Musieum Cigugur

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian


Musieum Cigugur atawa disebut ogé Paséban. Ieu musieum milik kulawarga (swasta), perenahna di Désa Cigugur Kabupatén Kuningan kira-kira 3 kilométer kuloneun dayeuh Kuningan atawa 40 km kiduleun dayeuh Cirebon di suku Gunung Ciremai.[1] Mangrupa titilar Madrais, nu ngadegkeun Agama Jawa Sunda.[1] Kungsi dipugar ku pamaréntah, direktorat jéndral kabudayaan, taun1970.[1]

Mangrupa wangunan tempat diayakeunana upacara sérén taun tanggal 1 syuro taunJawa sarta imah ancik Madrais.[1] Wangunan éta dipapaésan ku rélif dina témbok jeung tihang kai, mangrupa gambar wayang sarta kecap-kecap sarta babasan basana sunda sarta jawa dina aksara cacarakan. Di belah dinya aya titilar wangunan batu bata anu mangrupa Hawu Badag anu ngawangun makuta raja, sarta ngandung lambang hawa napsu manusa.[2] Numutkeun carita nu nyebar di masarakat, parupuyan éta téh tempat Madrais ngahaneutkeun awakna dina waktu-waktu nu tangtu. Késang nu kaluar tina awakna, tuluy dielap ku anduk jeung dipeureut nu tuluy cai peureutanna dieurihkeun kana gelas. Cai késang éta téh tuluy dibagikeun ka murid-muridna jang diinumkeun sangkan maranéhanana tetep satia ka pamingpinna, nyaéta Madrais. Aya ogé kapercayaan yén omongan Madrais mah matih, saucap nyata saciduh metuh.

Di Museum ieu aya ogé pusaka paninggalan jaman karajaan, jiga korsi karajaan, payung, pakéan, jeung nu lainna. Deukeut jeung situ nu caina jernih pisan di jerona loba lauk kancra déwa nu dipercaya jadi lauk karamat. Henteu jauh ti musieum ieu kira-kira 2 kilométer ka béh kalér aya loka purbakala jaman prasejarah mangrupa urut upacara kaagamaan animisme sarta dinamisme anu kabéh barangna dijieun tina batu titilar jaman mégalitikum, kawas kuburan batu, tempat neundeun sasajén, tempat upacara, lingga, anu ayeuna dipikawanoh minangka musieum cipari atawa Situs Purbakala Cipari.[2]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c d (id)Hj.Patimah,spk. Ensiklopedi Sunda : Alam, Manusia dan Budaya termasuk Budaya Cirebonan dan Betawi. PT Dunia Pustaka Jaya. Jakarta 2000.
  2. a b Wawan Hermawan Spk.Kuningan Menembus Waktu. Humas Pemda Kabupaten Kuningan 2000. Kuningan.


Nulis.jpg