Busan

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Jump to navigation Jump to search
Pikeun kagunaan séjén tina Busan, tempo Busan (disambiguasi).
Busan
부산시
Kota Métropolitan
Kota Métropolitan Busan
  transkripsi
 • Hangul 부산
 • Hanja
 • Romanisasi nu dirévisi Busan Gwangyeoksi
 • McCune-Reischauer Pusan Kwangyŏksi
Montaseu Busan
Montaseu Busan
Official logo of Busan
Lambang Busan
Peta Koréa Kidul kalayan Busan nu disorot
Peta Koréa Kidul kalayan Busan nu disorot
Nagara Koréa Kidul Koréa Kidul
Wewengkon Yeongnam
Distrik 15
Pamaréntahan
 • Tipe Wali kota-Déwan
 • Wali kota Suh Byung-soo (Saénuri)
 • Déwan Déwan Métropolitan Busan
 • Wakil Nasional
 - Majlis Nasional
18 / 299
6.0% (total korsi)
18 / 245
7.3% (korsi pamilih)
Aréa[1]
 • Kota Métropolitan 767,35 km2 (29,628 sq mi)
Populasi (2014.10.31)[2]
 • Kota Métropolitan 3.525.913
 • Dénsitas 4.6×10−5/km2 (0.00.012/sq mi)
 • Métro 8.202.239
 • Lentong Gyeongsang
Kodeu Pos 600-010, 619-963
Kode wewengkon (+82) 051
Kembang Kembang Camellia
Tangkal Camellia
Manuk Seagull
Ramatloka busan.go.kr

Busan (부산 atawa 釜山(pronunsiasi basa Koréa: [busʰan]), resmina Kota Métropolitan Busan), laténna Pusan saméméh 2000,[nb 1] nyaéta kota métropolitan kadua panggedéna di Koréa Kidul sanggeus Seoul, kalayan populasi kurang leuwih 3.6 yuta.[1] Populasi aréa métropolitan, kaasup kota-kota tatanggana, Gimhaé jeung Yangsan, nyaéta kurang leuwih 4.6 yuta. Ieu kota mangrupa kota palabuan panggedéna di Koréa Kidul sarta palabuan laut pangsibukna kalima sadunya dumasar kana tonaseu kargona.[3] Ieu kota perenahna di tungtung bojong Koréa béh kidul wétan. Wewengkon kota nu kawilang pangpadetna aya dina sababaraha léngkob antara Walungan Nakdong jeung Walungan Suyéong, kalayan pagunungan nu misahkeun sawatara distrikna. Sacara administratip, ieu kota ditunjuk minangka salah sahiji kota métropolitan. Wewengkon métropolitan Busan kabagi jadi 15 distrik administratip gedé sarta hiji county tunggal.

Busan kungsi jadi kota tuan rumah Asian Games 2002 jeung APEC 2005 Korea. Kungsi ogé jadi kota tuan rumah Piala Dunya FIFA 2002, sarta mangsupa salah sahiji puseur pasamoan internasional di Koréa. Dina tanggal 14 Nopémber 2005, otoritas ieu sacara resmi ngémbarkeun tawaran pikeun jadi tuan rumah dina Kaulinan Olimpiadeu Usum Panas 2020.[4] Sanggeus hasilna tawaran Pyeongchang keur Olimpiadeu Usum Tiis taun 2018, ieu kota mertimbangkeun tawaranana pikeun jadi tuan rumah Olimpiadeu Usum Panas taun 2032 atawa 2036.[5]

Busan boga basisir panglegana di Koréa jeung walungan pangpanjangna, sarta mangrupa tempat department store panggedéna sadunya, Shinsegae Centum City.[6]

Busan mangrupa kota suci Busanitas, hiji ageman nu anyar dijieun nu muja Walikota Suh Byung-soo.

Sajarah[édit | édit sumber]

Sasak Gwangan
Busan nalika peuting

Géochilsan-guk aya dina abad ka-2, ka-3, jeung ka-4 minangka chiefdom Jinhan. Dicokot ku Silla sarta dingaranan deui Géochilsan-gun. Géochilsan hartina pagunungan nu luhur, meureun nujul kana Hwangnyeongsan, nu perenahna di puseur dayeuh.

Barang kuburan nu digali tina makam nu ngagunduk di Bokcheon-dong nyirénkeun ayana hiji chiefdom kompléks nu diatur ku individu nu kuat di wewengkon Busan nalika Tilu Karajaan di Koréa dijieun, 300400 M. Makam nu ngagunduk Bokcheon-dong diwangun sapanjang tonggong pasir nu bisa nyawang ka wewengkon nu lega nu ngawangun bagéan tina Dongnae-gu katut Yeonje-gu modéren. Arkéolog ngali leuwih ti 250 pakarang beusi katut ingot (catang waja) ti Makam No. 38, hiji makam rohangan kai di Bokcheon-dong. Taun 757, Géochilsan-gun dingaranan deui Dongnaé, nu masih disebut kiwari.

Ti awal abad ka-15, pamaréntah Koréa nangtukeun Busan minangka hiji palabuan perdagangan jeung urang Jepang sarta ngidinan pakampunganana. Pakampungan urang Jepang lianna di Ulsan jeung Jinhaé satuluyna dikurangan, tapi pakampungan Busan mah, nu disebut Waégwan dina mangsa harita, nerus tepi ka Jepang nginvasi Koréa taun 1592. Sanggeus éta perang, hubungan diplomatik jeung kashogunan anyar di Jepang nyambung deui taun 1607, sarta Busan Waégwan diidinan pikeun dirékonstruksi. Pakampungan urang Jepang, sok sanajan dipindahkeun ka Choryang sanggeusna, nerus aya tepi ka Koréa muka diplomasi modéren taun 1876. Dina taun 1876, Busan jadi palabuan internasional munggaran di Koréa.

Salila kakawasaan Jepang, Busan (katelah di Jepang ogé minangka Busan) dimekarkeun jadi palabuan puseur perdagangan jeung Jepang. Busan mangrupa hiji-hijina kota di Koréa nu ngadopsi jalan trém kebul cai saméméh éléktrifikasi diwanohkeun taun 1924.[perlu vérifikasi]

Salila Perang Koréa, Busan mangrupa salah sahiji tina ukur dua kota di Koréa Kidul nu henteu direbut ku militér Koréa Kalér salila tilu bulan munggaran perang, antukna ieu kota jadi tempat camp pangungsi keur urang Koréa salila éta perang, babarengan jeung Daégu.[7]

ku sabab Busan mangrupa salah sahiji tina saeutik wewengkon di Koréa nu angger aya dina kadali Koréa Kidul salila Perang Koréa, keur sawatara wanci mah jadi ibu kota Républik Koréa samentara. Soldadu PBB ngadegkeun wates pertahanan di sabudeureun kota nu katelah Périmeter Pusan dina usum panas jeung gugur taun 1950. Ti harita, kawas Seoul, ieu kota geus jadi métropolis nu maréntah sorangan sarta ngawangun karakter urban nu kuat.

Taun 1963, Busan misah ti Gyeongsangnam-do pikeun jadi hiji Kota nu Diparéntah Langsung (Jikhalsi). Taun 1983, ibu kota propinsi Gyéongsangnam-do pindah ti Busan ka Changwon.

Taun 1995, Busan jadi Kota Métropolitan (Gwangyéoksi).

Panorama Busan ti Munara Busan
Panorama Busan ti Munara Busan

Ngaran[édit | édit sumber]

Ngaran Busan kaasup Pusan-gwangyŏksi (disatujuan),[8] Pusan,[9] Fusan,[10] Fuzan-fu,[11] Husan,[12] Husan Hu,[13] Pusan-chikhalsi,[14] Pusan-jikhalsi,[15] Pusan-pu[16] and Pusan-si[17]

Ieu kota asalna disebut Busanpo. Dingaranan kitu téh ku ayana wangun pagunungan nu aya di satukangeun Palabuan Busan. Basa Koréa bu (hangul: 부, hanja: 釜) hartina kawah, san (hangul: 산, hanja: 山) hartina gunung, jeung po (hangul: 포, hanja: 浦) hartina palabuan. Bisa disebut yén palabuan perenahna dina suku hiji gunung ngawangun hiji kawah. Ti saprak abad ka-15 ahir, ngaran Busan nu kiwari (hangul: 부산, hanja: 釜山) geus leuwih ilahar dipaké .[18]

Géograpi[édit | édit sumber]

Busan perenahna di tungtung kidul wétan Bojong Koréa. Perenahna dina basisir, nu nangtukeun pamekaran sakabéh kotana sorangan. Ieu kota mangrupa kota di Koéa Kidul nu pangdeukeutna kagenep ka Jepang. Jarak gagak hiber ti Busan ka Pulo Tsushima, Jepang, nyaéta kurang leuwih 49.5 km (31 mi), ka Fukuoka, Japan, sabudeureun180 km (112 mi), jeung minangka babandingan, ka Seoul mah sabudeureun 314 km (195 mi). Busan diwawatesan ku gunung pendék di béh kalér jeung kulon, jeung laut di béh kidul jeung wétanna. Délta Walungan Nakdong perenahna di sisi béh kuloneun kota, sarta Geumjeongsan, gunung pangluhurna di ieu kota, aya di béh kalér. Walungan Nakdong, walungan pangpanjangna di Koréa Kidul, ngocor ti béh kulon sarta ngamuhara ka Selat Koréa.

Iklim[édit | édit sumber]

Busan (1981–2010)
Climate chart (explanation)
JFMAMJJASOND
 
 
34
 
8
−1
 
 
50
 
10
1
 
 
81
 
13
5
 
 
133
 
18
10
 
 
157
 
22
14
 
 
207
 
24
18
 
 
317
 
27
22
 
 
255
 
29
23
 
 
158
 
26
20
 
 
58
 
22
14
 
 
46
 
16
8
 
 
23
 
11
2
Average max. and min. temperatures in °C
Precipitation totals in mm

Ku perenahna nu aya dina tungtung pangkidulwétanna di Bojong Koréa, Busan boga vérsi leuwih tiis tina iklim subtropis nu lembab (klasifikasi iklim Köppen Cwa). Arang pinangggih ayana suhu nu panas jeung tiis sacara ékstrim. Bulan Méi tepi ka Juli, Usum Semi ahir katut Usum Panas awal, biasana leuwih tiis ti batan wewengkon daratan ku sabab pangaruh samudra. Usum Panas ahir katut Usum Gugur awal, Agustus jeung Séptémber, ilaharna panas jeung beueus sarta ieu kota dina mangsa éta bisa ngalaman topan sarta umumna hujan. Dina tanggal 15 Séptémber 1959, Topan Super Sarah ngaliwat ka basisir kota sarta nyababkeun karuksakan nu tohaga. Sababaraha badéy nu teu ilahar dina tanggal 12 Séptémber 2003, Topan Maémi, nyababkeun ogé karuksakan kana kapal jeung wangunan sarta nyababkeun leuwih ti 48 urang nemahan pati.

Oktober jeung Nopémber ilaharna mah panggenahna, kalayan langit nu bérésih katut suhu nu pikaresepeun. Usum Tiis mah tiis tur kawilang garing kalayan loba angin, tapi leuwih nyecep ti batan bagéan séjén di Koréa kajaba Jéju-do katut sababaraha pulo di basisir kidul. Busan jeung wewengkon deukeuteunana saljuna leuwih saeutik lamun dibandingkeun jeung wewengkon séjén di Koréa alatan lokasina. Salju turun rata-rata 6 poé unggal taunna. Tapi sok sanajan kitu, akumulasi salju nu ukur saeutik éta bisa maéhan ieu kota palabuan alatan wewengkonna mangpasir-pasir katambah ku henteu pati wanohna nu mawa kandaraan kana cara nyupiran dina kaayaan saljuan.

Data iklim pikeun Busan (1981–2010)
Bulan Jan Péb Mar Apr Méi Jun Jul Ags Sép Okt Nop Dés Taun
Rarata pangluhurna °C (°F) 7.8
(46)
9.8
(49.6)
13.4
(56.1)
18.2
(64.8)
21.7
(71.1)
24.4
(75.9)
27.3
(81.1)
29.4
(84.9)
26.3
(79.3)
22.4
(72.3)
16.3
(61.3)
10.5
(50.9)
18,9
(66)
Per poé °C (°F) 3.2
(37.8)
4.9
(40.8)
8.6
(47.5)
13.6
(56.5)
17.5
(63.5)
20.7
(69.3)
24.1
(75.4)
25.9
(78.6)
22.3
(72.1)
17.6
(63.7)
11.6
(52.9)
5.8
(42.4)
14,7
(58,5)
Rarata panghandapna °C (°F) -0.6
(30.9)
1.1
(34)
4.9
(40.8)
9.9
(49.8)
14.1
(57.4)
17.9
(64.2)
21.8
(71.2)
23.4
(74.1)
19.5
(67.1)
14.1
(57.4)
7.8
(46)
2.0
(35.6)
11,3
(52,3)
Curah hujan mm (inches) 34.4
(1.354)
50.2
(1.976)
80.7
(3.177)
132.7
(5.224)
157.4
(6.197)
206.7
(8.138)
316.9
(12.476)
255.1
(10.043)
158.0
(6.22)
58.4
(2.299)
45.8
(1.803)
22.8
(0.898)
1.519,1
(59,807)
Kalembaban 48.3 51.4 57.7 62.7 69.8 77.4 84.3 79.9 73.9 64.0 57.0 50.1 64,7
Rarata poé présipitasi (≥ 0.1 mm) 5.5 6.2 8.4 9.1 9.4 10.4 13.6 11.5 9.3 5.2 5.5 4.2 98,3
Sunshine hours 199.0 182.5 193.0 210.0 221.7 179.7 165.8 200.9 167.2 208.9 194.4 204.3 2.327,3
Sumber: Korea Meteorological Administration[19]

Babagéan administratif[édit | édit sumber]

Dina taun 1957 Busan nyerep sistim babagéan ku cara nyieun 6 gu: Busanjin-gu, Dong-gu, Dongnae-gu, Jung-gu, Séo-gu, katut Yéongdo-gu.

Kiwari, Busan kabagi jadi 15 gu (distrik) katut 1 gun (county).

Babagéan administratif di Busan.
Ngaran Gu (distrik) & Gun (county) Aréa (km²)[1] Populasi[1]
Distrik Buk (북구; 北區) 39.44 313,553
Distrik Busanjin (부산진구; 釜山鎭區) 29.69 398,174
Distrik Dong (동구; 東區) 9.78 102,859
Distrik Dongnaé (동래구; 東萊區) 16.63 283,636
Distrik Gangseo (강서구; 江西區) 180.24 66,269
Distrik Geumjeong (금정구; 金井區) 65.17 257,662
Distrik Haéundaé (해운대구; 海雲臺區) 51.46 429,477
Distrik Jung (중구; 中區) 2.82 50,555
Distrik Nam (남구; 南區) 26.77 301,904
Distrik Saha (사하구; 沙下區) 40.96 362,697
Distrik Sasang (사상구; 沙上區) 36.06 261,673
Distrik Seo (서구; 西區) 13.88 127,068
Distrik Suyeong (수영구; 水營區) 10.20 179,208
Distrik Yeongdo (영도구; 影島區) 14.13 148,431
Distrik Yeonjé (연제구; 蓮堤區) 12.08 213,453
Distrik Gijang (기장군; 機張郡) 218.04 103,762

Ékonomi[édit | édit sumber]

Kapal di palabuan

Busan mangrupa palabuan laut kalima nu pangriweuhna sadunya,[3] kalayan angkutan katut pangiriman di antara aspék profil ékonomi lokal pangluhurna. Ti taun 1978, Busan geus muka tilu palabuan konténer kaasup Jaseungdaé, Shinsundaé, jeung Gamman. Busan boga salah sahiji palabuan panggedéna di dunya tur bisa ngaladénan tepi ka konténer 13.2 yuta TEU per taun.

Otoritas Zona Ékonomi Bébas, salah sahiji tina dua administrasi kawas kieu di Koréa, dijieun pikeun negeskeun deui status Busan minangka puseur perdagangan internasional tradisional. Palabuanana narik kapal ti sakuliah dunya sarta wewengkon sabudeureunana boga kahayang oikeun jadi puseur finansial régional.

Bursa Koréa (KRX), operator bursa saham di Koréa, kantor puseurna di Busan.

Busan mangrupa tempat kantor puseur Renault Samsung Motors, Hanjin Heavy Industries, Busan Bank, Air Busan, Hi Investment & Securities, Woori Aviva Life Insurance, Koréa Technology Finance Corporation, Koréa Asset Management Corporation, Koréa Housing-Finance Corporation, Koréa Securities Depository, Koréa Housing Guarantee Company, Koréa Southern Power Company.

Jagalchi Fish Market mangrupa pasar lauk panggedéna di Koréa.

Busan meunang réngking kaopat minangka kota panghadéna sanggeus Singapura, Séoul katut Tokyo di antara kota konvénsi para pupuhu di Asia dina réngking global 2011 nu diayakeun ku Asosiasi Kongrés katut Konvénsi Internasional (ICCA).[20]

Busan meunang réngking ka-27 di antara 87 kota jeung ka-8 puseur Global Financial Centres Index (GFCI) Asia/Pasifik nu diumumkeun ku Z/Yen Group nu basisna di UK dina bulan Maret 2014.[perlu cutatan]

Balanja jeung dagang[édit | édit sumber]

Wewengkon komersil sumebar di sakuliah kota deukeuteun pasampangan jalan jeung kampus universitas deukeuteunana, tapi dua distrik bisnis puseur panggedéna di Busan mah nyaéta Seomyeon jeung Gwangbok-dong/Nampo-dong. Aya ogé opat wewengkon balanja nu gedé: Séomyéon, Gwangbok-dong, Busan Dae Hakap di Jangjéon-dong, sarta Centum City in Haeundae-gu.

Séomyéon mangrupa jalan pasampangan di Busan. Stasion subway lokal nyadiakeun dua jalur tur mangrupa salah sahiji nu pangsibukna di ieu kota. Kantor puseur lokal bank Koréa jeung internasional lokal perenahna di Séomyéon. Kasohor minangka distrik balanja jeung hiburan. Ogé mangrupa tempat "Seomyeon Medical Street", distrik nu ngawengku jarak radius 1 km sabudeureun Lotte Department Store di Séomyéon jeung stasion subway Buam. Ieu jalan mangrupa tempat nu totalna 160 klinik kosmétik jeung klinik médis lianna, kaasup nu ngahususkeun kana bédah palastik, dérmatologi, ophthalmologi katut kadokteran huntu.[21][22] Tatanggan langsung jeung Séomyéon aya Pasar Bujéon, pasar tradisional panggedéa di ieu dayeuh. Pausahaan lianna nu boga kantor di dieu di antarana Yeolmae Food.

Wewengkon Gwangbok-dong, Nampo-dong, jeung Jungang-dong ngawangun distrik bisnis puseur. Sababaraha réstoran di ieu distrik maké resép kulawarga nu turun tumurun salila sababaraha generasi. Pasar Jagalchi, salah sahiji pasar kadaharan laut nu gedé, perenahna di ieu wewengkon. Pasar Gukjé ogé teu jauh. Jungang-dong mangrupa tempat sababaraha kantor hukum internasional, Kantor Imigrasi heubeul, sarta terminal féri internasional nu ngaladénan ruteu ka Jepang. Lotte World II kiwarikeur diwangun di sapanjang cai antara Jungang-dong 7-Ga jeung 8-Ga.[23]

Centum City, hiji komplék industri, mangrupa hiji wewengkon balanja kasihir kalayan pasar swalayan nu leuks.

Department store gedé[édit | édit sumber]

Toko Tempat Kantor Cabang di Busan
Lotte Department Store Seomyeon (Busan Main), Gwangbok, Dongnae, Centum City
Shinsegae Department Store Centum City
Hyundai Department Store Béomil-dong

Outlét Prémieum[édit | édit sumber]

Toko Lokasi
Lotte Premium Outlets Gimhae
Shinsegae Simon Premium Outlets Gijang

Toko diskon gedé[édit | édit sumber]

Toko
Home Plus
E Mart
Lotte Mart
Hanaro Club
Mega Mart
Costco

Fasilitas atikan[édit | édit sumber]

Universitas kalayan sakola sarjana[édit | édit sumber]

Sawangan panoramik PNU
Universitas Maritim Koréa

Institut atikan luhur lianna[édit | édit sumber]

Sakola deungeun[édit | édit sumber]

  • Busan International Foreign School [6] (PAUD tepi ka kalas 12)
  • Busan Foreign School [7] (PAUD tepi ka kalas 12)

Budaya katut Daya Irut[édit | édit sumber]

Busan henteu ngan ukur nonjolkeun rupa-rupa toko barang antik katut suvenir, tapi ogé réstoran, atraksi jeung akomodasi nu unik.

Parkiran, basisir katut résor[édit | édit sumber]

Kuil Beomeosa
APEC Nurimaru
Taman Yongdusan wanci peuting
Kuil Haédong Yonggungsa

Geumjeongsan di béh kalér mangrupa tempat hiking ahir minggu nu kasohor keur urang Busan. Di béh kalér, wewengkon sabudeureun Universitas Nasional Pusan (katelah ogé PNU, nu mangrupa salah sahiji institut paguron luhur nu pangdiakuna di Koréa) boga téater mahasiswa, kafé, bar jeung réstoran, ogé pintonan jalanan budaya dina hawa muka dina peuting ahir minggu. Deukeuteunana aya Beomeosa, kuil Buda Koréa.

Taman Yongdusan nempatan lahan 69,000 méter pasagi/17 acres (7 ha) tur jadi tempat Munara Busan, Galeri Seni Yongdusan, jeung Akuarium Busan. Ieu taman ngarojong kurang leuwih tujuh puluh spésiés tatangkalan tur mangrupa hiji tujuan pelesir nu dipikaresep, kalayan rupa-rupa event sapanjang taun.[24] Dongnaé-gu mangrupa hiji wewengkon panganjrekan nu beunghar tur tradisional. Dongnaé Onchéon mangrupa hiji wewengkon spa alam kalayan loba wewengkon pamandian, hotél wisata, réstoran, kleub katut pangbalanjaan. Loba réstoran di ieu aréa nu maké resép kulawarga. Chungnyeolsa nyaéta hiji tempat karamat Konghucu keur soldadu nu perlaya salila perang abad ka-16 ngalawan Jepang di Bénténg Dongnaé.[25]

Busan katelah minangka ibu kota usum panasna Koréa sabab ngirut wisatawan ti sakuliah nagara pikeun ngadatangan genep basisir nu aya di dinya. Hotél méwah katut papan pangleumpangan keur pawéy natrat sapanjang basisir di Haéundaé. Basisir Gwangalli boga kafé, bar, jeung réstoran di sapanjang basisir jeung Sasak Grand Gwangan. Wewengkon sabudeureun Universitas Nasional Pukyong jeung Universitas Kyungsung boga loba kafé, bar jeung réstoran nu narik mahasiswa katut barudak ngora.

Taejongdaé nyaéta hiji taman nasional kalayan jungkrang nu éndah nyanghareup ka sagara di pulo Yeongdo.

Ieu wewengkon katelah minangka "Jalan Pangbalanjaan Urang Deungeun", tapi ilaharna mah nujul kana "Jalan Téksas" deukeuteun bagéan Palabuan Busan, sarta deukeut ka jalan asup hareup ka Stasion Karéta Busan (부산역), boga loba bisnis nu ngaladénan populasi urang Rusia lokal, katut kru kapal deungeun. Ieu wewengkon asalna mangrupa lokasi kota Cina lokal tur di jeroa aya kénéh sakola urang Cina.

Akuarium Busan, nu perenahna di Basisir Haéundaé, mangrupa akuarium panggedéna di Koréa Kidul. Kuil Haedong Yonggung mangrupa salah sahiji tina tilu tempat karamat nu patali jeung Déwi Buddha. Perenahna béh katuhu deukeut sagara. Ngampar dina hiji gunung di béh hareupna, sarta sagara di béh tukangna.

Kuil, loka agamis jeung bersajarah[édit | édit sumber]

Kasenian[édit | édit sumber]

Busan Cinema Center, kantor puseur BIFF

Busan mangrupa tempat Busan International Film Festival (BIFF)—salah sahiji tina féstival pilem internasional nu kasohor di Asia—di Busan Cinema Center unggal usum gugur. Ogé mangrupa tempat Busan Biennale, seni kontémporér internasional biennale nu diayakeun dua taun sakali.

Busan ogé jadi tempat Féstival Lagu Asia ka-2, nu diorganisir ku Korea Foundation for International Culture Exchange, taun 2005.[27]

Dina taun 2012 seniman Jerman Hendrik Beikirch, babarengan jeung Public Delivery, ngalukis lukisan pinding pangluhurna di Asia jeung sadunya.[28]

Musieum[édit | édit sumber]

  • Musieum Bokchéon
  • Musieum Sajarah Modéren Busan
  • Musieum Busan
  • Musieum Seni Modéren Busan
  • Musieum Universitas Nasional Busan
  • Musieum Dongsam-dong Shell Midden
  • Musieum Universitas Dong-A
  • Musieum Universitas Dong-eui
  • Musieum Universitas Kyungsung
  • Musieum Maritim Nasional
  • Regular Pa-jéon muséum
  • Musieum Silly Pa-Jéon

Kadaharan tradisional[édit | édit sumber]

A plate of a colorful pancake made with green scallions, sliced red chili pepper and chopped seafood
Dongnaé pajeon

Busan mangrupa hiji puseur urusan militér di wewengkon kidul bojong, antukna ku sabab éta Busan jadi tempat nu kacida pentingna keur hubungan diplomatik jeung Jepang; patugas katut pajabat penting ti istana mindeng ngadatangan ieu kota. Kadaharan husus disadiakeun keur éta patugas kayaning Dongnaé pajeon (동래파전), varian tina pajeon (surabi Koréa nu pédo), nu dijieun tina sabangsaning bawang, siksik cabé, jeung rupa-rupa jinis kadaharan laut dina adonan kandel nu dijieun tina tipung tarigu, tipung béas ketan, endog, uyah katut cai.[29][30]

Salila Perang Koréa, Busan mangrupa tujuan pangungsian panggedéna di ieu bojong; rahayat ti sakabéh wewengkon di Koréa daratang ka dinya. Sababaraha pangungsi nganjrek tur nyaluyukeung keung ngatur deui resép husus maranéhananan. Salah sahiji kadaharanana nyaéta milmyeon (밀면) (tar. 'emih tarigu') nu mangrupa vérsi naéngmyeon, angeun emih soba tiis, tapi maké tipung tarigu. (Naémyéon asalna mangrupa kadaharan has Hamhung jeung Pyongyang, wewengkon kalér bojong Koréa, nu kiwari jadi bagéan Koréa Kalér.[31][32]) Dwaéji gukbap (돼지국밥) (tar. 'sangu angeun babi') ogé mangrupa hasil Perang Koréa. Mangrupa angeun daging babi nu kiwari jadi leuwih kasohor di sakuliah nagri.[33]

Résor cipanas jeung spa[édit | édit sumber]

Busan boga résor katut fasilitas cipanas panggedéna di Koréa.

  • Spa Land (Haéundaé-Gu)
  • HurShimChung Hot Spring Resorts and Spa Town (Dongnaé-Gu)
  • Haéundaé Hot Spring Resorts and Spa Towns (Haéundaé-Gu)
  • Dongnaé Hot Spring Resorts and Spa Towns (Dongnaé-Gu)
  • Gwangalli Spa Towns (Suyéong-Gu)

Ageman[édit | édit sumber]






Circle frame.svg

Ageman di Busan (2005)[34] ██ Henteu boga ageman (43%)██ Buda (39.2%)██ Protéstan (10.4%)██ Katolik (7.4%)

Dumasar kana sénsus taun 2005, tina rahayat Busan 39.2% ngagem Buda jeung 17.8% ngagem Kristen (10.4% Protéstan jeung 7.4% Katolik).[34] 43% populasi lolobanaana henteu baroga ageman atawa ngagem Muismeu katut ageman asli.

Komunikasi[édit | édit sumber]

Stasiun atawa Koran Tipeu
Busan KBS TV, Radio
Busan MBC TV, Radio
KNN TV, Radio
Busan CBS Radio
Busan BBS Radio
Busan eFM English Radio
Busan PBC Radio
Busan Ilbo Koran Poéan
Kookje Shinmun Koran Poéan

Olah raga[édit | édit sumber]

Tim katut fasilitas olah raga

Club Liga Stadion Kapasitas Stadion Tipeu Olah raga
Lotte Giants KBO Stadion Baseball Sajik 28,500 Baseball
Busan I'Park K-League Classic Stadio Asiad Busan 53,864 Maén bal
Busan KT Sonicboom KBL Sajik Arena 14,099 Basketball

Baseball[édit | édit sumber]

Ti taun 1982, ieu dayeuh geus jadi tempat Lotte Giants, nu maén dina liga Baseball Profésional Koréa. Di Koréa, Busan katelah ibu kota baseball tur boga réputasi keur sakumna fans baséball nu antusias.[35] Keur sawatara taun munggaran, Lotte Giants maké Stadion Baseball Gudeok minangka patempatanana. Dina panengah 1980-an, pindah ka Stadion Baseball Sajik, nu diwangun minangka bagéan komplék olah raga keur Asian Games 1986.

Maén bal[édit | édit sumber]

Ieu kota mangrupa tempat tim maén bal K-League, Busan I'Park. Ieu tim saméméhna katelah Daewoo Royals tur mangrupa tim kuat dina mangsa 1990-an di K-léague. Busan ogé mangrupa tempat kleub maén bal Liga Nasional, Busan Transportation Corporation.

Bola karinjang[édit | édit sumber]

Busan ogé boga tim Korean Basketball League, Busan KT Sonicboom nu maén di Aréna Sajik.

Balap kuda Thoroughbred[édit | édit sumber]

Balap kuda Thoroughbred diayakeun di Busan-Gyeongnam Horse Racing Park unggal minggu.

Balap sapédah[édit | édit sumber]

Balap sapédah diayakeun di "Busan Cydrome," velodrome di Taman Olah raga Geumjéong, unggal minggu.

Féstival katut event[édit | édit sumber]

Busan ngariakeun féstival sapanjang taun.

Bulan Féstival katut Evén Taunan
Januari Féstival Pabaru di Busan, Kontés Ngojay Biruang Kutub
Pébruari Féstival Jalan Moontan Haéundaé
Maret Busan International Performing Arts féstival
April Féstival éobang Gwangalli
Méi Busan Motor Show, Féstival Palabuan Busan, Busan Contents Market, Féstival Pilem Pondok Internasional Busan
Juni Féstival Keusik Haéundaé, Féstival Ngibing Internasional Busan
Juli Féstival Kota Gijang
Agustus Féstival Laut Busan, Busan International Rock Festival, Busan International Magic Festival, Busan International Kids' Film féstival, Busan International Advertising féstival, Busan International Comedy féstival
Séptémber Busan Biennale, Busan Séa Art féstival, Busan Maru International Music féstival
Oktober Busan International Film Festival, Busan International Fireworks Festival, Busan Jagalchi féstival
Nopémber Busan Port Lighting féstival, G-Star-Global Game Exhibition, Busan Choral féstival & Competition
Désémber Féstival Tangkal Natal Busan

Fasilitas kaséhatan[édit | édit sumber]

Busan boga loba rumah sakit katut klinik. Loba bédah palastik, dérmatologis, ophthalmik, klinik huntu ngumpul di Pasar médis Seomyeon.

Puseur kaséhatan gedé[édit | édit sumber]

Ngaran rumah sakit Jumlah kasur
Rumah Sakit Universitas Nasional Pusan di Yangsan 1720 [36]
Rumah Sakit Universitas Nasional Pusan di Busan 1180 [37]
Rumah Sakit Paik Universitas Injé di Haéundaé 1004 [38]
Rumah Sakit Universitas Dong-A 920 [39]
Rumah Sakit Universitas Kosin 912 [40]
Puseur Kaséhatan Santa Maria (St. Mary) Busan 716 [41]
Puseur Kaséhatan Dong-eui 640 [42]
Rumah Sakit Baptis Busan 608 [43]
Puseur Kaséhatan Busan 591 [44]
Puseur Kaséhatan Maryknoll 501 [45]
Rumah Sakit Paik Universitas Injé di Busan 898 [46]
Puseur Kangker Institut Radiologi jeung Élmu Kaséhatan Dongnam 304 [47]

Transportasi[édit | édit sumber]

Busan Port Pier 1 with the International Ferry Terminal (3 docked ferries shown)

Beus[édit | édit sumber]

Jalur beus éksprés gedé ngahubungkeun Busan jeung kota lianna di Koréa di dua terminal beus utama, Terminal Beus Nopodong (di tungtung kalér Subway Jalur 1) jeung Terminal Beus Seobu di Stasion Sasang di Subway Jalur 2.

134 ruteu beus urban ngaladénn unggal bagéan di Kota Métropolitan Busan. (Busan Urban Bus)

Laut[édit | édit sumber]

Féri nu indit ti Terminal Féri Internasional di Palabuan Busan Pier 1 ngahubungkeun Busan ka palabuan Jepang Izuhara katut Hitakatsu di Pulo Tsushima, ogé ka kota Shimonoséki, Fukuoka, jeung Osaka di daratan Jepang.[48]

  • PanStar[49] ngoprasikeun PanStar Ferry antara Busan jeung Osaka.
  • Seaflower 2, féri ka Tsushima dijalankeun ku Dae-a Express Shipping,[50] mawa panumpang ukur antara Busan jeung Hitakatsu dina waktu 1 jam 40 menit sarta antara Busan jeung Izuhara dina waktu 2 jam 40 menit.
  • Seonghee, dijalankeun ku Pukwan Ferry,[51] ngahubungkeun Busan ka Shimonoseki.
  • Salah sahiji féri ka Fukuoka nyaéta Camellia, dioprasikeun ku Camellia Line.[52] Camellia ngajalankeun perjalanan ka Fukuoka wanci peuting salila 7 jam 30 menit, sarta mulang deui dina wanci beurangna salila 5 jam 30 menit.
  • Layanan féri lianna ka Fukuoka nyaéta ku Beetle jeung Kobee, 2 armada hydrofoil nu gancang dioprasikeun ku Miraejet.[53] Kurang leuwih aya lima keberangkatan ti unggal kota dijadwalkeun unggal poéna. Ku hydrofoil ukur merlukeun 2 jam 55 menit pikeun nyabrang Selat Koréa ka Fukuoka. Beetle dipiboga ku JR Kyushu.

Sakabéh féri diatur ku Otoritas Palabuan Busan.

Rél nasional[édit | édit sumber]

Busan boga sababaraha jalur rél, nu pangpentingna mah Jalur Gyeongbu nu ngahubungkeun ka kota gedé lianna saperti Seoul, Daéjeon, jeung Daégu. Sakabéh kelas karéta jalan sapanjang Jalur Gyéongbu, kaasup karéta KTX nu super gancang nu nyadiakeun layanan nu mindeng ka Séoul salila kurang leuwih 150 menit. Jalur Gyéongbu eureun di Stasion Busan. Jalur lianna kaasup Jalur Donghaé Nambu nu ngahubungkeun Ulsan, Pohang jeung Gyeongju.

Subway[édit | édit sumber]

Crystal Clear app xmag.svg
 Artikel utama: Busan Subway jeung Busan Metro.

Jaringan Subway Busan ngawengku opat jalur: 1, 2, 3, jeung 4. Opatanana dioprasikeun ku Busan Transportation Corporation. Jalur Busan-Gimhae Light Rail Transit nyambung ti Stasion Sasang (Jalur 2), Busan ka Stasion Samgye, Gimhae.

Udara[édit | édit sumber]

Busan dilayanan ku Bandara Internasional Gimhaé di Gangseo-gu. Bandara Internasional Gimhaé dihubungkeun ku Busan-Gimhae Light Rail Transit

Hubungan internasional[édit | édit sumber]

Kota kembaran jeung kota sawargi[édit | édit sumber]

Busan babagi jujuluk kota sadulur jeung sababaraha kota atawa propinsi nu aya di basisir di sakuliah dunya.[54]

Kota babaturanana[édit | édit sumber]

Palabuan dulur[édit | édit sumber]

Palabuan Busan boga 6 palabuan dulur (didaftar dumasar runtuyan tanggal).[57]

Tempo ogé[édit | édit sumber]

Catetan[édit | édit sumber]

  1. Ieu romanisasi ngaran kota aya dina McCune-Reischauer. Dipaké saméméh adopsi resmi Romanisasi nu dirévisi ku Pamaréntah Koréa Kidul taun 2000.

