Lompat ke isi

Makam Dalem Cikundul

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Makam Dalem Cikundul

Makam Dalem Cikundul perenahna di Kampung Majalaya, Désa Cijagang, Kacamatan Cikalongkulon, kabupatén Cianjur. Pikeun ngajugjug ka ieu patempatan kawilang gampang. Jalan aspal geus nepi ka ieu désa. Sacara Astronomis ieu makam téh perenahna dina koordinat 06°42 02 LS jeung 107°10 52,8 BT.

Ieu makam anu kawilang réa didatangan kunu jarah téh perenahna di luhureun Pasir Gajah. Éta pasir téh diheumpit ku kamalirna walungan Cikalong di lebah kulon jeung kidulna, lebah wétan mangrupa taneuh tegal, ana pon lebah kalérna nyaéta leuweung. Iwal ti makam inohong utama, di lebah handapeunana ogé réa makam séjénna. Ieu komplék makam téh méh ngahiji jeung padumukan warga désa kalawan ngan saukur dipisahkeun ku walungan Cikalong.

Komplék makam kungsi ngalaman sababaraha kali pangropéa. Pangropéa pamungkas dilakukeun dina taun 1984 ku Moeslim Thahér, saurang anggota DPA. Kompléks makam manjang ti kidul ka kalér dikubeng ku pager. Topografi di sabudeureun kompléks makam nyaéta teu rata kalawan kompléks makamna déngdék/miring, beuki ka kalér beuki luhur. Di lebah handapna aya pos pangurus makam, gapura jeung masjid. Ti pos ieu nu jarah tuluy ka makam Dalem Cikundul ngaliwatan jalan tétécléan anu dibagi jadi dua bagéan/jalur anu dipisahkeun ku pangwates tina beusi, pikeun misahkeun jalur lalaki jeung awéwé. Di sisi katuhu tétécléan jalan ieu téh réa makam nepi ka bagéan puncak.

Di puncakna aya wangunan cungkup/suhunan permanén nu wangunna pasagi rada gedé nyanghareup ka kidul anu eusina makam Dalem Cikundul. Ieu wangunan téh dibagi jadi dua nyaéta tepas jeung wangunan utama. Wangunan utama dilengkepan ku dua panto.Panto di lebah wétan pikeun awéwé, anapon panto di lebah kulon pikeun lalaki. Di jero rohangan ogé dibagi deui ku tembok nu jangkungna 1 méter pikeun misahkeun awéwé jeung lalaki.

Di tengah rohangan utama nyampak makam Dalem Cikundul. Ieu makam téh dikurilingan ku pager teralis kalawan dilengkepan ku panto di sisi lebah kulon. Makamna ditutupan ku lawon bodas, ogé dua nisanna pikeun nandakeun makam. Ieu makam téh pohara dikeramatkeunana nu antukna patugas pangurus makam teu wani muka lawon bodas nu mungkus éta nisan/tutunggul.

  • Dinas Kebudayaan dan Pariwisata Provinsi Jawa Barat. 2007. Profil Peinggalan Sejarah dan Purbakala di Jawa Barat Dalam Khasanah Sejarah dan Budaya. Bandung:Disbudpar Jabar