Antartika Argéntina (basa Spanyol: Antártida Argentina) nyaéta hiji bagian di Antartika nu diklaim ku Argéntina salaku bagian ti wewengkon nasionalna. Wewengkon Antartika Argéntina ngawengku Samenanjung Antartika jeung hiji bagian sagitilu nepi ka Kutub Kidul. Wewengkon ieu diwatesan ku 25° jeung 74° imbit kulon, sareng 60° lintang kidul.[1] Administratifna, Antartika Argéntina mangrupa hiji departemén ti propinsi Tierra del Fuego, Antartika, jeung Kapuloan Atlantik Kidul. Otoritas propinsi kadudukanna aya di Ushuaia. Gubernur sacara taunan nunjuk délégasina pikeun région Antartika.
Tingali ogé[édit]
Rujukan[édit]
Bibliograpi[édit]
- Menutti, Adela, Menutti, María (1980). Geografía Argentina y Universal (in Spanish), Buenos Aires: Edil.
Tumbu kaluar[édit]
Koordinat: 75°00′S 49°30′W / -75, -49.5
Citakan:Territorial disputes involving Argentina Citakan:Antarctica navbox