Ki calung
| Ki calung | |
|---|---|
| Klasifikasi ilmiah | |
| Karajaan: | |
| Divisi: | |
| Kelas: | |
| Ordo: | |
| Kulawarga: | |
| Génus: | Diospyros |
| Spésiés: | D. macrophylla |
| Sinonim | |
Ki calung; ajang kelicung (id); (Diospyros maorophylla BL) nyaéta hiji tutuwuhan anu asalna tina kulawarga ebenaceae. [1] Ki calung kagolongkeun kana tangkal anu gedé, sarta kaina kuat, lemes, kelirna beureum sarta kuat ku rinyuh. Loyog pisan dipaké pikeun bahan bangunan, kontruksi, parabot, jeung sajabana.[2] [3]
Habitat
[édit | édit sumber]Ki calung loba kapanggih hirup di sisi susukan, dina taneuh lémpar anu henteu kakeueum cai. [4] Tutuwuhan ieu bisa hirup dina taneuh tela, taneuh aya keusikkan ogé dina taneuh anu taringgul ku batu .[4] Ieu tutuwuhan kapanggih hirup ampir di sakuliah kapuloan di Indonésia ti mimiti Sumatera , Jawa , Kalimantan , Sulawesi nepi ka Papua .[4] Ieu tutuwuhan hirup dina taneuh anu perenahna 5 nepika 800 méter tonggoheun beungeut cai laut, Tutuwuhan ieu jadi identitas provinsi NTB.[4]
Ciri mandiri
[édit | édit sumber]Kagolongkeun tangkal gedé, jangkungna bisa nepi ka 46 méter kalayan diaméter tangkal nepika 60 centi méter .[4] Kulit tangkalna beureum semu coklat, kaina bodas nyacas/bersih.[4] Dahanna barijil timimiti palebah 9 nepika 30 méter, dina dahan sakapeung kaluar akar gantung panjangna bisa nepika satengah méter.[4]
Daun tunggal (dina sacupat ngan aya salambar daun), ukuranna 7 – 35 cm X 3,5 –19 cm.[2] Kelirna héjo sarta palebah handapna baruluan, tulang daun katempo kawas cucuk lauk.[2] [5]
Kembangna bodas tur kaangseu seungit, kembangan dina bulan April nepika Okto er.[6] Buahna buleud semu lonyod, kelirna beureum gedéna 5-6,5 X 5-7,5 cm.[6]
Guna jeung mangpaat
[édit | édit sumber]Ki calung salaku flora identitas Indonésia ti Nusa Tenggara Barat, kungsi jadi gambar anu ditempatkeun dina perangko di Indonesia.[3] Kaina bisa dimangpaatekun pikeun rupa-rupa parabot Rumah Tangga kayaning: korsi, lomari, dipan, méja, patung, jeung sajabana.[3] Kaina mibanda kualitas anu hadé, kuat, pola jeung kelir dina kaina matak pikaresepeun.[3]
Dicutat tina
[édit | édit sumber]- ↑ Karl Hasskarl, Justus (1845). Aanteekeningen over het nut, door de bewoners van Java aan eenige planten van dat eiland toegeschreven. Universitas Oxford: J. Müller. hlm. 88. Disungsi 14 April 2021
- 1 2 3 "Diospyros macrophylla Blume". Asia Plant. Diaksés tanggal 9 Mei 2014.
- 1 2 3 4 "Kayu Kelicung Maskot NTB Terancam Punah". Harian Sinar Harapan. 18 Maret 2013. Diaksés tanggal 9 Mei 2014. Archived 2014-05-08 di Wayback Machine
- 1 2 3 4 5 6 7 "AJAN KELICUNG". Kementrian lingkungan hidup. Diarsipkeun ti asli tanggal 2014-05-08. Diaksés tanggal 9 Mei 2014. ; Archived 2014-05-08 di Wayback Machine
- ↑ "Diospyros macrophylla A.Chev". The Plant List. Diaksés tanggal 9 Mei 2014. Archived 2021-04-16 di Wayback Machine
- 1 2 "Key To The Javanese Woods On The Basis Of Anatomical Features". Hindrik Haijo Janssoniu. Diaksés tanggal 9 Mei 2014.
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |