WiMAX

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, paluruh

WiMAX (singketan tina kecap-kecap basa Inggris Worldwide Interoperability for Microwave Access) nyaéta hiji téknologi télékomunikasi anu dimaksudkeun pikeun ngirimkeun data tanpa ngagunakeun kabel dina jarak nu jauh dina rupa-rupa cara ti mimiti tumbu point-to-point nepi ka aksés wanda sélulér bagerak. Ieu téknologi dumasar kana standar IEEE 802.16, anu katelah ogé WirelessMAN. Ngaran WiMAX dijieun ku WiMAX Forum, anu diadegkeun dina bulan Juni taun 2001 pikeun ngaronjatkeun standar konformitas (kaluyuan) jeung interoperabilitas ieu téknologi. Forum kasebut negeskeun yén WiMAX téh "hiji téknologi nu dumasar kana standar anu ngamungkinkeun pangiriman data pitarubak tanpa ngagunakeun kabel di patempatan last mile (tungtung jaringan anu pangjauhna ti inti jaringan telekomunikasi publik sarta deukeut ka langganan) salaku alternatif (gaganti) kabel jeung DSL."

Standar
telepon mobil jeung data
Kulawarga GSM / UMTS
2G
3G
Pre-4G
Kulawarga cdmaOne / CDMA2000
2G
3G
Pre-4G
Tehnologi sejen
0G
1G
2G
Pre-4G
Pita frékuénsi


Anu ngabédakeun WiMAX jeung Wi-fi nyaéta standar téknis anu ngawangunna. Lamun Wifi mah ngagabungkeun standar IEEE 802.11 jeung HiperLAN jieunan ETSI (Européan Telecommunications Standards Intitute) minangka standar téknis anu cocog pikeun kaperluan WLAN, sedengkeun WiMAX mah mangrupa gabungan antara standar IEEE 802.16 jeung standar HiperMAN jieunan ETSI.

Standar wedalan IEEE réa dipaké di wewengkon asalna, Amérika Sarikat, sedengkeun standar kaluaran ETSI réa dipaké di wewengkon Éropah sarta sabudeureunana. Supaya téknologi-téknologi ieu bisa dipaké sacara global, mangka diciptakeun waé WiMAX. Kadua standar anu dihijikeun dina WiMAX ieu mangrupa standar-standar téknis anu ngabogaan spésifikasi nu pohara cocog pikeun nyadiakeun konéksi wanda pitarubak ngaliwatan média salian ti kabel.

Langlangan téknologi[édit | édit sumber]

Wimax nyaéta istilah anu dipaké pikeun ngagambarkeun standar anu sanggup dijalankeun (operasi) dumasar kana jaringan IEEE 802.16, analogina kawas Wifi anu bisa jalan dumasar kana standar Wireless LAN IEEE802.11. Tapi, dina palaksananana Wimax pohara béda jeung Wifi.

Dina Wifi, Media Access Control (MAC) ngagunakeun métoda (padika) aksés kompetisi, di mana sawatara terminal sacara babarengan ngarebutkeun aksés. Sedengkeun MAC dina WiMAX mah ngagunakeun padika aksés anu dumasar kana algoritma jadwal (scheduling algorithm). Lantaran ngagunakeun padika aksés kompetisi, mangka layanan kawas Voice over IP atawa IPTV anu gumantung kana Kualitas Layanan (Quality of Service) anu stabil jadi kurang alus lamun dijalankeun dina Wifi. Sedengkeun dina WiMAX, nu maké algoritma jadwal, mangka lamun sanggeus hiji terminal meunang jaminan pikeun ngabeunangkeun sajumlah sumber daya (misalna timeslot), mangka jaringan nirkabel baris terus méré sumber daya ieu salila terminal merlukeun.

Loba institusi anu kataji ku standar 802.16d sarta.16e alatan standar ieu ngagunakeun frékuénsi anu leuwih handap antukna leuwih tahan tina redaman nu temahna ngabogaan daya tembus anu leuwih alus dina jero gedong. Denget ayeuna, geus aya jaringan télékomunikasi anu sacara komérsial ngagunakeun téknologi WiMAX nu nyepeng sertifikat tanda luyu jeung standar 802.162.

Spésifikasi WiMAX bisa ngoméan atawa nutupan kakurang nua aya dina standar Wifi ku cara nawarkeun rubakpita anu leuwih panjang sarta énkripsi anu leuwih alus. Standar WiMAX nawarkeun sambungan télékomunikasi tanpa merlukeun Line of Sight (posisi di mana garis antara terminal jeung BTS téh kudu lempeng sarta bébas tina hahalang naon waé di hareupeunana) dina kaayaan nu tangtu.

Kauntungan[édit | édit sumber]

Réa kauntungan anu dihasilkeun tina dipakéna standar WiMAX. Para operator télékomunikasi bisa ngahémat invéstasi alatan kamampuh WiMAX ngaladénan langganan dina wewengkon anu leuwih lega sarta tingkat kompatibilitas WiMAX nu leuwih hadé. Sajaba ti éta, pasarna ogé leuwih lega alatan WiMAX bisa ngeusian lolongkrang (kabutuhan pitarubak) anu salila ieu henteu kahontal ku téknologi kabel sarta DSL (Digital Subscriber Line).

WiMAX mangrupa salah sahiji téknologi nu méré kemudahan ka langganan. WiMAX ngawengku wilayah sajauh 50 km sarta mampuh ngirimkeun data dina laju nu leuwih gancang dina jarak nu jauh anu can kahontal ku téknologi lianna. WiMAX ogé bisa ngaladénan para langganan boh anu aya dina posisi Line Of Sight boh anu henteu (Non-line Of Sight). Jadi, di mana waé posisi para langganan, salila masih asup dina wewengkon 50 km ti hiji BTS (Base Transceiver Stations), langganan mungkin masih bisa ngarasakeun sambungan komunikasi jeung BTS kasebut.

Sajaba ti éta, WiMAX ogé bisa ngaladénan boh para pamaké nu maké anteneu tetep (teu obah, fixed wireless) saperti nu di gedong-gedong pakantoran, imah, toko, jeung sajabana, boh anu mindeng pipindahan atawa nu maké alat télékomunikasi mobil séjénna.

Cara gawé MAC (Média Access Control) anu aya dina lapis Data Link WiMAX sifatna connection oriented, antukna langganan bisa ngalakonan komunikasi dina wangunan vidéo sarta sora sakaligus. Langganan tinggal masangkeun PCI card anu kompatibel jeung standar WiMAX, atawa tinggal meuli PCMCIA (Personal Computer Memory Card International Association) anu geus ngarojong standar WiMAX. Bisa ogé langganan milih cara meuli anteneu portabel katut interface ethernet anu bisa dibawa ka mana-mana pikeun meunangkeun sambungan Internét ti BTS.

Tapi pamakéan standar WiMAX di Indonésia masih kénéh disawalakeun ku pamaréntah (policy maker jeung regulator) sabab bisi ngabangkrutkeun para operator télékomunikasi seluler nu geus aya, hususna operator 3G.

Tumbu kaluar[édit | édit sumber]

Wikibook logo
Wikipustaka mibanda tulisan nu leuwih lengkep ngeunaan ieu dina kaca