Nématoda

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Nematoda Fadenwurm.jpg

Nematoda (Nemathelmintes) nyaéta sato triploblastic pseudoselomata[1]. Ngaran Nemathelmintes asalna tina basa Yunani; nematos = bola(benang), helminthes = cacing[1]. Jadi, Nemathelminthes nyaéta 'cacing benang'[1]. Anggota kelompok cacing ieu boga awak buleud panjang jeung teu bubukuan.[rujukan?] Ku alatan eta, cacing benang dikenal ogé ku sebutan cacing gilih[1].

Filum ieu aya di mana-mana.[1] Nematoda nu hirup bébas di laut, cai tawar jeung habitat terestrial ogé parasit dina sato jeung tutuwuhan.[rujukan?] Nématoda mangrupa sato nu jumlahna loba jeung boga peran penting dina daur énergi jeung materi biosfir[1].

Klasifikasi[édit | édit sumber]

Ascaris lumbricoides[édit | édit sumber]

Cacing Ascaris nu sawawa hirup dina peujit manusa jeung nyerep gizi tina peujit éta[2]. Cacing ieu bisa kaluar tina awak bareng jeung feses[2]. Lamun jalma éta gering panas, mangka cacing nu teu tahan dina peujit bakal pindah kana genggerong jeung saterusna kaluar ngaliwatan baham atawa irung jalma éta[2].

Ancylostoma duodenale[édit | édit sumber]

Sacara umum, cacing Ancylostoma disebut cacing tambang sabab jalma nu katarajang cacing ieu biasana jalma anu gawé di tambang[2]. Cacing ieu bisa asup kana awak manusa ngaliwatan kulit suku[2]. Ancylostoma biasana hirup dina peujit manusa. Maké kakait nu aya dina buntutna, cacing ieu bisa muntang pageuh kana peujit terus nyedot getih korbanna[2].

Enterobius vermicularis[édit | édit sumber]

Cacing ieu katelah cacing kremi[2]. Cacing ieu bisa nyababkeun ateul sabab cacing bikang biasana ngendog dina sabudeureun anus, utamana barudak, sarta dina waktu cacing bikang endogan, manéhna ngaluarkeun zat anu bisa nyababkeun ateul nu bakal digaro ju jalma korbana.[rujukan?] Hasilna, endog cacing bisa napel kana kuku nu lamun didahar ku korbanna bari teu ngumbah leungeun heula, saterusna endog ieu cacing bakal milu kateleg[2].

Richinella spiralis[édit | édit sumber]

Cacing Trichinella biasana hirup dina peujit manusa jeung karnivora lianna[2]. Dina peujit, cacing bikang kolot ngahasilkeun larva nu bisa nembus tembok peujit nu tembus kana saluran getih.[rujukan?] Dina aliran getih, cacing bakal terus kana otot. [rujukan?] Dina otot, larva ngawangun sista sarta bisa terus nuluykeun daur hirupna lamun otot kadah ku sato atawa manusa.[rujukan?] Kasakit nu disababkeun ku cacing ieu disebut trichinosis.[2]

Reference[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f (id)Pengertian Filum Nemathelminthes (diakses 9 Juli 2015)
  2. a b c d e f g h i j (id)Santoso, Imam. 2007. Pelajaran Biologi untuk SMA / MA Kelas X. Bekasi: Interplus
Nulis.jpg