Djoeanda Kartawidjaja

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
(dipindahkeun ti Djuanda Kartawidjaja)
Luncat ka: pituduh, sungsi
Djoeanda Kartawidjaja
Perdana Menteri Indonésia ka-10
Masa jabatan
9 April 1957 – 9 Juli 1959
Saméméhna Ali Sastroamidjojo
Sangguesna Sukarno
Menteri Keuangan Indonésia ka-11
Masa jabatan
10 Juli 1959 – 6 Maret 1962
Présidén Sukarno
Saméméhna Sutikno Slamet
Sangguesna R.M Notohamiprodjo
Menteri Pertahanan Indonésia ka-11
Masa jabatan
9 April 1957 – 9 Juli 1959
Présidén Sukarno
Saméméhna Ali Sastroamidjojo
Sangguesna A. H. Nasution
Menteri Pagawéan Umum Indonésia ka-5
Masa jabatan
29 Januari 1948 – 4 Agustus 1949
Présidén Sukarno
Perdana Mentri Mohammad Hatta
Saméméhna Herling Laoh
Sangguesna Herling Laoh
Menteri Perhubungan Indonésia ka-3
Masa jabatan
2 Oktober 1946 – 4 Agustus 1949
Présidén Sukarno
Perdana Mentri Sutan Sjahrir
Amir Sjarifoeddin
Mohammad Hatta
Saméméhna Abdulkarim
Sangguesna Herling Laoh
Masa jabatan
6 Séptémber 1950 – 30 Juli 1953
Présidén Sukarno
Perdana Mentri Mohammad Natsir
Sukiman Wirjosandjojo
Wilopo
Saméméhna Mananti Sitompul
Sangguesna Abikusno Tjokrosujoso
Katerangan lian
Gumelar Ir. H. R. Djoeanda Kartawidjaja
14 Januari 1911
Walanda Tasikmalaya, Jawa Kulon, Hindia Walanda
Pupus 7 Nopémber 1963 (yuswa 52)
Indonésia Jakarta, Indonésia
Kabangsaan Indonésia
Partéy pulitik Partéy Nasional Indonésia
Profési Pulitikus
Ageman Islam

Ir. H. R. Djoeanda Kartawidjaja (éjahan anyar: Juanda Kartawijaya) ngaranna dipikawanoh minangka Ir. H. Djuanda (gumelar di Tasikmalaya, Jawa Kulon, Hindia Walanda, 14 Januari 1911 – tilar dunya di Jakarta, Indonésia, 7 Nopémber 1963 dina umur 52 taun)[1] nyaéta Perdana Menteri Indonésia ka sapuluh.[1] Pangdeudeul panggedéna dina mangsa jabatanna nyaéta Déklarasi Djuanda tanggal 13 Desember 1957.[1] Dina Déklarasi éta disebutkeun yén laut Indonésia kaasup laut sabudeureunna, di antara, jeung di jero kapuloan Indonésia jadi hiji kasatuan wilayah NKRI atawa dipikawanoh ku sebutan nagara kapuloan dina konvénsi hukum laut United Nations Convention on Law of the Sea (UNCLOS).[1]

Atikan[édit | édit sumber]

Djuanda anak cikal ti papasangan Radén Kartawidjaja jeung Nyi Monat, bapana téh Mantri Guru di Hollandsch Inlansdsch School (HIS).[1] Atikan sakola dasar dibéréskeun di HIS, tuluy pindah ka sakola budak urang Éropa, nyaéta Europesche Lagere School (ELS).[1] Djuanda diasupkeun ka sakola menengah husus urang Éropa, nyaéta Hogere Burger School (HBS).[1] Dina taun harita ogé anjeunna asup ka Sakola Luhur Taknik (Technische Hooge School) kiwari jadi Institut Téhnologi Bandung (ITB) nyokot jurusan téknik sipil jeung lulus taun 1933.[1]

Abdi Nagara[édit | édit sumber]

Sanggeus ngabéréskeun atikanna, anjeunna ngabdikeun diri ka masarakat minangka guru di SMA Muhammadiyah di Jakarta.[1] Sanggeus opat taun ngajar di SMA Muhammadiyah Jakarta, dina taun 1937, Djuanda ngabdi di dinas pamaréntah di jawatan Irigasi Jawa Kulon.[1] Lian ti kitu, anjeunna aktip minangka anggota Déwan Daérah Jakarta.[1] Sanggeus Proklamasi 17 Agustus 1945, nya dina tanggal 28 Séptémber 1945, Djuanda mingpin para pamuda ngawasaan jawatan karéta api ti Jepang.[1] Disusul ngawasaan jawatan Panambangan, Kotapraja, Karasidénan, tur obyék-obyék militér di Gudang Kalér Bandung.[1] Satuluyna , pamaréntah Indonésia ngangkat Djuanda minangka Puhu Jawatan Karéta Api pikeun wilayah Jawa jeung Madura.[1] Sanggeus kitu, anjeunna diangkat ngajabar Menteri Perhubungan jeung pernah ngajabat Menteri Pengairan, Kemakmuran, Keuangan jeung Pertahanan.[1]

Babaraha kali anjeunna mingpin rurundingan jeung Walanda, di antarana dina KMB anajeunna minangka Puhu Panitia Ékonomi jeung Keuangan Delegasi Indonésia.[1] Ir. Djuanda ku kalangan pérs dibéré jujuluk "menteri maraton" kusabab ti mimiti kamerdékaan (1946) geus ngajabat minangka menteri ngora perhubungan, Perdana Menteri jeung Menteri Pertahanan (19571959), sarta menteri munggaran dina mangsa Démokrasi Kapimpin (19591963).[1]

Déklarasi Juanda[édit | édit sumber]

Djuanda kacida ngarasa was-was ngilik pangakuan masarakat internasional harita nu ngan ngakukeun yén wates laut téritorial salega 3 mil laut kaitung ti garis basisir panghandapna.[2] Éta téh hartina pulo-pulo Nusantara dina wilayah Nagara Kasatuan Républik Indonésia anu diproklamirkeun 17 Agustus 1945, mangrupa pulo-pulo anu kapisah-pisah ku cai (lautan) internasional (bébas).[2]

Ku wawanénna anjeunna ngumumkeun ka sakuliah dunia (Déklarasi Djuanda 13 Désémber 1957) yén sagala perairan di sabudeureun, di antara, jeung anu numbukeun pulo-pulo anu kaasup kana daratan Républik Indonésia, ku henteu ngilik lega jeung lébarna, nyaéta bagéan anu wajar ti wilayah daratan Nagara Républik Indonésia jeung ku kituna mangrupakeun bagéan tina perairan jero atawa perairan nasional anu aya dina panangtayungan kadaulatan Nagara Républik Indonésia.[2] Djuanda ogé ngumumkeun yén wilayah laut Indonésia teu ngan saukur anu diatur dina Territoriale Zee Maritiem Kringen Ordonantie 1939, tapi wilayah laut Indonésia nyaéta kaasup laut di sabudeuren, diantara, jeung di jero Kapuloan Indonésia.[2] Déklarasi éta ogé nangtukeun wates laut 12 mil anu diukur ti garis-garis anu numbukeun titik pangluarna ti pulo-pulo Nagara Républik Indonésia bakal ditangtukeun ku undang-undang.[2]

Déklarasi éta ditampik ku Amérika Sarikat jeung Australia. Tapi, Djuanda jeung para panerus dina pamaréntahan satuluyna, di antarana Prof. Dr. Mochtar Kusumaatmadja jeung Prof. Dr. Hasyim Djalal, ku wawanénna merjuangkeun liwat diplomasi sangkan konsépsi nagara nusantara éta ditarima jeung ditetepkeun dina Konvénsi Hukum Laut PBB, United Nation Convention on Law of the Sea (UNCLOS) 1982.[2] Ku kituna, Indonésia jadi nagara kepuloan jeung maritim panggedéna di dunya. Mibanda wilayah laut selega 5,8 yuta km2 anu mangrupa tilu parapat ti sakabéh wilayah Indonésia.[2] Déklarasi Djuanda ieu tulut ditangtukeun minangka Poé Nusantara liwat Képprés nomor 126 taun 2001.[2]

Pungkasan Hirup[édit | édit sumber]

Ngaran Djuanda diabadikeun minangka ngaran lapangan ngawang di Surabaya kusabab jasana dina merjuangkeun pangwangunan lapangan ngawang éta sangkan bisa kalaksana.[1] Lian ti kitu, ngaran Djuanda diabadikeun pikeun ngaran leuweung raya di Bandung, nyaéta Taman Hutan Raya Ir. H. Djuanda.[1] Di taman ieu nganjrek Muséum jeung Monumén Ir. H. Djuanda.[1] Djuanda tilar dunya di Jakarta dina tanggal 7 Nopémber 1963 lantaran serangan jantung sarta dikurebkeun di TMP Kalibata, Jakarta.[1] Dumasar SK Présiden RI No.244/1963 Ir. H. Djuanda Kartawidjaja diangkat minangka inohong nasional/pahlawan kamerdékaan nasional.[1]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v Jasa Terpadu Telematika. 2015 Ir. Djoeanda Kartawidjaja. Diaksés 17 April 2015.
  2. a b c d e f g h Tokoh Indonesia. 2015 Pendeklarasi Negara Kepulauan. Diaksés 17 April 2015.