Randamidang

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, paluruh


Randamidang
Klasifikasi ilmiah
Karajaan: Plantae
(unranked): Angiospermae
(unranked): Eudicot
(unranked): Asterid
Order: Asterales
Kulawarga: Asteraceae
Génus: Cosmos
Spésiés: C. caudatus
Ngaran binomial
Cosmos caudatus
Kunth
Sinonim

Bidens caudatus

Randamidang (Cosmos caudatus) nyaéta hiji spésiés tutuwuhan tina genus Cosmos. Randa midang  asalna ti nagara Amerika anu miboga iklim tropis, tuluy sumebar ka wilayah Asia, nepi ka nagara Indonésia. Ngaran binomalna Cosmos Caudatus. Inohong anu miboga jasa pikeun méré ngaran ka ieu kembang nya éta  Karl Sigmund Kunth di taun 1820. Di Indonesia, éta kembang ahéng ku ngaran Kenikir, sedengkeun ku urang Malayu disebutna  Ulam Raja, pon kitu deui urang Sunda méré ngaran Randa Midang pikeun sesebutan Cosmos Caudatus Kunth.[1]

Ciri mandiri[édit | édit sumber]

Kembang randamidang

Randa midang miboga jangkung 75-100 jeung bau anu has. Batang ngadeg kalayan ajeg, wangunna pasagi. Daun silih silang kawas lambang cakra  pahareup-hareup sarta miboga panjang 15-25 cm, warnana héjo. Kembangna réa, wangunna bongkol (gépéng), panjangna ±25 cm, makuta kabagi jadi 8 daun sarta miboga panjang ±1 cm, warnana beureum. Benang sari wangunna kawas tabung, hulu sari warnana coklat adu manis jeung  hideung. Putik wangunna kawas miboga buuk, lamun ngora kénéh warnana héjo, sanggeus kolot warnanana jadi coklat. Sikina heuras, miboga rupa kawas jarum anu panjangna ±1 cm, warnana hideung. Akar ngarancabang miboga warna bodas.[2]

Zat[édit | édit sumber]

Ieu tutuwuhan téh ngandung sawatara zat, di anarana:[3]

Mangpaat[édit | édit sumber]

  • Sistem imunitas pikeun awak

Daun Randa Midang miboga Vitamin A jeung vitamin E mangpaatna bisa ngaronjatkeun sistem imunitas pikeun awak. Salian ti eta, Randa Midang oge miboga Vitamin C mangpaatna pikeun ngaronjatkeun sistem Métabolisme.[4]

  • Kasehatan tulang

Mineral Kalsium jeung magnesium anu aya dina Randa Midang miboga mangpaat pikeun nyieun tulang sangkan kuat.[4]

  • Bau baham

Koniferil alcohol anu aya dina danun Randa Midang miboga pancén pikeun ngusir kokotor (bakteri jeung kuman) anu kabawa ngaliwatan kadaharan.[4]

  • Ngaronjatkeun napsu dahar

Kuarsetin anu aya dina Randa Midang miboga mangpaat pikeun ngaronjatkeun napsu dahar pikeun budak.[4]

Ubar[édit | édit sumber]

Maag[édit | édit sumber]

Tokoferol polifenol jeung hidrosieugnol moboga pancén pikeun nguatkeun otot Sphingter anu aya dina lambung. Pancénna pikeun narima kadaharan kalayan teu nyieun bahla kana lambung.[5]

Cara:

  1. Kulub daun Randa Midang
  2. Tuluy pisahkeun cai jeung daun daun Randa midang
  3. Caina inum
  4. Lakukeun sacara rutin dua kali dina sapoé

Lemah jajantung[édit | édit sumber]

Mangpaat antioksidan jeung flavonoid miboga pancén pikeun ngubaran sel-sel anu geus ruksak. Sedengkeun pikeun jantung éta jat miboga mangpaat pikeun ngalancarkeun lajuna getih ku cara nyieun kuat otot jantung jeung  pembuluh darah.

Cara:

  1. Kulub daun Randa Midang
  2. Tuluy pisahkeun cai jeung daun daun Randa midang
  3. Caina inum
  4. Lakukeun sacara rutin dua kali dina sapoé

Gondongeun[édit | édit sumber]

Polifenol jeung tokoferol miboga mangpaat pikeun radang nalika gondongeun.

Cara:

  1. Kumbah daun Randa Midang
  2. Tutu daun Randa Midang anu geus dibersihkeun
  3. Tambah cuka kalayan takeran 1:1
  4. Oles kana beuheung anu gondongeun

Bareuh Pinareup[édit | édit sumber]

Terpenoid jeung antiflamasi miboga mangpaat pikeun ngubaran bareuh dina pinareup (hususna ibu-ibu anu miboga fase mere ASI ka budak)

Cara:

  1. Kumbah daun randa midang
  2. Sanggeus dikumbah, duruk daun randa midang sangkan tutung
  3. Sanggeus diduruk, simpen eta daun kana bagean pinareup anu bareuh
  4. Lakukeun sacara rutin

Ubar Kanker[édit | édit sumber]

Saponin, terpenoid, flavonoid jeung antioksidan mampuh ngalawan kanker.

Cara:

  1. Kulub daun Randa Midang
  2. Tuluy pisahkeun cai jeung daun daun Randa midang
  3. Caina inum
  4. Lakukeun sacara rutin dua kali dina sapoé

Tumbu kaluar[édit | édit sumber]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Fast, Sea. "Tanaman Kenikir" (PDF). seafat.ipb.ac.id. IPB. Diakses tanggal 12/02/2017. 
  2. Puspita, Dita. "KENIKIR" (PDF). ump.ac.id. UMP. Diakses tanggal 12/02/2017. 
  3. Puspita, Dita. "Kenikir" (PDF). ump.ac.id. UMP. Diakses tanggal 12/02/2017. 
  4. a b c d "20+ Manfaat Daun Kenikir bagi Kesehatan Tubuh Anda - Manfaat.co.id" (dalam bahasa en-US). Manfaat.co.id. 2015-02-03. https://manfaat.co.id/10-manfaat-daun-kenikir-bagi-kesehatan-tubuh-anda. Diakses pada 2018-02-14 
  5. Lavanaa, Asgar. "Apa Fungsi atau Khasiat Daun Kenikir Untuk Kanker & Asam urat?". Khasiat Manfaat Daun. Diakses tanggal 2018-02-14.