Kamuning
| Murraya paniculata | |
|---|---|
| Kembang kamuning kelirna bodas, seungitna ngadalingding | |
| Klasifikasi ilmiah | |
| Karajaan: | |
| (unranked): | |
| (unranked): | |
| (unranked): | |
| Ordo: | |
| Kulawarga: | |
| Génus: | |
| Spésiés: | M. paniculata
|
| Ngaran binomial | |
| Murraya paniculata | |
Kamuning (Lat. Murraya paniculata) nyaéta tutuwuhan héjo tropis nu sok dipelak pikeun mapaés buruan ku sabab kaéndahan kembangna anu laleutik & bodas nyacas siga malati, sarta seungitna nyambuang. Ieu tutuwuhan dulur deukeut Citrus. Ngaran séjén pikeun kamuning nyaéta
- Chalcas exotica (L.) Millsp
- Chalcas paniculata L. (basionym)
- Murraya exotica L.
Pedaran
[édit | édit sumber]
Kamuning téh tutuwuhan leutik nu jangkungna ukur 7 m. Daunna lonyod, leutik tapi kandel tur hérang, sagagang 3-7 lambar (ganjil). Kembangna terminal, teu pati loba, tapi seungit. Panjang daun mahkotana 12-18 mm, melengkung kelir bodas (atawa krém pias). Buahna dagingan, kelir héjo (ngora) jeung konéng atawa beureum (kolot)[1], lonyod endog bisa nepi ka sainci[2].
Panyakit
[édit | édit sumber]Kamuning gampang pisan katarajang hama nématoda taneuh jeung laleur[2], ogé sok dipaké sayang ku serangga hama Diaphorina citri, véktor kasakit degenerasi flum véna Sitrus[3].
Catetan
[édit | édit sumber]- ↑ Welsh, 1998; kc. 256
- ↑ a b Gilman, Edward F. Factsheet FPS-416, October 1999; University of Florida Cooperative Extension Service, Institute of Food and Agricultural Sciences; from http://www.coralsprings.org/environment/SmallTreeList/pdf/MURPANA.pdf Archived 2007-09-28 di Wayback Machine disalin 28 Juni 2007
- ↑ http://www.hear.org/pier/species/murraya_paniculata.htm Archived 2023-06-01 di Wayback Machine disalin 28 Juni 2007
Rujukan
[édit | édit sumber]- Murraya paniculata. Disalin 4 Nopémber 2008.
- Welsh, S. L. 1998. Flora Societensis: A summary revision of the flowering plants of the Society Islands E.P.S. Inc., Orem, Utah.
Tumbu kaluar
[édit | édit sumber]- (id)Kemuning: Murraya paniculata L. Jack Archived 2016-03-05 di Wayback Machine ti Plantamor
| Artikel ngeunaan tutuwuhan ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |