Agus Salim

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
H. Agus Salim
Haji Agus Salim
Haji Agus Salim
Pasangan Zainatun Nahar Almatsier
Katurunan
10 putra nu 2 maot
Rama Sutan Muhammad Salim
Ibu Siti Zaénab
Gumelar 8 Oktober 1884
Walanda Agam, Sumatera Kulon, Hindia Walanda
Maot 4 Nopémber 1954 (yuswa 70)
Indonésia Jakarta, Indonésia
Makam Indonésia Jakarta, Indonésia

Agus Salim (nami paparin bapana Mashudul Haq (hartina "ngabela nu haq"); gumelar di Agam, Sumatera Kulon, 8 Oktober 1884 – tilar dunya di Jakarta, Indonesia, 4 Nopémber 1954 dina umur 70 taun) nyaéta pajoang kamerdikaan Indonésia.[1] Haji Agus Salim ditetepkeun minangka salah sahiji Pahlawan Nasional Indonésia ku SK Présidén nomor 657 Taun 1961 dina ping 27 Désémber 1961.[2]

Hirup-hurip jeung Kulawarga[édit | édit sumber]

Agus Salim mangrupa putra cikal ti pasangan Sutan Salim Gelar Sutan Muhammad Salim jeung Siti Zaénab.[1] Ari bapana nyaéta Sutan Salim téa hiji jaksa kapala (hoofd jaksa) ogé jadi anggahota Mahkamah Agung mangsa harita. ku sabab kadudukan bapana anu luhur, Agus Salim bisa sakola di HBS (Hogere Burger School).[1] Agus Salim dipikawanoh calakan nepika kacutat jadi lulusan panghadéna di sakolana. Kawantéranna kaasup luar biasa dina pangawasaan basa.[1] Henteu ngan saukur basa daérah, Minang basa Indonésia jeung basa Walanda, Agus Salim ogé ngawasaan basa deungeun séjénna: basa Perancis, Inggris, Jérman, Jepang, Turki jeung Arab kalayan faséh.[1] Kahébatanna dina widang basa ieu jadi bekel pikeun icikibungna dina dunya pulitik Indonésia.[1]

Mimitina mah Agus Salim téh boga cita-cita hayang jadi dokter.[1] Hanjakal kulawargana henteu boga biaya pikeun marengkeun cita-citana éta.[1] Sabenerna mah anjeunnana téh meunang limpahan béasiswa ti Radén Ajeng Kartini nu mana béasiswa éta téh anu ditolak ku R.A. Kartini ku sabab rék dikawin.[1] R.A. Kartini nyarankeun ka pamaréntah Hindia Walanda pikeun mikeun béasiswa ditarima ku manéhna téh sangkan dilimpahkeun ka Agus Salim.[1] Tapi teuing kunaon Agus Salim henteu ngamangpaatkeun kasempetan éta pikeun marengkeun cita-citana.[1] Anjeunna kalahkah milih langsung digawé ka pamaréntah Hindia Walanda.[1] Margalantaran pangabisana anu hébring dina widang basa, pamaréntah Hindia Walanda nugaskeun anjeunna ka Jiddah pikeun jadi pangalihbasa di kantor konsulat Walanda.[1] Di nagari Arab, Agus Salim guguru ka Imam Masjidil Haram, syékh Ahmad Khatib anu sihoréng nyaéta uwana sorangan.[1] Kacutat salila 5 taun (1906-1911) Agus Salim dumuk di Jiddah.[1]

Sabalikna ti Jiddah taun 1911, Anjeunna nikah sinareng Zainatun Nahar Almatsier.[3] Pertikahanna lumangsung ping 12 Agustus 1912. Tina pertikahanna ieu Agus Salim dipaparin 10 putra nu 2 diantawisna tilar dunya.[3]

Atikan[édit | édit sumber]

Atikan dadasar nu dirandapan ku Agus Salim di Europeesche Lagere School (ELS) sakola husus barudak Éropah, saterusna dilajengkeun ka Hoogere Burger School (HBS) di Batavia.[4] Anjeunna hahasil minangka lulusan panghadéna sa-Hindia Walanda mangsa harita. Kapedulianna kana widang atikan, anjeunna ngadegkeun sakola HIS (Hollandsche Inlandsche Scholl).[1]

Karir[édit | édit sumber]

Widang Orhanisasi[édit | édit sumber]

Dina taun 1915, Agus Salim ilubiung kana Sarékat Islam (SI) dina mangsa kapamingpinan H.O.S. Cokroaminoto.[5] Dina sajorélat, maranéhanana nyobat dalit jeung digawé bareng pikeun jaga Indonésia kahareupna.[5] Agus Salim dipercaya ngagantikeun Cokroaminoto di Volksraad. di dieu, anjeunna mindeng ngomong bubukaan, heuras, jeung nangtang.[5] Mingkin ka dieu perjuangan Sarékat Islam beuki robah, Agus Salim udzur tina Volksraad.[5] Anjeunna salajengna aktip di JIB (Jong Islamieten Bond) ogé digawé minangka jurnalis.[5]

Tarékah Pra-Kamerdikaan[édit | édit sumber]

Jabatan dina Kabinét[édit | édit sumber]

Widang Jurnalistik[édit | édit sumber]

Saenyana Agus Salim téh ngaleukeunan dunya jurnalistik ti taun 1915 di Harian Neratja miangka Redaktur II.[5] Sanggeus kitu diangkat jadi Pupuhu Redaksi.[5] Kagiatanna dina widang jurnalistik tumerus lumangsung nika antukna jadi Pamingpin Harian Hindia Baroe di Jakarta.[5] Saterusna ngadegkeun surat kabar Fadjar Asia.[5] Salajengna anjeunna ngajabar minangka Rédaktur Harian Moestika di Yogyakarta jeung muka kantor Advies en Informatie Buréau Penerangan Oemoem (AIPO).[5]

Karya Tulis[édit | édit sumber]

  • Riwayat Kedatangan Islam di Indonesia
  • Dari Hal Ilmu Quran
  • Muhammad voor en na de Hijrah
  • Gods Laatste Boodschap
  • Jejak Langkah Haji Agus Salim (Kukumpulan karya Agus Salim nu dikompilasi ku kolegana, Oktober 1954)

Karya Tarjamahan[édit | édit sumber]

Pungkasan Hirup[édit | édit sumber]

Dina taun 1953, Agus Salim indit ka Amérika Sarikat pikeun marengan uleman ti Cornel University di Ithaca nu mana anjeunna miboga peran minangka guru agung luar biasa dina mata kuliah “Pergerakan dan Cita Islam Indonesia”.[6] Dina taun 1953 katompérnakeun Agus Salim balik ka Indonésia.[6] Rencanana bakal ngabdi satemenna di widang atikan, minangka guru agung widang dakwah di PTAIN Yogyakarta.[6] Dina taun hareupna 1954 anjeunna milangkala anu ka-70 dina ping 8 Oktober, harita Agus Salim tas mimiti sagala karasa, kasakit teu euih-euih jeung kudu loba istirahat.[6] Antukna selang sabulan, nyatana ping 4 Nopémber 1954 Agus Salim tilar dunya.[6]

Potrét Kahirupan[édit | édit sumber]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l m n o p Komandoko, Gamal. 2007. Kisah 124 pahlawan & pejuang Nusantara. Yogyakarta: Pustaka Widyatama.
  2. Kementerian Sosial Republik Indonesia, 2014. Daftar Nama Pahlawan Nasional Republik Indonesia, disorang 20 Désémber 2014.
  3. a b Sularto, St. 2004. Haji Agus Salim (1884-1954): tentang perang, jihad, dan pluralisme. Yogyakarta: Gramedia Pustaka Utama.
  4. a b c d e f g h i www.tuangguru.com. 2012. Biografi Singkat H. Agus Salim. Indonesia: Tuang Guru.
  5. a b c d e f g h i j www.pahlawanindonesia.com. 2014. Biografi Pahlawan Haji Agus Salim. Indonesia: Pahlawan Indonesia.
  6. a b c d e Rasyid, Abdurrahman. 2014. Peranan Agus Salim Menjelang dan Sesudah Kemerdekaan Indonesia (1942-1954). Jakarta.