Kumpay

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Kumpay
Lycopodium
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Tracheophyta
Kelas:
Lycopodiopsida
Kulawarga:
Lycopodiaceae
Génus:
Lycopodium
Spésiés:
Lycopodium clavatum L.
Sinonim

Clopodium Raf., AnaL Nat. Tabl. Univ. 205. 1815. nom. nud.

Kumpay; Lycopodium nyaéta hiji tutuwuhan anu asalna tina kulawarga lycopodiaceae.[1] Tina basa Yunani lukos hartina ajag jeung podion hartina ngaleutikan, pous hartina suku. Genusna clubmosses, dipiwanoh ogé ground pines atawa creeping cedars.[2] Tina kulawarga Lycopodiaceae, dua anu pang katempona béda circumscriptions tina genus anu dipaké. Ogé Pteridophyte Phylogeny Group dogolongkeun taun 2016 (PPG I), Lycopodium mangrupikeun salah sahiji tina salapan genera tina kulawarga Lycopodioideae, kitu deui aya dina 9 nepi ka 15 spésiés.[3][4] Dina klasifikasi anu séjén, genus na sarua jeung sakabéh kulawarga, kusabab éta kalebet sadayana genera anu sanés. Sarta aya leuwih ti 40 spésiés anu geus dipiwanoh.[5]

Ciri mandiri[édit | édit sumber]

Tutuwuhan ieu henteu mibanda kembang, vascular, bisa hirup dina taneuh atanapi mangrupi Épifit anu napel dina tangkal anu séjén, tangkalna mibanda cagak anu loba, ajeg kaluhur, aya ogé anu ngampar luhureun taneuh, dauna nunggal laleutik, maréncos kawas jarum ngéntép nutupan dahan jeung tangkalna. Wadah spora wujudna kawas ginjal, (sporangia) Spora anu dipibandanya ngan 1 rupa [6] tempatna aya dina luhureun daun tina daunna anu husus (sporophylls) ngentep dina strobilus wujudna kawas aseupan di tungtung dahan anu ajeg.

Kumpay ngarekahan kujalan ngaluarken spora asexually. Tutuwuhan ieu ogé ngagaduhan bagian séksual jero taneuh anu ngahasilkeun gamét/beuti, sareng ieu silih ganti dina siklus hirup tutuwuhan anu ngahasilkeun spora. Prothallium anu dikembangkeun tina spora mangrupikeun jisim jaringan jero taneuh anu ngajendul sarta mibanda duanana organ jalu sareng bikang antheridiumand archegoniae.[6] Nanging, ieu tutuwuhan ilahar dirintahkeun maké cara végétatif ngalangkungan rhizom/beuti di luhur- atanapi di handapeun taneuh.

Taxonomy[édit | édit sumber]

Genus Lycopodium Mimiti diguar ku Carl Linnaeus taun 1753.[7] Anjeunna nempatkeun kana Musci (mosses) dibarengan ku genera sapertos Sphagnum sareng kaasup spésiés sapertos Lycopodium selaginoides,[8] ayeuna disimpen dina genus Selaginella dina runtuyan anu sanés pikeun Lycopodium. Sumber anu bénten nganggo substansi anu bénten circumscriptions tina genus. Tradisional, Lycopodium dianggap hiji-hijina genus anu aya di kulawarga Lycopodiaceae, janten kalebet sadaya spésiés dina kulawarga, sanaos sakapeung ngaluarkeun hiji tempat dina genus monotypic Phylloglossum.[9] Sumber anu sanés ngabagi spésiés lycopodiaceae kana tilu genera anu sacara jelas, Lycopodium, Huperzia (including Phylloglossum) ogé Lycopodiella. Dina panempo ieu, Lycopodium sensu lato ngagaduhan kurang leuwih 40 spésiés.[10][5] Dina Pteridophyte Phylogeny Group Klasifikasi tina 2016 (PPG I), genus anu ditetepkeun sacara umum sami sareng kulawarga Lycopodioideae, katut Lycopodium mangrupikeun salah sahiji tina 16 genera di kulawarga Lycopodiaceae, mangrupikeun salah sahiji tina 16 genera di ieu kulawarga .[3][4]

