anu ngawangun républik, hiji badan pamusawarahan perwakilan rakyat." anjeuna ogé nepikeun yén Piagam Jakarta tayakian hiji "dokumen historis" nya ku sababiahna "ngabaladahan sarta mangaruhan" UUD 1945. Nya ku dasar ieu, Soekarno nepikeun baris nepikeun naskah Piagam Jakarta sacara resmi di hareupeun Konstituante.[62] Salajengna anjeunna ngabéwarakeun yén saupama Konstituante nyaluyuan kana ieu katangtuan-katangtuan, ieu katangtuan baris dingaranan "Piagam Bandung", Salajengna ieu piagam baris sacara resmi ngaku Piagam Jakarta salaku hiji dokumen historis.[63]

Debat ngeunaan Piagam Jakarta di Majelis Konstituante

[édit | édit sumber]

Dina sidang Majelis Konstituén salajengna, Pamimpin Islam sakali deui ngaguar masalah Piagam Jakarta.[64] Salah sahijina nyaéta Saifuddin Zuhri ti Nahdlatul Ulama nu engkéna bakal jadi Menteri Agama. Anjeunna meredih ka pamaréntah pikeun nyatakeun yén Piagam Jakarta ngagaduhan makna hukum sareng tiasa dianggo salaku sumber hukum pikeun nyebarkeun hukum Islam pikeun umat Islam.[65] Di sisi anu sanésna, wawakil ti partéy Kristen Indonesia, Johannes Chrisos Tomus Simorangkir, nétélakeun yén Piagam Jakarta ngan ukur mangrupa dokumén sajarah anu miheulaan Mukadimah UUD 1945, kukituna Piagam Jakarta henteu tiasa dijadikeun sumber hukum.[66] Abdoel Kahar Moezakir ngarasa handeueul yén Piagam Jakarta diangkat deui henteu jadi konstitusi, tatapi ngansaukur pangbeberah pikeun golongan Islam.[67] Wawakil ti Persatuan Tarbiyah Islamiyah jeung partéy Syarikat Islam Indonesia ngébréhkeun yén baris ngadeudeul balikna deui ka UUD 1945 lamun téa mah Piagam Jakarta dijadikeun Pembukaan UUD 1945. Wawakil ti Partéy Syarikat Islam Indonesia ogé meredih sangkan tujuh kecap anu aya dina Piagam Jakarta ogé ditambahkeun kana pasal 29 UUD 1945.[68]

Wawakil ti Nahdlatul Ulama Zainul Arifin ngumoamakeun Piagam Jakarta salaku cempor anu jadi sember cahaya UUD 1945 sarta nyaangan jalanna bangsa Indonesia. Perumpamaan cahaya ini berasal dari Surah An-Nur 24:35-36

Padungdengan ngeunaan Piagam Jakarta nepi ka puncakna nalika Zainul Arifin ti Nahdlatul Ulama nepikeun biantarana dina 12 Méi 1959. Numutkeun anjeuna, anu saleresna janten tatapakan Républik Indonésia sanés ‘ ’Pembukaan UUD 1945’ ‘, tapi Piagam Jakarta, marrgi nya ieu piagam anu tos ngabaladah muka jalan kana Proklamasi Kemerdekaan Indonesia. Anjeuna ogé ngagunakeun Surah An-Nur 24:35-36: ngeunaan cahaya dina Piagam Jakarta diibaratkeun salaku cempor anu jadi sumber cahaya pikeun UUD 1945 katut nyaangan jalan anu baris ditaratas ku bangsa Indonésia. Kualatan kitu, anjeuna mibanda kayakinan yén Piagam Jakarta geus sapantesna diaku jadi norma dasar nagara jeung parundang-undangana.[69] Ieu pamanggih meunang panampik ti anggota Konstituante Partéy Komunis Indonesia, M.A. Khanafiah, anu mibanda pamadengan cenah Piagam Jakarta ngan saukur rarancang Pembukaan UUD 1945 anu tacan kungsi meunang pa-ngasah ti lembaga resmi mangsa harita, tayalian PPKI. [70]

Dina 21 Méi, Perdana Menteri Djuanda ngajawab rupa-rupa patarosan anggota Konstituante anu patali sareng biantarana Soekarno dina 22 April. Anjeuna ngajéntrékeun sanajan pangakuan Piagam Jakarta salaku dokumen historis lain ngandung harti ieu piangam mibanda kakuatan hukum, piagam ieu diaku geus ngajiwaan UUD 1945, utamana Pembukaan jeung Pasal 29.[71] Salajengna anjeuna ngébréhkeun rarancang Piagam Bandung anu ngébréhkeun éta pangakuan. Aya parbédaan antawis versi 21 Méi sareng versi anu didugikeun dina sasih Pebruari sareng April. Versi sasih Pébruari mung ngangken kana ayana Piagam Jakarta, samentawis versi April nambihkeun hiji katerangan yén Piagam Jakarta téh salahsahiji dokumen historis. Versi Méi malihan nambihkeun yén Piagam Jakarta mibanda harti penting dina gumelarna UUD 1945.[72] Versi Méi masih teuacan jadi pangbeberah kahoyong golongan Islam. Dina 26 Méi, aranjeuna meredih nambihkeun tujuh kecap kajero Pembukaan jeung Pasal 29 UUD 1945.[73] Ngan, dina 29 Méi, usulan ieu henteu hasil meunang pangrojong ti dua pertilu anggota Konstituante: ngan 201 ti 466 anggota (atanapi mung 43,1%) anu ngarojong éta usulan. Antukna, golongan Islam nolak ngarojong mulang deui kana UUD 1945.[74][75]


Sabada mulangdeui ka UUD 1945

[édit | édit sumber]

Dekret Presiden 5 Juli 1959 sareng Memorandum 1966

[édit | édit sumber]
Soekarno Nalika nuju macakeun Dekret 5 Juli 1959

Alatan gagalna Konstituante dina ngarumuskeun konstitusi anyar, Soekarno dina kaping 5 Juli 1959 ngaluarkeun hiji dekret anu ngabubarkeun Konstituante sareng mulangkeun deui UUD 1945.[76] Di jéro dekret ieu ogé mibanda hiji katerangan "Bahwa kami berkeyakinan bahwa Piagam Jakarta tertanggal 22 Juni 1945 menjiwai Undang-Undang Dasar 1945 sareng ieu mangrupi hiji kaitan jeung Konstitusi tersebut."[77] Ieu katerangan bijil ku pangrojong ti inohong Nahdlatul Ulama Muhammad Wahib Wahab, anu salajengna diangkat salaku Menteri Agama.[78] Dina 22 Juni 1959, DPR sacara aklamasi nyebutkeun Indonesia baildeui ka UUD 1945.[79]

Dina 22 Juni 1963, poé gumelarna Piagam Jakarta pikeun anu munggaran dipieling. Jénderal Abdul Haris Nasution, mangsa éta ngajabat salaku Menteri Pertahanan, ngabéwarakeun yén Piagam Jakarta "loba meunang ilham tina hikmah 52 ribu surat-surat ti alim ulama katut pamingpin-pamingpin Islam" anu dialamatkeun ka Jawa Hokokai.[80] Lajeng, dina 5 Juli 1963 (opat taun sabada dikaluarkeunna Dekret 5 Juli 1959), Soekarno macakeun naskah Piagam Jakarta kalawan saatosna Pembukaan UUD 1945 pikeun mintonkeun aya pakaitna éta dua dokumen.[81]

Lajeng, dina 5 Juli 1966, Dewan Perwakilan Rakyat Gotong Royong (DPRGR, salah sahiji lembaga jieunan Soekarno dina mangsa demokrasi terpimpin) ngaluarkeun hiji mémorandum ngeunaan sumber tertib hukum Republik Indonesia. Majelis Permusyawaratan Rakyat Sementara (MPRS) teras menerima baik eusi éta memorandum dilebetkeun kana Katetepan Nomor XX/MPRS/1966. Di jero éta memorandum mibanda katerangan ngeunaan peranan historis Piagam Jakarta dina mangsa ngabaladah nyieun UUD 1945: "Penyusunan Pembukaan Undang-Undang Dasar 1945 sesungguhnya dilandasi oleh jiwa Piagam Jakarta 22 Juni 1945, sedangkeun Piagam Jakarta éta ditatapakan ogé ku jiwa pidato Bung Karno dina 1 Juni 1945, anu kawentar salaku Pidato Lahirnya Pancasila." dina waktu anu sarua, memorandum ieu ogé mertélakeun yén Pembukaan Undang-Undang Dasar 1945 sareng Pancasila teu kenging dirobah ku sahawaé ogé, kalebet ku MPR, alatan "merubah isi Pembukaan berarti pembubaran Negara". Numutkeun cendekiawan Muslim Indonesia Mujiburrahman, lamun dibandingkeun sareng Pancasila, kadudukan Piagam Jakarta dina memorandum ini teu jelas sareng lemah, mung piagam ini masih disebatkeun ku éta memorandum.[82]

Pameredih dina ngalarapkeun Piagam Jakarta ku kelompok Islam

[édit | édit sumber]
Menurut Mohamad Roem, kawajiban dina tujuh kecap Piagam Jakarta lain hiji kawajiban hukum, tapi kawajiban agama anu palaksanaana umantung kana masing-masing individu

Numutkeun golongan kabangsaan sareng partéy-partéy lain-Islam Pangakuan Piagam Jakarta ku Dekret 5 Juli 1959 dititenan yen Piagam Jakarta ngan disebut di palebah pertimbangkeun, matakna teu mibanda kakuatan hukum.[83]

Pulitikus ti Nahdlatul Ulama Saifuddin Zuhri, anu kapeto jadi Menteri Agama dina taun 1962, ngabéwarakeun dina taun 1963 nalika miéling tepung taun Piagam Jakarta nyebatkeun piagam ieu geus jadi cukang lantaran ayana Révolusi Nasional Indonésia, mibanda status konstitusional, sareng pangaruhna kana sagalla rupi parundang-undangan sareng kahirupan ideologis bangsa.[84] Salaku Menteri Agama, anjeuna nyobian nataran tur ngalelempeng yén pikeun ngalaksanakeun Dekret 5 Juli 1959.[78] Dina mangsa mieling tepung taun ka-40 Nahdlatul Ulama (31 Januari 1966), diayakeun hiji pawai, kalawan pesertana nyepengan spanduk anu nungtut biknadeui Piagam Jakarta.[85] Dina bulan anu sarua, Majelis Permusyawaratan Ulama Daerah Istimewa Aceh ngarumuskeun hiji rarancangan Pedoman Dasar. Pasal 4 Pedoman Dasar ieu mertelakeun yén tujuan organisasi maranéhna tayalian pikeun ngahijikeun sakabeh ulama jeung umat dina raraga pikeun ngalarapkeun Piagam Jakarta sareng ngalarapkeun syariat Islam pikeun Muslim di ieu provinsi.[86]

Pulitikus Muslim Mohamad Roem nyandak sikep anu langkung moderat. Dina hiji biantarana anu didugikeun di Médan dina Februari 1967, anjeuna negeskeun yén umat Islam wajib ngalarapkeun syariat Islam leupas tina naon tujuh kecap diasupkeun ka lebet Pembukaan UUD 1945 atanapi Dekret 5 Juli 1959. numutkeun anjeuna, ieu kawajiban sanes kawajiban umum, nanging kawajiban agama, sareng dina ngalarapkeuna ieu kawajiban gumantung ka masing-masing pribadi.[87] Salajengna, nalika sidang MPRS dina Maret 1968, golongan Islam meredih sangkan Piagam Jakarta ogé dilebetkeun kana Garis-Garis Besar Haluan Negara (GBHN), tapi ieu ogé gagal margi ayan panampik ti golongan militér, Kristen, sareng kabangsaan.[88]

Padungdengan antawis golongan Islam sareng Kristen pakait kana makna historis Piagam Jakarta

[édit | édit sumber]
Lambang partéy Katolik. Ieu Partéy mibanda kayakinan lamun Piagam Jakarta henteu kungsi mibanda kakuatan hukum di Indonésia

