Koki (lauk)

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, paluruh
Koki
Aquarium scene with a bright orange goldfish swimming, tail at lower left, head at upper right, with some driftwood and another goldfish,  white and orange, behind.
Status konservasi
Inguan
Klasifikasi ilmiah
Karajaan: Animalia
Filum: Chordata
Kelas: Actinopterygii
Order: Cypriniformes
Kulawarga: Cyprinidae
Génus: Carassius
Spésiés: C. auratus
Ngaran binomial
Carasius auratus
(Linnaeus, 1758)[1][2]

Lauk koki (Carassius auratus auratus) nyaéta salah sahiji jenis lauk emas hias cai darat ti kulawarga Cyprinidae sarta ordo Cypriniformes.[3] Lauk koki nyaéta salah sahiji lauk nu mimiti dilindeukeun, dipiara, sarta dibudidayakeun.[3] Kiwari lauk koki mangrupa salah sahiji lauk hias akuarium nu paling kasohor.[3]

Lauk koki geus ngalaman kawin silang génétika mangabad-abad.[4]Tina hasil kawin silang ieu, kiwari geus mekar rupa-rupa sarta wangun lauk koki di pasaran.[4] Asalna ti lauk emas Crucian nu sisitna kelir pérak, lauk koki geus dipiara saprak Dinasti Song China kuna.[4] Dina mangsa Dinasti Tang, balong lauk dipopulérkeun di kalangan masarakat China, sarta miara sato ingon-ingon ieu mimiti mekar.[4]

Sajarah[édit | édit sumber]

painting of many swimming fish, mostly in shades of tan
Tilu lauk emas ti Fish Swimming Amid Falling Flowers, Dinasti Song dilukis ku Liu Cai (c.1080–1120)

Habitat aslina lauk koki nyaéta di wewengkon China wétan manjang ti Biéjing kalér napi ka Makau di kidul.[5] Mimitina lauk koki ieu dianggap asalna ti lauk emas Crucian Carp tapi geus dibuktikeun ku métode ilmiah modérn nyaéta ti Prusia atanapi Gibel Carp.[5]

Sababaraha spésiés ieu ilaharna kulawu atawa pérak mibanda kacenderungan pikeun ngahasilkeun mutasi kelir beureum, oranyeu atawa konéng ; ieu mimiti dicatet mangsa Dinasti Jin (265420).[6]

Dina mangsa Dinasti Tang (618907), kasohor pikeun ngaronjatkeun lauk emas di balong sarta balong taman.[7] Mutasi génétik alami nghasilkeun emas (oranyeu semu konéng) tinimbang kelir pérak.[7] Jalma mimiti ternak variétas kelir emas gaganti variétas kelir pérak, ngingu di balong atawa tempat cai lianna.[7] Dina kaayaan anu husus di mana sémah ngaharepkeun, maranéhna baris dipindahkeun kana wadah nu leuwih leutik pikeun pintonan.[7][8]

Dina mangsa Dinasti Song (9601279), ngingu lauk koki mimiti ditetepkeun .[9] Taun 1162, permaisuri Dinasti Song maréntahkeun ngwangun balong pikeun ngingu variétas koki beureum jeung emas.[9] Dina mangsa ieu, jalma di luar kulawarga kaisar teu meunang ngingu lauk koki variétas kelir emas (konéng), konéng keur warna kaisar.[9] Ieu meureun alesanana naha leuwih loba lauk koki kelir oranyeu ti batan kelir konéng, sanajan kiwari sacara genétik gampang dibaranahkeun.[10] Lumangsungna kelir séjén (bagéan tina kelir beureum jeung emas) mimiti kacatet taun 1276.[7]

A drawing in brown ink on an ocher background. A rectangular glass aquarium tank sits on a wooden stand with carved, curled legs, and contains two fish as well as plants with wavy grass-like leaves.
Akuarium di Éropa taun 1850-an tina jenis anu ngandung lauk koki diantara spésiés lauk darat séjén. .

Dina mangsa Dinasti Ming (13681644), lauk koki ogé mimiti diingu di jero rohangan,[6] nu diidinan pikeun seléksi mutasi nu baris teu bisa nahan hirup di balong.[7] Lauk koki nu buntutna éndah kacatet dina mangsa Dinasti Ming.[7] Dina taun 1603, lauk koki diwanohkeun ka Jepang.[7] Dina taun 1611, lauk koki diwanohkeun ka Portugal ti dieu ka bagéan Éropa.[7]

Lauk koki sumebar ka Éropa.[5] Sababraha panulis awal nyebutkeun taun 1691 mimiti diwanohkeun ka Inggris, tapi hal ieu ditegeskeun sabagé hiji kasalahan.[5] Nu leuwih mungkin di abad katujuh belas atawa dina taun-taun awal abad kadalapan belas, kira-kira taun 1705.[5]

Lauk koki diwanohkeun ka Perancis ngaliwatan palabuhan Lorient kira-kira taun 1750, sarta sumerbar di Éropa dina panungtungan abad kadalapan belas.[5]

Di tengah-tengah abad kasalapan belas aya bukti-bukti lauk koki di Amérika.[5] Dina taun 1889 hiji paternakan lauk koki geus diadegkeun di Maryland, sabagéan badag paternak nu méwah dipikawanoh ku para ahli akuarium Amérika.[5]

Klasifikasi[édit | édit sumber]

Variétas[édit | édit sumber]

Lauk koki dianggap spésiés lauk nu mimiti pikeun dilindeukeun atawa diingu, lauk koki nyaéta anggota kulawarga lauk emas.[11] Lauk koki geus jadi sato ingon-ingon anu dipikaresep di sakuliah dunya, utamana urang China.[11]

Kiwari, aya kira-kira 300 paternak nu diajén di China.[6] Lolobana jenis lauk koki ayeuna asalna ti China.[6] Sababaraha variétas utama nyaéta:

Koki Ilahar Teleskop Hideung Mata Melendung
Koki ilahar lolobana asalna ti lauk emas biasa, nu katempo teu jauh béda jeung karuhunna nu liar salian kelirna.[12] Lauk koki ilahar mibanda kelir oranyeu, beureum, bulao, coklat sarta kombinasi kelir lianna, ogé mibanda corak nu éndah kelir pérak atawa métalik.[12] Common goldfish.JPG Teleskop Hideung nyaéta varian hideung ti Koki Teleskop nu mibanda sapasang mata nonjol.[13] Teleskop Hideung ilaharna dipikawanoh ogé minangka koki Kulit Hideung (Black Moor) dumasar kana kelir lauk.[13]Nu ngalantarankeun kelir hideung nyaéta pigmén melanik nu aya dina sisit[14]. Black Moor Goldfish.jpg Mata Melendung nyaéta variétas lauk koki nu teu mibanda dorsal kalayan rupa fisik ampir sarua jeung lauk koki Mata Surgawi, kacuali kantong eusi cairan nu badag.[15] Kantong kulit aya di handap sabudeureun mata sarta endeuk nalika ngojay.[15] Kantong nu eusi cai ieu bisa katojos ku hiasan akuarium nu seukeut mangka kudu ati-ati milih jenis dékorasi akuarium.[15] Ku sabab panempona nu butut, koki Mata Melendung teu bisa paboro-boro hakaneun jeung jenis koki nu lian, jadi koki Mata Melendung tong dihijikeun jeung koki nu ngojayna gancang.[15] Bubble Eye goldfish.jpg
Mata Surgawi Komét Buntut Kipas
Varietas koki Mata Surgawi dihasilkeun tina mutasi koki Teleskop kira-kira abad ka-18. Maranéhna paling kasohor ku sabab mibanda sapasang mata nu mencrong ka luhur.[16] Mata Surgawi nu leutik kénéh mibanda mata nu normal tapi kalayan nambahna umur sarta tumuwuh, mata mimiti lalaunan nonjol sarta malik ka luhur.[16] Maranéhna mibanda awak wangun torpédo kalayan tonggong melengkung, sarta teu mibanda cécépét tonggong. Ilaharnna tumuwuh kalayan panjang kira-kira 5-6 inci.[16] Celestial eye goldfish.jpg Variétas koki Komét diduga asalna ti Amérika Serikat kira-kra taun 1800an.[17] Koki Komét nyaéta koki nu buntutna panjang.[17] Variétas koki ieu mangrupa jenis nu hadé pikeun nu mimiti ngingu lauk koki.[17] Koki Komét mangrupa koki nu kuat pikeun diingu di balong atawa akuarium.[17] Komet katempo siga Koki Ilahar, kacuali cécépétna nu leuwih panjang sarta leuwih ramping.[17] Domesticcometgoldfish.jpg Koki Buntut Kipas geus leuwih ti sarébu taun.[18] Koki ieu nyaéta salah sahiji variétas koki nu pangkolotna, sarta masih mangrupa lauk koki nu kacida kasohor.[18] Koki Buntut Kipas nyaéta lauk koki bentuk kulon vérsi Jepang, nu dipikawanoh minangka Ryukin, nu mibanda cécépét tonggong nu jangkung, tak-tak tanpa punduk, awak ngawangun endog, sarta cécépét buntut opat kali lipet.[18] Fan tailed goldfish.jpg
Hulu Singa Oranda Sisit Mutiara
