Martin Heinrich Klaproth

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas


Martin Heinrich Klaproth
Martin Heinrich Klaproth
Lahir01 Désémber 1743
Wernigerode
Tilar01 Januari 1817 (yuswa 73)
Bérlin, Prussia
Tempat nganjrekWernigerode, Brandenburg
KawarganagaraanWernigerode
KabangsaanJérman
WidangKimia
Dipikawanoh lantaranPamanggihan uranium, zirconium, cerium

Martin Heinrich Klaproth (gumelar di Wernigerode,Brandenburg, 1 Désémber 1743 – maot di Bérlin, Prussia (kiwari Jérman), 1 Januari 1817 dina umur 73 taun) nyaéta saurang kimiawan Jérman anu manggihan uranium (1789), zirkonium (1789), jeung cerium (1803).[1] Klaproth ngagambarkeun unsur-unsur éta minangka élemén anu bararéda, sanajan Klaproth teu meunangkeunana dina wangun logam murni.[1] Klaproth mangrupa profésor kimia munggaran di Universitas Berlin.[2] Minangka kimiawan kasohor mangsa harita di Jérman, Klaproth mangrupa saurang anu tenget sarta taliti dina ngabantu pikeun ngaronjatkeun jeung sistematisasi kimia analitik ogé mineralogi.[1] Klaproth nyaéta salah saurang nu nganut non-Perancis awal doktrin antiphlogistic Antoine Lavoisier.[1] Klaproth manggihan deui titanium (1795) kurang leuwih opat taun sanggeus pamanggihan awal sarta méré ngaranna.[1] Klaproth ngajelaskeun komposisi zat-zat, kaasup sanyawa tellurium, strontium, berilium, jeung kromium. Salian ti 200-an makalah, Klaproth ogé medalkeun kamus kimia lima jilid bareng jeung F.B. Wolff ogé suplemen opat jilid.[1]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f "Martin Heinrich Klaproth". Britannica. Diakses tanggal 02/29/2016. 
  2. "Martin Heinrich Klaproth Biography". biography.com. Diakses tanggal 02/29/2016.