Mohandas Gandhi
Artikel ieu perlu dirapihkeun sangkan luyu jeung baku artikel Wikipédia. Ngarapihkeun artikel bisa mangrupa ngabagi artikel kana paragraf atawa ngawikifikasi artikel. Sanggeus dirapihkeun, Anjeun bisa ngahapus ieu talatah. |
Citakan:Infobox revolution biography
Mohandas Karamchand Gandhi (Gujarati: મોહનદાસ કરમચંદ ગાંધી; Hindi: मोहन्दास करमचंद गांधी, Pronunciation-IPA: / moːhənd̪aːs kərəmtʃənd̪ gaːnd̪ʰiː / ) (2 Oktober 1869 – 30 Januari, 1948) salah saurang politikus utama jeung pamingpin spiritual India jeung gerakan kamerdekaan India. Gandhi pionir[1] tur panutur Satyagraha — ngalawan ku cara teu nurut babarengan dumasar kana ahimsa (bajoang teu make kekerasan) nu jadi salah sahiji filosofi sumanget dina Gerakan Kamerdekaan India, tur jadi inspirasi gerakan keur hak asasi jeung kamerdakaan di dunya. Gandhi ilahar jeung kawentar boh di India atawa di dunya ku ngaran Mahatma Gandhi (Hindi: महात्मा, / məhatma /; tina Basa Sansakerta, Mahatma: Great Soul) nyaéta Bapu (dina Basa India, Bapak).
Salah saurang ahli hukum didikan Inggris, Gandhi mimiti ngusulkeun idena keur bajoang sipil ku cara damey di komunitas perjuangan India keur hak asasi di Afrika Kidul. Sanggeus mulang ka India, Gandhi ngumpulkeun patani miskin jeung buruh keur protes kana "penindasan" pajak jeung diskriminasi. Mingpin Kongres Nasional India, Gandhi ngayakeun kampanye keur ngurangan kamiskinan, ngabébaskeun awewe India, babarayaan antara komunitas nu béda kapercayaan jeung etnis, ngeureunkeun perbudakan jeung diskriminasi kasta, sarta minuhan kabutuhan ekonomi nasional sorangan, sakabéh di luhur keur Swaraj — kamerdakaan India tina dominasi bangsa asing. Gandhi kawentar mingpin dina nolak pajeg uyah ku cara cara 400 kilométer (248 miles) Dandi Salt March dina 1930, sarta menta sacara terbuka ka Inggris keur Kaluar India dina taun 1942. Gandhi méakeun umur hirup keur kadameyan tur hirup tumuwuh babarengan antara Hindus, Muslims jeung Sikhs.
Salila bajoangna, Gandhi konsisten bajoang tanpa kekerasan jeung kebenaran sanajan dina kaayaan ekstrim. Gandhi jadi mahasiswa filosofi Hindu sarta hirup sederhana, "mengelola" ashram nyaéta minuhan kabutuhan sorangan. Gandhi nyieun baju ku sorangan — baju tradisional Indian dhoti jeung shawl, tinun maké charkha — sarta hirup diet salaku vegetarian. Gandhi remen puasa — pantang tina dahareun tur cai dina waktu nu lila — keur pembersihan diri tur nandakeun protes. Kahirupan jeung ajaran Gandhi méré ilham keur Dr. Martin Luther King Jr., Steve Biko jeung Aung San Suu Kyi sarta gerakan hak asasi sipil Amerika, perjuangan hak asasi manusa di Afrika Kidul jeung Myanmar. Kritikna kana sababaraha aspek modérnisasi kulon (saperti tehnologi jeung industrialisasi modérn) ogé nambahn reputasina dina ngawangun kritik nu jadi inspirasi pamikir politik saterusna.
Gandhi dibéré gelar Bapak Nasional India, gelar mimitina Subhash Chandra Bose [1] Archived 2019-08-29 di Wayback Machine [2]. Ulang taun Gandhi dina 2 Oktober dieling-eling salaku Gandhi Jayanti, sarta jadi poe libur nasional.
Awal kahirupan
[édit | édit sumber]Mohandas Karamchand Gandhi lahir ti kulawarga Hindu Modh Vanik di Porbandar, Gujarat, India taun 1869. Gandhi putra ti Karamchand Gandhi, diwan (Menteri Kepala) Porbandar, jeung Putlibai, istri kaopat Karamchand, runtuyan Hindu Pranami Vaishnava. Dua istri Karamchand mimiti, boga dua baraya awewe, maotna ku alesan nu teu dipikanyaho (rumorna waktu ngalahirkeun). Istri katilu teu daya upaya tur ngidinan ka Karamchand keur kawin deui. Hirup tumuwuh jeung indung nu taat tur dikurilingan ku pangaruh Jain Gujarat, Gandhi diajar ti umur nu leuwih ngora kahirupan teu nganyenyeri, vegetarian, puasa keur ngabersihkeun diri, tur toleran ka rupa-rupa agama jeung sekte. Gandhi lahir dina vaishya, ataw kasta padagang.
