SMS

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Hiji layanan talatah singket anu mecenghul dina hiji ponsél Motorola

SMS, singketan tina kecap-kecap basa Inggris Short Message Service, nyaéta hiji layanan anu dilaksanakeun ku hiji telepon mobil pikeun ngirim atawa nampa talatah-talatah pondok. Mimitina SMS dirarancang sabagé bagian tina GSM, tapi ayeuna geus bisa dilaksanakeun dina jaringan (raramat) mobil (usik) séjénna kaasup raramat UMTS.

Hiji talatah SMS maksimal diwangun ku 140 byte, dina harti séjén hiji talatah bisa ngamuat 140 sipat 8-bit, 160 sipat 7-bit atawa 70 sipat 16-bit pikeun basa Jepang, Basa Mandarin sarta Basa Koréa anu maké Hanzi (Aksara Kanji / Hanja). Sajaba ti 140 byte ieu aya data-data séjén anu dikandung. Aya ogé sawatara padika pikeun ngirim talatah anu leuwih ti 140 byte, tapi pamaké kudu mayar leuwih ti sakuduna.

SMS bisa ogé dipaké pikeun ngirim gambar, sora jeung film. SMS wangun ieu disebut MMS.

Talatah-talatah SMS dikirim ti hiji telepon mobil ka puseur talatah (SMSC dina basa Inggris), di dieu talatah ditunda sarta dicoba dikirim salila sababaraha kali. Sanggeus waktu anu geus ditangtukeun, biasana sapoé atawa 2 poé, tuluy talatah dihapus.

SMS pohara populér di Éropah, Asia jeung Australia. Di Amérika Sarikat, SMS rélatif jarang dipaké. SMS populér alatan rélatif murah. Di Indonésia, gumantung pausahaanana hiji SMS kira-kira antara Rp. 45,- nepi ka Rp. 750,-.

Alatan hésé ngetikna atawa pikeun ngahémat tempat, biasana talatah SMS disingket-singket. Tapi masalah kahésé ieu ayeuna geus katungkulan alatan réa telepon mobil anu ngabogaan fungsi kamus.

Talatah-talatah SMS kungsi ngagemparkeun sarta ngabalukarkeun parobahan-parobahan leutik di masarakat. Sawatara conto:

  • Januari 2001, Joseph Estrada dipaksa turun tahta salaku présidén Filipina lantaran kampanyeuna dilakukeun ngaliwatan SMS.
  • Di Malaysia, kungsi aya nu ngalakukeun pipirakan ngaliwatan SMS. Dina bulan Juli 2001, pamaréntah Malaysia mutuskeun yén dina ngaragragkeun talak tilu (dina pipirakan nurutkeun ageman Islam) henteu kaci maké SMS lantaran saha waé bisa nginjeum atawa maok sahiji telepon mobil sarta ngirim talatah pipirakan kasebut. Euweuh bukti saperti tulisan, sora anu bisa didéngé, atawa saksi anu bisa ngesahkeun. Talak kasebut perlu di daptarkan di mahkamah atawa kantor kadi saméméh disahkeun.

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]

Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna nu patali jeung artikel ieu dina kaca


Cutatan suku[édit | sunting sumber]