Kim Jaéwon

Kim Jaéwon (gumelar di Seoul, Koréa Kidul, 18 Februari 1981; umur 44 taun) nyaéta saurang aktor asal Koréa Kidul.[1][2] Lian ti jadi aktor, Jaéwon ogé saurang modél.[1] Jaéwon mangrupa mahasiswa lulusan ti Universitas Sangmyung nu konstrasina di jurusan seni peran.[1] Pintonanna anu daréhdéh ngajadikeun Jaéwon kasohor.[1] Jaéwon gé meunang jujuluk killing smile atawa smile angel ku sabab mésémna anu pitajieun.[1] Jaéwon ngamimitian karirna ku minton dina hiji sérial drama tipi anu judulna Honey Honey dina taun 2001.[1] Sanggeus suksés ku sérial drama munggaranna, di taun satuluyna, Jaéwon ngabéntangan tilu sérial tipi sakaligus, nyaéta Romance, My Love Patzzy, jeung Rival.[1] Dina taun 2004, Jaéwon maén di hiji pilem nu judulna 100 Days with Mr. Arrogant.[1] Pilem satuluyna anu dibéntangan téh nyaéta hiji pilem anu dipedal taun 2006, judulna Shoeshine Boy.[1] Di taun harita ogé minton di dua sérial tipi sakaligus, nyaéta Great Inheritance jeung Hwang Jin Yi.[1][2]
Filmografi
[édit | édit sumber]Drama tipi
[édit | édit sumber]Pilem
[édit | édit sumber]Vidio musik
[édit | édit sumber]Panghargaan
[édit | édit sumber]Rujukan
[édit | édit sumber]| Artikel ngeunaan biografi inohong ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |