Ki congcorang

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Ki congcorang
Quassia amara - Köhler–s Medizinal-Pflanzen-117.jpg
Quassia amara
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
(unranked):
(unranked):
(unranked):
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Quassia

Species

Lihat teks.

Ki congcorang; Quassia amara nyaéta hiji tutuwuhan anu asalna tina kulawarga Simaroubaceaenama. Ki congcorang geus dimangpaatkeun pikeun ubar, ku ayana kandungan zat fitokimia dina ieu tutuwuhan.[1] Ieu tutuwuhan asalna ti Amérika tropis tuluy sumebar ka daérah tropis lianna.[1] Di Indonésia ieu tangkal kapanggih hirup di Sumatera, Kalimantan, Jawa, Sulawesi, Maluku nepi ka Irian Jaya.[1] Ki congcorang aya dua rupa: Quassia Suriname (rungkun Quassi Amara) sarta Quassia Jamaica (tina tangkal Picrasma excelsa).[2][3]

Ciri mandiri[édit | édit sumber]

Kembang ki congcorang

Ciri anu mandiri tina tangkal ki congcorang, kaina mun dikeueum baris ngaluarkeun rasa pait.[2] Tanaman ini tumbuh di kawasan Laut Karibia.[2]

Tumuwuh mangrupa rungkun, jangkungna 2 - 3 m, tangkalna buleud, ajeg, kelirna coklat.[2]

Dahanna simpodial, kulitna kasar, bodas kotor.[2] Daun majemuk nyirip ganjil, ngéntép dina séri gantian, gagang: 7-9 cm petiole, botak, lemes, héjo, ngagurilap; wujudna lonyod, 5 - 7 x 3 - 5 cm, dasar buleudan, tungtung daun rata, duanana permukaan bulistir, lemes, héjo kolot aya ogé héjo ngora, ngagurilap; tulang daun ditempo ti luhur semu ngahelob ka jero, tapi mun ditempo ti handap wujudna ngajendul; urat daun henteu jelas.[2]

Kembangna majemuk, dina tandan;rantuy, kaluar dina tungtung dahan, dina sarantuy: 10-25 cupat kembang; kembang nu mangkak ngawangun béntang, handapeun cupat kelir héjo semu bodas, kelopak beureum, panjangna 4 mm; corolla nangtung, buleud, 5 lambar, beureum di luar, bodas dina jero; benang sari 10, buleud panjang (silindris), leuwih panjang tibatan makuta, dasarna lemes ngagulung, buluan; pistil silinder, panjangna 1 cm; ovule 5, leupas, tungtungna mencos dipulas janten hiji péstil.[2]

Buahna buleud sagedé kaléci, 1-4, napel, lonyod, kelir bungur nepi ka hideung, sikina buleud, bodas.[4]

Ngarekahkeun[édit | édit sumber]

Ieu tutuwuhan geus lila dipelak salaku pepelakan hias, ngarekahkeun ku jalan dipelakeun sikina, tisaprak ceb dipelakeun taneuh kudu di gemuk sangkan nambahan kasuburanna. [5] Melak dilakukeun dina mimiti usum hujan atawa di panungtungan usum halodo. [5]

Ubar[édit | édit sumber]

Geus ti baheula mula tangkal ki congcorang jadi tutuwuhan anu dipihormat diperlakukan dengan hormat, ubar anu dijieun dina wadah tina kai ki congcorang jadi leuwih mujarab .[5] Cai anu dicicikeu kana wadah anu dijieun tina kai ki congcorang teu lila ti harita baris mibanda rasa pait, ieu dimangpaatkeunnpikeun pikeun ngubaran gangguan padaharan sarta sisitim pencernaan tlianna.[5] Kiwari ki congcorang dimangpaatekun ogé pikeun ngubaran galingging, batuk, salésma jeung flu.[5] Kaina ogé bisa dipaké ngubaran kasakit reumatik, nyeri sandi, bareuh, cacingeun, malahan ym ngubaran anu kacanduan alkohol .[5]

Di suriname ki congcorang disebutna Quassia ieu kawasna dumasar kana ngaran hiji jalma anu mimitina manggihan tur ngamangpaatkeun tangkal ki congcorang pikeun ngubaran kasakit galingging. [5] nu Manéhna ngabejakeun ieu pamanggihna ka ahli Sajarah Swédia, Daniel Rolander dina taun 1756.[5]

Referensi[édit | édit sumber]

  1. a b c http://tropical.theferns.info/viewtropical.php?id=Quassia+amara. 
  2. a b c d e f g Ichtiar Baru Van Hoeve; Hassan Shadily. Ensiklopedia Indonesia, Jilid 7 (edisi khusus). Jakarta: PT Ichtiar Baru van Hoeve. 
  3. Damayanti, Dewi; Agung Sugiarto, Tinton Dwi Putra, Novi Widianti, Nina Wulan Dari (2008). Buku Pintar Tanaman Obat: 431 jenis tanaman penggempur aneka penyakit. Jakarta: AgroMedia. p. 103. ISBN 9789790061941. 
  4. http://ipbiotics.apps.cs.ipb.ac.id/index.php/tumbuhanObat/419. 
  5. a b c d e f g h "Quassia Wood". Diakses tanggal 21 Juni 2014.