Konéng gedé
Konéng gedé | |
---|---|
Beuti Konéng Gedé | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
Divisi: | |
Subdivisi: | |
Kelas: | |
Ordo: | |
Kulawarga: | |
Génus: | |
Spésiés: | Curcuma zanthorrhiza
|
Ngaran binomial | |
Curcuma zanthorrhiza |
Konéng gedé; Temu lawak; (Curcuma zanthorrhiza) nyaéta hiji tutuwuhan anu asalna tina kulawarga (Zingiberaceae)[1]. Ieu tutuwuhan pituin ti Indonésia, hususna ti Pulo Jawa, tuluy ngarékahan tur nyebar nepi ka ka sababaraha tempat di wewengkon wewengkon Malaysia. Kiwari, ieu tutuwuhan loba dipiara jeung di budidayakeun di : Indonésia, Malaysia, Thailand, jeung Filipina[2] sagigireun di Asia Tenggara ieu tutuwuhan kapanggih hirup ogé di China, Indochina, Barbados, India, Jepang, Koréa, Amerika Serikat katut sababaraha nagara di Éropa.
Konéng gedé di Madura disebut temu labak.[1] Ieu tutuwuhan bisa hirup ti mimiti daérah landeuh nepika daérah tonggong anu luhurna 1500 méter tina beungeut cai laut sarta habitatna di leuweung tropis[2]. Rimpang/beuti konéng gedé hirup kalawan subur dina taneuh anu ngeprul/gembur [3].
Ciri Mandiri
[édit | édit sumber]Terna tangkal palsu jangkungna bisa nepi ka saméter, henteu ari nepi ka dua méter mah. Anu sok disebukeun tangkal sabenerna palapah daun anu ajeg ka luhur kalayan bijil rekep ngentep. [4], kelirna héjo semu coklat. Beuti/rimpang ukuran kawilang gedé, ngarangkadak, kelir coklat semu beureum, konéng kolot aya ogé anu héjo kolot. Daun bijil 2 – 9 lambar tina unggal beutina wujudna buleud aya ogé anu lonyod, kelirna héjo sakapeung aya anu bungur caang nepika bungur poék, panjang daun 31 – 84 cm sarta rubak 10 – 18 cm, panjang palapah jeung daunna daun termasuk helaian 43 – 80 cm, pada
Mangpaat Jeung Kagunaan
[édit | édit sumber]Konéng gedé geus lila dipiwanoh salaku ubar jeung bahan nyieun jajamu, sababaraha hasiat temulawak anu geus dipikanyaho : Ubar suda kana barang dahar, kencing batu, panyakit konéng, ambien, diaré, jeung sajabana. [5]
Hama jeung panyakit
[édit | édit sumber]Hama
[édit | édit sumber]Hama tutuwuhan konéng gedé:
- Hileud jeungkal (Chrysodeixis chalcites Esp),
- Hileud taneuh (Agrotis ypsilon Hufn) jeung
- hileud beuti (Mimegrala coerulenfrons Macquart) Cara ngabasmi cukup disemprot maké insektisida Kiltop 500 EC tawa Dimilin 25 WP kalawan takaranna 0,1 − 0,2%.
Penyakit
[édit | édit sumber]- Supa Fusarium tayalian supa oxysporum Schlecht jeung Phytium sp kitu deui bakteri Pseudomonas sp anu nyerang kana akar pibeutieun timimiti di jero taneuh/mangsa dipelak nepika sabada dipanén. Katempon beutina buruk sarta daun jadi konéng, layu, pucuk garing jeung lalaunan tutuwuhan paéh.
Cara ngabasmi a kujalan maké dimazeb 80 WP tawa Dithane M-45 80 WP kalayan takara 0,1 − 0,2%.
- Panyakit layu dibalukarkeun ku Pseudomonas sp, katempo daun jadi konéng ti palebah puhuna, di mana dikeureut baris ngaluarkeun cai. Cat ra ngabasmi kujalan disemprot Agrimycin 15/1.5 WP tawa grept 20 WP anu takaranna 0,1 − 0,2%[6][7]
Dicutat tina
[édit | édit sumber]- ↑ a b Mahendra, B: “13 Jenis Tanaman Obat Ampuh”, halaman 95. Penebar Swadaya, 2005
- ↑ a b Rukmana, R: “Temu-Temuan”, halaman 14. Kanisius, 2004
- ↑ Hidayat, S. dan Tim Flona: “Khasiat Tumbuhan Berdasar Warna, Bentuk, Rasa, Aroma, dan Sifat”, halaman 105. PT Samindra Utama, 2008
- ↑ Tim Penulis Martha Tilaar Innovation Center: “Budidaya Secara Organik Tanaman Obat Rimpang”, halaman 79. Penebar Swadaya, 2002
- ↑ Saidi, Ahmad (2006). Khasiat dan Manfaat Temulawak. Jakarta: Ganeca Exact. p. 10. ISBN 9789791213066. Disungsi20 Juni 2021
- ↑ "Temulawak Berkarbonasi". Kompas.com. Citakan:ISO date/fr2. https://sains.kompas.com/read/2012/05/26/06012468/temulawak.berkarbonasi?page=1. Diakses pada 8 Juni 2020
- ↑ "Temulawak Berkarbonasi". Kompas.com. Citakan:ISO date/fr2. https://sains.kompas.com/read/2012/05/26/06012468/temulawak.berkarbonasi?page=1. Diakses pada 8 Juni 2020
Pustaka
[édit | édit sumber]- M. Mateblowski (1991), Curcuma xanthorrhiza Roxb, penerbit PMI Verlag, ISBN 3-89119-173-1, ISBN 978-3-89119-173-6, halaman 36
- Manfaat Temulawak Archived 2021-06-19 di Wayback Machine