Pattimura

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Thomas Matulessy
Pattimura 1961 Indonesia stamp.jpg
Kapitan Pattimura diabadikan dina perangko
BabarCitakan:Country data Belanda Haria, Saparua, Maluku, Hindia Belanda
Pupus16 Désémber 1817 (yuswa 34)
Citakan:Country data Belanda New Victoria, Ambon, Maluku, Hindia Belanda
AgemanKristen

Patimura; Kapitan Pattimura nyaéta saurang pahlawan Nasional nu asalna ti Maluku.[1][2] Ogé kasohor ku sebutan Thomas Matulessy gumelar di Haria, pulau Saparua, Maluku, 8 Juni 1783 – tilar dunya di Ambon, Maluku, 16 Désémber 1817 dina umur 34 taun).[2]

Numutkeun biografi nu dikaluarkeu ku pamaréntah ditulis ku M Sapija, cenah "Pahlawan Pattimura masih kénéh aya sékésélér bangsawan nu bibit buitna ti Nusa Ina (Pulo Seram)".[1] Nujadi ramana Antoni Matulessy tayalian anakna "Kasimiliali Pattimura Mattulessy" nu panungtung anjeuna tayalian putra raja "Sahulau".[1] Sahulau mangrupakeun ngaran jalma di negeri nu perenahna di teluk/ancol di pulo Seram.[1]

Kiwari ngarana diabadikeun pikeun ngaran sababaraha tempat: Universitas Pattimura, Kodam XVI/Pattimura sarta Bandar Udara Internasional Pattimura di Ambon.[1]

Istilah Kapitan[édit | édit sumber]

Tina sajarah ngeunaan Pattimura nu ditulis ku M Sapija kénéh, aya nu nyebutkeun cenah gelar kapitan téh paméré ti pamaréntah kolonial Walanda, sok padahal mah lain.[3] Numutkeun ahli sajarah Mansyur Suryanegara, kapitan téh tayalian tina patula-patalina jeung homo religiosa (makhluk agamis).[1] Kayakinan kana hiji kakuatan nu ayana di luar akal pikiran maranéhna, ayana hiji kayakinan nu teu matak kaharti ku pikir komo dina rasio modéren mah. Kualatan kitu tingkah polah dina hirup kumbuhna dipangaruhan ku kakuatan-kakuatan nu asalna ti alam sarta di tuturkeun jeung dipercaya ku maranéhna.[3]

Jiwana ngahiji jeung kakuatan-kakuatan alam, jajatén atawa kasaktiana nu dipibanda ku salahsaurang baris ditarima ngajadi hiji kajadian mulia tur suci. Lamun téamah nepi ka napel ka saurang jalma, mangka éta jalma jadi hiji perlambang tina kakuatan maranéhna.

Tayalian manéhna baris jadi saurang pamingpin nu mibanda komara gedé, ieu pasipatan téh bakal tuluy milu ka turunan atawa runtuyanna.[1] Sanajan kadieunakeun maranéhna ngagem agama, angger waé sacara genealogis/silsilah/sékésélér turunan pamingpin atawa kapitan bakal milu. Nya tidieu pisan sabenerna sebutan "kapitan" anu nampel kana diri Pattimura.[4][3]

[5] [6] -->

Perjuangan[édit | édit sumber]

Saméméh ngayakeun parlawanan ka gorombolan VOC, Pattimura téh saurang sersan Militér Inggris.[7][4]

Dina taun 1816 pihak Inggris nyerahkeun kakawasaanna ka Walanda Satuluyna Walanda ngalaksanakeun pulitik monopoli, pajak taneuh (landrente), mindahkeun rahayat turta ngayakeun Hongi (Hongitochten), malahanmah teu ngawaro kana Traktat London I saperti dina pasal11 aya katangtuan yén Residén Inggris di Ambon kudu ngayakeun padungdengan heula ngeunaan mindahkeun koprs Ambon jeung Gubenur dina jéro éta pasini disebutkeun ogé kalawan jéntré dimana pamaréntah Inggris réngsé di Maluku maka sakabéh soldadu Ambon kudu dibébaskeun dina harti meunang hak pikeun milih naha asup kana dines militer pemérintah nu anyar atawa kaluar tina dines militer, ngan dina prakna mah mindahkeun dinas militer ieu téh malah jadi hiji paksaan.[8]


