Lompat ke isi

Masjid al-Haram

Masjidilharam
مسجد الحram
Masjidilharam ditingal tina luhur Abraj Al Bait.
Lua error in Modul:Location_map at line 510: Unable to find the specified location map definition: "Module:Location map/data/Saudi Arabia" does not exist.
Informasi umum
LetakMakkah, Arab Saudi
Koordinat geografi21°25′19″N 39°49′34″E / 21.422°N 39.826°E / 21.422; 39.826
Afiliasi agamaIslam
MunisipalitasLingkungan Al-Haram
ProvinsiProvinsi Makkah
Negara Arab Saudi
AdministrasiPamaréntah Arab Saudi
KepemimpinanImam:
Abdurrahman As-Sudais sarta nu sanésna
Ramat;okagph.gov.sa
Deskripsi arsitektur
Jenis arsitékturMasjid
DidirikanZaman Pra-Islam
Spesifikasi
Kapasitas900.000 jamaah (dugi ka 4.000.000 nalika usum Haji)
Menara9
Tinggi menara89 m
Masjid al-Haram

Masjidilharam (basa Arab: المسجد الحرام, al-Masjid al-Ḥarām; hartosna "Masjid Suci") nyaéta masjid panggedéna sarta pangsucina di dunya pikeun umat Islam. Ieu masjid perenahna di puseur kota Makkah, Arab Saudi, sarta ngalingkung Ka'bah anu janten Kiblat pikeun sakumna umat Islam nalika nuju ngerjakeun ibadah salat.[1]

Dina ajaran Islam, Masjidilharam mangrupikeun tempat anu paling mulya. Ibadah salat di dieu gaduh kautamaan anu kalintang ageung, nyaéta diganjar 100.000 kali tikel dibandingkeun sareng salat di masjid sanésna. Salaku puseur tina ibadah Haji sarta Umrah, Masjidilharam janten saksi tina ritual Tawaf sarta Sa'i anu dilakukeun ku jutaan jamaah unggal taun.[2] Sapanjang sajarahna, ieu masjid parantos ngalaman sababaraha kali rénovasi sarta pamegaran ageung-ageugan ku Pamaréntah Arab Saudi supados tiasa nampi jamaah anu beuki nambihan, kalayan fasilitas modern naging tetep ngajaga ajén sajarahna anu luhung.[3] Imam Besar masjid ieu nyaéta Syaikh Abdurrahman As-Sudais, imam nu katelah dina maca Al Qur'an ku sorana anu merdu jeing Syaikh Shuraim.

Muadzin besar jeung pangséniorna di Masjid Al-Haram nyaéta Ali Mulla nu sorana geus katelah di dunya Islam.

Ma'na Filosofis sarta Bagian Penting

[édit | édit sumber]

Masjidilharam sanés ngan saukur tumpukan batu sarta marmer anu éndah, nanging mangrupikeun perlambang ti kasederhanaan sarta kakuatan tauhid di payuneun Allah SWT.

Ka'bah: Puseur Katengtreman

[édit | édit sumber]

Ka'bah anu wujudna masagi sarta dibungkus ku kaén hideung (Kiswah) mangrupikeun simbol yén di payuneun Allah, sagala rupi warna sarta hiasan dunya téh taya hartosna. Nalika jamaah muter dina ritual Tawaf, éta téh gambaran tina alam dunya anu salawasna muter dina orbitna atawa jalurna bari tasbih ka Nu Maha Kawasa. Ka'bah janten puseur magnét spiritual; ka mana waé manusa indit, haténa bakal salawasna mulang ka titik ieu.[4]

Maqam Ibrahim: Tapak Ihtiar

[édit | édit sumber]

Maqam Ibrahim mangrupikeun batu urut tapak suku Nabi Ibrahim as. nalika anjeunna nuju ngawangun deui Ka'bah. Ieu tempat ngajarkeun urang ngeunaan ajén ihtiar sarta kerja keras. Tapak suku dina batu mangrupikeun bukti yén dina ngawangun kaimanan, diperlukeun pangorbanan sarta léngkah nyata. Ieu tempat méré pesen yén unggal amal kahadéan manusa bakal salawasna dijaga ku Allah salaku saksi di ahérat.[5]

Hijir Ismail: Kanyaah Nu Ngalingkung

[édit | édit sumber]

Hijir Ismail nyaéta wewengkon satengah bunderan di sisi Ka'bah anu hukumna asup kana jero Ka'bah. Ieu mangrupikeun simbol yén panto rahmat Allah téh jembar. Sanajan hiji jalma teu tiasa asup ka jero Ka'bah, Allah nyadiakeun bagian di luarna anu ajénna sarua. Ieu mangrupikeun simbol yén sing saha waé anu gaduh niat suci, bakal dipasihan jalan pikeun deukeut ka Anjeunna.[6]

Sumur Zamzam: Sumber Kahuripan

[édit | édit sumber]

Sumur Zamzam mangrupikeun mujijat ti Allah pikeun Nabi Ismail as. sarta Siti Hajar. Zamzam ngajarkeun urang yén di tengah gurun kahuripan anu garing, pasti aya sumber kakuatan upami urang gaduh kayakinan anu panceg. Cai ieu mangrupikeun tanda yén rahmat Allah bakal salawasna ngocor sapanjang zaman pikeun jalma-jalma anu sabar sarta ikhlas.[7]

Sofa sarta Marwah: Filosofi Pangharepan

[édit | édit sumber]

Ritual Sa'i di antara Sofa sarta Marwah mangrupikeun gambaran tina sajarah manusa anu salawasna aya dina perjuangan. Lulumpatan Siti Hajar mangrupikeun simbol Pangharepan (Raja'). Manusa wajib ihtiar (lulumpatan), nanging hasilna (cai Zamzam) mah mangrupikeun hak mutlak Allah SWT.[8]

Référénsi

[édit | édit sumber]
  1. Britannica, The Editors of Encyclopaedia. "Great Mosque of Mecca". britannica.com. Diakses 2026-02-23.
  2. General Presidency for the Affairs of the Grand Mosque and the Prophet's Mosque. "About the Grand Mosque". gph.gov.sa[tumbu nonaktif]. Diakses 2026-02-23.
  3. Sohail, M. (2018). The History of Al-Haram Al-Sharif. Makkah: Dar Al-Maiman. ISBN: 978-6035003632.
  4. Al-Ghazali. Ihya Ulumuddin: Kitab Rahasia-Rahasia Haji.
  5. Qur'an Surah Al-Baqarah: 125.
  6. Ibn Katsir. Tafsir Al-Qur'an al-Azim.
  7. Shah Waliullah Ad-Dihlawi. Hujjatullah al-Baligha.
  8. Peters, F. E. (1994). Mecca: A Literary History of the Muslim Holy Land.