Sabada sidang MPRS dina Maret 1968, padungdengan ngeunaan Piagam Jakarta balikdeui kana puncakna ku dipewdalkeuna artikel-artikel ku golongan Kristen sareng Islam.[88] Majalah Katolik Peraba medalkeun sajumlah artikel anu ngiritik argumén anu ngadukung Piagam Jakarta. Dina salah sahiji artikel disebut, Partéy Katolik boga pamanggih yén Piagam Jakarta henteu kingsi mibanda kakuatan hukum alatan éta piagam mung sakadar rarancang Pembukaan UUD 1945. Partéy Katolik malah mengutip Sayuti Melik (salah sasahiji anggota PPKI) anu ngajelaskeun yén teu aya buktos Panitia Sembilan kungsi nanda tangan rarancang Pembukaan anu dirumuskeun dina 22 Juni 1945, sareng mung Mohammad Yamin anu nyebat rarancang ieu kalawan sebutan Piagam Jakarta. Kusabab kitu, numutkeun Partéy Katolik, teuaya anu salah ngeunaan putusan PPKI pikeun mupus tujuh kecap.[89] ngeunaan sareng Dekret 5 Juli, Partéy Katolik nafsirkeun kecap "menjiwai" salaku kajelasan yén Pembukaan UUD 1945 asalna tina Piagam Jakarta. Sanajan kitu, Partéy Katolik ngajelaskeun yén istilah ieu henteu ngajadikeun tujuh kecap salaku bagian tina sistem hukum Indonésia, alatan dimana ieu diasumsikeun bener, tangtuna Piagam Jakarta lain menjiwai, tatapi malah ngaganti Pembukaan UUD 1945. Sagigireun éta, pikeun Partéy Katolik, maké frasa "kami berkeyakinan"' nandakeun yén éta kayakinan ngan kayakinan Soekarno wungkul sareng hente mibanda kakuatan hukum.[90]

Redaksi majalah Peraba ogé nyebutkeun yén pihak anu nungtut diakuna Piagam Jakarta geus papalingpang jeung persatuan jeung kasatuan bangsa. Maranéhna ogé negeskeun yén Proklamasi Kamerdékaan Indonésia henteu aya kaitanna sareng Piagam Jakarta. Aranjeuna nempo kana sajarah nalika Soekarno sareng Hatta diiwat sareng didesek ku para pamuda pikeun sagancangna ngaproklamasikeun kamerdékaan. Ieu pemuda-pamuda henteu hayang kemerdékaan Indonésia disangkutpautkeun jeung Jepang, Matakna maranéhna nolak ngalarapkeun Piagam Jakarta pikeun macakeun proklamasi, alatan éta piagam mangrupikeun hasil tina badan jieunan Jepang, BPUPK.[91]

Dilain tempat, pulitikus-pulitikus Muslim nyoba nembongkeun yén Proklamasi Kemerdékaan Indonésia teu bisa dileupaskeun tina Piagam Jakarta. Inohong Muslim Hamka boga pamanggih yén saméméh Piagam Jakarta, gerakan kamerdékaan Indonésia kabagi jadi dua golongan, Tayalian Islam jeung kabangsaan. Keduana henteu silih hormat, jeung Hamka mibanda kayakinan yén kompromi Piagam Jakarta-ieu anu bisa ngaraketkeun kadua golongan ieu jadi ngahiji. Ngan, tujuh kecap dijero Piagam Jakarta saterusna malah dipupus sapoé sabada kamerdékaan. Pikeun Hamka, ieu téh hiji lampah anu teu jujur malahan bisa disebutkeun curang ti golongan kabangsaan.[89] Samentaawis éta, Menteri Agama Indonésia Muhammad Dahlan nepikeun hiji biantara anu danget ieu jadi Piagam Jakarta dina taun 1968 anu ngajelaskeun yen piagam Jakarta ieu mangrupikeun hiji lengkah nuju kamerdékaan anu saterusna jadi pangrojong jeung sumber inspirasi bangsa Indonésia enggoning ngajaga kamerdékaan. Dahlan ogé boga kayakinan yén eusi Proklamasi Kamerdékaan Indonésia sajalan jeung eusi Piagam Jakarta, jeung anjeuna ogé ngaku yén piagam éta sabenerna hiji tanda akhirna tina pergerakan kamerdékaan Indonésia dina abad ka-20.[88] Sagigireun éta, Dahlan nandeskeun yén Dekret 5 Juli 1959 jeung Memorandum DPRGR anu geus ditarima ku MPRS dijadikeun Piagam Jakarta salaku sumber hukum.[92]

Pa anggi ti pihak militér ngeunaan Piagam Jakarta ogé henteu buleud atawa kabagi dua. Abdul Haris Nasution, anu geus jadi pupuhu MPRS, nyebatkeun dina hiji seminar anu diayakeun di Kota Malang, Jawa Wétan, dina Juli 1968 yén anjeuna éta henteu panuju kana gagasan ngadegna nagara Islam, tapi anjeunna ngarojong kana karep umat Islam pikeun mulangkeun Piagam Jakarta.[93] Ngan, nalila Pamuda Mahasiswa tur Pelajar Islam hoyong merayakan hari jadi Piagam Jakarta dina taun 1968, maranéhna henteu meunang widi ti Panglima Komando Daérah Militér Jayakarta. Pamaréntah nalika éta ogé ménta ka sakumna pagawé negeri sipil sangkan henteu ngaluarkeun atawa nyieun pamanggih naon waé ogé ngeunaan Piagam Jakarta sarta maréntah ka manéhna sangkan ulah milu aub dina ngarayakeun poé jadi Piagam Jakarta. Dina taun salajengna, Panglima Komando Daérah Militér XII/Tanjungpura Kolonél Soemadi ngalarang ngarayakeun poé jadi Piagam Jakarta alatan ceuk pamanggihna ideologi nagara geus jéntré aya dina jeroeun Pembukaan UUD LL1945.[94]

Usaha ngalarapkeun Piagam Jakarta ngaliwat paraturan undang-undangan

[édit | édit sumber]

Tisaprak tungtung taun 1960-an, wawakil-wawakil ti golongan Islam mimiti mitembeyan ngalarapkeun eusi Piagam Jakarta ngaliwatan paraturan undang-undang.[95] Ngan, aranjeunna kedah nangtukeun naon hartina kawajiban ngalaksanakeun syariat Islam.[96] Aya saurang mantan aktivis Masyumi wastana Mohammad Saleh Suaidy nyebutkeun cenah dina panungtung taun 1960-an, Piagam Jakarta bisa dilaksanakeun kujalan : (1) ngarengsekeun rarancang hukum rimbitan/ perkawinan Islam anu masih kénéh dipadungdengkeun di DPR; (2) Ngatur krmpelan jeung pangbagian zakat jeung lamun ieu sistem réngsé, rarancang undang-undang ngeunaan zakat bisa diusulkan ka DPR; (3) Ngahijikeun kurikulum sakabéh pasantrén sa Indonésia; (4) ngaronjatkeun kaefisienan sareng koordinasi dakwah; (5) Ngahirupkeun deui Majelis Ilmiah Islam pikeun ngamekarkeun konsép -konsép penting dina jero agama Islam.[97]

