Lompat ke isi

Sadagori

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas


Sadagori
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
(unranked):
(unranked):
(unranked):
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
S. rhombifolia
Ngaran binomial
Sida rhombifolia

Sadagori (Sida rhombifolia), (Sangsakerta : atibalā अतिबला[1] ) nyaéta tangkal liar anu hirupna nahun tina kulawarga Malvaceae, mindeng kapanggih di sisi jalan, tegalan, leuweung, sisi kebon, galengan sawah, jeung tempat séjén anu cukup kasorot cahaya panonpoé. Urang Jawa tengah nyebut kana sadagori: sidaguri, otok-otok, urang Madura nyebutna taghuri, kahiindu di Sumba, hutu gamo sebutan urang Halmahera, jeung digo; bitimu; sosapu sebutan ceuk urang ternate.[2][3]

Pedaran

[édit | édit sumber]
Tangkal sandagori di tegalan

Tangkal sadagori geus loba dimangpaatkeun pikeun ubar luar jeung jeroeun awak. ku lantaran kandungan kimia anu dipibanda ku ieu tangkal.[4] Dauna mibanda kimia Alkaloid, kalsium oksalat, tannin, saponin, fenol, asam amino jeung minyak astiri.Tangkalna miband kandungan kalsium oksalat jeung tannin, Akarna mibanda alkaloid, steroid jeung kandungan ephedrine. Akarna serabut nanceb kana taneuh kurang leuwih nepika 30 centi, hésé di cabutna. Ku lantaran ieu tangkal sadagori anu aya dina tegalan paragi ngangon domba sok dipaké pikeun nyangcang domba, ku jalan nyangreudkeun talina dina tangkal sadagori [5]

Kembang sadagori

Ciri mandiri

[édit | édit sumber]

Tangkalna ngarungkun jangkungna kurang leuwih nepika 2 méter, kelirna beureum ati, nyagak, jeung mibanda bulu-bulu anu lemes kelirna héjo ngora. Daunna salambar kelirna héjo kolot daun ngorana kelirna héjo ngora, pahareup-hareup, lonyod méncos ka tungtungnakeun sisi daun rérégéan tur buluan lemes kelirna semu hawuk, daunna anu beulah luhur henteu rata ngangambar keun tulang daun anu aya beulah handapna.[6]

Kembangna hiji mibanda lima palapah kembang anu kelirna semu konéng nepikeun ka konéng. Beulah tengah kembang kelirna konéng tur mibanda lima bagéan mahkota kembang anu mangrupa pibuaheun. Buahna mibanda cangkang anu di jerona aya siki kurang leuwih 8-10, ngentép kalawan tiluarna ngawujud segi lima kelirna héjo, tuluy robah kelir jadi semu coklat dina mangsa geus kolot.[3][4][7]

Mangpaat

[édit | édit sumber]

Sadagori dimangpaatkeun pikeun ngubaran reumatik, gering konéng, cacingeun, ku jalan ngagodog tangkal jeung akar sadagori anu geus dibérésihan saméméhna, kurang lewih ku saleter cai. Digodong nepikeun ka nyesa satengahna. Saenggeus tiis tuluy diinum. Ngubaran kasakit di saluareun awak, ku jalan ngarieus daun sadagori nepikeun ka lembut, bisa ngubaran raheut, arateul, nyeuri huntu, diseureud nyiruan, bisul, jeung sajabana. Ku jalan dioléskeun atawa di popokeun kana bagéan awak anu raheut/nyeri.[8]

Dicutat tina

[édit | édit sumber]
  1. Pandanus database of Indian plants
  2. Ngaran sadagori disababaraha wewengkon
  3. a b Dalimartha, Setiawan (2007) [2003]. Atlas Tumbuhan Obat Indonesia. 3:140 – 145. Jakarta:Puspa Swara. ISBN 979-3235-73-X.
  4. a b "Sida rhombifolia L." (PDF). Departemen Kesehatan. 15 November 2001. Diakses tanggal 20 Juni 2013.  Archived 7 Désémber 2008 di Wayback Machine
  5. Ciri mandiri tangkal sadagori
  6. Dharma, A.P. (1987). Indonesian Medicinal Plants [Tumbuhan Obat Indonesia]. hal.185 – 186. Jakarta:Balai Pustaka. ISBN 979-407-032-7.
  7. Hidayat, Syamsul (2005). Ramuan Tradisional ala 12 Etnis Indonesia. hal.325. Jakarta:Penebar Swadaya. ISBN 978-489-944-5.
  8. Sadagori mangrupa tangkal ubar

Tutumbu Kaluar

[édit | édit sumber]



Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan