Wayang Beber Wonosari

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian


Wayang Beber

Wayang Beber nyaéta salah sahiji jenis wayang anu unik.[1] Dingaranan Wayang beber téh alatan téhnik pintonanana kalayan ngabébér atawa ngagelar gambar-gambar dina gulungan keretas/kaén.[2] Wayang beber mangrupa salah sahiji jenis wayang pangkolotna tina kira-kira 20-an jenis wayang dina kabudayaan Indonésia.[2] Wayang Beber tumuwuh di Jawa Wétan ti saprak abad ka-15 nepi ka kiwari kalawan kaayaan anu ngaprihatinkeun alatan rék punah.[2]

Gelarna Wayang Beber Wonosari[édit | édit sumber]

KPA Kusumodilaga Sastromiruda nulis yén wayang beber mimiti dijieun ku Prabu Bratana ti Karajaan Majapahit dina taun1361.[2] Sajarawan deungeun ngaranna WP. Goenevelt manggihan hiji warta di Cina taun1416 anu nétélakeun yén pamentasan Wayang Beber geus umum dipintonkeun di wewengkon Jawa Wétan.[2] Sajarahwan séjén, Dr. Hazeu ngomong yén wayang beber aya sanggeus jelema mikawanoh pintonan bayangan.[2] Asal-muasal kapustakaan séjén ti Kitab Centhini nyebutkeun yén Wayang beber mimiti mekar di Karajaan Kediri.[2] Awalna digambar dina luhureun daun lontar anu bentukna leutik kalayan nyokot carita tina relief Candi Penatarandi Blitar Jawa Wétan.[2] Dina mangsa pamaréntahan Raja Brawijaya pamungkas anu miboga putra R. Sungging Prabangkara nyieun hiji panyampurnaan wangun Wayang Beber tina daun lontar dirobah jadi dina keretas kalayan méré rupa-rupa kelir pakéan ku cet.[2] Ku kituna dina mangsa ahir Karajaan Majapahit kaayaan wayang beber beuki rame.[2] Saprak runtuhna karajaan Majapahit kalayan sengkala geni murub siniram jalma (1433/1511M), ku kituna Wayang Beber sarta kasenian séjénna dibawa ka Karajaan Demak.[2] Dina mangsa Sultan Demak Syah Alam Akbar I masih ngawasa, Wayang Beber masih dipintonkeun, tapi sawaréh pamiluna nampik alatan aya penggambaran jelema sarta aya pemujaan ka barang atawa roh anu geus maot.[2] Pikeun ngaleungitkeun gambaran anu kaambeu pamujaan ka déwa sarta ngaleungitkeun wujud gambar manusa, ku kituna para wali nyiptakeun wayang anu dicokot tina gambar jelema, sato anu distirilisasi sarta dijieun doyong.[2] Sunan Bonang di Demak nyiptakeun Wayang Beber Gedog jeung carita Panji Asmorobangun jeung Dewi Sekartaji.[2] Iringan musik anu dipaké nyaéta rebab, kendang, kenong sarta gong.[2] Kamekaran satuluyna, para wali nyieun deui wayang purwa tina bahan kulit ku kituna ngabalukarkeun wayang beber leungit nepi ka jaman Karajaan Mataram.[2] Saprak éta pisan, henteu matak olohok lamun sawatara dasa warsa tuluy wayang beber disangka geus punah.[2] Tapi lalampahan wayang beber terus timbul tikerelep waktu nepi di Karaton Mangkunegaran Solo di mana ayana wayang beber masih dibéla.[2] Tapi kitu duplikasi wayang beber anu dipigawé dibawa ka luar nagari.[2]

Rupa-rupa Wayang Beber[édit | édit sumber]

Salain Wayang Beber anu aya di Désa Karang Talun Kalurahan Kedompol Kacamatan Donoroko Kabupatén Pacitan, aya 1 set deui Wayang Beber anu asalna ti Désa Gelaran Kalurahan Bejiharjo Kacamatan Karangmojo (Wonosari) Kabupatén Gunung kidul D.I Yogyakarta.[2] Wayang Beber anu aya di Wonosari Gunungkidul DI Yogyakarta miboga ngaran: Wayang Beber KYAI Remeng Mangunjaya, nu bogana nyaéta turunan ka tujuh ti Kyai Remeng Mangunjaya nyaéta Ki Supar.[2] Arkeolog Drs.M.M ngajelaskeun yén Wayang Beber anu aya di Wonosari aya kira-kira dina jaman Raffles (1811-1816).[2] Wayang Beber Wonosari miboga kasaruaan jeung Wayang Beber Pacitan nyaéta bahan sarta carita wayang anu nyaritakeun dina Karajaan Kediri sarta Majapahit.[2] satuluyna bédana deui Wayang Beber ieu téh dina eusi gambar anu ngan ngeusi inohong-inohong, sedengkeun kasang tukangna rada kurang pinuh sarta lobana gulungan ngan 4 gulungan (lembar).[2]

Asal usul Wayang Beber Wonosari[édit | édit sumber]

Dina mangsa kajayaan Karajaan Pengging nu dipingpin Mas Karebet (Joko Tingkir) kungsi diayakeun pagelaran Wayang Beber minangka taktik pikeun ngéléhkeun satru.[2] Sanggeus Mas Karebet maot, pusaka Wayang Beber dibikeun ka putrana anu ngaranna Mas Ngabehi Loring Pasar anu saterusna Wayang Beber dibawa ka Mataram.[2] Kumaha Wayang Beber bisa jadi pusaka pikeun ngéléhkeun musuh? Dicaritakeun Karajaan Pengging miboga musuh nyaéta Ki Ageng Mangir.[2] Mas Ngabehi Loring Pasar maréntahkeun Soponyono magelarkeun Wayang Beber bareng pesinden Kanjeng Ratu Pembayun minangka usaha sangkan Ki Ageng Mangir nempo pementasan Wayang Beber kalayan pesinden Kanjeng Ratu Pembayun sanajan sabenerna hal éta ngan tipu muslihat ti Mas Ngabehi Loring Pasar.[2] Ki Ageng Mangir saterusna nyaksian pementasan Wayang Beber, nempo Kanjeng Ratu Pembayun anu geulis kawanti-wanti sarta masih ngora, satuluyna Ki Ageng Mangir kapincut sarta rék ngawinan Kanjeng Ratu Pembayun.[2] Pamustunganana Ki Ageng Mangir sapuk ngikeut tali perkawinan jeung Kanjeng Ratu Pembayun.[2] Sanggeus lumangsung kasapukan,satuluyna Ki Ageng Mangir sarta Kanjeng Ratu Pembayun nepungan Mas Ngabehi Loring Pasar, ayah Kanjeng Ratu Pembayun.[2] Sanggeus nepi hareupeun sang raja, duannana méré sembah sujud, babarengan jeung Ki Ageng Mangir milu nyembah suku Mas Ngabehi Loring Pasar, kalayan gancang raja najong sirah Ki Ageng Mangir jeung batu Gilang ku kituna KI Ageng Mangir maot.[2]

Referensi[édit | édit sumber]

  1. (id) BennedictROG. Anderson, The Last Picture Show, wayang Beber, 1974, Wisconsin, Conference on Modern Indonesia Literature, Madison, hlm.2
  2. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z aa ab ac ad ae af (id)[1] (diaksés tanggal 24 Oktober 2011)