Kaping 22 Mei 1967, Departemén Agama ngusulkeun Rarancang Undang-Undang ngeunaan Paraturan Perkawinan Ummat Islam ka DPRGR.[98] Di palebah pedaran, aya hiji pernyataan yén ku ayana Dekret 5 Juli 1959, Piagam Jakarta dianggap salaku bagian tina undang-undang dasar. Ngan, dina Februari 1969, Fraksi Partéy Katolik di DPRGR nepikeun panampik kana rarancang ieu undang-undang. Maranehna ngaluarkeun hiji memorandum anu nyieun hiji dikotomi antawis nagara kabangsaan atawa nagara Islam. Nurutkeun papadegan maranéhna, lamun seug ieu rarancang undang-undang nepi ka disahkeun, hartina dadasar nagara bakal di ganti ku Piagam Jakarta.[99] Antukna Présidén Indonésia mangsa éta Soeharto nyabut ieu rarancang undang-undang dina Juli 1973.[100]

Dina mangsa Orde Baru, sagemblengna pamarentah usaha pikeun ngamalkeu ideologi Pancasila, matakna maranéhna henteu méré lolongkrang pikeun ngabahas deui ngeunaan Piagam Jakarta.[101] Nincak taun 1973, sakabeh Partéy Islam dihijikeun sato ngan sapartéy, tayalian Partéy Persatuan Pembangunan (PPP). Dina taun 1980-an, pamarintah Orde Baru ogé ngawajibkeun sakabéh Partéy politik pikeun ngajadikeun Pancasila salaku asas tunggal.[102]

1988: ngawangun paradilan agama jeung kasieunan ka Piagam Jakarta

[édit | édit sumber]
Mohammad Natsir ngritik réaksi golongan Kristen kana Rarancang Undang-Undang Paradilan Agama

Nalika taun 1988, pameréntah ngajengkeun Rarancang Undang-Undang Paradilan Agama. Partéy Demokrasi Indonesia katut fraksi Partéy kabangsaan lianna ngarasa hariwang yén pamaréntah ngaliwatan ieu rarancang undang-undang baris ngalarapkeun syariat Islam.[103] Teolog Yesuit Franz Magnis-Suseno ngawawadian yén tujuan mupus kecap tina Pembukaan UUD 1945 dimaksudkeun pikeun meunang kacindekan yén moal aya saha ogé anu maksa keun kahayangna ka golongan séjén.[104] Dina awal Juli 1989, Konferensi Waligeréja Indonésia (KWI) ogé Persekutuan Geréja-Geréja di Indonesia (PGI) nepikeun paménta sangkan sakumna warga Muslim bisa kalawan bébas milih paradilan sipil atawa agama, alatan numutkeun maranéhna bedana antawis Pancasila sareng Piagam Jakarta tayalian dina Pancasila henteu ngawajibkeun ngalaksanakeun syariat Islam.[105]

Soeharto ngajawab kana kitik ku hiji jawaban cenah rarancang undang-undang ieu ngan ukur hayang ngalaksanakeun gagasan Pancasila jeung UUD 1945, ogé numutkeun anjeuna rarancang undang-undang ieu henteu aya kaitana sareng Piagam Jakarta.[103] Para tokoh Muslim juga menampik keterkaitan antara rancangan undang-undang peradilan agama dengan Piagam Jakarta.[106] Mohammad Natsir nyebutkeun yén golongan Kristen geus nembikeun hiji sikep anu henteu toléran kana aspirasi-aspirasi umat Islam tisaprak dikaluarkeunna "ultimatum" pikeun mupus tujuh kecap dina Piagam Jakarta dina kaping 18 Agustus 1945. Numutkeun pamanggihna, lamun aspirasi umat Islam terus-terusan dihalangan ku panampik golongan Kristen, umat Islam bisa Boga rasa kawas warga kelas dua.[107]

Ditempat séjén, cendekiawan Muslim Nurcholis Madjid bisa paham naha golongan Kristen nepikeun panolakanna. Numutkeun anjeunna, kacuriga ngeunaan Rarancang Undang-Undang Paradilan Agama mangrupakeun upaya pikeun ngawujudkeun Piagam Jakarta anu pucuk tigirangna aya trauma pulitik di waktu katukang. Lajeng anjeuna umajak ka salarea pikeun mohokeun éta trauma mangsa harita kalawan nempokeun kana rarancang undang-undang éta salaku hiji prosés Nasional.[108] Fraksi Angkatan Bersenjata Republik Indonesia (ABRI) ogé nepikeun yén aranjeunna ogé bisa paham kaka kasieun masyarakat kana éta rarancang undang-undang jeung Piagam Jakarta, alatan aranjeunna ogé nitenan yén dina sajarahna geus aya sababaraha kajadian anu tumiba dina usaha pikeun ngaganti ideologi Pancasila ku agama.[109]

Tungtutan mulangkeun deui Piagam Jakarta dina mimiti Reformasi (1999–2002)

[édit | édit sumber]

Desekan Partéy Islam

[édit | édit sumber]

Saatos Soeharto léngsér sareng dicabutna watesan kanggo kabebasan nembrakeun sikep dina taun 1998, mucunghul deui muncul ajakan pikeun ngadegkeun nagara Islam ogé mulangkeun Piagam Jakarta.[110] Dina Oktober 1999, MPR munggaran ngayakeun sidang pikeun ngamendemen UUD 1945.[111] Saterasna, nalika Sidang Taunan MPR dina taun 2000, dua Partéy Islam, tayalian PPP sareng partéy Bulan Bintang (PBB, penerus Partéy Masyumi), mimiti ngampanyeukeun pikeun nambahkeun tujuh kecap Piagam Jakarta ka jero Pasal 29 UUD 1945.[112] Dumasar kana ieu usulan, rumusan Pancasila dina Pembukaan UUD 1945 baris moal dirobah.[113] Pasal 29 sendiri eusina:[114]

  1. Negara berdasar atas Ketuhanan Yang Maha Esa.
  2. Negara menjamin kemerdekaan tiap-tiap penduduk untuk memeluk agamanya masing-masing dan untuk beribadat menurut agamanya dan kepercayaannya itu.

Politikus ti PBB M.S. Kaban mertélakeun yén ka andang fraksi Partéyna dumasar kana Dekret 5 Juli 1959. Numutkeun anjeuna, dekret ieu geus ngajelaskeun yén Piagam Jakarta jeung UUD 1945 mangrupikeun hiji anu teutiasa dipisahkeun. Anjeuna ogé nampik kahariwang umpama paguneman ngeunaan Piagam Jakarta baris ngabalukarkeun disintegrasi Nasional.[115]

Habib Rizieq, pupuhu Front Pembela Islam, nulis cenah lamun Piagam Jakarta dijadikeun bagian tina undang-undang dasar, hal ini baris ngoméan naon anu manehna anggap salaku hiji kasalahan sajarah

Kongrés Mujahidin Indonésia I nu diayakeun dina Agustus 2000 oge umajak sangkan ngajadikeun Piagam Jakarta jadi bagean tina undang-undang dasar ogé sangkan syariat Islam diberlakukeun salaku hukum nagara.[116] Upaya pikeun malikeun Piagam Jakarta ogé dirojong ku Front Pembela Islam (FPI). Bapa pangadeg FPI Habib Rizieq medalkeun buku anu judulna Dialog Piagam Jakarta dina Oktober 2000. Dina ieu buku, anjeunna nyatakeun yén umpamana Piagam Jakarta janten bagian tina undang-undang dasar, ieu bakal menerkeun kasalahan sajarah jeung jadi tatapakan moral anu kuat pikeun nagara Indonésia.[117] Rizieq merhatikeun yén Soekarno ku anjeun boga anggapan Piagam Jakarta salaku hasil tina babalagempagan anu kacida liarna antawis golongan Islam sareng kebangsaan, ogé numutkeun Soekarno tos nawis éta piagam kalawan henteu aya tanpa keraguan.[118] Anjeuna nampik pamanggih anu nyebutkeun balikna deui Piagam Jakarta baris ngajadikeun Indonésia salaku nagara Islam. Numutkeun pamendakna, Piagam Jakarta mangrupikeun jalan tengah antawis dua kahayang anu kacida papalingpang, tayalian kahayang golongan Islam pijeun ngadegkeun nagara Islam jeung kahayang golongan kabangsaan pikeun ngadegkeun negara sekuler. Pikeun Rizieq, ngaleungitkeun Piagam Jakarta mangrupakeun hianat kana démokrasi jeung ngaruntagkeun konstitusi, anu jadi ka sedih tur ka kuciwa jalma réa. Malikeun deui tujuh kecap kana undang-undang dasar dianggap ku Rizieq salaku ubar anu bisa malikeun hak anu kungsi dirampas. Nya kujalan ieu pisan, Rizieq yakin ideologi di Indonesia bisa direngsekeun.[119]

Salah saurang juru bicara pikeun Fraksi PPP, Ali Hardi Kiai Demak, nyebutkeun dina taun 2002 yén sebenerna tos aya parundang-undangan anu didadasaran ku syariat Islam, saperti Undang-Undang Perkawinan (UU No. 1 Tahun 1974), Undang-Undang Peradilan Agama (UU No. 7 Tahun 1989), Undang-Undang ngeunaan Penyelenggaraan Ibadah Haji (UU No. 17 Tahun 1999), Undang-Undang tentang Pengelolaan Zakat (UU No. 38 Tahun 1999), sarta Undang-Undang ngeunaan Penyelenggaraan Keistimewaan Propinsi Daerah Istimewa Aceh (UU No. 44 Tahun 1999). Kusabab kitu, anjeuna boga pendapat réhna ronjatan-ronjatan ieu hadéna ditarima kalawan resmi kujalan ngasupkeun Piagam Jakarta kana Pasal 29 UUD 1945.[112]

Di MPR mangsa harita ogé aya hiji fraksi anu disebut "Perserikatan Daulatul Ummah" (PDU). Fraksi ieu diwangun ku sababaraha partéy leutik anu dasarna Islam, kayaning Partéy Nahdlatul Ummat, Partéy Kebangkitan Ummat, Partéy Syarikat Islam Indonesia, Partéy Daulat Rakyat, jeung, Partéy Politik Islam Indonesia Masyumi.[120] Tina desekan ti FPI, Hizbut Tahrir, jeung Majelis Mujahidin Indonesia, Fraksi PDU nungtut sangjan tujuh kecap din Piagam Jakarta diasupkeun ka jero ayat kadua Pasal 29 UUD 1945, sawatara anu hayang diamendemen PBB jeung PPP tayalian ayat ka hiji.[121] Salajengna, nalika MPR ngalaksanakeun sidang panungtung pikeun ngamendemen konstitusi dina taun 2002, PBB jeung PDU sacara resmi ménta sangkan tujuh kecap diasupkeun ka jero Pasal 29.[113]

Panampik Piagam Jakarta

[édit | édit sumber]
Lambang Muhammadiyah. Panampik Muhammadiyah kana usulan pikeun ngasupkeun tujuh kecap ka jero Pasal 29 UUD 1945 geus nguciwakeun Laskar Jihad di Kota Surakarta

Partéy Demokrasi Indonesia Perjuangan (PDI-P) nolak diasupkeunna Piagam Jakarta ka jero UUD 1945.[122] Organisasi Nahdlatul Ulama dan Muhammadiyah juga menolak usulan PBB dan PDU tahun 2002 terkait amendemen Pasal 29.[123] Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Ahmad Syafii Maarif nyebutkeun dina September 2001 yén dipakéna deui Piagam Jakarta ngan baris nimbulkeun kabeubeurat nagara anu cik keneh aya ancaman bubar.[124] Sababaraha utang cendekiawan Muslim lainna, saperti Abdurrahman Wahid, Nurcholis Madjid, Masdar F. Mas'udi, jeung Ulil Abshar Abdalla, ogé nolak éta usulan.[125] Panampik ti Muhammadiyah sorangan kaina matak nguciwakeun Laskar Jihad di Kota Surakarta, Jawa Tengah.[126]

Piagam Madinah: usulan alternatif ti Fraksi Réformasi

[édit | édit sumber]

Patali jeung amendemén Pasal 29(1) UUD 1945, fraksi-fraksi ti golongan kebangsaan (saperti Fraksi PDIP, Partéy Golongan Karya, Kesatuan Kebangsaan Indonesia, jeung Partéy Demokrasi Kasih Bangsa) ogé Fraksi Tentara Nasional Indonesia/Kepolisian Negara Republik Indonesia (TNI/POLRI) hayang mertahankeun éta pasal sakumaha ayana, "Negara berdasar atas Ketuhanan Yang Maha Esa.".[127] Sawatara éta Fraksi PPP, PBB, jeung PDU mikahayang sangkan tujuh kecap diasupkeun ka jerona engké na ngajadi l "Negara berdasar atas Ketuhanan Yang Maha Esa dengan kewajiban menjalankan syariat Islam bagi pemeluk-pemeluknya".[127] Di sisi lain, dua partéy anu dasarna Islam ngagabung dina "Fraksi Reformasi", tayalian Partéy Amanat Nasional (PAN) jeung Partéy Keadilan (PK, kiwari disebut Partéy Keadilan Sejahtera), mengajukan alternatif anu unina "Negara berdasar atas Ketuhanan Yang Maha Esa dengan kewajiban melaksanakan ajaran agama bagi masing-masing pemeluknya".[128] Usulan ieu meunang dukungan ti Fraksi Partéy Kebangkitan Bangsa (PKB).[129] Usulan Fraksi Réformasi meunang sebutan? "Piagam Madinah" alatan dianggap ngeunteungan piagam anu sarua ngarana anu disusun ku Nabi Muhammad pikeun ngatur hubungan unggal agama.[128] Pakar hukum tata nagara Indonsia Arskal Salim nyebut cenah Piagam Madinah bakal nyieun sistem sarupa pisan sistem millet (sistem anu méré izin ka unggal umat agama pikeun ngalaksanakeun hukum maranhna sorangan) di Kesultanan Utsmaniyah.[130]

Fraksi PK menjelaskan yén aya tilu alesan naha maranehna ngadukung Piagam Madinah alih-alih Piagam Jakarta. Kahiji, Piagam Jakarta dirasa masih tacan réngsé, ogé piagam éta lain dianggap salaku hiji-hijina cara anu sah pikeun ngajalankeun syariat Islam di Indonésia. Kadua, aya kayakinan naskah Piagam Jakarta nganlumaku pikeun Muslim, jeung ieu dianggap henteu sajalan jeung Islam mangrupa "rahmatan lil alamin" (rahmat bagi seluruh alam). Ketilu, lamun dibandingkeun jeung Piagam Jakarta, Kawasna Piagam Madinah leuwih luyu ngan jeung Islam, alatan Piagam Madinah ngaku kana kabebasan hukum masing-masing agama, samentara Piagam Jakarta ngan méré kaistimewaan hukum ka saagama wungkul.[131]

Sagigireun éta, Présidén PK mangsa éta Hidayat Nur Wahid boga pamanggih cenah Piagam Jakarta salaku kompromi antara dua golongan geus réngsé.[129] Salah saurang inohong PK, Mutammimul Ula, ogé nerangkeun yén partéyna salaku partéy kecil hayang nyingkahan sentimén anu pakait jeung Piagam Jakarta. numutkeun anjeuna, Piagam Madinah ogé ngajalankeun syariat Islam sarua jeung Piagam Jakarta. Kalayan usulan alternatip Piagam Madinah, partéyna bisa nimbang situasi pulitik nasional nalika harita kurang merenah lamun dilaksanakeun Piagam Jakarta, sakaligus nyumponan aspirasi pangdeudeul PK anu mikahayang ngadegna syariat Islam ngaliwatan amandemén Pasal 29 UUD 1945.[132]

Gagalna usaha mulangkeun Piagam Jakarta ngaliwatan amendemén

[édit | édit sumber]

Dina taun 1999, Badan Pekerja MPR nugaskeun pikeun tatan-tatan ngeunaan matéri pokok-pokok amendemén ka Panitia Ad Hoc I, tayalian hiji panitia anu diwangun ku 45 anggota kalawan perwakilan proporsional ti sakabéh fraksi di MPR.[111] Tilu alternatip rarancang pikeun mengamandemén Pasal 29 (teu aya parobahan, Piagam Jakarta, jeung Piagam Madinah) dibahas ku panitia ieu dina Juni 2002.[133] katilu alternatip ieu dirangkum dina tabél dihandap ieu:[134]

Fraksi anungadeudeul Rarancang Eusi
Partéy Demokrasi Indonesia Perjuangan, Partéy Golongan Karya, Kesatuan Kebangsaan Indonesia, Partéy Demokrasi Kasih Bangsa, TNI/POLRI Alternatip Kahiji
(teuaya parobahan)
"Negara berdasar atas Ketuhanan Yang Maha Esa"''
Partéy Persatuan Pembangunan, Partéy Bulan Bintang, Perserikatan Daulatul Ummah Alternatip Kadua
(Piagam Jakarta)
"Negara berdasar atas Ketuhanan Yang Maha Esa dengan kewajiban menjalankan syariat Islam bagi pemeluk-pemeluknya"
Partéy Amanat Nasional, Partéy Keadilan, Partéy Kebangkitan Bangsa Alternatip Katilu
(Piagam Madinah)
"Negara berdasar atas Ketuhanan Yang Maha Esa dengan kewajiban melaksanakan ajaran agama bagi masing-masing pemeluknya"
Sumber: Salim 2008, p. 104

Kusabab ka tilu alternatip ieu henteu aya anu sapagodos, Yusuf Muhammad ti PKB ngajeungkeun hiji usulan dina kaping 13 Juni. Anjeuna ngabaladahan sangkan sajeroning rumusan “tujuh kecap”, istilah "kewajiban" diganti ngajadi "kesungguhan", jadi rarancang kalimahna dibaca "dengan kesungguhan menjalankan syariat Islam bagi pemeluk-pemeluknya".[135] Kompromi ieu ogé gagal henteu loba meunang dukungan, antukna anjeunna nyodorkeun hiji usulan sangkan ayat ka hiji dina Pasal 29 diantepkeun baé sakumaha kaayaan mimiti, tatapi ayat anu kadua diamendemén unina jadi "Negara menjamin kemerdekaan tiap-tiap penduduk untuk memeluk dan melaksanakan ajaran agamanya masing-masing dan untuk beribadah menurut agamanya".[136]

Sabada babalagempagan anu lila tapi teu ngahasilkeun, tilu alternatip Ieu dikintunkeun ka Pangadilan Taunan MPR dina Agustus 2002 pikeun ngamimitian hiji mékanisme ngumpulkeun sora. Wawakil ti Fraksi PDU jeung PBB sakali deui negeskeun pentingna mulangkeun kasatuan Piagam Jakarta jeung UUD 1945 kujalan ngasupkeun deui tujuh kecap ka jero Pasal 29. Hartono Marjono ti PDU malahan boga kayakinan yén panampik kana ieu usulan alatan geus kapangaruhan ku propaganda jeung kampanye Zionis.[137] Sanajan kitu, ieu usulan tetep gagal meunang pangrojong mayoritas.[138] Usulan ngeunaan Piagam Madinah ogè ditolak.[139] Fraksi PKB malahan robah pamadegan jeung ngarojong sangkan Pasal 29 diantep waé sakumaha mimitina. [140]

