Bekantan

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Bekantan
Klasifikasi ilmiah
Kingdom: Animalia
Phylum: Chordata
Class: Mammalia
Order: Primata
Family: Cercopithecidae
Subfamily: Colobinae
Genus: Nasalis
Species: N. larvatus
Ngaran binomial
Nasalis larvatus
Wurmb, 1787

Bekantan mangrupa jumplukan monyét Dunya Lila anu ngabogaan irung badag sarta mancung.[1] Anggota suku Cercopithecidae ieu diwangun ti dua spesis nyaéta bekantan kahau (Nasalis lavartus) sarta Bekantan simakobu (N. concolor). Bekantan mindeng disebut proboscis monkey atawa "monyét Walanda".[1]

Habitat sarta Ékologi[édit | sunting sumber]

Bekantan mangrupa primata éndemik anu asalna ti Kalimantan. Wewengkon sumebarnaa kawates di Kepulauan Mentawai sarta pulo Kalimantan.[1] Monyét ieu hirup di tatangkalan, di leuweung ranca, bako, sarta wewengkon aliran walungan.[1] Bekantan jalu ukuranana kira-kira 60-80 cm sarta beuratna 16-23 kg.[1] Sedengkeun bekantan bikang ukuranana 50-60 cm sarta beuratna 7-11 kg.[1] Panjang buntutna ngahontal 55-75 cm.[1] Bulu bekantan warnana abu-abu jeung campuran konéng, cokelat, sarta oranyeu.[1]

Sato nu Éraan[édit | sunting sumber]

Bekantan miboga sipat éraan.[1] Monyét ieu baris lumpat bingung lamun nempo kalangkang manusa atawa sato séjén anu ngadeukeutanana.[1] Ku sabab éta, maranéhanana leuwih resep cicing di luhur pucuk tangkal luhur ambéh aman ti hontalan manusa sarta sato séjénna.[1] Sajaba ti éta, bekantan ogé boga sipat sensitif sarta gampang strés.[1] Stresna bekantan ditandaan panonna jadi sipit sarta bulu-buluna nu maruragan.[1] Stres ogé ngabalukarkeun sato ieu henteu daék dahar ku kituna bisa ngabalukarkeun paéh.[1]

Kadaharan Bekantan[édit | sunting sumber]

Béda ti primata séjénna, bekantan henteu bisa dahar sagawayah.[1] Kadaharan bekantan mangrupa daun ti tangkal rambai, (genus Sonneratia) tangkal panggung (genus Barringtonia).Spesies ieu lolobana folivorous (kira-kira 52% ti kabéh nyusuan) sarta ngadahar buah (kira-kira 40% ti kabéh nu nyusuan), sarta leuwih resep daun ngora.[2] Manéhna sakali-kali turun ka taneuh pikeun néangan yuyu sarta sato cai séjénna.[1] Monyét ieu biasana néangan dahar dina pabeubeurang, sajaba minangka sumber kadaharan, tangkal rambai ogé dipaké sebaga tempat ancik , tempat ngembang biak, miara anak, sarta tempat nyumput ti prédator.[1]

Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l m n o p q (id) Syukur, Abdul. dkk. 2005. Ensiklopedia Umum untuk Pelajar. PT Ichtiar Baru Van Hoeve
  2. (en) Ekologi & Habitat (Dicutat tanggal 25 Oktober 2011)
Nulis.jpg