Jinten bodas
| Jintan putih | |
|---|---|
| Klasifikasi ilmiah | |
| Kingdom: | Plantae |
| Division: | Magnoliophyta |
| Class: | Magnoliopsida |
| Order: | Apiales |
| Family: | Apiaceae |
| Genus: | Cuminum |
| Species: | C. cyminum |
| Ngaran binomial | |
| Cuminum cyminum L. |
|
Jinten bodas (Cuminum cyminum) nya éta ngaran tutuwuhan anu sikina loba digunakeun pikeun sambara atawa pangjangkep sabangsaning ramuan jajamu. [1] Warna sikina bodas tur seungit. [1] Jinten bodas alus tumuwuhna di wewengkon anu hawana tiis, misalna di India belah kaler deukeut suku gunung Himalaya. [1] Di Indonesia sanajan bisa tumuwuh, tapi hasilna teu nyugemakeun. [1] Jinten bodas miboga watang kai, daunna nyusun, muter, tur patumpuk-tumpuk, wangunna lain wangun lambaran tapi leuwih siga benang-benang parondok. [1] Warna anu dominan dina tangkal jinten bodas nya eta warna héjo, sedengkeun kembangna laleutik warna koneng kolot. [1]
Kandungan [édit]
Siki jinten bodas ngandung unsur minyak kurang ti 8%, eta minyak téh kaluar kucara di suling. [1]
Mangpaat [édit]
Jinten bodas miboga mangpaat pikeun ubar kasakit jantung, haid teu lancar, hese saré, sarta pikeun dijadikeun jajamu. [1] Panalungtikan anu dilaksanakeun ku Cancer Chemoprevention Research Center (CCRC) Fakultas Farmasi, UGM, ngabuktikeun yén siki jinten bodas bisa dimangpaatkeun jadi ubar pikeun nyingkahan sél kanker. [2] Saupama dipaké kalayan bener tur saluyu jeung dosis anu diusulkeun, jinten bodas téh bisa ngurangan résiko keuna ku kanker. [2]