Lompat ke isi

Kecap bilangan (basa Sunda)

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Topik Kecap Basa Sunda
Kotak ieu: temposawalaédit

Kecap bilangan nyaéta kecap anu nuduhkeun barang atawa ngaran nu dianggap barang.

Kecap bilangan utama

[édit sumber]

Kecap bilangan utama, mangrupa gaganti pikeun angka nu dituduhkeunana.

Tabél kecap bilangan utama (1)

. hijian belasan lilikuran
+ 0 10 20
0 enolsapuluhdua puluh
1 hijisabelassalikur
2 duadua belasdua likur
3 tilutilu belastilu likur
4 opatopat belasopat likur
5 limalima belaslima likur
6 genepgenep belasgenep likur
7 tujuhtujuh belastujuh likur
8 dalapandalapan belasdalapan likur
9 salapansalapan belassalapan likur

Tabél kecap bilangan utama (2)

. puluhan parapatan lawéan ratusan rébuan jutaan milyaran trilyunan
x 10 1/4 25 100 1.000 1.000.000 1.000.000.000 1.000.000.000.000
1 sapuluhsaparapatsalawésaratussarébusajuta samilyar satrilyun
2 dua puluhdua parapatdua lawédua ratusdua rébudua juta
3 tilu puluhtilu parapattilu lawétilu ratustilu rébutilu juta
4 opat puluhopat parapatopat lawéopat ratusopat rébuopat juta
5 lima puluhlima parapatlima lawélima ratuslima rébulima juta
6 genep puluhgenep parapatgenep lawégenep ratusgenep rébugenep juta
7 tujuh puluhtujuh parapattujuh lawétujuh ratustujuh rébutujuh juta
8 dalapan puluhdalapan parapatdalapan lawédalapan ratusdalapan rébudalapan juta
9 salapan puluhsalapan parapatsalapan lawésalapan ratussalapan rébusalapan juta

Conto gabungan:

  • 67 = genep puluh tujuh
  • 567 = lima ratus genep puluh tujuh
  • 4.567 = opat rébu lima ratus genep puluh tujuh
  • 34.567 = tilu puluh opat rébu lima ratus genep puluh tujuh
  • 234.567 = dua ratus tilu puluh opat rébu lima ratus genep puluh tujuh
  • 1.234.567 = sajuta dua ratus tilu puluh opat rébu lima ratus genep puluh tujuh

Kecap bilangan tingkat

[édit sumber]

Kecap bilangan tingkat diwangun ku ngalarapkeun rarangkén awal ka-, conto: kahiji, kadua, katilu, kaopat, jst.

Kecap bilangan kumpulan

[édit sumber]

Kecap bilangan kumpulan diwangun ku ngalarapkeun rarangkén ahir -an, conto: hijian, duaan, tiluan, opatan, jst.

Kecap bilangan pecahan

[édit sumber]

Salian saparapat (1/4), aya ogé bilangan pecahan séjénna, nyaéta satengah (1/2). Saterusna, bisa diwangun ku cara ngantétkeun dua kecap bilangan utama diselangan ku per, conto: dua per tilu (2/3),

Tabel kecap panuduh bilangan
(A) kecap...(B) pikeun ngabilang...conto (A+B) atawa (B+A)
damiambekanambekan sadami
leunjeurawidua leunjeur awi
bébékawi, suluhsuluh tilu bébék
dapurawiopat dapur awi
lémpéngbakobako lima lémpéng
sihungbawanggenep sihung bawang
gebingbilikbilik tujuh gebing
rirangboéh
sikatcau
turuycau
ponggoldaun cau
kompétdaun cau
jaloneurih
bonjorgula
kakabinjuk
rempangjahé
manggarjambé, kalapa
hulukalapa
lambarkertas, daun, papan
solorkonéng
dampamuncang
camplungnangka
papanpeuteuy
hanggorpeuteuy
ranggeuypeuteuy, kembang
panonpeuteuy
heulaysamak
piringsangu
bobokosangu
bakulsangu
rampasansapatu
hurunsuluh
batekantambang
métértambang, tali
huntuuyah
ganduuyah, gula
batauyah
kotaksawah
urangjelemajelema sarébu urang


((Seja diserat)