Sanajan keladua usulan partéy-partéy Islam gagal meunang pangrojong balaréa/mayoritas, usulan-usulan ieu masih meunang pangrojong ku loba kaom muslim Indonésia. Dumasar hasil survéy anu dilakukeun ku koran Kompas dina Agustus 2002, usulan Piagam Madinah didukung ku 49,2% respondén, sagigireun éta usulan Piagam Jakarta meunang pangrojong ti 8,2% respondén. Sedengkeun 38,2% miharep sangkan éta pasal diantep kawas mimitina.[130]

Tempo ogé

[édit | édit sumber]
Wikisource logo
Wikisource logo
Wikipabukon mibanda média séjénna nu patali jeung artikel ieu dina kaca
[[s:su:{{{1}}}|{{{1}}}]]

Tambahan

[édit | édit sumber]

Citakan:Notes

Catatan kaki

[édit | édit sumber]
  1. "Kenapa Butir Pertama Piagam Jakarta Diganti Ketuhanan Yang Maha Esa? Ini Jawabannya" (dalam bahasa id). detik.com. https://www.detik.com/edu/detikpedia/d-6227624/kenapa-butir-pertama-piagam-jakarta-diganti-ketuhanan-yang-maha-esa-ini-jawabannya/amp. Diakses pada 2022-11-25 
  2. Hosen 2007, p. 60.
  3. Benda 1958, p. 153.
  4. Formichi 2012, p. 75.
  5. Anshari 1976, p. 14.
  6. Elson 2009, pp. 108-109 & catatan kaki 24.
  7. Kusuma & Elson 2011, pp. 196-197, catatan kaki 3.
  8. Hosen 2007, p. 61.
  9. Anshari 1976, p. 37.
  10. Butt & Lindsey 2012, p. 227.
  11. Kusuma 2004, p. 80.
  12. Elson 2009, pp. 111-112.
  13. Boland 1971, p. 22.
  14. Elson 2009, p. 112.
  15. Fealy & Hooker 2006, p. 47.
  16. Madinier 2012, p. 76.
  17. Hosen 2007, p. 62.
  18. Boland 1971, p. 25.
  19. a b Schindehütte 2006, pp. 229-230.
  20. Schindehütte 2006, pp. 230.
  21. Jegalus 2009, p. 25.
  22. Elson 2009, p. 113.
  23. a b Boland 1971, p. 27.
  24. Elson 2009, pp. 112-113.
  25. Salim 2008, p. 64.
  26. Schindehütte 2006, p. 125.
  27. Elson 2009, p. 114.
  28. Elson 2009, p. 115.
  29. Boland 1971, p. 29.
  30. Anshari 1976, p. 28-29.
  31. Elson 2009, pp. 115-116.
  32. Anshari 1976, p. 29.
  33. Anshari 1976, p. 56.
  34. a b c Elson 2009, p. 116.
  35. Salim 2008, pp. 65-66.
  36. Elson 2009, p. 117.
  37. Madinier 2012, p. 77.
  38. Elson 2013, p. 379.
  39. a b Elson 2009, p. 119.
  40. Anshari 1976, p. 46.
  41. Salim 2008, p. 68.
  42. a b Elson 2009, p. 120.
  43. Boland 1971, p. 36.
  44. a b Elson 2009, p. 121.
  45. Jegalus 2009, p. 45.
  46. Anshari 1976, pp. 42.
  47. Anshari 1976, pp. 65.
  48. Elson 2009, p. 122.
  49. Anshari 1976, p. 64.
  50. a b Elson 2009, p. 127.
  51. Boland 1971, p. 106.
  52. Elson 2009, p. 126.
  53. Boland 1971, p. 90.
  54. Boland 1971, p. 82.
  55. Madinier 2012, p. 319.
  56. Elson 2013, p. 393.
  57. Madinier 2012, p. 79.
  58. Anshari 1976, p. 79.
  59. Anshari 1976, pp. 79-80.
  60. Boland 1971, p. 92.
  61. a b Boland 1971, p. 93.
  62. Anshari 1976, p. 83.
  63. Anshari 1976, p. 84.
  64. Boland 1971, p. 94.
  65. Boland 1971, p. 95.
  66. Anshari 1976, pp. 84-85.
  67. Anshari 1976, pp. 86.
  68. Anshari 1976, pp. 86-87.
  69. Boland 1971, p. 96.
  70. Elson 2013, pp. 397-398.
  71. Anshari 1976, p. 88.
  72. Anshari 1976, p. 89.
  73. Anshari 1976, pp. 89-90.
  74. Anshari 1976, pp. 90-91.
  75. Boland 1971, p. 98.
  76. Jegalus 2009, p. 31.
  77. Salim 2008, p. 86.
  78. a b Mujiburrahman 2006, p. 130.
  79. Anshari 1976, p. 95.
  80. Anshari 1976, p. 26.
  81. Anshari 1976, p. 113.
  82. Mujiburrahman 2006, p. 108.
  83. Boland 1971, p. 101.
  84. Anshari 1976, p. 107.
  85. Mujiburrahman 2006, p. 107.
  86. Salim 2008, p. 146.
  87. Boland 1971, pp. 160-161.
  88. a b c Mujiburrahman 2006, p. 109.
  89. a b Mujiburrahman 2006, p. 110.
  90. Mujiburrahman 2006, p. 112.
  91. Mujiburrahman 2006, p. 111.
  92. Mujiburrahman 2006, p. 113.
  93. Abdillah 1997, p. 50.
  94. Mujiburrahman 2006, p. 114.
  95. Jegalus 2009, p. 66.
  96. Mujiburrahman 2006, p. 115.
  97. Mujiburrahman 2006, p. 117.
  98. Mujiburrahman 2006, p. 160.
  99. Mujiburrahman 2006, p. 161.
  100. Mujiburrahman 2006, p. 163.
  101. Butt & Lindsey 2012, p. 230.
  102. Salim 2008, p. 49.
  103. a b Abdillah 1997, p. 33.
  104. Mujiburrahman 2006, p. 195.
  105. Mujiburrahman 2006, p. 196.
  106. Mujiburrahman 2006, p. 199.
  107. Mujiburrahman 2006, p. 198.
  108. Mujiburrahman 2006, p. 200.
  109. Mujiburrahman 2006, p. 202.
  110. Jegalus 2009, pp. 62, 68.
  111. a b Elson 2013, p. 404.
  112. a b Salim 2008, p. 95.
  113. a b Butt & Lindsey 2012, p. 232.
  114. Jegalus 2009, p. 196.
  115. Elson 2013, p. 411.
  116. Hosen 2005, p. 425.
  117. Fealy & Hooker 2006, p. 234.
  118. Fealy & Hooker 2006, p. 235.
  119. Fealy & Hooker 2006, p. 236.
  120. Salim 2008, p. 97.
  121. Salim 2008, p. 98.
  122. Salim 2008, p. 89.
  123. Salim 2008, p. 93.
  124. Hosen 2007, pp. 93-94.
  125. Jahroni 2008, p. 69.
  126. Hosen 2005, p. 426.
  127. a b Salim 2008, p. 90, 104.
  128. a b Salim 2008, pp. 99-100.
  129. a b Salim 2008, pp. 101. Salah ngutip: Tanda <ref> tidak sah; nama "FOOTNOTESalim2008101" didefinisikan berulang dengan isi berbeda
  130. a b Salim 2008, pp. 174. Salah ngutip: Tanda <ref> tidak sah; nama "FOOTNOTESalim2008174" didefinisikan berulang dengan isi berbeda
  131. Salim 2008, pp. 100.
  132. Hosen 2005, p. 432.
  133. Salim 2008, p. 103, 108.
  134. Salim 2008, p. 104.
  135. Salim 2008, p. 102.
  136. Salim 2008, p. 103.
  137. Elson 2013, p. 418-419.
  138. Elson 2013, p. 418.
  139. Salim 2008, p. 106.
  140. Salim 2008, pp. 101-102.

Daptar pustaka

[édit | édit sumber]
  • Abdillah, Masykuri (1997), Responses of Indonesian Muslim Intellectuals to the Concept of Democracy (1966–1993), Hamburg: Abera 
  • Anshari, Saifuddin (1976), The Jakarta Charter of June 1945: A History of the Gentleman’s Agreement between the Islamic and the Secular Nationalists in Modern Indonesia (Disertasi), Montreal: McGill University 
  • Benda, Harry (1958), The Crescent and the Rising Sun: Indonesian Islam under the Japanese Occupation, 1942–1945, Den Haag dan Bandung: W. Van Hoeve 
  • Boland, B.J. (1971), The Struggle of Islam in Modern Indonesia, Den Haag: Martinus Nijhoff 
  • Butt, Simon; Lindsey, Tim (2012), The Constitution of Indonesia: A Contextual Analysis, Oxford: Hart Publishing 
  • Elson, R.E. (Oktober 2009), "Another Look at the Jakarta Charter Controversy of 1945", Indonesia 88: 105–130 
  • Elson, R.E. (2013), "Two Failed Attempts to Islamize the Indonesian Constitution", Sojourn: Journal of Social Issues in Southeast Asia 28 (3): 379–437 
  • Fealy, Greg; Hooker, Virginia (2006), Voices of Islam in Southeast Asia. A Contemporary Sourcebook, Singapura: ISEAS 
  • Formichi, Chiara (2012), Islam and the Making of the Nation: Kartosuwiryo and Political Islam in 20th Century Indonesia, Leiden: KITLV Press 
  • Hosen, Nadirsyah (2005), "Religion and the Indonesian Constitution: A Recent Debate", Journal of Southeast Asian Studies 36 (3): 419–440 
  • Hosen, Nadirsyah (2007), Shari’a & Constitutional Reform in Indonesia, Singapura: ISEAS 
  • Jahroni, Jajang (2008), Defending the Majesty of Islam: Indonesia’s Front Pembela Islam 1998–2003, Chiang Mai: Silkworm Books 
  • Jegalus, Norbertus (2009), Das Verhältnis von Politik, Religion und Zivilreligion untersucht am Beispiel der Pancasila, München: Herbert Utz Verlag 
  • Kusuma, A.B. (2004), Lahirnya Undang-Undang Dasar 1945, Jakarta: Badan Penerbit Fakultas Hukum Universitas Indonesia 
  • Kusuma, A.B.; Elson, R.E. (2011), "A Note on the Sources for the 1945 Constitutional Debates in Indonesia" (PDF), Bijdragen tot de Taal-, Land- en Volkenkunde 167 (2–3): 196–209 
  • Madinier, Rémy (2012), L’Indonesie, entre démocratie musulmane et Islam intégral: histoire du parti Masjumi (1945–1960), Paris: Karthala 
  • Mujiburrahman (2006), Feeling Threatened: Muslim-Christian Relations in Indonesia’s New Order, Leiden/Amsterdam: Amsterdam University Press 
  • Salim, Arskal (2008), Challenging the Secular State: The Islamization of Law in Modern Indonesia, Honolulu: University of Hawaii Press 
  • Schindehütte, Matti (2006), Zivilreligion als Verantwortung der Gesellschaft – Religion als politischer Faktor innerhalb der Entwicklung der Pancasila Indonesiens, Hamburg: Abera Verlag 
  • Taniredja, Tukiran; Suyahmo (2020), Pancasila Dasar Negara Paripurna, Jakarta: Kencana 

Bacaan lanjut

[édit | édit sumber]
  • Anshari, Endang Saifuddin (1997), Piagam Jakarta 22 Juni 1945: Sebuah Konsensus Nasional tentang Dasar Negara Republik Indonesia (1945–1959) (3 ed.), Jakarta: Gema Insani Press 
  • Anshari, Saifuddin (1979), The Jakarta Charter 1945: The Struggle for an Islamic Constitution in Indonesia, Kuala Lumpur: ABIM 
  • Hilmy, Masdar (2010), Islamism and Democracy in Indonesia: Piety and Pragmatism, Singapura: ISEAS 
  • Indrayana, Denny (2008), Indonesian Constitutional Reform, 1999-2002: An Evaluation of Constitution-making in Transition, Jakarta: Penerbit Buku Kompas 
  • Kim, Hyung-Jun (September 1998), "The Changing Interpretation of Religious Freedom in Indonesia", Journal of Southeast Asian Studies 29 (2): 357–373 

Citakan:Pancasila Indonesia

Citakan:Artikel pilihan
Salah ngutip: Ditemukan tag <ref> untuk kelompok bernama "lower-alpha", tapi tidak ditemukan tag <references group="lower-alpha"/> yang berkaitan