Onta

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Onta Punuk Dua (Camelus bactrianus)

Onta nya éta sato nu kukuna beulah, beuheungna panjang sarta na tonggongna miboga punuk (aya nu punukna hiji, ogé nu punukna dua).[1] Biasana ieu sato sok dipaké ngangkut.[1] Hirupna di wilayah gurun kayaning Arab, Afrika Utara, Asia Tengah, jeung sajabana.[1] Kaasup kana genus Camelus (nu punukna hiji-Camelus dromedarius; nu punukna dua-Camelus bactrianus). [1]Umur rata-ratana nya éta 30 taun nepi ka 50 taun.[1]

Kaonjoyan Onta[édit | sunting sumber]

Loba kaonjoyam onta dibandingkeun jeung sato lianna diantarana,kahiji bisa ngamangpaatkeun cai kalawan efisien.[2] Dina waktu 10 menit, onta bisa nginum cai nepi ka 130 léter, jumlah nu kurang leuwih ampir sarua jeung sapertilu beurat awakna.[2] Kulantaran kitu, onta bisa nahan haus nu kacida lilana.[2] Kadua, bisa ngamangpaatkeun hasil metabolisme.[3] Onta bisa ngamaksimalkeun cai nu digunakeun sarta zat-zat kadaharan lianna ku cara nyalurkeun uréa kana liver.[3] Struktur getih jeung sél onta kacida unikna nepi ka ieu sato bisa hirup dina waktu nu lila sanajan euweuh cai.[3] Onta miboga enzim albumin nu ngabalukarkeun onta bisa nahan haus.[3] Jumlah ieu énzim dina onta leuwih loba dibandingkeun jeung mahluk hirup lianna.[3] Katilu, onta miboga punuk (tonggong nu nonjol vertikal ka luhur).[3]Saperlima beurat onta nya éta lemak nu aya dina éta punuk.[3] Sanajan onta nu miboga punuk bisa méakkeun kadaharan 30-50 kg, onta bisa kuat hirup sabulan sanajan dahar 2 kg jukut sapoéna.[3] Kaopat, onta miboga biwir nu kacida kuatna sarta mirip karét nu ngabalukarkeun bisa ngadahar kadaharan nu aya cucukan.[2] Kalima, onta miboga beuteung kalawan opat bilik sarta sistem pencernaan nu kuat.[2] Kagenep, panon onta miboga bulu panon nu disusun jadi dua lapisan.[2] Ieu lapisan nepi ka bisa ngajaga panon onta tina keusik nu asup lantaran miboga sistem pengaitan, nalika aya dina kondisi nu bahaya sacara otomatis ieu bulu panon nutupan panon.[2] Katujuh, miboga bulu kandel nu nutupan awak sarta bisa ngajaga kulit onta tina panonpoé.[2] Sabalikna, nalika hawa tiris, ieu bulu bisa ngajaga awak onta sangkan tetep haneut. [2]Kadalapan, dampal cokor onta miboga ukuran nu leuwih gedé dibandingkeun ukuran jeung panjang sukuna.[2] Kasalapan, irung jeung ceulina ditutupan ku bulu nu panjang sangkan bébas tina kekebul jeung keusik.[2] Onta bisa nutupan liang irungna nepi ka keusik teu bisa asup. [2]

Referensi[édit | sunting sumber]

  1. a b c d e Unta(diakses 22 Oktober 2011)
  2. a b c d e f g h i j k l Keunggulan Unta(diakses 22 Oktober 2011)
  3. a b c d e f g h Unta Hewan Gurun Pasir yang Luar Biasa(diakses 22 Oktober 2011)


Nulis.jpg