Lompat ke isi

Saté maranggi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Sate maranggi nyaéta salah sahiji kadaharan has Indonesia nu aya di daérah Jawa Kulon, hususna Purwakarta. Saté maranggi ogé diaku salah sahiji kadaharan has Sunda.[1]

Sasakala

[édit | édit sumber]
Saté Maranggi jeung Acarna.

Ngaran saté maranggi téh dicokot tina ngaran nu ngajualna nyaéta Ema Ranggi puluhan taun nu geus kalarung. Saté anu dijieun ku Ema Ranggi téh kawentar ka mana-mana nu rasa jeung tékstur dagingna miboga ciri has nu dipikatineung ku nu ngadaharna. Ema Ranggi téh baheula dagang di daérah Cianting, Kabupatén Purwakarta.[2] Ari kiwari, rumah makan nu kawentar téh di Cibungur jalan utama Purwakarta-Cikampek, di Kacamatan Bungursari, Kabupatén Purwakarta.‬ Éta rumah makan téh ngadeg ti taun 1991, saté maranggi anu dijualna rupa-rupa, saperti daging sapi, embé atawa domba, jeung hayam.‬[3]

Béda Unggal Daérah

[édit | édit sumber]

Has saté maranggi bisa dibédakeun tina cara nyajikeun atawa bahan nu dipakéna. Saté maranggi anu kawentar téh nyaéta has ti Purwakarta jeung Cianjur.

Purwakarta

[édit | édit sumber]

Saté maranggi anu kawentar di Indonesia nyaéta has Purwakarta. Saté maranggi has Purwakarta biasana ngagunakeun dua jinis daging, nyaéta daging sapi jeung daging embé.

Saté maranggi nu geus asak ditambahan ku acar sambel tomat, sambel oncom, beuleum ketan atawa timbel.[4]

Cianjur

[édit | édit sumber]

Saté maranggi has cianjur mah biasana ukur ngagunakeun daging sapi nu belah jero atawa gajih sapi nu rangu. Jadi, tina tékstur saténa leuwih seger jeung méré kesan rangu ka nu ngadaharna.[5]

Béda jeung saté nu séjén

[édit | édit sumber]

Nu dagang Saté maranggi aya nu ngider, jongko, jeung rumah makan. Anu ngabédakeun Saté Maranggi mah ngeueuman daging téh dina cai nu geus dibungbuan (marination) saméméh dibeuleum dina areng jadi saté. Ieu prosés nu ngalantarankeun Saté Maranggi didahar teu dicampur ku sambel kacang. Bungbu keur ngeueumanana mangrupa campuran kécap amis jeung rupa-rupa bungbu, saperti jahé, katuncar, laja, konéng temen, kalayan diolésan cuka saeutik keur nambahan rasa semu haseum, bisa ogé ngagunakeun cuka lahang (cuka nu dijieun tina kawung), atawa cuka séjénna. Lian ti jeung sangu, Saté  maranggi bisa ogé didahar jeung lontong, beuleum ketan jeung sambel oncom, atawa jeung timbel.

Pangajén

[édit | édit sumber]

Kadaharan Saté Maranggi téh dina ping 14 Désémber taun 2012 kasinugrahan ku Kemenparekraf jadi salah sahiji 30 Ikon Kuliner Tradisional Indonesia (IKTI) .

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. "Sate Maranggi dari Purwakarta Mendunia". http://www.purwakartakab.go.id. Diakses tanggal 31-10-2017. [tumbu nonaktif]
  2. Liputan6.com. "Asal-muasal Satai Maranggi Legenda Purwakarta". liputan6.com. http://regional.liputan6.com/read/2548278/asal-muasal-satai-maranggi-legenda-purwakarta. Diakses pada 2017-10-31  Archived 2017-09-14 di Wayback Machine
  3. "Asal usul Sate Maranggi | Informasi Tatar Pasundan". www.pasundan.info (dalam en-US). Diakses tanggal 2017-10-31.  Archived 2017-11-15 di Wayback Machine
  4. Kurniawan, Sigit (2017-02-22). "Sensasi kuliner khas Purwakarta, Sate Maranggi" (dalam bahasa id-ID). Elshinta.com. https://elshinta.com/news/98900/2017/02/22/sensasi-kuliner-khas-purwakarta-sate-maranggi. Diakses pada 2017-10-31 
  5. "Resep Sate Maranggi Khas Cianjur - Resep Masakan 7". resepmasakan7.info (dalam en-US). Diakses tanggal 2017-10-31.  Archived 2017-06-06 di Wayback Machine

Tumbu luar

[édit | édit sumber]