Raynald de Chattilon

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Jump to navigation Jump to search
Stémpel Raynald de Chattilon

Raynald de Chattilon disebut ogé Reynald, Reynold, Renald, atawa Reginald (basa Perancis: Renaud de Chátillon) nyaéta ksatria anu ngilu dina Perang Salib II.[rujukan?] Nepi ka maotna (4 Juli 1187) netepan tanah suci Yerusalem (Holy Land: kiwari Palestina.[rujukan?] Reynald de Chattilon kasohor minangka tokoh anu kontrovérsial salila hirupna.[rujukan?] Para penulis muslim loba anu nganggap Reynald minangka pingpinan tina musuh-musuh Islam di jamanna.[1] Dina taun 1161 Raynald dipenjarakeun ku sultan Nur ad-Din salila lima belas taun di Aleppo.[2]

Kisah Hirup[édit | édit sumber]

Ilustrasi: Reynald Nyiksa Patriarki Aimery

Raynald jadi pangawasa Antiokhia (ti taun 1153 nepi ka 1160) sanggeus nikah jeung putri Constance ti Antiokhia.[rujukan?] Salaku pangawasa, manéhna kasohor telenges jeung kasar ka rahayatna.[rujukan?] Teu saeutik anu jadi korbanna. Raynald sok nyiksa sarta ménta jatah ka pandita jeung patriarki Garéja koptik jeung Garéja Ortodok Wétan.[rujukan?] Malah mah, Raynald kungsi nyiksa Patriarki Aimery anu teu daék mikeun hartana. Raynald kungsi ngayakeun ékspédisi ka Siprus anu dikawasa ku raja Emmanuel I ti kakaisaran Bizantium.[rujukan?] Ieu hal nyababkeun kahariwangan Guy de Lusignan, sieun suplai ka Pasukan Salib dipegat ku pihak Bizantium.[rujukan?] Raynald kacida geuleuhna ka kaum muslim.[rujukan?] Sanggeus jadi raja di bénténg Kerak di wilayah Hijaz, Raynald sok ngarampok karavan muslimin.[rujukan?] Manéhna sok nyiksa, merkosa, jeung maéhan jelema anu ngilu dina antayan karavan, kaasup adina Saladin jadi korban katelengesanana.[rujukan?] Raja Guy maréntahkeun Raynald pikeun mulangkeun deui harta hasil ngarampas, tapi ditolak ku Raynald.[rujukan?] Ieu hal nyababkeun perang antara muslim jeung pasukan salib lantaran Raynald dianggap ngalanggar jangji.[rujukan?] Puncakna, pasukan salib anu dipingpin ku Guy jeung Raynald éléh dina Perang Hattin (1187).[rujukan?] Raynald diéksékusi paéh ku Sultan Saladin diténdana, tuluy huluna dipiceun méh katingali ku pasukan salib séjénna.[rujukan?]

Référénsi[édit | édit sumber]


Soekarno.jpg