Musieum Prabu Geusan Ulun
Musieum Prabu Geusan Ulun salah sahiji musieum nu aya di Kabupatén Sumedang perenahna aya di Kompleks Pendopo kalawan koordinat 6° 51' 7" S, 107° 55' 13" E.[1] Di ieu kompléks aya sababaraha gedong saperti Gedong Srimanganti (1706), Gedong Bumi Kalér (1850), jeung Gedong Gendeng (1850).[1] Salian ti éta, aya ogé gedong nu kawilang anyar Gedong Gamelan (1973), Gedong Pusaka (1990), jeung Gedong Kareta Naga Paksi (1996).[1]
Sawatara koléksi nu aya di ieu musieum nyaéta Meriam Kalantaka, titinggal Kompeni taun 1656, Gamelan Panglipur titinggal Pangeran Rangga Gedé (1625 – 1633), Gamelan Pangasih titinggal Pangeran Kornél (1791 – 1828), jeung Gamelan Sari Arum titinggal Pangeran Sugih (1836 – 1882). Salian ti éta aya ogé koléksi lianna kayaning ranjang Pangeran Kornel jeung pakéan dines bupati mangsa harita.[1]
Sajarah Musieum Prabu Geusan Ulun
[édit | édit sumber]Tanggal 22 Séptémber 1912 Pangéran Aria Soeria Atmadja, Bupati Sumedang (1882 – 1919) nalika éta nyieun hiji surat wasiat wakaf.[2] Anjeunna ngawakafkeun barang-barang pribadina sarta barang-barang lianna boh barang pusaka boh barang kaprabuan lianna.[2] Tumenggung R.Moh Singer nu diistrénan ku pamaréntah Hindia Walanda jadi Bupati Sumedang taun 1948/1949, ningali éta barang-barang wakaf geus bacacaran teu dina tempatna.[2] Lantaran kitu, anjeunna masrahkeun urusan éta barang wakaf ka ahli waris Pangeran Aria Soeria Atmadja.[2] Taun 1950 para ahli waris Pangeran Aria Soeria Atmadja sanggeus narima éta barang-barang wakaf tuluy nyieun Yayasan Pangeran Aria Soeria Atmdja (Yayasan P.A.S.A akte notaris Mr Soedja no.59 tanggal 28 Agustus 1950).[2] Sangkan leuwih hadé tur tartib dina ngariksa ieu barang dumasar kaputusan Pengadilan Negeri Sumedang tanggal 26 Maret 1953 N0 29/1953 nyieun Yayasan Pangeran Sumedang (YPS) kalawan akteu notaris Mr Tan Eng Kiam no 98 tanggal 21 April 1955.[2] Sanggeus barang-barang pusaka kumpul kabéh, tuluy diteundeun di Gedong Gendeng.[2] Lantaran Gendeng dianggap tempat diteundeunna barang-barang pusaka utama, mangka Gendeng dianggap minangka “Rumah Pusaka”.[2] Sangkan bisa ngariksa éta barang-barang pusaka, YPS ngararancang piekun nyieun hiji musieum.[2] Tanggal 11 Nopémber 1973 Gedong Waditra atawa Gedong Gamelan diresmikeun minangka wangunan musieum sarta dingaranan Museum Wargi-Yayasan Pangeran Sumedang (YPS).[2] Mimitina mah ieu musieum téh ngan dibuka pikeun turunan Pangéran Sumedang wungkul.[2] Tanggal 7 Maret-13 Maret 1974 di Sumedang diayakeun "Seminar Sejarah Jawa Barat" nu diluuhan ku para ahli sajarah sa-Jawa Barat.[2] Dina éta seminar para Sesepuh YPS jeung Sesepuh Wargi Sumedang ngajukeun sangkan éta musieum dingaranan.[2] Lantaran hal éta, ahirna kasapukan forum di éta seminar méré ngaran éta musieum kalawan Musieum Prabu pikeun Ulun, ngaran salah sahiji raja munggaran tur pamungkas Karajaan Sumedanglarang.[2] Tanggal 13 Maret 1974 Musieum YPS dibéré ngaran Musieum “Prabu Geusan Ulun Yayasan Pangeran Sumedang".[2]
Koléksi Musieum Prabu Geusan Ulun
[édit | édit sumber]Koléksi dumasar kana jinis klasifikasina di antarana waé:[2]
- Géologika, koléksi disiplin élmu géologi (fosil, batuan, mineral, jeung hasil alam lianna saperti andesit jeung granit).
- Biologika, koléksi disiplin élmu biologi (rorongkong manusa, tangkurak, sato, sarta tutuwuhan boh fosil boh lain fosil.
- Etnografika, koleksi disiplin antropologi nu mangrupa hasil budaya atawa identitas hiji étnis.
- Arkeologika, koleksi nu mangrupa titinggal budaya ti jaman prasejarah nepi ka asup pangaruh negara deungeun
- Historika, koleksi nu miboga ajén sajarah sarta jadi objek panalungtikan ti mimiti asupna pangaruh negara deungeun nepi ka kiwari. (negara, inohong, kelompok, jeung sajaban).
- Numismatika jeung heraldika. Numismatika nyaéta alat tukar atawa mata uang nu sah. Heraldika nyaéta lambang, tanda jasa, jeung tanda pangkat resmi (cap atau stempel).
- Filologika, koleksi disiplin filologi (naskah kuno tulisan leungeun nu ngagambarkeun hiji kajadian.
- Keramologika, koleksi barang nu dijieunna tina taneuh liat nu dibeuleum kayaning keramik.
- Seni Rupa, koleksi nu ngébréhkeun pangalaman artistik manusa ngaliwatan karya dua atawa tilu dimensi.
- Teknologika, barang nu némbongkeun kamekaran téhnologi tradisional nepi ka nu modérn.
Referensi
[édit | édit sumber]
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |