WiBro

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Standar
telepon mobil jeung data
Kulawarga GSM / UMTS
2G
3G
Pre-4G
Kulawarga cdmaOne / CDMA2000
2G
3G
Pre-4G
Tehnologi sejen
0G
1G
2G
Pre-4G
Pita frékuénsi


WiBro (singketan tina kecap-kecap basa Inggris Wireless Broadband) nyaéta téknologi Internét pitarubak tanpa kabel (wireless broadband) anu dimekarkeun ku industri télékomunikasi Koréa Kidul. WiBro téh nyaéta sebutan urang Koréa Kidul pikeun standar internasional 802.16e wedalan IEEE (anu populer katelah WiMAX mobil).

WiBro bisa ogé disebut layanan internét portabel anu dipancerkeun dina frékuénsi 2,3 Gigahertz (GHZ). Pakakas terminal anu bisa ngabeunangkeun aksés internét ieu di antarana ponsél, komputer notebook, sarta PDA. Dina hal mobilitas, WiBro ogé leuwih éfisién tinimbang Wifi anu ayeuna jadi standar internét tanpa kabel. Wengkuan jarak pancaran Wifi masih kawates kira-kira nepi ka 100 méter, samentara WiBro cenah bisa diaksés nepi ka jarak 1 kilométer ti stasiun pemancarna.

Aksés Wibro masih bisa ditarima dina jero kandaraan anu lajuna 60 kilométer per jam. WiBro dimekarkeun ku Samsung babarengan jeung Electronics and Technology Reséarch Institute (ETRI) sarta geus meunang sértifikat ti WiMAX Forum. Téknologi ieu sanggup ngirim data kalawan laju nepi ka 50 Mb per detik. Laju pangiriman datana sanggup ngunggulan laju pangiriman data nu maké téknologi HSDPA anu kamampuh ngirimkeun datana ngan nepi ka 14 Mb per detik.

WiBro maké métodeu (padika) duplexing TDD OFDMA sarta maké pita frékuénsi 8.75 MHz. WiBro diharepkeun bisa nutupan kakurang telepon mobil dina hal laju data sarta pikeun nambahkeun kamampuh mobilitas pikeun layanan internét pitarubak (contona ADSL atawa Wireless LAN). Dina bulan Pébruari 2002, pamaréntah Koréa ngaalokasikeun 100 MHz tina spéktrum éléktromagnétik dina pita frékuénsi 2.3 - 2.4 GHz, sarta dina tungtung taun 2004 WiBro Fase 1 dibakukeun ku Telecommunications Technology Association (TTA) Koréa dina ahir taun 2005 International Telecommunication Union (ITU) negeskeun WiBro sabagé standar IEEE 802.16e (WiMAX mobil). Dua pausahaan télékomunikasi (Koréa Telecom sarta SK Telecom) nawarkeun layanan komérsial dina bulan Juni taun 2006, sarta tarifna kira-kira 30 US$.

Base station WiBro nawarkeun data throughput 30 nepi ka 50 Mbit per detik sarta ngawengku jarak pancar 1–5 km. Ieu base station bisa ngahubungkeun alat-alat nu kagerak dina laju nepi ka 120 km/jam (74.5 mile/jam). Dina pidangan uji coba dina gempungan APEC Summit di Busan dina tungtung taun 2005, wengkuan jeung rubakpita WiBro nu sabenerna mah rada leuwih leutik manan angka-angka kasebut. Téknologi ieu ogé nawarkeun Kualitas Layanan (QoS). Diasupkeunana QoS kana ieu téknologi ngabalukarkeun WiBro bisa ngirimkeun gambar vidéo jeung data nu peka loss (leleungitan data) lianna dina cara nu bisa diandelkeun. Ieu kabéh kacirina mangrupa kaunggulan utama WiBro dibandingkeun standar WiMAX tetep (nu disebut ogé standar IEEE 802.16a).

Tempo ogé[édit | édit sumber]

Tumbu kaluar[édit | édit sumber]