Lompat ke isi

Kastrol

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Kastrol
Poto kastrol
Kastrol paranti ngaliwet
Asal Tatar Sunda (Populér)
Bahan Alumunium kandel atawa beusi
Fungsi Ngaliwet, ngulub daging, atawa masak rupa-rupa kadaharan

DADANG atawa pariuk nyaéta parabot anu biasa dipaké paranti ngasakan sangu.[1][2] Dijieun tina beusi, kawas panci, ngan ukuranna leuwih kandel jeung rada beurat.[1][2] Ari gagangna teu siga panci anu maké jejeber, tapi maké kawat beusi nu dipelengkungkung ti sisi bagéan tengahna sangkan gampang mun dijingjing.[2] Ari sangu nu diasakan maké kastrol disebutna sangu liwet, matak istilah masakna disebut ngaliwet.[1] Mun masak maké kastrol mah gampang pisan teu hésé, sarta ngahémat tanaga jeung waktu.[3] Ari kakuranganana mah hiji, mun seuneu nu dipaké masakna ngagugudag teuing, biasana sok ngerak, malah mah nepi ka tutung jeung pérong, ieu nu ngakibatkeun kastrol sok téréh dobol handapna.[3]

Pamakéan kastrol di pasantrén salaf

[édit | édit sumber]

Di pasantrén salaf, santri téh sapopoéna masak maké kastrol, ieu geus lumangsung lilana meureun geus ratusan taun.[2] Masing kitu, ayeuna mah loba pasantrén nu mimiti ngarobah pola jeung aturan dahar para santrina.[2] Sawatara pasantrén geus ngalarapkeun aturan dahar nu instan.[2] Atawa mun kudu ngadadak gé para santri ayeuna mah makéna méjikom atawa sajinisna.[2] Sahingga tradisi masak ngaliwet maké kastrol téh geus mimiti ditinggalkeun.[2] Padahal, kastrol geus ruket salaku idéntitas para santri salaf.[2] Hanjakal pisan mun satuluyna kastrol jeung sangu liwetna jadi leungit ku parobahan jaman, nepi antukna leungit ti dunya kasantrian.[2] Mangkaning aya ajén sarta hikmah dina wawarah nu ditandeskeun liwat filosofi masak téh, tangtuna waé bakal leungit.[2] Lantaran santri nu masak maké kastrol téh saenyana lain ngan saukur ngurusan beuteung hungkul, tapina ogé ngalatih kamandirian, digawé nu enya-enya, jeung kabersamaan nu dibangun di antara para santri.[2]

Malah mah kamampuh masak dina kastol téh sakapeung mah jadi tolak ukur ajang sabaraha bisana saurang santri hirup di pondok.[2] Sabab, mun saurang santri masih kénéh gagal dina masak, mangka dipertanyakeun alur kasantrianna.[2] Bisa waé saanggeus kaluar mondok téh dititah mondok deui da masakna teu bisaeun, hususna mah ngaliwet maké kastrol.[2] ku sabab dina dunya pasantrén salaf, disisieun geus bisa dina windang kaélmuan, saurang santri ogé nya kudu geus sampurna ngasaan prosés-prosés masaqot, nyaéta prosés hirup sulit jeung saderhana, anu salah sahijina bisa masak kalawan mandiri unggal poé.[2]

Ciri Has

[édit | édit sumber]

Béda jeung panci biasa, kastrol miboga sababaraha ciri anu mandiri:

  • Bahan kandel: Sangkan panasna rata sarta bisa nahan panas dina waktu anu lila. Hal ieu penting pisan sangkan sangu liwet asakna sampurna (teu tutung di handap hungkul).
  • Cecekelan kawat: Gunana pikeun ngaitkeun kastrol dina luhureun seuneu atawa pikeun ngangkat kastrol nalika panas.
  • Tutup anu rapet: Sangkan uap cai teu loba kaluar nalika prosés masak.

Fungsi jeung Budaya

[édit | édit sumber]

Fungsi utama kastrol nyaéta pikeun ngaliwet. Prosés ngaliwet maké kastrol biasana dicampur jeung rupa-rupa bungbu langsung dina jero kastrolna, saperti salam, séréh, bawang, jeung uyah.[4]

Kiwari, kastrol lain ukur pakakas dapur, tapi ogé simbol silaturahmi. Tradisi "ngaliwet" di kebon, di imah, atawa di tempat kempelan lianna sok ngagunakeun kastrol salaku pakakas utamana.[5]

Cara Ngurus

[édit | édit sumber]

Sangkan kastrol awét sarta teu gampang bocor, biasana sanggeus dipaké kudu langsung dikumbah beresih sarta dipiceun sésa-sésa kerak (intip) anu nempel dina dadasarna.

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. 1 2 3 Dadadibrata, R.A. 2009. Kamus Basa Sunda R.A. Danadibrata. Bandung: Panitia Penerbitan Kamus Basa Sunda Karya R.A. Danadibarata.
  2. 1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 14 15 16 Dakwah. Seputar Santri, Kastrol, dan Gereget Hidup di Pesantren Archived 2017-06-30 di Wayback Machine. Ditempona tanggal 14 Mei 2017.
  3. 1 2 KamusQ. Kastrologi Adalah | Pengertian dan Definisi Archived 2017-08-01 di Wayback Machine. Ditempona tanggal 14 Mei 2017.
  4. Pertiwi, A. C., dkk. (2019). "Kearifan Lokal Peralatan Dapur Tradisional Masyarakat Sunda". Jurnal Budaya Nusantara.
  5. Suryani NS, Elis. (2010). Kearifan Budaya Sunda. Bogor: Ghalia Indonesia.