Prabu Surawisésa
Prabu Surawisésa nyaéta raja Sunda (1521-1535) nu ngaganti Ratu Jayadéwata atawa nu katelah Sri Baduga Maharaja. Dina naskah Carita Parahiyangan dicaritakeun yén mangsa kakawasaan Surawisésa téh pinuh ku perang 15 kali tanpa éléh. Kusabab itu dina carita parahyangan ogé di béré gelar sang "kasuran", "kadiran", deung "kuwamen". mangsa kakawasaanna 14 taun.
Kasajarahan
[édit | édit sumber]Prabu Surawisésa dicaritakeun dina sababaraha sumber sajarah, di antarana baé naskah Carita Parahiyangan, naskah Wangsakerta, jeung catetan lalampahan bangsa Portugis.
Carita Parahiyangan
[édit | édit sumber]Dina Carita Parahiyangan, ngeunaan Prabu Surawisésa téh dicaritakeun kieu:
- Disilihan inya ku Prebu Surawisésa, inya nu surup ka Padarén, kasuran, kadiran, kuwamén. Prangrang limawelas kali hanteu éléh, ngalakukeun bala sariwu. Prangrang ka Kalapa deung Aria Burah. Prangrang ka Tanjung. Prangrang ka Ancol kiyi. Prangrang ka Wahanten girang. Prangrang ka Simpang. Prangrang ka Gunungbatu. Prangrang ka Saungagung. Prangrang ka Rumbut. Prangrang ka Gunung. Prangrang ka Gunung Banjar. Prangrang ka Padang. Prangrang ka Panggoakan. Prangrang ka Muntur. Prangrang ka Hanum. Prangrang ka Pagerwesi. Prangrang ka Medangkahiyangan. Ti inya nu pulang ka Pakwan deui. Hanteu nu nahunan deui, panteg hanca di bwana. Lawasniya ratu opatwelas tahun.
Nurutkeun Nagarakretabhumi I/2 jeung sumber Portugis, dicaritakeun yén Surawisesa kungsi diutus ku bapana pakeun manggih Alfonso d’Albuquerque (Laksamana Bungker) di Malaka pakeun nyieun Perjanjian Hubungan Sunda-Portugis. Numutkeun Dasanasmita, Ratu samiam nu dimaksud téh surawisésa, sabab surawisésa masa itu masih jadi Sanghyang di wewengkon Jatinagara. Inya angkat ka Malaka dua kali, nyaéta taun 1512 jeung 1521. Hasil kunjungan kahiji nyaéta datangna rombongan Portugis pakeun ngalakukeun hubungan dina taun 1513 anu dibarengan ku Tome Pires, sedengkeun hasil kunjungan kadua nyaéta datangna utusan Portugis anu dipingpin ku Hendrik de Leme (iparna Alfonso) ka ibukota Pakuan Pajajaran (ayeuna kota Bogor). Dina éta kunjungan geus disatujuan perjangjian antara Karajaan Sunda jeung Portugis ngeunaan perdagangan jeung kaamanan.
Dina tradisi lisan, Prabu Surawisésa téh digambarkeun dina carita pantun Mundinglaya Dikusumah.
Rujukan
[édit | édit sumber]- Aca (1968). Carita Parahiyangan: naskah titilar karuhun urang Sunda abad ka-16 Maséhi. Yayasan Kabudayaan Nusalarang, Bandung.
- Saléh Danasasmita (2003). Nyukcruk sajarah Pakuan Pajajaran jeung Prabu Siliwangi. Kiblat Buku Utama, Bandung.
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |