Lompat ke isi

Program télépisi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Talk show téh salasahiji program televisi

Program télépisi téh nyaéta bahan-bahan anu geus disusun miwujud pidangan gambar nu obah kalayan dirojong ku sora (audio visual). Sacara téhnis, pidangan audio visual anu dimaksud téh kudu nyumponan katangtuan husus saméméh disiarkeun patali jeung merenah henteuna nalika ditayangkeun. Di sagédéngeun ti éta, hiji program téh kudu nyumponan ugeran standar kaéndahan boh éstétis boh artistik.[1] Program télépisi bisa dijieun ku parusahaan média televisi (stasion televisi) atawa pihak séjén anu ngahaja nyieun program anu baris disiarkeun di televisi. Dumasar kana kapentinganana, program televisi diwincik kalayan dua rupa, nyaéta program informasi jeung hiburan.[2]

Program Informasi

[édit | édit sumber]

Program informasi téh nyaéta rupaning acara télépisi anu dijieun kalayan udagan pikeun nambahan pangaweruh sarta ngirut pamiarsa. Sacara umum, ieu program anu miwujud warta téh dibagi kalayan dua katagori:

Hard News

[édit | édit sumber]

Ieu warta téh ngandung rupa-rupa wawaran anu bisa disebut penting sarta ngirut. Ku kituna, média anu ngaliput ieu warta kudu geuwat nyiarkéun éta wawaran ka pamiarsa sabab sipatna anu nungtut kudu gancang dipikanyaho ku balaréa sarta raména téh ngan saharitaeun.[3] Hard news dipasing-pasing kalayan tilu rupa:

1) Straight news

Ieu warta dipidangkeun kalayan singget jero durasi nu diwatesanan.[4] Informasi anu ditepikeun dina ieu warta sakur nu dianggap penting hungkul, minangka ladang réportase hiji kajadian anu keur lumangsung. Contona nyaéta warta ngeunaan musibat lini di hiji wewengkon sarta nimbulkeun korban tilar dunya jeung wangunan rugrug.

2) Feature

Kasangtukang produksi program hard news

Ieu jinis warta midangkeun hal-hal anu dianggap ngirut.[5] Béja nu ditepikeun ilaharna sok nu lucu, ahéng, teu ilahar, nimbulkeun rasa hélok, jeung réa deui. Sok sanajan ieu warta kaasup kana soft news, ku sabab ieu warta dipidangkeun dina durasi anu singget sarta dihijikeun jeung warta séjénna, ieu katagori ogé diasupkeun kana program hard news. Contona nyaéta warta ngeunaan tempat-tempat anu ngandung sajarah di hiji wewengkon.

3) Infotainmen (Warta Jalma-Jalma Sohor)

Ieu jinis warta lolobana midangkeun informasi di sabudeureun kahirupan jalma-jalma anu dipikawanoh ku masarakat (sélébritis) jeung sajabana anu sok rajeun midang dina industri hiburan. Ilaharna ieu program infotainment ngadeg mandiri kalayan hiji acara husus sarta dipikawanoh ogé ku masarakat kalayan lalandian gosip padahal teu sakabéh warta infotainment eusina gosip. Contona nyaéta warta ngeunaan pasangan artis anu papirak sarta dipedar sababaraha aspékna saperti kasangtukang jeung prosés sidang anu lumangsung.[6]

Soft News

[édit | édit sumber]

Béda jeung hard news anu kudu geura-geura ditayangkeun, soft news mah eusina leuwing ngeunaan inpormasi nu penting tur ngirut nu dipedar kalayan teleb (indepth) tapi henteu nungtu gancang ditayangkeun. Hard news nu geus heubeul sarta ditayangkeun deui bisa diasupkeun ogé kana sajinis soft news alatan kapentinganna anu geus béda.[1]

1) Current Affair

Informasi anu dipidangkeun dina ieu warta sipatna lengkep sarta pedaranna leuwih teleb batan warta ilaharna. Ieu warta dipidangkeun sacara teleb pikeun manggih hiji fakta anu ngirut sajeroning warta anu teu kasebut-sebut dina straight news. Contona pedaran deui ngeunaan hiji kasus jalma maéhan jalma ditilik tina kasangtukang palaku sarta kajian hukum anu baris ditibankeun ka palaku.

2) Magazine Show (Warta Majalah)

Inpormasi anu dipidangkeun dina ieu warta sipatna anu matak ngirut sarta nyanghareupkeun hiburan. Cara midangkeun ieu warta téh méh sarua jeung média citak kalayan miwujud rubrik pikeun ngawatesanan pedaran anu baris ditepikeun.[5]

3) Documentary (Dokuméntér)

Ieu warta téh miboga udagan utama pikeun atikan (pendidikan) sarta dibungkus kalayan ngirut sarta matak pogot nu lalajo. Salian ti minangka hiji program televisi, aya ogé dokuménter anu ngadeg mandiri minangka hiji pilem. Contona, dokuméntér anu ngabéjérbéaskeun ngeunaan kahirupan sato di leuweung gerot ditilik tina jihat cara hirupna.

4) Talk show (Program Wicara)

Ieu warta dipidangkeun kalayan wujud sawala ti sababaraha jalma anu dianggap ahli (narasumber) pikeun medar hiji pasualan sarta dibarengan ku saurang présénter anu boga pancén ngulik informasi ti narasumber sarta ngawatesanan pedaran.

Program Hiburan

[édit | édit sumber]

Dumasar kana kapentinganna, ieu program hiburan téh eusina leuwih ditujukeun pikeun ngahibur pamiarsa. Eusi pidanganna miwujud lagu, carita, jeung kaulinan. Program hiburan dipasing-pasing kalayan sababaraha katagori:

Drama (Sandiwara)

[édit | édit sumber]

Drama téh mangrupa hiji pidangan ngeunaan rékaan carita kahirupan nyata kalawan rupa-rupa pasipatan tokoh (boh saurang boh réa) anu diperankeun ku artis (palakon) sarta ngalibetkeun pamohalan (konflik) jeung galura rasa (émosi). Eusining drama anu dipidangkeun di télépisi ilaharna dicokot tina kahirupan nyata kalayan disambaraan ku imajinasi rancagé éta pangarang drama. [7]

1) Sinétron (Sinéma Éléktronik)

Sinétron atawa di Éropah dipikawanoh ku lalandian Opera Sabun téh eusina carita ngeunaan lakuning hirup rupa-rupa tokoh kalayan babarengan, ilaharna nyokot tina sarining kahirupan manusa.[8] Unggal tokoh miboga jalan carita séwang-séwangan anu sok remen ngawangun pasalingsingan (konflik nu tangtu). Ahir carita dipidangkeun kalayan némbrak jeung ngagantung. Kaayeunakeun jalan carita sok dijieun ruwed tur manjang nurutkeun raména pasar.[3]

2) Film Televisi (FTV)

Ieu program kaasup kana drama anu eusina lakuning hirup tokoh jeung pasualan anu karandapan. Bédana FTV jeung sinétron téh bisa ditilik tina gancangna carita réngsé. FTV mah ngan saharitaeun bérésna sarta nimbulkeun kasugemaan pamiarsa.

3) Pilem

Pilem anu dimaksud dina program télépisi téh nyaéta hiji pilem anu geus kungsi dipintonkeun dina layar lébar (bioskop) sarta dijieun ku perusahaan pilem anu tangtu. Hiji pilem ilaharna bakal ditayangkeun deui sanggeus sawatara waktu lilana teu dipidangkeun deui di bioskop, malah aya anu geus dijual dina kasét DVD. Bisa disebutkeun yén télépisi téh minangka média panungtungan pikeun promosi pilem.

Game Show

[édit | édit sumber]

Ieu program eusina sababaraha jalma boh ngawakilan dirina séwang-séwangan boh ngawakilan tim anu silih paadu sing saha anu bisa jadi pinunjul dina éta pasanggiri.

1) Kuis

Kuis téh eusina pasanggiri anu diluuhan ku sajumlah patandang boh individu boh tim anu adu jembar wawasan. Carana téh nyaéta paloba-loba ngajawab pananya ti wiracarita (présénter) sarta ngumpulkeun niléy ladang tina ngajawab éta pananya téh). Sing saha anu geus hasil ngumpulkeun niléy panglobana baris dilélér gelar pinunjul jeung meunang hadiah anu geus ditangtukeun.[3]

2) Ketangkasan

Béda jeung kuis anu eusina adu kapinteran, games mah eusina adu kamampuh awak pikeun ngaréngsékeun hiji tantangan ngaliwatan halangan harungan anu geus disadiakeun ku panata calagara. Ieu adu kamampuh téh diperedih pisan kana balitungan jeung taktik sangkan bisa jadi panggancangna atawa panghadéna ngaréngsékeun tantangan.[3]

3) Reality Show

Ieu program eusina téh mangrupa pidangan kaayaan runtuyan carita anu ngandung pasalingsingan atawa pamohalan anu tangtu sarta nungtut sangkan dipatotoskeun. Pidangan réality show dipidangkeun kalayan sakitu ayana. Sok sanajan reality show mangrupa hiji gambaran kaayaan nyata anu ditepikeun, tapi sajeroning éta aya bungbu carita sangkan bisa ngabebetah nu lalajo sarta jalan carita jadi leuwih ramé.

Music Show (Program Musik)

[édit | édit sumber]

Program hiburan musik dieuyeuban ku pidangan lagu ti musisi anu dibungkus dina hiji acara.[9] Ieu program dibagi kalayan dua jinis:

1) Vidio Klip

Program musik dina wujud vidio klip eusina runtuyan lagu anu dibarengan ku vidio musikna. Ieu program dipandu ku saurang atawa leuwih waracarita anu nganteur pamiarsa saméméh jeung sabada dipidangkeunna hiji vidio klip ku pedaran singget.

2) Konsér

Program musik dina wujud konsér téh mangrupa pidangan boh jero rohangan studio (indoor) atawa di tempat nu négla sauareun rohangan (outdoor). Eusina téh pidangan musik ti saurang atawa sababaraha artis nu ngawih. Ngirut henteuna ieu program bisa ditilik tina kualitas juru ngawih jeung kumaha cara mintonkeunna.

Papayung Hukum Ngeunaan Produksi Program Télépisi di Indonésia

[édit | édit sumber]

Nagara Indonésia minangka nagara hukum miboga sababaraha ugeran anu tangtu pikeun ngatur jalanna sakumna aspék kahirupan. Pon kitu dina produksi program télépisi anu miboga dampak anu rongkah dina kahirupan masarakat kauger ku papayung hukum. Program télépisi anu dijieun ku insan pertelevisian geus samistina kudu bisa ngawangun masarakat anu bener laku lampahna sarta singer kalayan tatapakanna kana iman jeung takwa.[10]

Ku kituna, sakumna program televisi diatur standar merenahna dina sababaraha aturan saperti Undang-Undang Nomer 32 Taun 2002 ngeunaan Penyiaran, Peraturan Komisi Penyiaran Indonesia Nomer 01/P/KPI/03/2012 ngeunaan Pedoman Perilaku Penyiaran (P3), sarta Peraturan Komisi Penyiaran Indonésia Nomer 02/P/KPI/03/2012 ngeunaan Standar Program Siaran (SPS).

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. a b Sutisno, P.C.S. (1993). Panduan Praktis Penulisan Skenario Televisi dan Video. Jakarta: Grasindo. 
  2. Morrisan (2008). Manajemen Media Penyiaran: Strategi Mengelola Radio dan Televisi. Jakarta: Kencana Prenamedia Group. 
  3. a b c d "Jenis-jenis Program Televisi". KajianPustaka.com. http://www.kajianpustaka.com/2016/07/jenis-jenis-program-televisi.html. Diakses pada 2018-02-01 
  4. Romeltea. "Cara Menulis Naskah Berita Radio & TV – Jurnalistik Penyiaran – Romeltea Media". Romeltea Media. Diakses tanggal 2018-02-01. 
  5. a b Sartono, Sri (2008). Teknik Penyiaran dan Produksi Program Radio, Televisi, dan Film Jilid 2. Jakarta: Direktorat Pembinaan Sekolah Menengah Kejuruan. ISBN 978-979-060-129-1. 
  6. Dina, Ulvia (2011). Pengaruh Tayangan Infotainment di Televisi terhadap Akhlak Siswa di SMA Negeri 1 Sumenep. UIN Sunan Ampel Surabaya. 
  7. Mabruri, Anton (2013). Manajemen Produksi Program Acara Televisi Format Acara Non-Drama, News, dan Sport. Jakarta: Grasindo. ISBN 978-979-081-961-0. 
  8. Media, Evi Handayani – Solopos Digital. "TAHUKAH ANDA? : Alasan Sinetron Disebut “Opera Sabun”" (dalam bahasa id-ID). SOLOPOS.com. http://www.solopos.com/2016/06/19/tahukah-anda-alasan-sinetron-disebut-opera-sabun-730154. Diakses pada 2018-02-01 
  9. Putri, Lucy Kusuma (2013). Proses Pengolahan Video pada Program Acara Morning Tea di BBS TV. Surabaya. 
  10. Pedoman Perilaku Penyiaran (P3) dan Standar Program Siaran (SPS). Komisi Penyiaran Indonesia. 2012.