Lompat ke isi

Willem van der Hucht

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas


Willem van der Hucht
Guillaume Louis Jacques van der Hucht
GumelarGuillaume Louis Jacques van der Hucht
20 Désémber 1812
Bergen op Zoom, Walanda
PagawéanPengusaha entéh, anggota parlemén
Taun aktip1866-1871
Dipikawanoh salaku/lantaranPalopor pausahaan entéh di Jawa Kulon
PasanganSara Johanna Pen jeung Mary Pryce
Situs web
Willem van der Hucht

Guillaume Louis Jacques (Willem) van der Hucht (Bergen op Zoom, 20 Désémber 1812 - Santpoort (Imah pasir jeung pagunungan) 5 Maret 1874) nyaéta saurang pangusaha pakebonan entéh nu aktif ti taun 1866 nepi ka taun 1871. Manéhna ogé minangka aggota parlemén mangsa pamaréntahan Hindia Walanda. Manéhna dianggep minangka palopor kulawarga Preangerplanters.

Willem nyaéta anak Albert van der Hucht jeung Carolina Frederica van Wijnbergen. Willem téh anak bungsu, tilu dulur lalaki jeung opat dulur awéwé. Minangka soldadu, manéhna moro salila ékspédisi sapuluh poé taun 1831 sarta ditampa dina tanggal 12 Oktoberna minangka kasatria angkatan ka opat ti Militer Ordeu William. Tuluy jadi komandan Orde van de Eikenkroon.

Willem van der Hucht nikah di Loenen tanggal 30 Oktober 1839 jeung Sara Johanna Pen. Dina sawaktu reujeung nikah ogé lanceukna, Jéanette, di Loenen jeung dokter Cornelis Pen, dulurna Sara. Tina pakawinan éta Willem jeung Sara dipaparin tilu urang anak. Ari bapana Willem, Albert van der Hucht téa, nyaéta saurang létnan kolonél infantri di markas Perancis, sarta komandan di Bergen op Zoom, ti taun 1808 nepi ka 1812. Bapana tilar dunya taun 1812 mangsa jadi tantara Napoléon di Berezina. Harita William mah can gumelar-gumelar acan.

Hindia Walanda[édit | édit sumber]

Kitu ogé dua lanceuk pangkolotna maot mangsa jadi tantara Napoléon, baraya nu masih hirup kénéh, aya opat urangna ti kulawarga Van der Hucht nu tingal genep urang deuina téa (nu dua alatan maot), mutuskeun pikeun hijrah ka Hindia Walanda. Lanceukna nu dua mah, Anna jeung Clara (indungna Caroline Kerkhoven) teu milu hijrah. Taun 1844, ninggalkeun Walanda lalayaran ka Hindia Walanda, di ditu manéhna jadi pupuhu dina mingpin pausahaan. Lalayaran aya kana tilu bulanna, kakarak tepi ka Hindia Walanda. Teu kungsi sataun, manéhna kaleungitan ku nu jadi pamajikan jeung dua anakna. Tuluy deuih ditinggalkeun maot ogé ku lanceukna Jan Pieter van der Hucht, dina sataun nuluy. William dikawin deui jeung Mary Pryce tanggal 17 Agustus 1848.

Pakebonan entéh[édit | édit sumber]

Van der Hucht minangka kaptén padagang laut sarta pamilik kapal pikeun para anggota pausahaan Van der Hucht & Geuns ti Amsterdam, ti taun 1836 nepi ka 1844. Di Hindia Walanda manéhna dumuk di Jawa Kulon. Kawilang lila da ti taun 1844 nepi ka taun 1857. Jadi asistén pamilik sarta administratur pakebonan entéh Cikopo nepi Ciawi. Taun 1844 nepi ka taun 1846 mah jadi asistén pakebonan di Parakan Salak nepi Cicurug. Anu katuluykeun téh nyaéta pakebonan entéh Parakan Salak nepi Cicurug ti taun 1844 nepi ka 1874. Lahan nu kapimilik nyaéta pakebonan entéh Sinagar ka Cirohani (kiwari kacamatan Nagrak) nu di Cibadak ti taun 1863 nepi ka taun 1871. Taun 1861 Van der Hucht jadi Diréktur Billiton Maatschappij NV di Hindia Walanda. Manéhna minangka pangadeg anggota Déwan Pangawas. Di Batavia, Van der Hucht minangka pangadeg John Pryce & Co.

Parlemén[édit | édit sumber]

Sanggeus mulang ka Walanda dina tanggal 19 Nopémber 1866, manéhna kapancén jadi anggota Parlemén Konsérvatif Walanda pikeun puseur dayeuh Haarlem. Manéhna boga pamaksudan pikeun ngajukeun kapentingan dagangna di Hindia Walanda. Minangka pangrojong kana sistim budaya, tumuluy manéhna misahkeun manéh kana urusan nu sok biasa kasanghareupan ku manéhna baheula. Tanggal 18 Séptémber 1871, manéhna udzur tina Parlemén. Taun 1860 nepi ka taun 1874 mah manéhna minangka komandan milisi utama di Haarlem.

Tempo ogé[édit | édit sumber]

Publikasi[édit | édit sumber]

  • Mededeelingen over mijne verrigtingen in Indië, als vertegenwoordiger van de Billiton-Maatschappij

Rujukan[édit | édit sumber]

  • Jaarboek van het Centraal Bureau voor Genealogie 42 (1988, pag. 211)
  • G. Peters: Scriptie Staatkundig-Historische Studien (1973)
  • Ned. Patriciaat, 1975
  • Parlement.com