Kuris

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Murangkalih anu kénging kuris

Kuris atanapi cacar mangrupi panyawat kulit anu dijalarankeun ku virus.[1] Panyawat ieu ditawisan ku nyondongna gelembung anu di lebetna nyondong cairan dina kulit sareng selaput lendir.[1] Umumna, kuris tiasa dibéntenkeun janten dua jinis diantawisna kuris biasa (variola atanapi smallpox) sareng kuris cai (varicella atanapi chickenpox).[1] Kuris mangrupi panyawat anu nular.[1] Sajabi ditawisan kaliyan medalna gelembung, kuris ogé disarengan ku nyenyepan.[1] Dina waktos sahenteuacanna, kuris biasa (variola) mangrupi salah sawios pangréhing dina pati pangutamina di saniskanten dunya.[1] Dina warsih 1967, World Health Organization (WHO) ngayogikeun program vaksinasi kuris cai massal ku kituna wilangan jalmi anu ngalaman kuris lungsur sacara drastis.[1] Béntenna antawis kuris biasa sareng kuris cai nyaéta gelembung kuris cai mikagungan ukuran anu langkung alit dibandingkeun sareng kuris biasa.[1] Sajabi ti éta, gelembung kuris cai henhenteu kajabi sacara sarengan di sawatawis bagéan salira.[1]

Kuris Cai[édit | édit sumber]

Kuris cair mangrupi jinis kuris anu dijalarankeun ku virus Varicella zoster. Panyawat ieu ngabalukarkeun ruam (totol beureum) sareng gelembung anu kaeusian ku cairan dina kulit.[1] Kuris cai tiasa nular ka jalmi anu sanésna.[1] Jalmi anu kantos kainféksi panyawat ieu mikagungan kakebalan (imunitas) sayuswa jumeneng.[1] Sanaos kitu virus anu ngajalarankeun panyawat kuris cai tiasa aktip deui sareng ngembang janten panyawat herpes zoster.[1] Tawis-tawis kuris cai kajabi 10-21 dinten saparantos kainféksi.[1] Tawis dina murangkalih ditawisan kaliyan seueul mastaka, nyenyepan, sareng malaise (leuleus).[1] Samentawis dina jalmi déwasa ditawisan kaliyan totol beureum anu eusina cairan.[1] Saparantos janten garing totol anu karaoseun ateul ieu midamel kerak.[1] Sabot peupeus, totol beureum baris janten tatu dina baham, lakop soca, saluran pernapasan bagéan luhur, réktum (palawangan), sareng vagina.[1]

Kuris Biasa[édit | édit sumber]

Kuris biasa atanapi cacar mangrupi jinis kuris anu dijalarankeun ku virus Variola minor sareng V.major.[1] Panyawat ieu ditularkeun ngalangkungan kontak langsung sareng jalmi anu nuju teu damang ngalangkungan cabakan, pakakas, atanapi barang anu dianggé anu nuju teu damang éta.[1] Kuris biasa henteu tiasa ditularkeun ngalangkungan landepan sato atanapi kontak langsung sareng sato kasebat.[1] Waktos inkubasi virus variola lumangsung kinten-kinten 7-17 dinten.[1] Gejala anu kajabi mangrupi nyenyepan, salira leuleus, éngsél seueul, puyeng sareng luga.[1] Sajabi ti éta, nu teu damang baris ngalaman totol beureum dina ilat, rongga baham, sareng kulit. Totol kasebat saterasna ngabentuk gelembung di kulit sapertos cekungan alit di luhurna.[1] Gelembung anu eusina nanah ieu tiasa peupeus sareng ngantunkeun tilas gelembung atanapi krusta.[1] Krusta ieu tiasa leupas saparantos garing.[1]

Panglandongan[édit | édit sumber]

Dokter biasana henteu masiham landong husus kanggé nu teu damang kuris biasa, nanging ku cara ngahampangkeun gejala-gejalana.[1] Pasién dipasihan cairan tambihan kanggé nyegah déhidrasi, aspirin atanapi kodein kanggé ngirangan raos seueul dina sirah sareng otot, sareng antibiotika kanggé ngalandongan inféksi sékunder atanapi baktéri.[1] kanggé ngajagi kaberesékaan salira, pasien ogé dipasihan cairan antiséptik sareng pupur.[1] Ngalandongan kuris cai dipidamel kaliyan masih asetaminofen kanggé ngalungsurkeun raraosan nyenyepan.[1] Pasien ogé disarankeun kanggé ibak cai haneut sareng nganggé losion anu ngandung kalamin kanggé ngirangan raos ateul.[1] Asiklovir mangrupi salah sawios landong anti-virus anu dipasihkeun ka penderita kuris cai, hususna ka pasien anu sistim kakebalan salirana lemah.[1] Dina kuris cai tiasa dicegah ku vaksin immunoglobulin zoster sareng immunoglobulin varicella-zoster, vaksin varisella biasana dipasihkeun ka murangkalih nu yuswana nembé 12-18 sasih.[2]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z aa ab ac ad ae af (id) Syukur, Abdul. dkk. 2005. Ensiklopedia Umum untuk Pelajar. PT Ichtiar Baru Van Hoeve
  2. (id) [1] (Dicutat tanggal 26 Oktober 2011)
Nulis.jpg