Mangsa kolonial Walanda datang deui taun 1817 téh, ayeunamah meunang panangtang ti sakabéh rahayat.[4] Ieu balukar tina kaayaan ékonomi jeung pulitik sarta hubungan hubungan kamasarakatan nu goréng salila dua abad katukang.[9] Rahayat Maluku tungtungna ngayakeun perlawanan ka Walanda nu dipingpin ku Kapitan Pattimura, mangsa kajadian peperangan jeung Walanda taun 1817, Raja-raja Patih, Para Kapitan, kokolot adat sarta rahayat ngadeudeul Patimura geusan mingpin peperangan atawa jadi panglima perang kualatan pangalamana sara mibanda sipat-sipat satria (kabaressi).[9] Pattimura kalawan dibantuan ku baturnan geus hasil ngaheuyeuk pamaréntahan, mingpin rahayat, ngatur dina widang atikan, nyadiakeun kabutuhan sapopoé sarta ngadegkeun bénténg-bénténg pertahanan.[9] Wibawana sarta komara dina prakna mingpin geus diaku ku Raja-raja katut sakabéh rahayat. Palebah bajuang nyingareupan kolonial Welanda Pattimura ngayakeun gawé bareng jeung karajaan-karajaan: Ternate jeung Tidore, raja-raja di Bali, Sulawesi jeung Jawa. [3]

Perang Pattimura nu ukuranna Nasional ieu disingareupan ku Walanda kalayan nurunkeun kakuatan militér nu gedé tur kuat kalawan nurunkeun langsung Laksamana Buykes, tayalian salah saurang Komisaris Jénderal pikeun nyingareupan Patimura.[9]

Peperangan rongkah ngalawan koloni Walanda nu di darat jeung dilaut dikoordinasikeun ku Kapitan Pattimura nu dibantuan ku para panglima : Melchior Kesaulya, Anthoni Rebook, Philip Latumahina jeung Ulupaha. Peperangan nu kacatet ngancurkeun pasukan Walanda kalawan hasil ngarebut bénténg Welanda Duurstede di Saparua, perang di basisir Waisisil jeung jasirah Hatawano, Ouw- Ullath, Jazirah Hitu di Pulo Ambon jeung Seram Kidul.[9] Ngan hanjakal perang Pattimura ieu pareum bisa dieureunkeun ku Walanda ngagunakeun pulitik adu domba, tipu muslihat jeung bumi hangus dilakukeun ku kolonila Walanda.[9] Tungtungna para pajuang katéwak ku Walanda kalawan menang hukuman gantung dina tanggal 16 Desember 1817 di kota Ambon. Pikeun ngahormat kana ieu jasa-jasa sarta pangorbanana Kapitan Pattimura dileler jadi Pahlawan perjuangan kamerdékaan ku pamaréntah Republik Indonésia. Pahlawan Nasional Indonesia.[9]

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g Junaedi, Didi (2014). PAHLAWAN-PAHLAWAN INDONESIA SEPANJANG MASA. Jakarta: Indonesia Tera. p. 35. ISBN 9789797752118. Diakses tanggal (disungsi – 23 April 2020). 
  2. a b Hendarsyah, Amir (2009). Kisah Heroik Pahlawan Nasional Terpopuler. Jakarta: Galangpress Group. p. 35. ISBN 9786028620109. Diakses tanggal (disungsi – 23 April 2020). 
  3. a b c d Ajisaka, Arya (1992). Mengenal Pahlawan Indonesia (ed. Revisi). University of California: Jakarta. p. 86. ISBN 9789797572785. Diakses tanggal 19 April 2020. 
  4. a b c -, Mirnawati (2012). Kumpulan Pahlawan Indonesia Terlengkap. Jakarta: Cerdas Interaktive. p. 84. ISBN 9789797883430. Diakses tanggal (disungsi – 23 April 2020). 
  5. Ahmad Mansyur Suryanegara, Api Sejarah, Salamadani Pustaka Semesta, 2009, ISBN 978-602-8458-24-5
  6. <marque> left Ogam Sabandar,<marque/> Pemimpin pergerakan RMS di Allang terhadap RI
  7. Pahlawan Nasional dari Maluku dalam www.tokohindonesia.com
  8. J B Soedarmanta, Jejak-jejak pahlawan: perekat kesatuan bangsa Indonesia, Grasindo, 2007, halaman 199, ISBN 979-759-716-4 ISBN 978-979-759-716-0
  9. a b c d e f g Priatna, Angga (2013). Kumpulan Pahlawan Indonesia Terlengkap. Jakarta: Nama & Kisah Pahlawan Indonesia: dari masa VOC, Belanda, Jepang, hingga masa Pembangunan. p. 20. ISBN 9786022860037. Diakses tanggal (disungsi – 23 April 2020). 
Nulis.jpg



Tutumbu kaluar[édit | édit sumber]