Koki Hulu Singa mimitina dimekarkeun di China terus diwanohkeun ka Jepang dina abad ka-17 jeung ka-18.[19] Koki Hulu Singa mibanda awak rélatif pondok jeung lempeng.[19] Maranéhna nyaéta lauk koki nu teu mibanda cécépét tonggong siga koki Ranchu.[19] Wen atawa sirah tumuwuh ti koki Singachu nutupan ingsangna, pipi jeung huluna.[19] Bagéan tukang koki Singachu sada rata mun dibandingkeun jeung koki Ranchu, nu mibanda tonggong leuwih melengkung.[19] LionheadGoldfishSideviewRodsan18b.jpg Koki Oranda nyaéta jenis lauk koki méwah nu mibanda rupa-rupa kelir diantarana kalicko, oranyeu, beureum, bulao, coklat, parunggu, bodas, pérak, beureum-bodas, beureum-hideung, krlir panda, sarta tilu kelir. Bisa tumuwuh 8 nepi ka 12 inci.[20] Oranda dimimitian kalayan kawin silang jeung lauk koki Singaion[20]. OrangeOranda.jpg Koki Sisit Mutiara ieu kadang dipikawanoh minangka koki Chinshurin di Jepang.[21] Mibanda awak ngawangun siga endog nu kacida siga koki Buntut Kipas.[21] Sisit Mutiara bisa tumuwuh panjangna kirs-kira 8 inci. Sisitna bisa mangrupa nacreous atawa métalik.[21] Kelir Sisit Mutiara bisa kaliko kalayan latar tukang bulao sarta kadang-kadang bercak coklat, violét, oranyeu, konéng, sarta beureum.[21] Goldfish Pearl Scale.jpg
Pompom Ryukin Shubunkin
Koki Pompom mibanda sisit nu mangrupa kombinasi kelir nacreous atawa métalik jeung kelir hideung, oranyeu, beureum, pérak, bodas, sarta bulao. Awak Pompom pondok siga koki Sirah Singa, tapi ogé mibanda septum irung nu ngagedéan kalayan cécépét nu oyag bulak-balik siga pompom keur ngojay.[22] Chocolate Oranda with Red pompoms 2.jpg Koki Ryukin biasana dianggap minangka versi Jepang ti lauk koki Buntut Kipas.[23] Hal ieu diyakinkeun yén mimiti dimekarkeun di Kapulouan Ryuku.[23] Karakteristik fisik utama nu ngabédakeun Ryukin jeung koki Buntut Kipas nyaéta melengkung dina punduk atawa siga onta. Ryukin aya sababaraha kelir dimimitian ti bodas nepi ka beureum.[23] Maranéhna ilaharna tumuwuh kira-kira genep inci sarta hirup genep nepi ka sapuluh taun.[23] Goldfish Ryukin.jpg Nagara asal pikeun jenis lauk koki Shubunkin nyaéta Jepang.[24] Shubunkin mibanda panampilan fisik nu kacida siga lauk koki Ilahar.[24] Maranéhna mibanda awak nu ramping kalayan cécépét nu mekar kalayan hadé. Shubunkin dimekarkeun ti varian koki Teleskop atawa Demekins.[24] Shubunkin kadang disebut lauk koki kaliko, ku sabab mibanda sisit nacreous, nu mangrupakeun campuran sisit transparan jeung métalik.[24] Clear shubunkin.jpg
Teleskop Ranchu Teleskop Panda
Koki Teleskop dipikawanoh ogé minangka Demekin, Mata Dunya, sarta Mata Naga.[25] Teleskop mibanda awak sarta hulu nu siga koki Buntut Kipas, kacuali sapasang mata nu nonjol.[25] Ku sabab mata maranéhna nu unik, varietas lauk koki ieu mibanda panempo nu pohara butut jadi kudu diingu dihijikeun jeung lauk koki nu ngojayna lalaunan.[25] Maranéhna ogé kudu diteundeun dina akuarium nu teu maké hiasan nu seukeut atawa méncos. [25] DragonEye (bottom).jpg Ranchu nyaéta lauk koki nu kacida kasohor di Jepang, sarta katempo siga lauk koki Hulu Singa.[26] Dibanding jeung koki Hulu Singa, Ranchu mibanda tonggong nu leuwih melengkung sarta buntutna leuwih pondok.[26] Ranchu siga koki Hulu Singa sabab duanana nyaéta lauk koki wangun awakna siga endog sarta teu mibanda cécépét tonggong. Kamonésan nu paling nonjol ti Ranchu nyaéta huluna, nu ditutupan ku sajenis mahkota.[26] Goldfish Ranchu 2.jpg Koki Teleskop Panda ilaharna nujul kana jenis lauk koki nui mibanda campuran kelir bodas jeung hideung dina awakna.[27] Aya 3 variasi nu béda nu aya dijual di toko akuarium.[27] Salah sahijina nyaéta Teleskop Panda kalayan sapasang mata nu siga lauk koki Teleskop. Euweuh bukti sajarah nu nunjukkeun yén lauk koki Teleskop Panda aya di alam liar dina bentuk aslina kalayan kelir hideung jeung bodas sabab sabenarna dihasilkeun ti pamekaran pinilih.[27] Pandamoor.jpg
Buntut Tiung Buntut Kukupu Météor
Koki Buntut Tiung dimekarkeun kira-kira taun 1890 di Amérika Serikat kalayan ngabaranahkeun Ryukin Jepang jeung lauk koki Teleskop.[28]Variétas lauk koki nu dihasilkeun dipikawanoh kiwari minangka koki Buntut Tiung Philadelphia.[28] Varietas lian ti lauk koki ieu ngawengku Buntut Tiung Éropa jeung China.[28] Welon (ryba).JPG Koki Buntut Kukupu disebut Jikin di Jepang, sarta diyakinkeun geus dibaranahkeun ti lauk koki Wakin.[29] Ngaran lian pikeun jenis lauk koki ieu nyaéta koki Buntut Bintang.[29] Calico-butterfly-tail-demekin.png Metéor nyaéta lauk koki variétas anéh nu geus dimekarkeun ku paternak, maranéhna teu mibanda cécépét buntut.[30][31]
Singachu Endog-lauk Shukin
Singachu atawa Hulu Singa-Ranchu nyaéta lauk koki nu dihasilkeun tina kawin silang koki Hulu Singa jeung koki Ranchu.[32][33] Goldfish Lionchu first orize winner.jpg Endog-lauk nyaéta lauk koki nu teu mibanda cécépét tonggong sarta mibanda awak wangunna siga endog .[34][35] Eggfish.jpg Butuh dalapan taun ti taun 1892 pikeun mancegkeun produk kawin-silang Oranda jeung Ranchu. [36]Shinosuke Matsubara, kapala Sakolah Kalaukan, ngaranan lauk koki ieu ku cara nyokot karakter ti ngaran paternak, nyaéta shu dina basa Jepang.[36] Sanggeus Perang Dunya II, maranéhna tumpur, kalahkumaha ogé, prosés mijahkeun silang nu sarua kajadian di sakuliah wewengkon, sarta maranéhna geus aya deui.[36]
Ingsang-muringkel Tamasaba Tosakin
Ingsang-muringkel nyaéta jenis lauk koki nu geus dimekarkeun ku panggemar, ngaran nujul kana ingsangna nu tibalik.[31][37] Curled gill goldfish.jpg Koki Tamasaba nyaéta jenis nu kacida langka nu dimekarkeun kalayan kawin silang Syounai (geus euwueh) jeung Ryukin nu buntutna dua.[38] Hasilna nyaéta lauk koki kalayan awak buleud sarta melengkung ka tukang nu mibanda cécépét bool jeung cécépét buntut tunggal.[38] Tamasaba or Sabao.jpg Hal ieu diyakinkeun yén Katsusaburo Suga, nyiptakeun Tosakin kalayan mijahkeun silang Osakaranchu jeung Ryukin kira-kira taun 1845 jeung 1851 (Aya ogé téori yén hal éta dilakukeun ngaliwatan mutasi Ryukin).[39]Tosakin dianggap tumpur lantaran Perang Dunya II sarta gempa bumi Nankai dina taun 1946, tapi sacara ajaib, genep di antarana kapanggih di hiji réstoran di Prefektur Kochi.[39] Dina taun 1969, Tosakin kadaptar minangka spesies nu ditangtayungan di Prefektur Kochi.[39] Tosakin.JPG
Teleskop Bodas
Koki Teleskop Bodas nyaéta varian kelir bodas ti koki Teleskop nu mibanda awak bodas sarta sapasang mata nu nonjol.[25]

Klasifikasi Koki China[édit | édit sumber]

Tradisi China ngagolongkeun lauk koki kana opat jenis utama nyaéta dumasar kana karakteristik hulu, awak, cécépét buntut sarta cécépét tukang.[40]

  • Crucian (disebut ogé "jukut")—Koki tanpa fitur anatomi nu méwah.[40] Ieu kaasup lauk koki ilahar nyaéta varietas paling awal nu hirup di alam liar.[40] Dina hal kelir jeung gurilap, seri ieu bisa asup kana variétas: crucian jukut-bodas, crucian aurum, crucian inkertensi, crucian hideung-konéng, sarta crucian beureum-bodas.[40]
  • Wen—Koki ditandaan kalayan awak pondok, hulu jeung biwir méncos, beuteung buleud, mata leutik sarta datar nu henteu nonjol kaluar ti rongga orbital saperti jenis lauk koki lianna.[40]
  • Dragon Eye—Koki nu mibanda kaleuwihan ukuran mata, nyaéta tina jenis "seri naga", nu ditandaan kalayan awak pondok jeung kandel, cécépét tonggong, cécépét buntut badag, hulu rata sarta lebar.[40] contona, Teleskop Hideung, Mata Melendung, jeung Teleskop.[40]
  • Egg—Koki nu teu mibanda cecepet tonggong, sarta ilaharna mibanda wangun awak siga endog.[40]

Spésiés patali[édit | édit sumber]

A golden coloured fish with silvery highlights, facing right
Lauk emas Crucian (Carassius carassius)
A pale silvery and brownish fish, facing left
Lauk emas Prussian liar (Carassius auratus gibelio)
An orange coloured fish, facing right
Lauk emas Prussian kelir oranyeu jambul kalayan kelir siga lauk koki.

Lauk koki nu dibaranahkeun ti lauk emas Prussian (Carassius auratus gibelio) di China, sarta ilaharna lauk kelir héjo zaitun ieu masih relatip deukeut jeung lauk koki liar .[41][42]

Biologi[édit | édit sumber]

Ukuran[édit | édit sumber]

Dina bulan April 2008, lauk koki panggedéna di dunya dipercaya ku BBC diukur 19 inches (48 cm), hirup di Walanda.[43] Harita, koki dingaranan "Goldie", diingu minangka sato inguan dina bak di Folkestone, Inggris, Diukur 15 inci (38 cm) sarta leuwih ti 2 pon (0,91 kg), tur ngaranna salaku panggedéna kadua di dunya handapeun lauk Walanda.[43] Dina bulan Juli 2010, lauk koki diukur 16 inches (41 cm) sarta 5 pounds (2.3 kg) ditéwak di balong di Poole, Inggris, sigana geus ngagedéan ngaleuwihan bak.[44]

Tetempoan[édit | édit sumber]

Lauk koki mibanda salah sahiji pancaindera nu paling kudu diulik ngeunaan panénjona.[45] Lauk koki mibanda opat rupa cone cells, nu masing-masing sénsitif pikeun kelir-kelir nu béda: beureum, héjo, bulao sarta ultraviolet.[45] Kamampuh pikeun ngabédakeun antara opat kelir primér nu béda maranéhna diklasifikasikeun minangka tetrachromats.[46]

Maraban[édit | édit sumber]

On a blue background, two large light red wafers at the upper left, a light gray compressed cube at the upper right, small brown pellets at the middle left, and, at the middle right and bottom, various yellow-green and red flakes
Rupa-rupa parab lauk

Idéalna lauk koki kudu diparaban sababaraha kali dina mangsa tengah poé, tapi ieu teu praktis pikeun sabagéan badag kacuali lamun ngagunakeun maraban otomatis.[47]

Sakumaha lobana parab nu kudu diparabkeun ? Paraban saeutik-saeutik heula, tingali sakumaha gancangna parab dihakan.[47] Balikan deui cara ieu, (tengetkeun, sakumaha porsi nu dihakan), nepikeun ka lauk teu daékeun ngahakan parab.[47] Terus kurangan jumlah porsi kasebut dina mangsa maraban kacuali lamun Anjeun tujuan maraban pikeun tumuwuh anu maksimal.[47]

Lauk koki di balong diparaban sakali sapoé ti awal usum semi nepi ka panungtung usum gugur.[47] Maraban dina usum tiis gumantung kana suhu cai.[47]

lauk koki dina akuarium kudu diparaban sakali sapoé ti awal usum semi nepi ka panungtungan usum gugur kacuali lamun merelukeun tumuwuh nu maksimal, maka kudu dua kali sapoé.[47]

Baranahan[édit | édit sumber]

Ngabaranahkeun lauk koki nyaéta pamekaran cacara alami sanggeus Anjeun miara.[48] Sanajan Anjeun geus ngarasa senang ngingu lauk koki ku cara meuli, mangrupa hiji kapuasan lamun bisa mijahkeun kalayan ngaronjatkeun kualitas binih nepikeun ka gedé.[48]

Lauk koki baris ngendog dina umur sataun, tapi umur idéalna nyaéta antara dua jeung opat taun.[48] Lauk koki nu ngora condong miceun endog leutikna, endog nu leutik ngahasilkeun anak lauk nu leutik ogé nu teu dipikaharep.[48] Lauk koki nu leuwih kolot bisa ngahsilkeun endog nu gedé.[48]

Dina satiap hasil mijahkeun baris aya sajumlah anak lauk nu nunjukeun ciri has indukna.[48] Dina minggu-minggu mimiti kahirupanna, anak lauk mekar gancang pisan -hiji adaptasi nu lahir tina résiko dihakan ku lauk sawawa séjén di lingkungan maranéhna.[49]

Ngabaranahkeun lauk koki nyaéta prosés milih lauk sawawa pikeun réproduksi, ngamungkinkeun maranéhna pikeun réproduksi sarta ngaronjatkeun katurunan nu dihasilkeun.[50]

Endog lauk koki némbongkeun bagéan sél
Burayak Koki (Ryukin)
Oranda Beureum (Wen) koki jarang di balong luar rohangan kalayan taraté .

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. "USGS-NAS, Non-indigenous Aquatic Species". Diakses tanggal 2015-04-29. 
  2. "Carassius auratus (Linnaeus, 1758)". Fishbase. Diakses tanggal 2015-04-29. 
  3. a b c "Jenis Ikan Koki". majalahhewan.com. Diakses tanggal 09 Juni 2017. 
  4. a b c d "Goldfish". fishnet.org. Diakses tanggal 09 Juni 2017. 
  5. a b c d e f g h "Goldfish History". about-goldfish.com. Diakses tanggal 09 Juni 2017. 
  6. a b c d Roots, Clive (2007). Domestication. Westport: Greenwood Press. pp. 20–21. ISBN 978-0-313-33987-5. 
  7. a b c d e f g h i "Background information about goldfish". Bristol Aquarists' Society. Diakses tanggal 09 Juni 2017. 
  8. Nutrafin Aquatic News, Issue #4, 2004, Rolf C. Hagen, Inc. (USA) and Rolf C. Hagen Corp. (Montreal, Canada)
  9. a b c Smartt, Joseph (2001). Goldfish varieties and genetics: A handbook for breeders. Oxford: Blackwell Science. p. 21. ISBN 978-0-85238-265-3. 
  10. "goldfish". Diarsipkan dari versi asli tanggal September 1, 2009. Diakses tanggal 2013-02-28. 
  11. a b "Types of Goldfish". fishnet.org. Diakses tanggal 09 Juni 2017. 
  12. a b "Common Goldfish". petgoldfish.net. Diakses tanggal 09 Juni 2017. 
  13. a b "Black Telescope". en.wikipedia.org. Diakses tanggal 09 Juni 2017. 
  14. "Black Moor Goldfish". about-goldfish.com. Diakses tanggal 09 Juni 2017. 
  15. a b c d "Bubbleeye Goldfish". about-goldfish.com. Diakses tanggal 09 Juni 2017. 
  16. a b c "Celestial Goldfish". about-goldfish.com. Diakses tanggal 09 Juni 2017. 
  17. a b c d e "Comet Goldfish". about-goldfish.com. Diakses tanggal 09 Juni 2017. 
  18. a b c "Fantail Goldfish". about-goldfish.com. Diakses tanggal 09 Juni 2017. 
  19. a b c d e "Lionhead Goldfish". about-goldfish.com. Diakses tanggal 09 Juni 2017. 
  20. a b "Oranda Goldfish". about-goldfish.com. Diakses tanggal 09 Juni 2017. 
  21. a b c d "Pearlscale Goldfish". about-goldfish.com. Diakses tanggal 09 Juni 2017. 
  22. "Pompon Goldfish". about-goldfish.com. Diakses tanggal 09 Juni 2017. 
  23. a b c d "Ryukin Goldfish". about-goldfish.com. Diakses tanggal 09 Juni 2017. 
  24. a b c d "Shubunkin Goldfish". about-goldfish.com. Diakses tanggal 09 Juni 2017. 
  25. a b c d e "Teleskop Goldfish". about-goldfish.com. Diakses tanggal 09 Juni 2017. 
  26. a b c "Ranchu Goldfish". about-goldfish.com. Diakses tanggal 09 Juni 2017. 
  27. a b c "Panda Goldfish Teleskop". allabout-aquariumfish.com. Diakses tanggal 09 Juni 2017. 
  28. a b c "Veiltail Goldfish Teleskop". allabout-aquariumfish.com. Diakses tanggal 09 Juni 2017. 
  29. a b "Butterflytail Goldfish Teleskop". allabout-aquariumfish.com. Diakses tanggal 09 Juni 2017. 
  30. Fancy Goldfish Varieties, Bristol Aquarists' Society, Bristol-Aquarists.org, retrieved on: June 20, 2007
  31. a b Andrews, Dr. Chris. "An Interpet Guide to Fancy Goldfish", Interpet Publishing, 2002 - ISBN 1-902389-64-6
  32. "What is a Lionchu?" by Peter Ponzio, an article from the Goldfish Pages Website (Goldfish Society of America), date retrieved: 28 February 2013
  33. "GFSA - Ask the Judges", an article about the Lionchu by Larry Christensen, Peter Ponzio, Scott Taylor, Tony Reynolds and John Parker, from the Goldfish Pages Website (Goldfish Society of America), date retrieved: 28 February 2013
  34. Andrews, Chris, Dr. An Interpet Guide to Fancy Goldfish, Interpet Publishing, 2002. - ISBN 1-902389-64-6
  35. "Nutrafin Aquatic News, Issue #4, 2004, Rolf C. Hagen, Inc. (USA) and Rolf C. Hagen Corp. (Montreal, Canada)". Hagen.com. Diakses tanggal 2011-11-19. 
  36. a b c "types-of-goldfish". samurai-goldfish.net. Diakses tanggal 09 Juni 2017. 
  37. Johnson, Dr. Erik L., D.V.M. and Richard E. Hess. Fancy Goldfish: A Complete Guide to Care and Collecting, Shambhala Publications, Inc., 2001 - ISBN 0-8348-0448-4
  38. a b "types-of-goldfish". myaquariumclub.com. Diakses tanggal 09 Juni 2017. 
  39. a b c "Tosakin". samurai-goldfish.net. Diakses tanggal 09 Juni 2017. 
  40. a b c d e f g h "Evolution and Varieties of Goldfish". cnaquafish.com. Diakses tanggal 09 Juni 2017. 
  41. Komiyama, Tomoyoshi; Hiroyuki Kobayashi; Yoshio Tateno; Hidetoshi Inoko; Takashi Gojobori; Kazuho Ikeo (February 2009). "An evolutionary origin and selection process of goldfish". Gene 430 (1–2): 5–11. doi:10.1016/j.gene.2008.10.019. PMID 19027055. http://www.sciencedirect.com/science/article/B6T39-4TVTJKP-5/2/cb35c47220bf1552372c4df41aa6e58e. Diakses pada 2010-08-09. 
  42. Les Pearce. "Common Gold Fish". Aquarticles. Diarsipkan dari versi asli tanggal 28 May 2006. Diakses tanggal 20 June 2006. 
  43. a b "Giant goldfish 'simply amazing'". BBC News. Citakan:ISO date/en. http://news.bbc.co.uk/1/hi/england/kent/7352909.stm. Diakses pada 17 July 2010 
  44. "Surrey schoolboy catches 5lb goldfish in Dorset lake". BBC News. Citakan:ISO date/en. http://www.bbc.co.uk/news/uk-england-10649008. Diakses pada 17 July 2010 
  45. a b Neumeyer, C. (2003). "Color Vision in Fishes and Its Neural Basis". Di Collin, S.P.; Marshall, N.J. Sensory Processing in Aquatic Environments. New York: Springer-Verlag. p. 223. In goldfish, as the best investigated fish species[...] 
  46. Neumeyer, Christa (1988). Das Farbensehen des Goldfisches: Eine verhaltensphysiologische Analyse. G. Thieme. ISBN 313718701X. 
  47. a b c d e f g "Feeding Goldfish". about-goldfish.com. Diakses tanggal 09 Juni 2017. 
  48. a b c d e f "Goldfish Breeding.". about-goldfish.com. Diakses tanggal 09 Juni 2017. 
  49. Loh, Richmond. "Goldfish (Carassius auratus)" (PDF). The Fish Vet.com. Diakses tanggal December 31, 2013. 
  50. [1] Breeding fancy goldfish

Tumbu kaluar[édit | édit sumber]