Babandingan anu beda-beda tina Lycopodium
Traditional[9] Christenhusz & Chase (2014)[10] PPG I[4]
Lycopodium
+ Phylloglossum
Lycopodium s.l. Lycopodium s.s. + 8 genera anu sanés ngawangun kulawarga Lycopodioideae
Dua genera séjén 7 genera (kaasup Phylloglossum) dina dua subfamilies

Species[édit | édit sumber]

Dina lingkungan leutikna bunderan Lycopodium , di mana éta mangrupikeun tina salapan gén dina kulawarga lycopodioideae

Lycopodium clavatum

[3]

Ngagunakeun lingkungsn lega tina genus, Plants of the World Online diakuan tambahan ieu Lycopodium species .[5] Ngagunakeun lingkungan heureut Lycopodium,the Checklist of Ferns and Lycophytes of the World ngabagi aranjeunna diantara dalapan jinis anu sanés:[11]

Kagunaan[édit | édit sumber]

Spora tina Lycopodium tina spesies ieu dikumpulkeun sarta dijual salaku tipung lycopodium. ramuan parantos dianggo dina ubar tradisional Austria sacara internal salaku téh atanapi sacara éksternal salaku komprés pikeun panyakit gangguan sistem lokomotor, kulit, ati sareng empedu, ginjal sareng saluran kemih, inféksi, rematik, sareng asam urat,[12]

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. Karl Hasskarl, Justus (1845). Aanteekeningen over het nut, door de bewoners van Java aan eenige planten van dat eiland toegeschreven. Universitas Oxford: J. Müller. p. 88.  Disungsi8 April 2021
  2. The Columbia Encyclopedia, Sixth Edition, 2008
  3. a b c Hassler, Michael; Schmitt, Bernd (November 2019). "Lycopodium". Checklist of Ferns and Lycophytes of the World. 8.11. Diakses tanggal 2019-12-09.  Archived 2017-09-02 di Wayback Machine
  4. a b c PPG I (2016). "A community-derived classification for extant lycophytes and ferns". Journal of Systematics and Evolution 54 (6): 563–603. doi:10.1111/jse.12229. 
  5. a b c "Lycopodium L.". Plants of the World Online. Royal Botanic Gardens, Kew. Diakses tanggal 2019-12-09. 
  6. a b   "[Lycopodium Lycopodium]". Encyclopædia Britannica (11th) 17. (1911). Cambridge University Press. 
  7. "Lycopodium L.". The International Plant Names Index. Diakses tanggal 2019-12-21. 
  8. Linnaeus, C. (1753). "Lycopodium". Species Plantarum II. pp. 1100ff. Diakses tanggal 2019-12-21. 
  9. a b Sporne, K.R. (1966). The Morphology of Pteridophytes (2nd ed.). London: Hutchinson. chap. 4. OCLC 253704767. 
  10. a b Christenhusz, Maarten J.M.; Chase, Mark W. (2014). "Trends and concepts in fern classification". Annals of Botany 113 (9): 571–594. doi:10.1093/aob/mct299. PMC 3936591. PMID 24532607. http://www.pubmedcentral.nih.gov/articlerender.fcgi?tool=pmcentrez&artid=3936591. 
  11. Hassler, Michael; Schmitt, Bernd (November 2019). Checklist of Ferns and Lycophytes of the World. 8.11. Diakses tanggal 2019-12-09.  Archived 2017-09-02 di Wayback Machine
  12. Vogl, S; Picker, P; Mihaly-Bison, J; Fakhrudin, N; Atanasov, A. G.; Heiss, E. H.; Wawrosch, C; Reznicek, G et al. (2013). "Ethnopharmacological in vitro studies on Austria's folk medicine--an unexplored lore in vitro anti-inflammatory activities of 71 Austrian traditional herbal drugs". Journal of Ethnopharmacology 149 (3): 750–71. doi:10.1016/j.jep.2013.06.007. PMC 3791396. PMID 23770053. http://www.pubmedcentral.nih.gov/articlerender.fcgi?tool=pmcentrez&artid=3791396. 

Tutumbu ka Luar[édit | édit sumber]