Kecap (basa Sunda)

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
(dialihkeun ti Kecap (Basa Sunda))
Luncat ka: pituduh, paluruh
Topik Kecap Basa Sunda
Kotak ieu: temposawalaédit

Kecap nyaéta wangun katatabasaan pangleutikna. Kecap mangrupa bagian kalimah anu dicirian ku ayana randegan, ogé mibanda harti. Ku kituna, kecap téh bagian kalimah anu bisa mandeg mandiri sarta ngandung harti anu tangtu.[1]

Wangun Kecap[édit | édit sumber]

Papasingan kecap-kecap dina basa Sunda dumasar kana wangun jeung warnana.[2]

Wangun Kecap

Wangun Wangenan
asal kecap anu teu kungsi ngalaman parobahan
rundayan kecap asal anu geus dirarangkénan
rajékan kecap anu diwangun ku cara ngarajék kecap asal
kantétan kantétan dua atawa leuwih kecap asal anu mibanda harti anyar.

Warna Kecap[édit | édit sumber]

Warna/Rupa Kecap kabagi dua.[2]

Warna Kecap Wangenan
Kecap Lulugu barang kecap anu nuduhkeun barang atawa ngaran nu dianggap barang.
sulur kecap anu dipaké pikeun nyuluran atawa ngaganti kecap barang.
pananya kecap anu dipaké pikeun nanya
pagawéan kecap anu nuduhkeun kalakuan, paripolah, atawa pagawéan jalma atawa mahluk séjénna.
sipat kecap anu nuduhkeun sipat atawa kaayaan barang atawa nu dianggap barang.
bilangan kecap anu nuduhkeun bilangan, jumlah, beungkeutan, kumpulan, atawa tahapan.
Kecap Pancén panganteb kecap pikeun ngantebkeun babagian kalimah anu dipentingkeun ((en): emphasis).
panganteur kecap disahareupeun hiji kecap pikeun nganteurkeun kecap éta sangkan leuwih anteb tur écés.
panambah aspék kecap pikeun nuduhkeun lumangsungna hiji kajadian.
panambah modalitas kecap anu nuduhkeun sikep panyaturna waktu nyanghareupan jalma séjén.
pangantét kecap sahareupeun kecap barang pikeun ngantétkeun kecap barang éta jeung kalimah utamana.
panyambung kecap anu dipaké pikeun nyambungkeun kecap jeung kecap, atawa babagian kalimah.
panyeluk kecap nu dipaké pikeun ngébréhkeun bituna rarasaan.

Kecap sulur[édit | édit sumber]

Kecap sulur aya sababaraha rupa nu dijéntrékeun kieu.[2]

  • kecap gaganti jalma
  • kecap gaganti milik
  • kecap panuduh

Kecap gaganti jalma[édit | édit sumber]

'Kecap gaganti... kecap.. dipaké dina kaayaan... conto kalimah
jalma kahiji tunggal sim kuring lemes, resmi Sim kuring baris nyarengan lumangsungna ieu acara dugi ka réngsé.
abdi lemes, teu resmi Abdi wangsul ti Buah Batu, Bandung.
kuring / déwék / urang loma Kuring mah asa kakara manggih euy, domba sukuna lima mah.
kami / kaula loma, ngaluhurkeun ajén sorangan Kaula rék nitah ka Patih Lirbaya.
aing kasar Teu sudi aing mah panggih jeung jalma kitu.
loba sim kuring sadayana lemes, resmi Sim kuring sadayana baris dongkap luyu sareng pamundut.
abdi sadayana lemes, teu resmi Abdi sadayana nyanggakeun kumaha kasapukan balaréa waé.
kuring saréréa loma Kuring saréréa ngajakan ka urang Cikadu abenan balap motor.
jalma kadua tunggal bapa / ibu
(jsb. nu dianggap mancakaki)
lemes, ka anu dipikahormat Bapa Pupuhu Sakola anu ku sim kuring dipikahormat.
anjeun lemes, ka sapantaran Anjeun téh pinter, ngan hanjakal mun di kelas tara nyarita.
manéh / silaing loma Manéh mah dibéjaan téh tara ngagugu.
sia kasar Sia ku aing rék diteunggeul.
loba aranjeun lemes Aranjeun kudu apal yén organisasi mah kudu digawé babarengan.
maranéh loma Maranéh kudu bener dina nyanghareupan masalah jeung babaturan téh.
hidep saréréa lemes, ka sahandapeun Hidep saréréa adi-adi bapa sing junun lamun dialajarna téh.
jalma katilu tunggal mantenna lemes, ka nu dipikahormat Mantenna mah parantos jejem ku pangarti jeung pangalaman.
anjeunna lemes Anjeunna janten conto pamingpin anu wijaksana.
manéhna, inyana loma Manéhna mah teu apaleun yén harga baju téh dimahalkeun.
loba aranjeunna lemes Aranjeunna mah langkung paos kana pasualan pangajaran di sakola mah.
maranéhna loma Maranéhna kudu apal kana aturan di pabrik anu teu meunang direumpak.


Kecap gaganti milik[édit | édit sumber]

Kecap gaganti milik disusun ku cara ngantétkeun kecap gaganti pikeun jalma di luhur ditukangeun kecap barang. Contona: buku abdi, buku manéh, buku hidep saréréa.[2]

Kecap panuduh[édit | édit sumber]

Kecap panuduh wacana Kecap panuduh wacana éta jeung ieu mah diteundeunna saméméh kecap anu dijéntrékeunana. [2]

ieu ieu baju
éta éta batu
kitu sabada kitu
kieu kurang kieu

Kecap panuduh luareun wacana

kecap... dipaké pikeun... conto kalimah
dieu nuduhkeun nu deukeut Rorompok mah caket kantun ka palih dieu waé.
dinya nuduhkeun nu rada deukeut Ti warung ka kantor téh saatos dua bélokan palih dinya pisan.
ditu nuduhkeun nu jauh Toko Arca mah di ditu, ti rorompok mah aya kana sajam mah.

Kecap pananya[édit | édit sumber]

Kecap... dipaké pikeun nanyakeun ... conto kalimah
naon barang, hal, sasatoan, tutuwuhan Naon ngaran sasatoan nu tonggongna cucukan sareukeut téh?
saha jelema, malaékat, Pangéran Saha nu kamari tabrakan di Jalan Ahmad Yani téh?
ka mana tempat, hal ka mana Suéb téh inditna?
iraha waktu Iraha anjeun badé ka dieu?
naha sabab-musabab, kalakuan Naha Malik bisa jadi pinunjul kahiji nembang pupuh?
kumaha cara, kaayaan Kumaha carana makihikeun jalma anu heuras hulu dina organisasi?
sabaraha jumlah, bilangan Sabaraha harga bawang beureum sakilo téh?

iraha anjeun bade ka dieu?

Kecap pagawéan[édit | édit sumber]

Ciri-ciri kecap pagawéan.[2]

  • umumna mangrupa caritaan dina kalimah, lain jejer
  • teu bisa ditempatkeun satukangeun kecap pangantét
  • teu bisa dipiheulaan ku kecap paling atawa dirarangkénan anu ngandung harti paling ...
  • bisa dipiheulaan ku kecap panambah aspék jeung modalitas

Kecap sipat[édit | édit sumber]

Ciri-ciri kecap sipat.[2]

  • bisa dipiheulaan ku kecap leuwih jeung mani
  • bisa dituturkeun ku kecap kacida, pisan, jeung naker
  • bisa dirarangkénan ku pang-...-na
  • bisa ngawangun frasa pohara ...-na atawa kacida ...-na

Kecap panganteur[édit | édit sumber]

Tabel kecap panganteur pagawéan
bus asup nyah beunta nging/hing ceurik
segruk ceurik am dahar jol datang
rap dibaju deker digawé gék diuk
reg eureun geleber hiber sedut/dut hitut
kuniang hudang belenyéh/nyéh imut gedig indit
léos indit kécéwér/wér/cer kiih blug labuh
beretek/berebet lumpat jleng luncat geleser maju
belewer malédog brus mandi térékél naék
gampleng nampiling blak nangkarak jung nangtung
sebrut narajang habek neunggeul lek neureuy
lar ngaliwat bluk ngangkuban biur ngapung
golédag ngedeng gewewek ngégél réngkénék ngigel
leguk/regot nginum burusut ngising pok ngomong
celengkeung ngomong trét nulis gaplok nyabok
gap nyagap sirintil nyampeurkeun gantawang nyarékan
kerewek nyekel cong nyembah crot nyiduh
celengok nyium kop nyokot bluk nyuuh
reup peureum dug saré barakatak seuri
ceuleukeuteuk seuri cakakak seuri cikikik seuri
lep teuleup eureuleu teurab clak tumpak
luk tungkul jrut turun nyot ngenyot
pelenyun udud cat unggah orolo utah


Tabel kecap panganteur kaayaan
beledug bitu beleték peupeus beletok potong
béréwék soék bray beurang bray muka
bray caang breg hujan cep tiis
gejebur kana cai jedak diadu jeduk tidagor
jegug sora anjing jegur sora marieum jentréng kacapi
jep jempé jeprut pegat kecebuk sora cai
kecemplung kana sumur kepluk murag kérésék sora daun
ketruk sora sapatu les leungit paralak hujan
pédénghél keuheul peledek bau hitut pes pareum
pleng ambleng plong ngemplong prung pegat
prung ngamimitian pudigdig ambek rekét sora panto
rob ngarogrog rup dirungkupan seguk sora kolécér
semprung pegat sruk-srék sora ragaji trong kohkol


Rujukan[édit | édit sumber]

  1. LBSS (2007). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten. 
  2. a b c d e f g Yayat., Sudaryat,; Karna., Yudibrata, ([2007]). Tata basa Sunda kiwari ([Cet. 1.] ed.). Bandung: Yrama Widya. ISBN 9789795435266. OCLC 271743335.