Kandagan

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian

Tari Kandagan nyaéta tari putri nu karakterna gagah, tari ieu mangrupa tari mekaran ti tari Renggarini di taun 1960 ku tokoh pembaharu tari Sunda, Tjetje Somantri.[1]

Deskripsi[édit | édit sumber]

Dina taun 1957 Tjetje Somantri nyiptakeun tari Topeng Wadon, ngan ngaran Wadon taeu saluyu jeung wangun sarta gaya tarina, saterusna ngaranna dirobah jadi Renggarini.[1] Rengga artina cetaan atawa ngalaga (dina hartian kahadéan). Rini hartina awéwé, jadi Renggarini bisa dihartikeun salaku awéwé anu tingkah polahna jiga lalaki atawa awéwé nu aktif.[2]

Bébédaan ti dua tari ieu nyaéta dina tata pakéan jeung makéna soder panjang. Hiasan sirah tari Renggarini mangrupa mekaran désain ti iket, sedengkeun di tari Kandagan ngagunakeun siger kalawan buuk ngawentuk gambuh leutik diluhurna. Pamakéan pakéan tari Renggarini nyaéta kabaya kutung beureum kolot kalawan sisina héjo, sedengkeun tari Kandagan ngagunakeun baju tutup kutung, kerahna pondok warna hideung. Bébédaan dina tata rias nyaéta teu dihias godeg geulis di tari Renggarini sabab teu maké susumping, buuk digelung kaluhur disumputkeun di iket. Dina tari Kandagan buuk maké sanggul ngalengkepan tata rias Kandagan.[1]

Kandagan hartina wadah, tempat nyimpen perhiasan jeung barang-barang berhaga séjénna. Ku kituna ngaran tari Kandagan bisa ogé dimaksudkeun tempat kumpulan gerak-gerak tari. Dina latianna, tari Kandagan nyaéta tari putri gagah, tari ieu merlukeun kaparigelan bakat jeung latian aku lila keur ngawasaanna. Keur ngawentuk koréografi tari Kandagan keur nu munggaran dimimitian ku kumaha ngolah awak keur persiapan nari jadi pangibing nu hadé.[1]

Dina pintonanna, tari Kandagan dipintonkeun tunggal, ngan bisa ogé ditarikeun dina wangun rampak, tangtu waé kalawan karakter pangibing anu sarua nyaéta karakter gagah putri. Tari Kandagan mibanda kabeungharan gerak anu ragem gerakna diwangun ku gerak pokok jeung gerak peralihan. Salian ti éta, keur diajar tari Kandagan dibutuhkeun sikep jeung gerak salaku pola nu ngarojong kana pintonanna. Saperti sikep sirah, awak, suku, jeung leungeun. Kitu ogé gerak sirah, awak, suku jeung leungeun. Saluyu jeung karakter tarina nu gagah, dina nerapkeun sikep jeung gerak mibanda bébédaan jeung tari Dewi jeung Sulintang.[1]

Catetan[édit | édit sumber]

  1. a b c d e Rusliana, Iyus.2009.Kompilasi Istilah Tari Sunda.Bandung: Jurusan Tari, STSI Bandung.
  2. Danadibrata, R.A. 2006. Kamus Basa Sunda. Kiblat Buku Utama: Bandung.


Nulis.jpg