Dina Mei 1883, waktu umur 13 taun, Gandhi geus nikah dijodokeun ku kolotna ka Kasturba Makhanji (dieja "Kasturbai" disebut "Ba"), nu umurna sarua. Maranéhna boga 4 putra: Harilal Gandhi, lahir taun 1888; Manilal Gandhi, lahir taun 1892; Ramdas Gandhi, lahir taun 1897; jeun Devdas Gandhi, lahir taun 1900. Gandhi kaasup mahasiswa cukup di Porbandar jeung Rajkot. Gandhi lulus ujian matrikulasi keur University of Bombay dina 1887, nu mana asup ka Samaldas College. Gandhi teu betah di ieu college, sabab kulawargna hayang Gandhi jadi pengacara. manéhna ngamangpaatkuen kasempetan keur sakola di Inggris, nu ceuk pamikirna "taneuh para philosopher jeung sastrawan, pusat sagala kahirupan sipil."
Umur 18 taun dina 4 September 1888, Gandhi asup ka University College London keur dilatih jadi pengacara. Basa di London, ibukota Karajaan, geus dipangaruhan ku ajaran ti ibuna keur jadi Jain monk Becharji, salila ninggalkeun India patuh kana prinsip Hindu keur teu dahar daging, alkohol, sarta bandel. Sanajan Gandhi diajarkeun kana kabiasaan "urang Inggris" — diajar dansa contona — manéhna teu bisa dahar daging domba jeung kubis ibu kosna. Ibu kosna nunjukkeun rumah makan vegetarian di London. Kahirupanna sajalan jeung kahayang indungna, manéhna maca ngeunaan kamampuan intelek vegetarian. manéhna gabung jeung Kumpulan Vegetarian, sarta kapilih jadi komite eksekutif tur ngadegkeun kleub lokal. manéhna ngaku loba meunang pangalaman salila ngurus ieu organisasi. Sababarha vegetarian nu papanggih nyaéta anggota Pakumpulan Teosofical, di didirikeun dina taun 1875 keur ngamajukeun babarayaan jeung nalungtik literatur Budha sarta Hindu Brahma. Maranéhna nyarankeun Gandhi keur maca Bhagavad Gita. Teu nempo kana sabagéan nu dipikaresrp dina agama saméméhna, Gandhi loba maca buku ngeunaan Hindu, Kristen, Budha, Islam jeung agama séjénna. manéhna mulang ka India sanggeus ditrarima di bar Inggris jeung Wales, tapi ngan saeutik kasuksesan dina prakték hukumna di Bombay, saterusna daptar sarta ditolak keur gawe paruh waktu jadi guru di sakola menengah. Gandhi mulang ka Rajkot keur nyieun draft petisi tapi dipaksa nutup bisnisna saperti basa rek gawe di kantor Inggris. Dina catetan hirupna, Gandhi ngajelaskeu kajadian ieu salaku kagagalan dina lobi ka baraya nu leuwih kolot. Dina kaayaan ieu nyaéta (taun 1893) ditarima keur kontrak panjang di parusahaan India keur dikirim ka Natal, Afrika Kidul.
Gerakan hak asasi manusa di Afrika Kidul (1893–1914)
[édit | édit sumber]- ↑ Wikisource: The Birth of Satyagraha : From The Story of my Experiments with Truth, by Mohandas K. Gandhi
- ↑ ^ "Father of Our Nation" (Address to Mahatma Gandhi over the Rangoon Radio on 6th July 1944) The Essential Writings of Netaji Subhas Chandra Bose Edited by Sisir K Bose & Sugata Bose (Delhi: Oxford University Press) 1997 pp301-2
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
- Artikel nu perlu dirapihkeun
- Webarchive template wayback links
- Mahatma Gandhi
- Presidents of the Indian National Congress
- Indian civil rights activists
- Indian activists
- Indian philosophers
- Indian politicians
- Indian pacifists
- Indian humanitarians
- Indian tax resisters
- Indian anti-war activists
- Indian memoirists
- Indian teetotalers
- Indian vegetarians
- Indian socialists
- 20th century philosophers
- Assassinated Indian politicians
- Assassinated activists
- Time magazine Persons of the Year
- UCL alumni
- People of Gujarat
- People from Durban
- Indian South Africans
- Ascetics
- Deaths by firearm
- Nu babar taun 1869
- Nu pupus taun 1948
- Vegetarians