Achmad Soebardjo
Achmad Soebardjo | |
---|---|
Menteri Luar Negeri Indonésia ka-1 | |
Masa jabatan 2 September 1945 – 14 November 1945 | |
Présidén | Soekarno |
Saméméhna | Téu Aya (jabatan anyar) |
Sanggeusna | Sutan Syahrir |
Masa jabatan 4 Agustus 1951 – 20 Desember 1952 | |
Présidén | Soekarno |
Perdana Mentri | Sukiman Wirjosandjojo |
Saméméhna | Muhammad Roem |
Sanggeusna | Wilopo |
Katerangan lian | |
Gumelar | 23 Maret 1896 Karawang, Keresidenan Batavia, Hindia Belanda |
Pupus | 15 Désémber 1978 (yuswa 82) Jakarta, Indonesia |
Pameget/istri | Raden Ayu Poedji Astuti Soebardjo |
Alma mater | Universitas Leiden |
Profési | Diplomat |
Raden Achmad Soebardjo Djojoadisoerjo (gumelar di Teluk Jambe, Karawang, Jawa Kulon[1] 23 Maret 1896 – maot 15 Désémber 1978 dina umur 82 taun) nyaéta salah sahiji inohong anu mawa peran penting dina sajarah Indonesia, utamina dina waktos-waktos ngajelang proklamasi kamerdekaan tanggal 17 Agustus 1945. Anjeunna ogé pernah janten Menteri Luar Negeri Republik Indonesia anu kahiji sanggeus Indonesia merdeka[1].
Achmad Soebardjo dianggap salaku salah sahiji tokoh anu mibanda pangaruh gedé, ku kituna anjeunna dipilih jadi anggota Badan Penyelidik Usaha Persiapan Kemerdekaan Indonesia (BPUPKI), anu teras robah jadi Panitia Persiapan Kemerdekaan Indonesia (PPKI).
Kasang tukang Kahirupan
[édit | édit sumber]Achmad Soebardjo nyaéta anak bungsu ti opat sadulur hasil perkawinan Teuku Muhammad Yusuf jeung Wardinah. Bapana téh asalna ti Acéh, sedengkeun indungna asal ti Cirebon, turunan Jawa-Bugis.[1]
Ti alit, Achmad Soebardjo dipasihan nami Teuku Abdul Manaf ku kolotna. Tapi, Raden Mas Said, sobat bapana, nyarankeun supaya ngagunakeun nami Jawa, Soebardjo. Kolot ti indungna nambahan nami Achmad di hareupna, jadi nami lengkepna téh jadi Achmad Soebardjo.[1]
Pendidikan
[édit | édit sumber]Dina ngajalankeun pendidikan awalna, Achmad Soebardjo asup ka Sekolah Eropa (ELS), terus ngalajengkeun ka Sekolah Raja Willem (HBS) di Jakarta, terus sakola ka Universitas Leiden di Walanda, dimana anjeunna ngahontal gelar Meester in de Rechten (Sarjana Hukum).[1]
Riwayat Perjuangan
[édit | édit sumber]Achmad Soebardjo milu aktip dina gerakan nasional, utamana nalika janten anggota BPUPKI anu ngabahas ngeunaan dasar nagara. Anjeunna ogé kagabung dina Panitia Sembilan anu ngahasilkeun rumusan Piagam Jakarta, anu jadi dasar Pembukaan UUD 1945.[1]
Dina tanggal 16 Agustus 1945, Achmad Soebardjo milu peran dina Peristiwa Rengasdengklok, Soekarno jeung Hatta diasingkeun ku golongan muda pikeun ngaleupaskeunana tina pangaruh Jepang.[1] Golongan muda ngarepkeun supaya proklamasi kamerdikaan buru-buru diumumkeun. Achmad Soebardjo anu tiasa nyakinkeun golongan muda pikeun ngantepkeun Soekarno-Hatta balik ka Jakarta.[2] Anjeunna malahan masihan jaminan kalayan taruhan nyawa yén proklamasi bakal diumumkeun tanggal 17 Agustus 1945 jam 10:00 WIB.[2]
Dina tanggal 16 Agustus 1945, dina Peristiwa Rengasdengklok, Sanggeus golongan muda satuju, Soekarno-Hatta dibawa balik ka Jakarta. Di Jakarta, Achmad Soebardjo langsung ménta idin ka Laksamana Maeda supaya imahna dipaké pikeun nyusun naskah proklamasi. Anjeunna ogé ilubiung dina nyusun naskah proklamasi babarengan Soekarno-Hatta, dimana anjeunna nyumbangkeun kalimah awal, "Kami bangsa Indonesia dengan ini menyatakan kemerdekaan Indonesia".[2]
Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ a b c d e f g A, Fandy. "Biografi Achmad Soebardjo: Latar Belakang Kehidupan dan Riwayat Perjuangannya - Gramedia Literasi" (dalam id-ID). Diakses tanggal 2024-08-25.
- ↑ a b c Adryamarthanino, Verelladevanka (2022-01-26). "Peran Achmad Soebardjo dalam Proklamasi Kemerdekaan Indonesia". Kompas.com. https://www.kompas.com/stori/read/2022/01/26/090000279/peran-achmad-soebardjo-dalam-proklamasi-kemerdekaan-indonesia. Diakses pada 25-08-2024