Lompat ke isi

Pulo Doom

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Doom
Ngaran asli:
Pulau Doom
Pulo Doom dina taun 1955
Doom (tengah peta) di antara kapuloan lepas basisir Sorong
Doom is located in Maluku and Western New Guinea
Doom
Doom
Perenahna di wétan Indonésia
Géografi
Koordinat0°53′13″S 131°14′10″E / 0.88694°S 131.23611°E / -0.88694; 131.23611Koordinat: 0°53′13″S 131°14′10″E / 0.88694°S 131.23611°E / -0.88694; 131.23611
Awak cai nu deukeutanSamudra Pasifik Kidul
Garis basisir4,5 km (28 mil)
Administrasi
PropinsiPapua Kulon
DayeuhSorong
DistrikSorong Kapuloan
Demografi
Pangeusi8.993 (jumlah 2 kalurahan)[1] (2018)
Informasi tambahan
Zona wanci

Pulo Doom (dibaca Dom, disebut ogé Pulo Dum)[2] nyaéta pulo nu perenahna di Kota Sorong, Propinsi Papua Kulon, Indonésia. Ieu pulo miboga garis basisir sapanjang 4,5 kilométer jeung wilayahna dibagi kana dua kalurahan, Doom Kulon jeung Doom Wétan.[3] Ieu pulo pernah dijadikeun puseur pamaréntahan Onderafdeling (subbagéan) Sorong ku Walanda. Ieu pulo miboga loba paninggalan sajarah, saperti wangunan-wangunan Walanda jeung bungker Jepang.[4]

Étimologi[édit | édit sumber]

Kecap 'Doom' ku urang Malamoi dihartikeun jeung loba tatangkalan buah nu tumbuh ku sabab di ieu pulo loba tatangkalan buah, utamana sukun.[2] Salian éta, masarakat Sorong sok nyebut Pulo Doom téh ku sebutan "Pulo Béntang" lantaran ieu pulo leuwih modérn jeung maju tibatan daratan Sorong sarta ayana listrik nyababkeun dina wengi sok katingali cahya.[5]

Géografi jeung administrasi[édit | édit sumber]

Pulo Doom perenahna kira-kira 3 kilométer ti basisir Kota Sorong, Propinsi Papua Kulon, Indonésia jeung boga garis basisir sapanjang 4,5 kilométer.[5] Kaayaan topografi ieu pulo didominasi ku dataran handap jeung pabukitan handap. Sacara administratif, ieu pulo kabagi jadi 2 kalurahan, nyaéta Kalurahan Doom Kulon jeung Kalurahan Doom Wétan. Sababaraha pulo di sakurilinganna ogé kaasup kana 2 kalurahan ieu. Pulo Doom nu kaasup Kalurahan Doom Kulon miboga lega 2 kilométer pasagi nu wewengkonna kawates ku Kalurahan Soop di kulon, Kalurahan Raam di kalér, Kalurahan Doom Wétan di wétan, jeung Selat Dampier di kidul. Pulo Doom nu kaasup Kalurahan Doom Wétan miboga lega 1,5 kilométer pasagi nu wewengkonna kawates ku Kalurahan Doom Kulon di kulon, Kalurahan Raam di kalér, Kalurahan Kampung Baru di wétan, jeung Selat Dampier di kidul.[3]

Dina taun 2018, jumlah pangeusi dina ieu pulo (jeung pulo di sakurilingna nu kaasup kana kadua kalurahan) nyaéta 8.993 jalma.[1] Salian urang Papua (utamana urang Malamoi), masarakat nu dumuk di ieu pulo nyaéta urang Jawa, Buton, Bugis, Toraja, jeung Tionghoa.[5][2]

Sajarah[édit | édit sumber]

Sajarah Pulo Doom teu loba ditulis dina dokumen-dokumen resmi pamaréntah. Sateuacaan Walanda asup, ieu pulo dipercaya mimitina dibogaan ku bangsawan ti Maluku. Catetan mimiti ngeunaan ieu pulo ditulis dina taun 1863 ku H. A. Bernstein nu ngalakukeun panalungtikan kabudayaan keur Muséum Étnologi Nasional di Léiden, Walanda. Dina Januari 1935, ieu pulo ku pamaréntah Walanda dijadikeun puseur pamaréntahan Onderafdeling (subbagéan) Sorong. Loba fasilitas pandukung diwangun, saperti jaringan pipa cai ti sumur jeung pambangkit listrik tanaga diésel nu dialirkeun ka kasaluruhan pulo.[4]

Dina taun 1950-an, pamaréntah Walanda ngajadikeun Pulo Doom sabagai palabuhan padagangan jeung puseur pagudangan. Dina taun 1963, pamaréntah Walanda nyerahkeun ieu pulo ka pamaréntah Indonésia.[6] Dina taun 1965, ku sabab Pulo Doom teu cukup deui nampung pertumbuhan jeung perkembangan kotana, pamaréntah ngalihkeun pangwangunan ka daratan Papua.[7] Dina taun 1970-an nepi ka 1980-an, Pulo Doom tetep jadi puseur padagangan masarakat lokal ku ayana pasar gedé deukeut jeung palabuhan. Ku sabab éta, masarakat Kota Sorong sok nyebrang ka ieu pulo lamun rék mésér kabutuhan sapopoé.[5] Dina taun 2017, ku sabab kaayaan nu hésé cai, di ieu pulo diwangun sistim pangolahan cai laut jadi cai hérang nu bisa ngayakeun 9.000 liter cai per jamna.[8]

Pariwisata[édit | édit sumber]

Di sapanjang jalan nu ngabagi pulo jadi dua bagéan, loba wangunan arsitéktur Walanda nu desainna dihususkeun pikeun iklim tropis.[5] Ieu wangunan nu masih karawat di antarana Kantor Kapolisian Séktor Sorong Kapuloan jeung Gedong Sakola Dasar YPPK Stella Maris. Loba imah masarakat di sakitar lapangan maén bal, disebut-sebut lapangan maén bal pangmimitina di Papua, mangrupa imah paninggalan Walanda. Salian éta, aya ogé wangunan bungker tilas Perang Dunya II nu ditinggalkeun ku tantara Jepang pikeun pertahanan udara. Ieu bungker dihubungkeun ku belasan nepi ka puluhan terowongan nu diaméterna 1 méter. Ieu bungker ngahubungkeun ogé objék penting saperti palabuhan. Tapi, wangunan-wangunan nu ngandung sajarah ieu teu karawat sareng kotana teu katata lantaran loba wangunan anyar nu teu sarua jeung wangunan paninggalan Walanda.[4][9]

Di bagéan kulon bukit di Pulo Doom, aya garéja béthel nu miboga desain arsitektur Walanda tapi dindingna dibuat ku gaba-gaba (pelepah sagu). Ieu garéja disebut Garéja Oranye nu diwangun dina taun 1911 nepi ka 1913. Ieu garéja kiwari tos teu digunakeun pikeun imah ibadah, ku kitu kagiatan garéja dipindahkeun ka Garéja Jemaat Béthel Doom nu perenahna di puncak bukit.[4][9] Di sisi ieu bukit, aya tebing nu luhurna 30 méter; ti ieu tebing bisa ditingali pamandangan laut jeung pulo nu deukeutan, saperti Soop, Raam, jeung Dofior.[10] Di ieu pulo aya ogé masjid nu diwangun dina taun 1926 nu disebut Masjid Jami Doom. Masjid ieu perenahna di Kalurahan Doom Barat jeung ku masarakat dijadikeun puseur kagiatan kaagamaan jeung kamasarakatan.[11]

Hiji-hijina tutumpakan nu aya di Pulo Doom nyaéta bécak.[10] Bécak mimiti didatangkeun ka ieu pulo dina taun 1971. Bécak dipilih ku masarakat lantaran topografina nu datar.[6] Di sisi numpak bécak, ieu pulo bisa dikurilingan ku jalan kaki nu lilana ngan 45 menit ku sabab legana teu gedé.[4]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b Kecamatan Sorong Kepulauan dalam Angka 2019. Badan Pusat Statistik Kota Sorong. 26 Séptémber 2019. 
  2. a b c Paul (28 April 2019). "Pulau Doom, 'Kota Belanda' yang Hilang di Papua Barat". Kumparan. Diakses tanggal 19 Désémber 2019. 
  3. a b Johansz, Devid Abraham; Sela, Rieneke L. E.; Tilaar, Sonny (2017). "Perkembangan Permukiman di Pulau Doom Kota Sorong". Spasial: Perencanaan Wilayah dan Kota 4 (1): 91-102. ISSN 2442-3262. https://ejournal.unsrat.ac.id/index.php/spasial/article/view/15417. 
  4. a b c d e Genthong, Aryo Wisanggeni (4 Agustus 2008). "Menelusuri Kota Tua Ala Belanda". Kompas. Diakses tanggal 16 Désémber 2019. 
  5. a b c d e Gassing, Ipul (8 April 2015). "Doom Island, the Origin of Sorong". Tempo English. Diakses tanggal 16 Désémber 2019. 
  6. a b Radius, Dwi Bayu (1 Juli 2015). "Berpesiar dengan Becak Keliling Doom". Kompas. Diakses tanggal 19 Désémber 2019. 
  7. Suyenaga, Joan (2001). Indonesian New Guinea: West Papua/Irian Jaya (5th ed.). Periplus. ISBN 978-9625937687. 
  8. "Masyarakat Pulau Doom Sorong Konsumsi Air Laut". Media Indonesia. 25 Oktober 2017. Diakses tanggal 19 Désémber 2019. 
  9. a b Kakisina, Ernes B. (1 Januari 2018). "Pulau Doom Wisata Sejarah di Kota Sorong". Antara News. Diakses tanggal 18 Désémber 2019. 
  10. a b Putra, Yudha Manggala P. (10 Maret 2018). "Wisata Sejarah di Pulau Doom Sorong". Republika.co.id. Diakses tanggal 19 Désémber 2019. 
  11. Syamsiah, Siti Nur (18 Juni 2019). "Tanah Perdamaian Leluhur di Pulau Doom". NU Online. Diakses tanggal 18 Désémber 2019.  Archived 2019-12-18 di Wayback Machine