Lompat ke isi

Mohammad Natsir

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Mohammad Natsir
Perdana Menteri Indonesia ka-Ke-5
Présidén Soekarno
Wakil PM Hamengkubuwana IX
Saméméhna Mohammad Hatta
Abdoel Halim
Sanggeusna Sukiman Wirjosandjojo
Menteri Penerangan ka-Ke-2
Présidén Soekarno
Perdana Mentri Sutan Syahrir
Saméméhna Amir Sjarifuddin
Sanggeusna Setiadi
Présidén Soekarno
Perdana Mentri Mohammad Hatta
Saméméhna Sjahbudin Latif
Sanggeusna Syafruddin Prawiranegara
Katerangan lian
Gumelar 17 Juli 1908
Walanda Alahan Panjang, Lembah Gumanti, Solok, Sumatra Barat, Hindia Belanda
Pupus 6 Pébruari 1993 (yuswa 84)
Indonésia Jakarta, Indonesia
Kabangsaan Indonesia
Partéy pulitik Masyumi
Profési Politikus
Ageman Islam

Mohammad Natsir (lahir di Alahan Panjang, Lembah Gumanti, Kabupaten Solok, Sumatra Barat, 17 Juli 1908 - tilar dunya di Jakarta, 6 Pébruari 1993 dina umur 84 taun) nyaéta saurang ulama, pulitisi jeung pajoang kamerdékaan Indonésia. Dirina mangrupa pangadeg sakaligus pamingpin partéy pulitik Masyumi, sarta tokoh Islam nu kakoncara di Indonésia. di jero nagri dirina kungsi ngajabat jadi menteri jeung perdana menteri Indonésia, sedeng di ajang internasional kungsi ngajabat jadi présidén Kongrés Muslim Dunia (World Muslim Congress) sarta pupuhu Déwan Masjid Dunia.

Natsir lahir jeung digedékeun di Solok, méméh tuluy pindah ka Bandung pikeun nuluykeun ka SMA sarta tuluy neuleuman élmu Islam sacara leuwih jero di paguron luhur. Dirina ancrub kana dunia pulitik dina patengahan taun 1930-an ku ngagabung ka partéy politik nu idiologina Islam. Tanggal 5 Séptémber 1950, dirina diangkat jadi Perdana Menteri Indonésia kalima. Sabada mundur tina jabatanna tanggal 26 April 1951 alatan pasalia paham jeung Présidén Soekarno, dirina beuki vokal nyorakeun pentingna peranan Islam di Indonésia nepi ka ngabalukarkeun dirina dibui ku Soekarno. Sabada dibébaskeun di taun 1966, Natsir terus ngiritik pamaréntahan harita nu geus ganti dipingpin ku Soeharto nepi ka dirina dicekel.

Natsir loba nulis ngeunaan pamikiran Islam. Dirina aktif nulis di majalah-majalah Islam sabada karya tulisna nu munggaran dipedalkeun dina taun 1929; nepi ka tungtung hirupna, Natsir geus nulis kurang leuwih 45 buku sarta ratusan karya tulis séjénna. Dirina nempo yén Islam téh minangka bagéan nu teu kapisahkeun ti budaya Indonésia. Natsir ngaku kuciwa ku peta Soekarno jeung Soeharto kana Islam. Salila hirupna, Natsir meunang tilu gelar doktor honoris causa, hiji ti Libanon jeung dua deui ti Malaysia. Dina tanggal 10 Nopémber 2008, Natsir dinyatakeun minangka Pahlawan Nasional Indonésia, Natsir kawentar minangka menteri nu "teu boga baju alus, bedahanna tatambalan. Dirina dipikatineung minangka menteri nu teu boga imah jeung nolak dibéré hadiah mobil méwah."

Kahirupan

[édit | édit sumber]
Imah gumelarna Mohammad Natsir

Mohammad Natsir dilahirkeun di Alahan Panjang, Lembah Gumanti, Kabupaten Solok, Sumatra Barat dina tanggal 17 Juli 1908 ti pasangan Mohammad Idris Sutan Saripado jeung Khadijah.[1][2] Wanci keur leutikna,Natsir sakulawarga hirup di imah Sutan Rajo Ameh, saurang sodagar kopi nu kawentar di ditu. Ku nu boga imah, imahna dibagi jadi dua bagéan; nu boga imah tur kulawargana nyicingan beulah kénca, sedeng Mohammad Idris Sutan Saripado nyicingan béh katuhueunna.[3] Natsir boga tilu dulur teges, masing-masing ngaranna Yukina, Rubiah jeung Yahanusun. Jabatan panungtungan bapana nyaéta minangka pagawé pamaréntah di Alahan panjang, sedeng akina mangrupa hiji ulama. Natsir jagana jadi pamangku adat pikeun kaomna nu asalna ti Maninjau, Tanjung Raya, Agam, maké gelar Datuk Sinaro nan Panjang.[4]

Natsir mimiti ngarasakeun pangatikan di Sakola Rakyat Maninjau salila dua taun nepi ka kelas dua, tuluy pindah ka Hollandsch-Inlandsche School (HIS) Adabiyah di Padang.[5] Sabada sababaraha bulan, dirina pindah deui ka Solok sarta dititipkeun di imah hiji sodagar nu ngaranna Haji Musa. Lian ti diajar di HIS di Solok di wanci beurang, Natsir ogé diajar élmu agama Islam di Madrasah Diniyah dina wanci peutingna.[1][6] Tilu taun ti harita, Natsir pindah deui ka HIS di Padang bareng jeung lanceukna. Dina taun 1923, dirina nuluykeun pangatikanna di Meer Uitgebreid Lager Onderwijs (MULO), tuluy ngagabung jeung paguyuban-paguyuban pamuda saperti Pandu Nationale Islamietische Pavinderij jeung Jong Islamieten Bond.[1][7] Sabadana lulus ti MULO, Natsir pindah ka Bandung pikeun diajar di Algemeene Middelbare School (AMS) nepi ka tamatna dina taun 1930.[1][7] Ti taun 1928 nepi ka 1932, Natsir jadi katua Jong Islamieten Bond (JIB) Bandung.[1] Dirina ogé jadi pangajar sanggeus narima palatihan guru salila dua taun di paguron luhur. Natsir nu saméméhna geus meunang pangatikan Islam di Sumatra Kulon, neuleuman élmu agama di Bandung, kaasup di widang tafsir Al Qur'an, hukum Islam jeung dialéktika. Satuluyna dina taun 1932, Natsir guguru ka Ahmad Hassan, nu jagana jadi tokoh organisasi Islam Persatuan Islam.[8]

Dina 20 Oktober 1934, Natsir ngadahup ka Nurnahar di Bandung.[9] Tina rarabina éta Natsir ngabogaan genep anak.[10] Natsir ogé kawentar ngawasa sawatara bahasa, saperti Inggris, Walanda, Perancis, Jérman, Arab jeung Ésperanto.[10] Natsir ogé boga karesep nu sarua tur deuheus jeung Douwes Dekker, nyaéta ngulinkeun wirahma. Natsir resep maén biola sedeng Dekker resep maén hitar. Mohammad Natsir ogé remen ngobrol maké basa Walanda jeung Dekker sarta remen nyaturkeun wirahma sakelas Ludwig van Beethoven jeung novél sakelas Boris Leonidovich Pasternak, novélis kakokoncara ti Rusia dina mangsa harita. Kadeuheusanna jeung Dekker ngalantarankeun Dekker daék asup ka Masyumi. Ide-ide Natsir jeung Dekker ngeunaan pajoangan, démokrasi jeung kaadilan mémang sajalan.[11]

Natsir mulih ka jati mulang ka asal dina tanggal 6 Pébruari 1993 di Jakarta sarta dikurebkeun sapoé ti harita.[12]

Menteri-menteri ti Kabinet Natsir kalayan Presiden Soekarno jeung Wakil Presiden Mohammad Hatta

Natsir loba gaul jeung pamikir-pamikir Islam, modél Agus Salim; salila patengahan 1930-an, Natsir jeung Salim terus tukeur pikiran ngeunaan hubungan Islam jeung nagara demi pika hareupeun pamaréntahan Indonésia nu dipingpin ku Soekarno.[13][14] Dina taun 1938, dirina ngagabung ka Partéy Islam Indonésia, sarta diangkat jadi pingpinan cabang Bandung ti taun 1940 nepi ka 1942.[1][14] Natsir ogé mancén minangka Kapala Biro Pangatikan Bandung nepi ka taun 1945. Mangsa pangawasaan Jepang, Natsir ngagabung ka Majelis Islam A'la Indonésia (nu tuluy robah jadi Majelis Syuro Muslimim Indonésia atawa Masyumi), sarta diangkat minangka salah sahiji pupuhu ti taun 1945 nepi ka nalika Masyumi jeung Partéy Sosialis Indonésia dibubarkeun ku Présidén Soekarno dina taun 1960.[1][14][15]

Sabada Proklamasi Kamerdékaan Indonésia, Natsir jadi anggota Komite Nasional Indonésia Pusat. Méméh jadi perdana menteri, dirina ngajabat minangka menteri panerangan.[16] Dina tanggal 3 April 1950, Natsir ngajukeun Mosi Integral Natsir dina sidang pléno parlemén.[1] Mohammad Hatta minangka Wakil Présidén Indonésia nu ngarojong kabéh pihak pikeun bajoang sacara tartib ngarasa kabantu ku ayana mosi ieu. Mosi ieu malikkeun deui kaweuteuhan bangsa Indonésia dina Nagara Kasatuan Républik Indonésia nu saméméhna ngawangun sarikat, hingga dirina diangkat jadi perdana menteri ku Présidén Soekarno dina tanggal 17 Agustus 1950. Tapi Natsir ngundurkeun diri tina jabatanna dian tanggal 26 April 1951 alatan pasalia paham jeung Soekarno. Soekarno nu nganut paham nasionalisme ngiritik Islam minangka idéologi kalawan muja sékularisasi nu dipilampah ku Mustafa Kemal Ataturk di Kasultanan Utsmaniyah, sedeng Natsir manghanyakalkeun ancurna Kasultanan Utsmaniyah ku nunjukkeun akibat-akibat negatif tina sékularisasi.[17] Natsir ogé ngiritik Soekarno yén manéhna kurang merhatikeun kasajahteraan di luar Pulo Jawa. Numutkeun Hatta, méméh pangunduran diri Natsir, Soekarno salaku présidén sakaligus pupuhu Partéy Nasionalis Indonésia (PNI) terus ngadesek Manai Sophiaan katut para menteri ti PNI pikeun ngarebahkeun Kabinet Natsir sarta teu ngadukung kana kawijakan-kawijakan nu diusulkeun ku Natsir jeung Hatta.

Mohammad Natsir (1950)

Salila éra démokrasi kapingpin di Indonésia, Natsir aub dina panentangan ka pamaréntah nu beuki otoritér jeung ngagabung kana Pamaréntahan Révolusioner Républik Indonésia sabada ninggalkeun Pulo Jawa.[18] PRRI nu nungtut ayana otonomi daérah nu leuwih lega disalahtafsirkeun ku Soekarno minangka pamungpangan. Akibatna, Natsir ditéwak tur dibui di Malang ti Taun 1962 nepi ka 1964, sarta dibébaskeun dina mangsa Orde Baru dina tanggal 26 Juli 1966.[19][18]


Sabada dibébaskeun ti bui, Natsir ilibiung deui dina organisasi-organisasi Islam, modél Majelis Ta'sisi Rabitah Alam Islami jeung Majelis Ala al-Alami lil Masjid nu museur di Mekkah, Pusat Studi Islam Oxford (Oxford Centre for Islamic Studies) di Inggris, jeung Kongrés Muslim Dunya (World Muslim Congress) di Karachi, Pakistan.[20]

Dina éra Orde Anyar, Natsir ngadegkeun Yayasan Déwan Dakwah Islamiyah Indonésia. Dirina ogé ngiritik kawijakan pamaréntah, contona nalika Natsir néken Petisi 50 dina tanggal 5 Méi 1980, nu ngabalukarkeun dirina dilarang indit-inditan ka luar negeri[19]. Dina mangsa-mangsa awal Orde Anyar ieu, Natsir ngabogaan jasa ngirim nota ka Tunku Abdul Rahman dina raraga nyairkeun hubungan jeung Malaysia. Sajaba ti éta, nya ku Natsir nu ngontak pamaréntah Kuwait pikeun naneum modal di Indonésia jeung ngayakinkeun pamaréntahan Jepang ngeunaan kakeyengan Orde Anyar dina ngawangun ékonomi. Soeharto nganggap jalma nu ngiritik dirina minangka panentang Pancasila. Natsir néken Petisi éta babarengan jeung Jénderal Hoegeng, Létjen Ali Sadikin, Sanusi Hardjadinata, SK Trimurti tur nu séjénna.[4] Ku dilarangna ka luar nagri, loba seminar nu teu bisa diiluan.[18] Natsir nolak kacurigaan Soeharto kana partéy-partéy, utamana partéy Islam. Komo deui Opsus (Operasi Husus) nu aya dina pingpinan langsung Soeharto, ogé meunang kritikan.[21] Padahal, badan intél ieu nu ménta Natsir pikeun ngamimitian hubungan jeung Malaysia sarta Timur Tengah sabada naékna Soeharto.[21]

Panulis

[édit | édit sumber]

Salila ngalakonan didikan di AMS, Natsir geus aub dina dunia jurnalistik. Dina taun 1929, dua artikel nu ditulisna dimuat dina majalah Algemeen Indisch Dagblad, nyaéta nu judulna Qur'an en Evangellie (Al-Qur'an jeung Injil) jeung Muhammad als Profeet (Muhammad minangka Nabi). Tuluy Natsir jeung tokoh-tokoh Islam lianna ngadegkeun surat kabar Pembela Islam nu medal dina taun 1929 nepi ka 1935. Natsir ogé loba nulis ngeunaan pandanganna kana agama di mangrupa-rupa majalah Islam saperti Pandji Islam, Pedoman Masyarakat jeng Al-Manar.

Natsir geus nulis kurang leuwih 45 buku atawa monograf jeung ratusan artikel nu ngamuat pandanganna ngeunaan Islam. Dirina aktif nulis di majalah-majalah Islam saprak karya tulis munggaranna dipedalkeun dina taun 1929. Karya-karya pangmimitina umumna maké basa Walanda jeung Indonésia, nu loba ngabahas ngeunaan pamikiran Islam, budaya, hubungan antara Islam jeung pulitik sarta peran wanoja dina Islam. Karya-karya satuluyna loba ditulis dina bahasa Inggris, jeung leuwih fokus kana pulitik, pangwartaan ngeunaan Islam sarta hubungan antara umat Kristiani jeung Muslim. Ajip Rosidi jeung Haji Abdul Malik Karim Amrullah nyebutkeun yén tulisan-tulisan Natsir geus jadi catetan sajarah nu bisa jadi panduan pikeun umat Islam.[22] Sajaba ti nulis, Natsir ogé ngadegkeun sakola Pendidikan Islam dina taun 1930. Sakola éta ditutup sabada pangawasaan Jepang di Indonésia.[23]

Sanajan Natsir ngabogaan kasang tukang pangatikan Walanda, Natsir saeutik ogé teu kairut pikeun ngalakukeun westernisasi atawa sekularisasi dina dunia pangatikan Islam. Dirina ogé merhatikeun kana pangaruh didikan Walanda ka génerasi ngora.[24] Sabenerna, léngkah kapadulianna ieu dialatankeun sabada maca karangan Snouck Hurgronje nu ngalawan Islam, saperti Netherland en de Islam nu ngajéntrékeun strategi Hurgronje dina ngalawan Islam. Buku ieu akhirna nu ngajieun tékad Natsir ngalawan Walanda liwat jalur pangatikan.[25]

Pangajén

[édit | édit sumber]
Natsir dina Parangko Indonésia taun 2011

Pamaréntah Indonésia harita, boh nalika dipingpin ku Soekarno boh ku Suharto, sarua nuding Mohammad Natsir minangka pamungpang jeung pangbangkang, malah tudingan éta nu ngabalukarkeun dirina dibui. Sedeng ku nagara-nagara séjén Natsir kacida dipihormat jeung diajén, nepi ka loba pangajén nu dianugrahkeun ka dirina.

Dunia Islam ngaku yén Mohammad Natsir téh minangka pahlawan nu ngaliwatan wates bangsa jeung nagara. Bruce Lawrence nyebutkeun yén Natsir mangrupa pulitisi nu paling pinunjul ngadukung pangayaran Islam.[22] Dina taun 1957, Natsir narima béntang Nichan Istikhar (Grand Gordon) ti Raja Tunisia, Lamine Bey pikeun jasana ngabantu perjoangan kamerdékaan rakyat Afrika Kalér. Pangajén internasional lianna nyaéta Jaaizatul Malik Faisal al-Alamiyah dina taun 1980 sarta panghargaan ti sawatara ulama jeung pamikir kakoncara modél Syéh Abul Hasan Ali an-Nadwi jeung Abul A'la Maududi.

Dina taun 1980, Natsir dileler pangajén Faisal Award ti Raja Fahd Arab Saudi ngaliwatan Yayasan Raja Faisal di Riyadh, Arab Saudi. Dirina ogé meunang gelar doktor kahormatan di widang pulitik Islam ti Universitas Islam Libanon dina taun 1967. Dina taun 1991, Natsir meunang dua gelar kahormatan, nyaéta di widang sastra ti Universitas Kabangsaan Malaysia jeung dina widang pamikiran Islam ti UniversitasSains Malaysia.[9] Pamaréntah Indonésia karak ngajén dirina 15 taun sanggeus tilar dunya, dina tanggal 10 Nopémber 2008, Natsir dinyatakeun minangka Pahlawan Nasional Indonésia.[26] Soeharto teu doa méré gelar pahlawan ka salah sahiji "bapak bangsa" ieu. Dina mangsa B.J. Habibie, Natsir dileler panghargaan Béntang Républik Indonésia Adipradana.[4]

Réporter Ramadhian Fadillah ngalaporkeun yén saéstuna Natsir téh inohong nu basajan sapanjang jaman. Manéhna ogé ngabéjakeun yén Natsir "teu boga baju alus, bedahanna tatambalan. Dirina dipikatineung minangka menteri nu teu boga imah jeung nolak dibéré hadiah mobil méwah.[18] George McTurna Kahin - pangajar di Universitas Cornell - meunang béja ti Agus Salim yén aya staf ti Kamentrian Panerangan nu dek ngumpulkeun duit keur Natsir sangkan maké papakéan nu leuwih pantes. Komo deui kaméjana, ngan dua setél tur geus barutut ogé. Nalika mundur ti perdana menteri dina bulan Maret 1951, sekertarisna, Maria Ulfa, nyérénkeun sésa dana taktis nu saldona réa kénéh nu sabenerna mah hakna perdana menteri. Natsir nolak, sarta dana éta disérénkeun ka koperasi karyawan bari teu sapésér-pésér acan dicokot ku dirina.[27] Natsir kabéjakeun nolak mobil Chevrolét Impala. Padahal, di imahna dirina ngan boga mobil kolot, De Soto nu dibeuli ku sorangan pikeun nganter-jemput barudakna.[4] Méméh pindah ka Jalan Jawa, dirina pindah ka Jalan Pegangsaan Timur nu aya di Jakarta. Mangka, kusabab Natsir ilibiung dina PRRI, dirina diasupkan ti hiji panjara ka panjara lain salila taun 1960-1966, ogé kulawargana leungiteun imah di Jalan Jawa katut mobil De Soto-na. Harta bandana dicokot ku pamaréntah.[27]

Réferénsi

[édit | édit sumber]
  1. a b c d e f g h Luth 1999, pp. 21 – 24
  2. Ma'mur 1995, k. 29.
  3. Shahab 2008, kk. 9 – 15.
  4. a b c d Adam 2009, kk. 72-76.
  5. Shahab 2008, kk. 9 – 15.
  6. Ma'mur 1995, k. 29.
  7. a b Dzulfikriddin 2010, kk. 19 – 20
  8. Ma'mur 1995, kk. 30 – 31.
  9. a b Luth 1999, k. 27
  10. a b Ma'mur 1995, k. 30.
  11. Setiadi dkk. 2012, k. 150-151.
  12. Luth 1999, k. 27
  13. Ma'mur 1995, hlm. 33.
  14. a b c Ma'mur 1995, k. 34
  15. Noer 2012, k. 155.
  16. Noer 2012, k. 155.
  17. Khouw 2008, In search of Mohammad.
  18. a b c d Fadillah 2013, Mengenang M Natsir.
  19. a b Luth 1999, k. 25 – 26
  20. Ma'mur 1995, k.. 30 – 33.
  21. a b Noer 2012, kk. 169-171
  22. a b Ma'mur 1995, kk. 36–46.
  23. Ma'mur 1995, k.. 30 – 33.
  24. Adian 2012, Keteladanan Mohammad Natsir.
  25. Shahab 2008, k. 21.
  26. Tempo 2008, Sumatra Barat Sambut.
  27. a b Shahab 2008, kk. 47-49.
Dicutat tina