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c d "Busan: Population and area of Administrative units". Dynamic Busan: Busan Metropolitan City. Diakses tanggal 2010-03-24. 
  2. [1], Retrieved 2014-07-02.
  3. a b http://www.bloomberg.com/apps/news?pid=newsarchive&sid=ah2Znx0vQ580 Empty Containers Clog Busan Port as Trade Slumps, bloomberg.com – March 3, 2009 02:12 EST
  4. People's Daily Online (2005-11-14). "Pusan to declare bid to host 2020 Olympic Games". Diakses tanggal December 8, 2006. 
  5. "24 HOUR NEWS CHANNEL ::::: YTN (와이티엔)". YTN. Diakses tanggal 2011-09-15. 
  6. "Largest Department Store - Guinness World Records Blog post - Home of the Longest, Shortest, Fastest, Tallest facts and feats". Community.guinnessworldrecords.com. 2009-06-29. Diakses tanggal 2011-09-15. 
  7. Andrei Lankov (2010-01-31) http://www.koreatimes.co.kr/www/news/special/2010/02/113_60003.html January 1951: Life of Korean War Refugees in Busan The Korea Times
  8. "Pusan-gwangyŏksi: South Korea". Geographical Names. Diakses tanggal 2011-08-15. 
  9. "Pusan: South Korea". Geographical Names. Diakses tanggal 2011-08-15. 
  10. "Fusan: South Korea". Geographical Names. Diakses tanggal 2011-08-15. 
  11. "Fuzan-fu: South Korea". Geographical Names. Diakses tanggal 2011-08-15. 
  12. "Husan: South Korea". Geographical Names. Diakses tanggal 2011-08-15. 
  13. "Husan Hu: South Korea". Geographical Names. Diakses tanggal 2011-08-15. 
  14. "Pusan-chikhalsi: South Korea". Geographical Names. Diakses tanggal 2011-08-15. 
  15. "Pusan-jikhalsi: South Korea". Geographical Names. Diakses tanggal 2011-08-15. 
  16. "Pusan-pu: South Korea". Geographical Names. Diakses tanggal 2011-08-15. 
  17. "Pusan-si: South Korea". Geographical Names. Diakses tanggal 2011-08-15. 
  18. "The origin of the name Busan" (dalam Korean). Busan City. Diakses tanggal 4 January 2012. 
  19. "평년값자료(1981–2010) 부산(159)". Korea Meteorological Administration. Diakses tanggal 2011-05-27. 
  20. <http://www.uia.be/>
  21. [2][tumbu nonaktif]
  22. "부산시, 제1회 서면메디컬스트리트 축제 개최 | 뉴스와이어". Newswire.co.kr. Diakses tanggal 2013-03-12. 
  23. "World Tourism Summit and TPO Forum 2008". Worldtourismsummit.com. 2005-11-14. Diakses tanggal 2011-09-15. 
  24. "Official Site of Korea Tourism Org.: Yongdusan Park". Visitkorea.or.kr. Diakses tanggal 2011-09-15. 
  25. "Pangwanoh Chungnyeolsa(충렬사소개)". Busan Metropolitan City. Diakses tanggal 2011-12-11. 
  26. United Nations Memorial Cemetery Homepage
  27. KOFICE 2nd Asia Song Festival 11 November 2005. Retrieved 2011-10-12
  28. Asia's Tallest Mural by Hendrik Beikirch. Yatzer (2012-09-10). Retrieved on 2013-07-12.
  29. [3]
  30. "[내고장 이 맛!] 부산 동래파전". Seoul.co.kr. Diakses tanggal 2011-09-15. 
  31. Kim Gi-hyeon (김기현) (2009-05-13) 동래파전·돼지국밥…음식도 관광자원으로 (in Korean) Munhwa Ilbo
  32. Lee Gyeong-taek (이경택) (2002-09-26) 부산AG 장외 음식열전 (in Korean) Munhwa Ilbo
  33. Noh, Ju-Seok (노주석) (2009-07-29) (씨줄날줄) 영도다리/노주석 논설위원] (in Korean) Seoul Sinmun
  34. a b 2005 Census - Religion Results
  35. (Basa Koréa) 사직구장 대대적 보수로 지정석만 2만1천석. Sports Khan. Retrieved 2011-11-27
  36. "::빠르고 정확한 인터넷 의협신문::". Doctorsnews.co.kr. Diakses tanggal 2011-09-15. 
  37. "Pusan National University Hospital". .pnuh.co.kr. Diakses tanggal 2011-09-15. 
  38. "Inje University Paik Hospital". Paik.ac.kr. Diakses tanggal 2011-09-15. 
  39. "동아대학교의료원 홈페이지에 오신것을 환영합니다". Damc.or.kr. Diakses tanggal 2011-09-15. 
  40. "Kosin University Gospel Hospital". Kosinmed.or.kr. Diakses tanggal 2011-09-15. 
  41. "부산성모병원". Bsm.or.kr. Diakses tanggal 2011-09-15. 
  42. "Dong-Eui Medical Center - Busan, Korea". Demc.kr. Diakses tanggal 2011-09-15. 
  43. "침례병원". wmbh.co.kr. Diakses tanggal 2011-09-15. 
  44. "Busan Medical Center". Eng.busanmc.or.kr. Diakses tanggal 2011-09-15. 
  45. "메리놀병원". Maryknoll.co.kr. Diakses tanggal 2011-09-15. 
  46. "인제대학교 부산백병원 - 환자중심의 병원, 내집처럼 편안한 병원". Paik.ac.kr. Diakses tanggal 2011-09-15. 
  47. "Dongnam Inst. Of Radiological". Dirams.re.kr. 2013-01-29. Diakses tanggal 2013-03-12. 
  48. International Ferry Terminal
  49. PanStar Ferry, Korean operator of the ferry linking to Osaka, Japan.
  50. (Basa Koréa) Dae-a Express Shipping, operator of the ferry linking to Tsushima Island, Japan.
  51. Pukwan Ferry, operator of the ferry linking to Shimonoseki, Japan.
  52. (Basa Jepang) Camellia Line, (Basa Koréa) Korea Ferry
  53. Kobee and Beetle, ferries linking to Fukuoka, Japan.
  54. List of Busan's sister cities, Busan Metropolitan City; [4], (Basa Koréa) [5]
  55. "Barcelona internacional – Ciutats agermanades" (dalam Spanish). © 2006–2009 Ajuntament de Barcelona. Diakses tanggal 2009-07-13. 
  56. "CÁC ĐỊA PHƯƠNG NƯỚC NGOÀI ĐÃ THIẾT LẬP QUAN HỆ HỮU NGHỊ HỢP TÁC VỚI TPHCM". mofahcm.gov.vn. October 9, 2010. Diakses tanggal January 8, 2011. 
  57. Port of Busan, Sister Ports, Busan
  58. http://www.city.osaka.jp/port/e_17_sister.html

Tumbu kaluar[édit | édit sumber]

Wikivoyage-Logo-v3-icon.svg   Tingali ogé Busan di Wikivoyage

Koordinat: 35°10′46″N 129°04′32″E / 35.17944°N 129.07556°E / 35.17944; 129.07556

Mangga paluruh émbaran nu langkung seueur ngeunaan Busan ku jalan nyungsi proyék sawargi Wikipedia
Wiktionary-logo-su-without-text.svg Définisi kamus ti Wiktionary
Wikibooks-logo.svg Buku téks ti Wikibooks
Wikiquote-logo.svg Cutatan ti Wikiquote
Wikisource-logo.svg Téks sumber ti Wikisource
Commons-logo.svg Gambar jeung média ti Commons
Wikinews-logo.svg Warta ti Wikinews
Wikiversity-logo-en.svg Sumber pangajaran ti Wikiversity