Mahkota Déwa
Pidangan
| Mahkota Déwa | |
|---|---|
| Mahkota Déwa dina tangkalna | |
| Klasifikasi ilmiah | |
| Karajaan: | |
| Divisi: | |
| Kelas: | |
| Ordo: | |
| Kulawarga: | |
| Génus: | |
| Spésiés: | P. macrocarpa |
| Ngaran binomial | |
| Phaleria macrocarpa | |
Mahkota Déwa anu ngaran ilmiahna Phaleria macrocarpa atawa simalakama (Melayu atawa Sumater), Makuto Dewo (Jawa).[1] Tutuwuhan ieu asalna ti Papua.
Mangpaat Mahkota Déwa
[édit | édit sumber]Mahkota Déwa geus dipikawanoh pikeun tutuwuhan anu miboga mangpaat pikeun jadi ubar sagala panyakit, saperti Diabetes Mellitus, Kangker jeung Tumor, Hépatitis, Rématik jeung Asam urat.[1]
- Diabetes Mellitus
Pengobatana nginum cai hasil godogan Mahkota Déwa.[1] Cara nyieuna nyaéta:
- Mawa 5-6 mahkota déwa, siksik tuluy kumbah nepi ka bersih.[1]
- Godog dina 5 gelas cai, antepkeun godogan éta nepi ka jadi 3 gelas.[1]
- Saring cai tina godogan téh tuluy inum 3 kali sapoé (masing-masing sagelas)
- Kangker jeung Tumor
Pengobatanna nginum cai hasil godogan Mahkota Déwa.[1] Cara nyieuna nyaéta:
- Campurkeun 5 gram daging buah mahkota déwa anu garing jeung 15 gr temu bodas, 10 gr sambiloto anu garing jeung 15 gr cakar hayam anu garing, kumbah nepi ka bersih.[1]
- Tuluy godog nepi ka jadi 5 gelas cai, antepkeun éta godogn téh nepi ka jadi 3 gelas.[1]
- Saring cai godogan, tungguan nepi ka tiis tuluy inum 3 kali sapoé masing-masingna sagelas.[1] Ieu cai diinumna sajam saenggeus dahar.[1]
- Hépatitis
Pengobatan nginum cai hasil godogan Mahkota Déwa.[2] Cara nyieuna nyaéta:
- Campur 5 gram daging buah mahkota déwa garing jeung 15 gr pegagan, 10 gr sambiloto garing jeung 15 gr daun déwa, kumbah nepi ka bersih.[2]
- Godog sakabéh bahan dina 5 gelas cai, antepkeun godogan téh nepi ka jadi 3 gelas.[2]
- Saring cai godongan, tungguan nepi ka tiis tuluy inum 3 kali sapoé masing-masing sagelas.[2]
- Rematik jeung Asam urat
Pengobatan nginum cai hasil godogan Mahkota Déwa.[2] Cara nyieuna nyaéta:
- Campur 5 gram daging buah mahkota dDéwa jeung 15 gr akar sidaguri, 10 gr sambiloto garing, kumbah nepi kabersih.[2]
- Godog sakabéh bahan dina 5 gelas air, antepkeun nepi ka jadi 3 gelas.[2]
- Saring cai godogan, tungguan nepi ka tiis tuluy inum 3 kali sapoé masing-masing sagelas.[2] Ieu cai inumna sajam saencan dahar.[2]