Kalayar
| Kalayar | |
|---|---|
| Gambar areuy jeung buah kalayar | |
| Klasifikasi ilmiah | |
| Karajaan: | Plantae |
| Divisi: | Tracheophyta |
| Ordo: | Cucurbitales |
| Kulawarga: | Cucurbitaceae |
| Génus: | Trichosanthes |
| Spésiés: | Trichosanthes pubera |
| Ngaran binomial | |
| Trichosanthes pubera " | |
| Sinonim | |
|
Trichosanthes bracteata var. pubera (Blume) Cogn; Trichosanthes rubriflos Thorel" | |
Kalayar; baduyut; gontang; Trichosanthes Pubera nyaéta tangkal nu ngarambat asalna tina kulawarga Cucurbitaceae. [1][2][3] Loba kapanggih hirup di Pulo Kalimantan, Pulo Sumatra, jeung pulo Jawa.[2][4]
Spesies séjéna katiténan hirup ogé di Thailand, Vietnam, Malaysia, Singapura, Pilipina, India, Nepal, jeung Cina.[5][6][7][8][9]
Buah kalayar mah henteu bisa dikonsumsi, sanajan kitu areuy/sulur kalayar bisa dimangpaatkeun pikeun ngubaran ceuli torék.[1] Sulur atawa areuyna di teukteuk, geutah nu nyakclakanna tulus dikecerkeun kana liang ceuli.[1]
Ciri mandiri
[édit | édit sumber]Tangkalna/areuy ngarambat panjang bisa nepika 20 méter, gedé areuyna 2-5 mm.[2] Buahna baruleud kawas endog gedéna 4-6 cm, lonyod katungtungna 2-5 mm.[2] Buahna mimiti bijil kelirna héjo, mun geus manjing kolot/gumading robah jadi semu konéng, robah deui jadi beureum mangsa geus asak/kolot.[2]
Kembangna nokturnal, mimiti ligar mangsa surup panon poé tuluy kuncup deui mangsa panonpoé geus nyorot deui. [10]
Daging buahna konéng tur sikina hideung, wujudna lonyod gedéna 1-2 mm.[11] Kalayar kaasup kana pepelakan monokarposa di mana geus bérés buahan umurna tara lila sulurna sok paéh, bijil deui sirung anyar téh kaluar tina bonggol atawa beutina.[10][2]
Spesies
[édit | édit sumber]Kalayar nu aya di Jawa sahenteuna aya kana 10 spesies, geus ditaluntik ti taun 1826 Backer nu tayalian:
- Trichosanthes coriacea
- Trichosanthes cucumerina
- Trichosanthes aguina
- Trichosanthes globosa
- Trichosanthes grandifora (Kalayar badak)
- Trichosanthes ovigera
- Trichosanthes vilosa
- Trichosanthes trifoliata
- Trichosanthes tricuspidata
- Trichosanthes Pubera (Kalayar beureum)[7][12]
- Kalayar ti mimiti buahan
- Areuy Kalayar
- Kembang kalayar
- Kalayar ngora
- Kalayar geus asak
- Siki buah kalayar
Dicutat tina
[édit | édit sumber]- 1 2 3 Justus Karl Haßkarl, Justus (1845). Aanteekeningen over het nut, door de Bewoners van Java aan eenige planten van dat Eiland toegeschreven, uit berigten der inlanders zamengesteld. Müller: Müller. hlm. 6. Diaksés tanggal 1 Januari 2020.
- 1 2 3 4 5 6 "Trichosanthes tricuspidata Lour". Virboga. 43828. Diaksés tanggal 1. Januari 2020.
- ↑ "Trichosanthes pubera Blume subsp. rubriflos (Cayla) Duyfjes & Pruesapan". Online taxonomics references. 25-12-2019. Diaksés tanggal 25-12-2019. Pemeliharaan CS1: Tanggal dan tahun (link) Archived 2025-06-03 di Wayback Machine
- ↑ Haskarl, J.K (1845). Aanteekeningen over het nut, door de bewoners van Java, aan eenige planten van dat eiland toegeschreven, uit berigten der inlanders zamengesteld. Amsterdam: Universitas Oxford. hlm. 4. Diaksés tanggal 3 Januari 2020.
- ↑ "Trichosanthes pubera Blume subsp. rubriflos (Cayla) Duyfjes & Pruesapan [family CUCURBITACEAE]". Global plats. 1. Januari 2020. Diaksés tanggal 1. Januari 2020.
- ↑ "Trichosanthes pubera Blume subsp. rubriflos (Cayla) Duyfjes & Pruesapan". KewSince. 1. Januari 2020. Diaksés tanggal 1. Januari 2020.
- 1 2 Rugyah, Rugyah (1997). Trichoshantes (Cucurbitaceae) in Java. Naturalis: Journal. hlm. 3. Diaksés tanggal 1 Januari 2020.
- ↑ Quattrocchi, Umberto (2016). CRC World Dictionary of Medicinal and Poisonous Plants: Common Names, Scientific Names, Eponyms, Synonyms, and Etymology (5 Volume Set). Francis: CRC Press. hlm. 3791. ISBN 9781482250640. Diaksés tanggal 1 Januari 2020.
- ↑ Anton Wilhelm Miquel, Friedrich (1855). Flora nederlandsch Indie, Volume 1. Universitas Ghent: Van der Post. hlm. 675. Diaksés tanggal 1 Januari 2020.
- 1 2 For Bull, Thai (2004). Aanteekeningen over het nut, door de Bewoners van Java aan eenige planten van dat Eiland toegeschreven, uit berigten der inlanders zamengesteld (PDF). Bangkok herbarium: National herarium nederland. hlm. 5. ISBN 4953843. Diaksés tanggal 1 Januari 2020. Archived 2020-01-02 di Wayback Machine
- ↑ For Bull, Thai (2004). Aanteekeningen over het nut, door de Bewoners van Java aan eenige planten van dat Eiland toegeschreven, uit berigten der inlanders zamengesteld (PDF). Bangkok herbarium: National herarium nederland. hlm. 5. Diaksés tanggal 1 Januari 2020. Archived 2020-01-02 di Wayback Machine
- ↑ Forbes Watson, John (1868). Index to the Native and Scientific Names of Indian and Other Eastern Economic Plants and Products ... California university: Trübner. hlm. 239. Diaksés tanggal 1 Januari 2020.
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |