Lompat ke isi

Pantun Baduy

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas


Gambar:Kampung baduy.jpg
pantun Baduy nyaritakeun hirup kumbuh sapopé masarakat Baduy

Pantun baduy téh nyaéta wanda mantun ti wewengkon Baduy, atawa carita pantun anu asalna atawa sumberna di daérah Baduy (Kanékés, Rawayan).[1] Gelarna ieu sesebutan utamana sabada J.J. Meijer (1981) midangkeun tulisanana ngeunaan sawatara lalakon pantun ti daérah Gunung Kancana, Banten Kidul, meunang ngumpulkeun juru tulisna ngaran Agus Raksaatmadja.[1] Réana lalakoan anu disebut aya sapuluh, nyaéta lalakon Bima Wayang, Gajah Lumantung, Kidang Panandri, Kuda Gandar, Kuda Wangi, Langga Sari, Panambang Sari, Paksi Keling, Radén Tegal, jeung Rangga Séna.[1]

Eusi pantun Baduy nyaéta gambaran jeung ajaran sapopoé masarakat Baduy.[2] Taya eusi carita pantun Baduy anu kiwari dipikawanoh ku urang Baduy anu patali jeung karajaan atawa tokoh kawentar nu tangtu anu biasana mah sok aya dina sastra lisan Jawa Kulon umumna kayaning karajaan Pajajaran, Pakuan, jeung Galuh atawa jeung tokoh Prabu Siliwangi.[2]

Tacan kaungkab sacara tutas kumaha saéstuna pantun téh; ngeunaan jumlah lalakonna, basana, adegan caritana, wandana, pungsi pagelaranana, jsté.[1] Proyek Penelitian Pantun & Folklor Sunda pingpinan Ajip Rosidi (Bandung, 1970) kungsi ngarekam jeung nertibkeun dua carita pantun asal Baduy, nyaéta lalakon Lutung Kasarung jeung Buyut Orényéng.[1]

Réferénsi

[édit | édit sumber]
  1. a b c d e Dr. Iskadarwssid, M.Pd. 2003. Kamus Istilah Sastra. Bandung: Geger Sunten
  2. a b (id) R. Cecep Eka Permana. 2008. Pantun Baduy Pengkuh Tradisi Inti Jagad. Depok: Program Studi Arkeologi, Fakultas Ilmu Pengetahuan Budaya UI. ditepikeun dina Seminar Internasional dan Festival Tradisi Lisan VI Wakatobi, Sultra, 1-3 Desember 2008